Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 35

Carana Nyieun Putusan nu Bijaksana

Carana Nyieun Putusan nu Bijaksana

Urang kabéh kudu nyieun putusan-putusan dina kahirupan. Loba putusan nu dijieun ku urang téh aya pangaruhna keur diri urang sorangan sarta hubungan urang jeung Yéhuwa. Misalna, urang kudu mutuskeun rék cicing di mana, rék digawé naon, jeung rék kawin atawa henteu. Mun urang nyieun putusan nu bijaksana, urang bakal bagja sarta nyenangkeun Yéhuwa.

1. Kumaha carana ngagunakeun Alkitab supaya anjeun bisa nyieun putusan nu bijaksana?

Saacan nyieun putusan, pék ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa. Terus, pariksa Alkitab supaya anjeun ngarti kumaha parasaan Yéhuwa kana hal nu didoakeun ku anjeun. (Baca Siloka 2:3-6.) Keur sababaraha hal mah, Yéhuwa méré pituduh nu jelas. Mun pituduh éta dituturkeun, anjeun téh bijaksana.

Tapi, kumaha mun euweuh ayat Alkitab nu méré pituduh nu jelas keur hiji hal? Yéhuwa bakal tetep nungtun anjeun ”kana jalan nu samistina”. (Yesaya 48:17) Kumaha carana? Dina Alkitab, aya prinsip-prinsip nu bisa ngabantu anjeun. Prinsip Alkitab téh nyaéta bebeneran dasar nu nyingkabkeun kumaha pamikiran jeung parasaan Allah. Seringna mah urang bisa ngarti kumaha parasaan Yéhuwa kana hiji hal waktu maca kisah nu dicatet dina Alkitab. Mun urang mikirkeun kumaha parasaan Yéhuwa, urang bisa nyieun putusan nu nyenangkeun Anjeunna.

2. Naon waé nu kudu dipikirkeun saacan nyieun putusan?

Ceuk Alkitab, ”Nu binangkit [pinter] mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” (Siloka 14:15) Hartina, urang kudu bener-bener mikir saacan nyieun putusan. Misalna, pikirkeun hal-hal ieu: ’Prinsip Alkitab naon nu cocog jeung kaayaan abdi? Na ieu téh mémang putusan nu paling bijaksana? Naon pangaruhna keur batur? Jeung nu pangpentingna, putusan ieu bakal nyenangkeun Yéhuwa atawa henteu?’​—Pamindo 32:29, NW.

Yéhuwa téh boga hak pikeun nangtukeun mana nu hadé jeung mana nu goréng. Lamun urang paham kana pituduh sarta prinsip-prinsip ti Anjeunna jeung sabisa-bisa nuturkeunana, urang téh keur ngalatih haté sanubari. Haté sanubari téh nyaéta parasaan nu bisa méré nyaho mana nu bener jeung mana nu salah. (Roma 2:14, 15) Lamun haté sanubari urang geus dilatih, urang bisa nyieun putusan nu bijaksana.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kumaha prinsip-prinsip Alkitab jeung haté sanubari bisa ngabantu urang pikeun nyieun putusan nu bijaksana.

3. Tuturkeun bingbingan tina Alkitab

Kumaha prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabingbing urang waktu rék nyieun putusan? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Yéhuwa méré kabébasan naon ka urang?

  • Ku naon Yéhuwa méré kabébasan éta ka urang?

  • Yéhuwa nyadiakeun naon pikeun ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana?

Hayu urang tingali salah sahiji prinsip Alkitab. Baca Éfésus 5:15, 16, terus bahas kumaha anjeun bisa ngagunakeun ’waktu sahadé-hadéna’ pikeun . . .

  • maca Alkitab unggal poé.

  • jadi batur hirup, kolot, atawa budak nu leuwih hadé.

  • datang ka pasamoan.

4. Pék latih haté sanubari supaya anjeun bisa nyieun putusan nu bijaksana

Lamun aya pituduh nu jelas tina Alkitab, nyieun putusan nu bijaksana téh meureun gampang. Tapi, kumaha lamun teu aya pituduh nu jelas? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon nu dilakukeun ku sadérék istri dina vidéo pikeun ngalatih haté sanubarina sarta nyieun putusan nu nyenangkeun haté Yéhuwa?

Ku naon urang sakuduna teu ménta dipangnyieunkeun putusan ku batur? Baca Ibrani 5:14, terus bahas:

  • Ménta dipangnyieunkeun putusan ku batur téh mémang leuwih gampang, tapi urang sakuduna bisa ngabédakeun naon?

  • Naon waé nu bisa digunakeun ku anjeun pikeun ngalatih haté sanubari jeung nyieun putusan nu bijaksana?

Haté sanubari téh jiga péta nu nungtun ka jalan nu bener

5. Hargaan haté sanubari batur

Unggal jalma bisa nyieun putusan nu béda. Kumaha urang bisa ngahargaan haté sanubari batur? Perhatikeun dua kaayaan ieu:

Kaayaan 1: Aya sadérék istri nu pindah ka hiji sidang. Manéhna téh resep dangdan, tapi sadérék-sadérék istri di sidang éta mah teu biasa dangdan. Haté sanubari maranéhna bisa kaganggu lamun ningali aya sadérék istri nu dangdan.

Baca Roma 15:1 jeung 1 Korintus 10:23, 24, terus bahas:

  • Mun nuturkeun ayat-ayat ieu, sadérék istri éta bakal ngalakukeun naon? Bisa waé haté sanubari batur kaganggu lantaran urang ngalakukeun hiji hal, padahal haté sanubari urang mah teu kaganggu. Mun kitu, anjeun bakal kumaha?

Kaayaan 2: Saurang sadérék pameget ngarti, Alkitab teu ngalarang urang pikeun nginum alkohol. Tapi, manéhna geus mutuskeun moal nginum alkohol sama sakali. Sakali waktu, manéhna diondang pikeun ngumpul jeung dulur-dulur saiman. Di ditu, manéhna ningali sadérék-sadérék séjén nginum alkohol.

Baca Pandita 7:16 jeung Roma 14:1, 10, terus bahas:

  • Mun nuturkeun ayat-ayat ieu, sadérék pameget éta bakal ngalakukeun naon? Bisa waé haté sanubari urang kaganggu lantaran batur ngalakukeun hiji hal, padahal haté sanubari manéhna mah teu kaganggu. Mun kitu, anjeun bakal kumaha?

 Kumaha supaya anjeun bisa nyieun putusan nu bijaksana?

1. Pénta bantuan Yéhuwa supaya anjeun ngarti kudu nyieun putusan naon.​—Yakobus 1:5.

2. Pék téangan prinsip-prinsip dina Alkitab sarta publikasi urang nu cocog jeung kaayaan anjeun. Anjeun gé bisa tatanya ka dulur saiman nu geus pangalaman.

3. Pikirkeun pangaruh tina putusan anjeun keur haté sanubari anjeun sarta haté sanubari batur.

AYA NU NGOMONG: ”Sabodo teuing batur rék ngomong naon, kumaha urang wéh rék ngalakukeun naon gé.”

  • Ku naon anjeun kudu mikirkeun parasaan Allah jeung parasaan batur?

INTI BAB

Urang bisa nyieun putusan nu bijaksana mun urang paham kumaha parasaan Yéhuwa kana hiji hal. Urang gé perlu mikirkeun, putusan urang téh aya mangpaatna keur batur atawa kalah ka ngaganggu haté sanubari batur?

Nu geus dibahas

  • Kumaha carana supaya anjeun bisa nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa?

  • Kumaha carana ngalatih haté sanubari anjeun?

  • Kumaha carana ngahargaan haté sanubari batur?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Kumaha anjeun bisa nyieun putusan nu nguatkeun sosobatan anjeun jeung Allah?

”Jieun Putusan nu Nunjukkeun Hormat ka Allah” (Warta Hadé 15 April 2011)

Kumaha Yéhuwa méré bingbingan ka urang?

Yéhuwa Ngabingbing Umat-Na (9:50)

Naon nu ngabantu saurang lalaki nyieun putusan nu hésé?

Yéhuwa Ngajamin Sagala nu Hadé (5:46)

Kumaha putusan urang bisa nyenangkeun haté Yéhuwa lamun euweuh pituduh nu jelas?

”Na Urang Butuh Aturan tina Alkitab keur Sagala Hal?” (Warta Hadé 1 Désémber 2003)