Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 33

Naon nu Bakal Diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah?

Naon nu Bakal Diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah?

Pamaréntahan Allah téh geus maréntah di sorga. Moal lila deui, Pamaréntahan Allah bakal ngawasaan jeung mawa parobahan nu hadé keur bumi ieu. Hayu urang bahas sababaraha hal nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah.

1. Kumaha Pamaréntahan Allah ngawujudkeun katengtreman jeung kaadilan di bumi?

Sabagé Raja ti Pamaréntahan Allah, Isa bakal ngabinasakeun jalma-jalma jahat jeung pamaréntahan manusa dina perang Armagédon. (Wahyu 16:14, 16) Engké jangji Alkitab ieu bakal jadi kanyataan: ”Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya.” (Jabur 37:10) Liwat Pamaréntahan Allah, Isa bakal ngawujudkeun katengtreman jeung kaadilan di sakuliah bumi.​—Baca Yesaya 11:4.

2. Mun tujuan Allah keur bumi geus ngawujud, kahirupan urang bakal kumaha?

Mun Pamaréntahan Allah geus ngawasaan bumi, ”bumi bakal dipimilik ku jalma-jalma bener, sarta maranéhna bakal cicing di ditu salilana”. (Jabur 37:29, NW) Pék bayangkeun, kabéh nu hirup di bumi téh jalma bener. Maranéhna nyaah ka Allah sarta sasama. Terus, engké gé moal aya deui nu gering. Kabéh jalma bakal hirup salilana.

3. Sanggeus jalma jahat dibinasakeun, naon nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah?

Sanggeus jalma-jalma jahat dibinasakeun, Isa bakal jadi Raja salila 1.000 taun. Manéhna sarta 144.000 nu maréntah bareng jeung manéhna bakal ngabantu manusa di bumi supaya jadi sampurna. Dina ahir 1.000 taun, bumi bakal jadi pirdaus nu éndah. Kabéh jalma bakal hirup bagja sabab taat kana paréntah-paréntah Yéhuwa. Geus kitu, Isa bakal mulangkeun Pamaréntahan éta ka Yéhuwa, Bapana. Ku kituna, ’nami Yéhuwa bakal disucikeun’. (Matius 6:9, 10) Éta bakal ngabuktikeun yén Yéhuwa téh Pangawasa nu bageur jeung nyaah ka rahayat-Na. Terus, Yéhuwa bakal ngabinasakeun Sétan, roh-roh jahat, jeung saha waé nu barontak ngalawan Pamaréntahana-Na. (Wahyu 20:7-10) Kabéh hal alus nu diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah bakal terus aya salilana.

HAYU NGULIK

Perhatikeun ku naon urang bisa yakin yén Allah bakal ngagunakeun Pamaréntahana-Na pikeun ngawujudkeun kabéh jangji nu aya dina Alkitab.

4. Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun pamaréntahan manusa

Manusa ngawasaan manusa, jadi maranéhna sangsara. (Pandita 8:9) Tapi liwat Pamaréntahana-Na, Yéhuwa bakal nyingkirkeun kabéh kateuadilan.

Baca Daniel 2:44 jeung 2 Tésalonika 1:6-8, terus bahas:

  • Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa jeung Isa ka para pamingpin manusa jeung kabéh nu ngadukungna?

  • Sanggeus diajar ngeunaan Yéhuwa jeung Isa, ku naon anjeun bisa yakin yén aranjeunna bakal adil?

5. Isa téh Raja nu panghadéna

Sabagé Raja ti Pamaréntahan Allah, Isa bakal ngabantu jalma-jalma di bumi ku loba cara. Setél VIDÉO pikeun ningali yén Isa téh mémang hayang ngabantu jalma-jalma jeung geus dibéré kawasa ku Allah pikeun ngalakukeunana.

Waktu di bumi, Isa geus nunjukkeun naon waé nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahan Allah. Tingali kotak, terus pilih berkah naon nu paling diarep-arep ku anjeun. Geus kitu, baca ayat-ayatna.

BASA DI BUMI, ISA . . .

TI SORGA, ISA BAKAL . . .

  • meneran kaayaan alam nu ruksak.​—Yesaya 35:1, 2.

  • méré kaséhatan nu sampurna ka kabéh jalma.​—Yesaya 33:24.

  • ngahirupkeun deui nu geus maot sarta nyingkirkeun maot.​—Wahyu 21:3, 4.

6. Pamaréntahan Allah bakal méré kahirupan nu éndah

Ti baheula kénéh, Yéhuwa hayang urang boga kahirupan nu éndah. Pamaréntahana-Na bakal ngawujudkeun hal éta. Engké urang bakal hirup salilana di bumi pirdaus. Setél VIDÉO pikeun ningali kumaha Yéhuwa ngagunakeun Putra-Na, nyaéta Isa, pikeun ngawujudkeun tujuana-Na.

Baca Jabur 37:4, terus bahas:

  • Kumaha parasaan anjeun sanggeus apal yén engké Yéhuwa bakal ngawujudkeun ”angen-angen” atawa kahayang urang?

AYA NU NGOMONG: ”Urang moal boga masalah mun pamaréntahna bener.”

  • Masalah naon waé nu teu bisa dibéréskeun ku pamaréntahan manusa tapi bakal dibéréskeun ku Pamaréntahan Allah?

INTI BAB

Pamaréntahan Allah bakal ngawujudkeun kahayang Allah. Bumi bakal dirobah jadi pirdaus nu eusina jalma-jalma bener nu bakal ibadah ka Yéhuwa salilana.

Nu geus dibahas

  • Kumaha Pamaréntahan Allah bakal nyucikeun nami Yéhuwa?

  • Ku naon urang bisa yakin yén Pamaréntahan Allah bakal ngawujudkeun jangji-jangji nu aya dina Alkitab?

  • Berkah naon nu paling diarep-arep ku anjeun tina Pamaréntahan Allah?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Kajadian-kajadian salila jeung sanggeus Isa jadi Raja pikeun 1.000 taun.

”Naon nu Bakal Kajadian dina Poé Panghakiman?” (Warta Hadé 1 Séptémber 2012)

Anjeun sakulawarga bisa ngabayangkeun hirup di Pirdaus.

Bayangkeun Hidep Aya di Pirdaus (1:50)

Saurang jalma nu sok barontak ka pamaréntah ahirna bisa ngarasa puas. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Kapikiran Loba Hal”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 Januari 2012)