Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 40

Kumaha Supaya Urang Bisa Bersih dina Pandangan Allah?

Kumaha Supaya Urang Bisa Bersih dina Pandangan Allah?

Bayangkeun aya saurang budak nu rék sakola. Indungna mastikeun manéhna téh geus ibak, saragamna gé bersih jeung rapih. Mun bersih, si budak téh bakal séhat. Batur gé jadi bisa ningali, éta budak téh diurus ku kolotna. Kitu ogé, Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan, hayang urang bersih sacara jasmani jeung moral. Lamun urang bersih, urang téh bakal ngarasakeun mangpaatna sarta bisa ngamulyakeun Yéhuwa.

1. Kumaha supaya urang bersih sacara jasmani?

Yéhuwa méré paréntah ka urang, ”Maranéh kudu suci.” (1 Pétrus 1:16) Supaya bisa suci, urang kudu bersih sacara jasmani jeung sacara moral. Urang bisa ngajaga kabersihan jasmani ku cara mandi unggal poé jeung ngajaga pakéan, imah, sarta kendaraan urang tetep bersih jeung rapih. Urang gé bisa mantuan mersihan Balé Karajaan. Mun urang bersih sacara jasmani, urang ngamulyakeun Yéhuwa.​—2 Korintus 6:3, 4.

2. Supaya bisa bersih, kabiasaan naon waé nu kudu dijauhan ku urang?

Alkitab méré naséhat ka urang pikeun nyingkirkeun ”naon waé nu ngotoran awak jeung pikiran urang”. (2 Korintus 7:1) Jadi, urang kudu upaya sabisa-bisana pikeun ngajauhan sagala hal nu bisa ngaruksak awak jeung pikiran urang. Pikiran urang téh kudu nyenangkeun Yéhuwa, jadi urang kudu miceun pikiran nu teu pantes. (Jabur 104:34, NW) Urang gé kudu ngajaga omongan urang.​—Baca Kolose 3:8.

Naon deui nu kudu dijauhan supaya urang bisa bersih sacara jasmani jeung moral? Aya sababaraha kabiasaan nu bisa ngotoran atawa ngaruksak awak urang, misalna ngudud, nyeupah, jeung maké narkoba. Mun urang ngajauhan kabiasaan-kabiasaan éta, urang bakal leuwih séhat. Éta gé nunjukkeun yén urang ngahargaan kurnia kahirupan. Urang gé kudu upaya sabisa-bisana pikeun bersih sacara moral ku cara ngajauhan kabiasaan-kabiasaan nu najis, saperti ningali pornografi jeung masturbasi. a (Jabur 119:37, NW; Éfésus 5:5) Ngajauhan kabiasaan-kabiasaan jiga kitu téh bisa waé teu gampang, tapi Yéhuwa bisa ngabantu urang.​—Baca Yesaya 41:13.

HAYU NGULIK

Perhatikeun ku naon lamun urang bersih sacara jasmani, urang téh ngamulyakeun Yéhuwa. Terus, tingali kumaha carana ngeureunkeun kabiasaan nu najis.

3. Lamun urang bersih sacara jasmani, urang ngamulyakeun Yéhuwa

Tina hukum Yéhuwa ka bangsa Israél, urang bisa ningali yén Yéhuwa téh hayang umat-Na bersih. Baca Budalan 19:10 jeung 30:17-19, terus bahas:

  • Tina ayat-ayat ieu, kumaha pandangan Yéhuwa kana kabersihan jasmani?

  • Supaya bisa tetep bersih sacara jasmani, anjeun kudu rutin ngalakukeun naon?

Ngajaga kabersihan jasmani téh butuh waktu jeung upaya. Tapi urang kabéh bisa ngalakukeunana, teu sual urang cicing di mana atawa kumaha kaayaan ékonomi urang. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Lamun barang-barang nu dipaké ku urang keur dines téh bersih, ku naon jalma-jalma bakal leuwih ngahargaan Yéhuwa?

4. Lawan kabiasaan goréng

Yéhuwa bisa mantuan urang ngalawan kabiasaan goréng

Lamun anjeun sering ngudud atawa ngagunakeun narkoba, anjeun pasti paham sakumaha héséna ngalawan kabiasaan jiga kitu. Naon nu bisa ngabantu anjeun? Pék pikirkeun naon pangaruh tina kabiasaan-kabiasaan jiga kitu. Baca Matius 22:37-39, terus bahas kumaha ngagunakeun bako jeung narkoba bisa mangaruhan . . .

  • sosobatan saurang jalma jeung Yéhuwa.

  • kulawargana jeung batur.

Jieun rencana pikeun ngalawan kabiasaan goréng. b Setél VIDÉO.

Baca Filipi 4:13, terus bahas:

  • Kumaha saurang jalma bisa meunang kakuatan pikeun ngalawan kabiasaan goréng mun manéhna rutin ngadoa, diajar Alkitab, jeung masamoan?

5. Lawan pikiran nu kotor jeung kabiasaan nu najis

Baca Kolose 3:5, terus bahas:

  • Ti mana urang apal yén pornografi, sexting, c jeung masturbasi téh najis dina pandangan Yéhuwa?

  • Ceuk anjeun, na urang mémang bisa bersih sacara moral jiga nu dipiharep ku Yéhuwa? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Kumaha carana ngalawan pikiran nu kotor? Setél VIDÉO.

Isa méré ibarat nu nunjukkeun yén urang kudu bener-bener upaya pikeun tetep bersih sacara moral. Baca Matius 5:29, 30, terus bahas:

  • Isa téh lainna ngajurung urang pikeun nyiksa awak sorangan, tapi hayang urang bener-bener upaya pikeun tetep bersih sacara moral. Naon waé nu kudu dilakukeun ku urang supaya bisa ngalawan pikiran nu kotor? d

Mun anjeun keur bajoang ngalawan pikiran nu kotor, sing inget Yéhuwa téh ngahargaan upaya anjeun. Baca Jabur 103:13, 14, terus bahas:

  • Kumaha ayat ieu bisa ngabantu anjeun supaya henteu nyerah ngeureunkeun kabiasaan nu najis?

Ulah nyerah!

Mun kabiasaan goréng anjeun kambuh deui, bisa waé anjeun mikir, ’Ah geus lah, urang mah nyerah wéh.’ Pikirkeun ibarat ieu: Aya saurang jalma nu miluan maraton. Di tengah jalan, manéhna titajong jeung labuh. Tapi, éta lain hartina manéhna geus éléh sarta kudu balik deui ka garis start. Kitu ogé, lamun kabiasaan goréng anjeun kambuh, lain hartina anjeun moal bisa ngeureunkeun kabiasaan éta. Upaya anjeun salila ieu gé teu percumah. Wajar lamun kabiasaan goréng éta kambuh. Tapi ulah nyerah! Ku bantuan Yéhuwa, anjeun pasti bisa ngeureunkeun kabiasaan éta.

AYA NU NGOMONG: ”Abdi mah geus kacanduan, moal bisa eureun.”

  • Anjeun rék mukakeun ayat mana pikeun nunjukkeun yén Yéhuwa bisa ngabantu manéhna ngalawan kabiasaan goréng?

INTI BAB

Urang nyenangkeun Yéhuwa ku cara ngajaga awak, pikiran, jeung kalakuan urang tetep bersih.

Nu geus dibahas

  • Ku naon anjeun kudu ngajaga kabersihan jasmani jeung moral?

  • Kumaha carana ngajaga kabersihan jasmani?

  • Kumaha carana ngajaga pikiran jeung kalakuan tetep bersih?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Teu sual kumaha kaayaan ékonomi urang, hal naon waé nu bisa urang lakukeun supaya bersih sacara jasmani?

Kaséhatan jeung Kabersihan​—Ngumbah Leungeun (3:01)

Tingali kumaha carana supaya anjeun bisa eureun ngudud najan geus kacanduan.

”Kumaha Carana Supaya Bisa Eureun Ngudud?” (Éling! Méi 2010)

Perhatikeun kumaha saurang lalaki bisa bébas tina kacanduan pornografi.

”Abdi téh Pernah Gagal Mangkali-kali” (Warta Hadé No. 4 2016)

a Masturbasi téh maksudna ngarangsang alat kelamin sorangan pikeun muaskeun hasrat séksual.

b Artikel ”Kumaha Carana Supaya Bisa Eureun Ngudud?” nu aya dina bagian Tingali Ogé di bab ieu ngajelaskeun hal naon waé nu bisa urang lakukeun supaya bisa bébas tina kacanduan.

c Sexting téh nyaéta ngirimkeun pesen, gambar, atawa vidéo cabul liwat alat éléktronik.

d Pikeun ningali kumaha carana ngeureunkeun kabiasaan masturbasi, mangga baca artikel ”Kumaha Supaya Abdi Bisa Ngeureunkeun Kabiasaan Masturbasi?” dina buku Pertanyaan Kaum Muda​—Jawaban yang Praktis, Jilid 1, pasal 25.