Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 32

Pamaréntahan Allah Geus Maréntah!

Pamaréntahan Allah Geus Maréntah!

Pamaréntahan Allah téh maréntah di sorga ti taun 1914. Ti saprak harita, waktu keur pamaréntahan manusa téh geus téréh béak. Maksudna, pamaréntahan manusa geus téréh disingkirkeun. Urang apal ti mana? Hayu bahas nubuat Alkitab ngeunaan Pamaréntahan Allah. Terus, urang tingali kumaha kaayaan dunya sarta sikep jalma-jalma ti saprak 1914.

1. Naon nu geus dinubuatkeun dina Alkitab?

Kitab Daniel nunjukkeun yén Pamaréntahan Allah bakal mulai maréntah lamun ”tujuh mangsa” enggeusan. (Daniel 4:16, 17, NW) Sababaraha abad sanggeusna, Isa nyebut mangsa éta téh sabagé ”waktu nu ditetepkeun keur bangsa-bangsa”. Manéhna gé nunjukkeun yén waktu manéhna di bumi kénéh, éta mangsa téh can béak. (Lukas 21:24) Engké urang bakal ngabahas, tujuh mangsa éta bakal enggeusan dina taun 1914.

2. Kumaha kaayaan dunya jeung sikep jalma-jalma ti saprak 1914?

Murid-muridna Isa nanya kieu ka Isa, ”Naon tandana kahadiran Guru jeung tandana panungtungan jaman ieu?” (Matius 24:3) Ceuk Isa, loba hal nu bakal kajadian sanggeus manéhna maréntah di sorga sabagé Raja dina Pamaréntahan Allah. Misalna, bakal loba perang, kalaparan, jeung lini. (Baca Matius 24:7.) Alkitab gé geus nyebutkeun, ku lantaran sikep jalma-jalma dina ”ahir jaman”, kahirupan téh ”bakal susah”. (2 Timotius 3:1-5) Ti saprak 1914, kaayaan dunya jeung sikep jalma-jalma téh jadi beuki parah.

3. Ku naon kaayaan dunya beuki parah ti saprak Pamaréntahan Allah maréntah?

Teu lila sanggeus Isa jadi Raja, manéhna perang jeung Sétan sarta roh-roh jahat di sorga. Terus Sétan téh éléh. Geus kitu, ’Sétan jeung para malaikatna dibalangkeun ka bumi’. (Wahyu 12:9, 10, 12) Sétan téh keuheul pisan sabab apal manéhna bakal dimusnakeun. Jadi, Sétan nyababkeun kasangsaraan jeung kasusah di sakuliah dunya. Matakna, ayeuna kaayaan dunya téh parah pisan! Tapi, Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun kabéh masalah di dunya.

HAYU NGULIK

Ti mana urang nyaho yén Pamaréntahan Allah geus maréntah ti taun 1914, jeung naon pangaruhna keur urang?

4. Nubuat Alkitab nunjukkeun yén Pamaréntahan Allah geus maréntah ti taun 1914

Allah méré hiji impian ka Raja Nébukadnésar ti Babilon kuno pikeun méré nyaho naon nu bakal kajadian. Impian éta jeung hartina, nu diterangkeun ku Daniél téh, bakal jadi kanyataan dina karajaan Nébukadnésar jeung Pamaréntahan Allah.​—Baca Daniel 4:17. a

Baca Daniel 4:20-26 (NW), jeung tingali bagan pikeun ngajawab pananya-pananya ieu:

  • (A) Naon nu ditingali ku Nébukadnésar dina impianana?​—Tingali ayat 20 jeung 21.

  • (B) Tangkalna bakal dikumahakeun?​—Tingali ayat 23.

  • (C) Naon nu bakal kajadian dina ahir ”tujuh mangsa”?​—Tingali ayat 26.

Impian ngeunaan Tangkal Aya Patalina jeung Pamaréntahan Allah

NUBUAT (Daniel 4:20-36, NW)

Raja nu maréntah

(A) Tangkal nu gedé pisan

Euweuh raja nu maréntah

(B) ”Tuar éta tangkal”, jeung antepkeun ”salila tujuh mangsa”

Aya raja nu maréntah deui

(C) ”Anjeun bakal jadi raja deui”

Pas nubuatna mimiti jadi kanyataan . . .

  • (D) Saha nu digambarkeun ku tangkal?​—Tingali ayat 22.

  • (E) Iraha manéhna eureun maréntah?​—Baca Daniel 4:29-33, NW.

  • (F) Naon nu kaalaman ku Nébukadnésar sanggeus liwat ”tujuh mangsa”?​—Baca Daniel 4:34-36, NW.

WAKTU MIMITI JADI KANYATAAN

Raja nu maréntah

(D) Nébukadnésar, Raja Babilon

Euweuh raja nu maréntah

(E) Sanggeus taun 606 SM, Nébukadnésar jadi teu waras sarta teu sanggup maréntah salila tujuh taun

Aya raja nu maréntah deui

(F) Nébukadnésar geus waras jeung maréntah deui

Pas nubuatna jadi kanyataan kadua kalina . . .

  • (G) Saha nu digambarkeun ku tangkal?​—Baca 1 Babad 29:23.

  • (H) Iraha maranéhna eureun maréntah? Ti mana urang apal yén waktu Isa datang ka bumi, can aya raja nu maréntah deui?​—Baca Lukas 21:24.

  • (I) Iraha jeung di mana pamaréntahan ieu bakal maréntah deui?

JADI KANYATAAN KADUA KALINA

Raja nu maréntah

(G) Raja-raja Israél nu ngawakilan Allah

Euweuh raja nu maréntah

(H) Yérusalém diancurkeun, salila 2.520 taun euweuh raja Israél nu maréntah

Aya raja nu maréntah deui

(I) Isa mulai maréntah di sorga sabagé Raja dina Pamaréntahan Allah

Sabaraha lila tujuh mangsa téh?

Urang bisa ngarti hiji ayat dina Alkitab mun ngabandingkeunana jeung ayat-ayat séjén nu aya dina Alkitab ogé. Misalna, kitab Wahyu nyebutkeun yén tilu satengah mangsa téh sarua jeung 1.260 poé. (Wahyu 12:6, 14) Jadi, tujuh mangsa téh dua kalieunana, nyaéta 2.520 poé. Kadang dina Alkitab, sapoé téh ngamaksudkeun sataun. (Yeheskel 4:6) Jadi, tujuh mangsa nu disebutkeun dina kitab Daniel téh sarua jeung 2.520 taun.

5. Kaayaan dunya barobah ti saprak 1914

Isa méré nyaho kumaha kaayaan dunya sanggeus manéhna jadi Raja. Baca Lukas 21:9-11, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, naon waé nu geus jadi kanyataan ayeuna?

Rasul Paulus nyaritakeun kumaha sipat jalma-jalma dina ahir jaman. Baca 2 Timotius 3:1-5, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, na jalma-jalma dina jaman ayeuna téh mémang jiga nu disebutkeun dina ayat ieu?

6. Tunjukkeun yén anjeun percaya Pamaréntahan Allah geus maréntah

Baca Matius 24:3, 14, terus bahas:

  • Kagiatan penting naon nu nunjukkeun yén Pamaréntahan Allah ayeuna geus maréntah?

  • Kumaha anjeun bisa miluan kagiatan ieu?

Pamaréntahan Allah téh ayeuna geus maréntah. Moal lila deui, Pamaréntahan ieu bakal ngawasaan bumi. Baca Ibrani 10:24, 25, terus bahas:

  • ”Poé éta geus beuki deukeut”, jadi naon nu kudu urang lakukeun?

Mun anjeun apal aya hal nu bisa nulungan jeung nyalametkeun batur, naon nu bakal anjeun lakukeun?

MUN AYA NU NANYA: ”Ku naon 1914 téh taun nu penting keur Saksi Yéhuwa?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Nubuat dina Alkitab sarta kaayaan dunya ngabuktikeun yén Pamaréntahan Allah téh keur maréntah. Lamun urang percaya kana hal éta, urang bakal getol ngawawar jeung masamoan.

Nu geus dibahas

  • Naon nu kajadian sanggeus tujuh mangsa nu disebutkeun dina kitab Daniel enggeusan?

  • Ku naon anjeun yakin yén Pamaréntahan Allah geus maréntah ti taun 1914?

  • Kumaha cara nunjukkeun yén anjeun percaya Pamaréntahan Allah téh keur maréntah?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Ceuk para ahli sajarah jeung jalma-jalma séjénna, kumaha dunya barobah ti saprak 1914?

”Ahlak Jalma-Jalma Jadi Beuki Ruksak” (Éling! April 2007)

Kahirupan saurang jalma barobah ku lantaran nubuat nu aya dina Matius 24:14.

”Bisbol téh Nomer Hiji keur Abdi!” (Warta Hadé No. 3 2017)

 Ti mana urang apal yén nubuat dina Daniel pasal 4 téh nyaritakeun ngeunaan Pamaréntahan Allah?

”Iraha Pamaréntahan Allah Mulai Maréntah? (Bagian 1)” (Warta Hadé 1 Oktober 2014)

Naon nu nunjukkeun yén ”tujuh mangsa” nu dicatet dina kitab Daniel pasal 4 téh enggeusan dina taun 1914?

”Iraha Pamaréntahan Allah Mulai Maréntah? (Bagian 2)” (Warta Hadé 1 Nopémber 2014)

a Tingali  dua artikel panghandapna dina bagian Tingali Ogé dina bab ieu.