Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 41

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Séks?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Séks?

Loba jalma ngarasa teu laluasa ngomongkeun séks. Tapi, Alkitab ngabahas séks ku cara nu terus terang jeung sopan. Nu disebutkeun dina Alkitab téh aya mangpaatna keur urang. Ku naon? Alkitab téh asalna ti Yéhuwa, Pribadi nu nyiptakeun urang. Anjeunna apal naon nu panghadéna keur urang. Yéhuwa méré nyaho naon nu kudu urang lakukeun supaya bisa nyenangkeun Anjeunna sarta supaya urang bisa hirup bagja salilana.

1. Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan séks?

Séks téh kurnia ti Yéhuwa. Anjeunna hayang hubungan séks dilakukeun ku saurang lalaki jeung saurang awéwé nu geus kawin. Liwat hubungan séks, maranéhna bisa boga budak sarta ngungkabkeun kanyaahna ka batur hirup. Éta sababna, Firman Allah nyebutkeun, ”Sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin.” (Siloka 5:18, 19) Yéhuwa gé hayang urang Kristen nu geus kawin téh satia ka batur hirupna. Ku kituna, maranéhna téh teu meunang jinah.​—Baca Ibrani 13:4.

2. Naon lampah cabul téh?

Alkitab méré nyaho yén ”jalma nu ngalakukeun lampah cabul . . . moal ngawaris Pamaréntahan Allah”. (1 Korintus 6:9, 10) Jalma-jalma nu nulis Alkitab dina basa Yunani ngagunakeun kecap porneia pikeun ngamaksudkeun lampah cabul. Kecap éta téh bisa ngamaksudkeun (1) hubungan séks a antara dua jalma nu can kawin, (2) homoséksualitas, sarta (3) hubungan séks jeung sato. Lamun urang ”ngajauhan lampah cabul”, urang bisa nyenangkeun Yéhuwa jeung meunang mangpaat.​—1 Tésalonika 4:3.

HAYU NGULIK

Perhatikeun kumaha carana supaya anjeun teu kagoda pikeun ngalakukeun lampah cabul sarta naon mangpaatna lamun anjeun tetep bersih sacara moral.

3. Singkahan lampah cabul

Baheula, aya saurang hamba Allah nu ngaranna Yusup. Manéhna nolak waktu diajak ngalakukeun hubungan séks ku saurang awéwé. Baca Kajadian 39:1-12, terus bahas:

  • Ku naon Yusup embung ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé éta?​—Tingali ayat 9.

  • Ceuk anjeun, na Yusup téh geus nyieun putusan nu bener? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Kumaha barudak ngora bisa nyonto tuladan Yusup jeung nyingkahan lampah cabul? Setél VIDÉO.

Yéhuwa hayang urang kabéh nyingkahan lampah cabul. Baca 1 Korintus 6:18, terus bahas:

  • Hal naon waé nu bisa nyababkeun saurang jalma kagoda pikeun ngalakukeun lampah cabul?

  • Kumaha anjeun bisa nyingkah tina lampah cabul?

4. Anjeun bisa nolak gogoda

Ku naon kadang nolak gogoda téh hésé? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Dina vidéo, sanggeus sadérék pameget éta sadar yén pikiran jeung tindakanana bisa nyababkeun manéhna teu satia ka pamajikanana, naon nu dilakukeun ku manéhna?

Kadang, urang Kristen nu satia gé kudu bajoang supaya pikiranana tetep bersih. Kumaha carana supaya urang teu teterusan mikirkeun hal-hal cabul? Baca Filipi 4:8, terus bahas:

  • Hal-hal jiga kumaha nu kudu dipikirkeun ku urang?

  • Lamun urang getol maca Alkitab jeung sibuk dina palayanan ka Yéhuwa, ku naon urang bakal bisa ngalawan gogoda?

5. Patokan hirup ti Yéhuwa téh méré mangpaat

Yéhuwa nyaho naon nu panghadéna keur urang. Anjeunna méré nyaho kumaha carana supaya urang bisa tetep bersih sacara moral jeung naon mangpaatna. Baca Siloka 7:7-27 jeung setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon jajaka dina ayat ieu bisa nepi ka meunang gogoda?​—Tingali Siloka 7:7-9.

  • Dumasar kana Siloka 7:23, 26, lampah cabul téh ngarugikeun pisan. Mun tetep bersih sacara moral, urang moal keuna masalah naon waé?

  • Lamun urang tetep bersih sacara moral, naon berkahna?

Aya nu mikir, pandangan Alkitab ngeunaan homoséksualitas téh kejem pisan. Tapi, Yéhuwa téh Allah nu nyaahan. Anjeunna hayang kabéh jalma hirup bagja salilana. Supaya bisa kitu, urang kudu nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna. Baca 1 Korintus 6:9-11, terus bahas:

  • Na ngan homoséks hungkul nu dianggap hal nu teu pantes ku Allah?

Supaya bisa nyenangkeun Allah, urang kabéh kudu barobah. Tapi, na éta téh aya mangpaatna? Baca Jabur 19:8, 11 (NW), terus bahas:

  • Ceuk anjeun, na patokan moral ti Yéhuwa téh hésé pikeun dituturkeun? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Yéhuwa geus mantuan loba jalma pikeun nuturkeun patokan moral ti Anjeunna. Anjeunna gé bisa mantuan anjeun

AYA NU NGOMONG: ”Mun silih cinta mah, teu nanaon ngalakukeun hubungan séks.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Séks téh kurnia ti Yéhuwa keur sapasang salaki pamajikan.

Nu geus dibahas

  • Naon waé anu kaasup lampah cabul téh?

  • Naon nu bisa ngabantu urang nyingkahan lampah cabul?

  • Naon mangpaatna mun urang nuturkeun patokan moral ti Yéhuwa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Yéhuwa miharep lalaki jeung awéwé nu hayang hirup bareng téh kawin heula. Ku naon?

”Naon Ceuk Alkitab ngeunaan Pasangan nu Hirup Bareng Padahal Can Kawin?” (Artikel dina jw.org)

Alkitab ngajarkeun yén homoséks téh salah. Tapi, na urang kudu ngéwa ka jalma-jalma nu homo?

”Na Homoséks téh Salah?” (Artikel dina jw.org)

Tingali ku naon patokan ti Allah ngeunaan séks téh ngalindungan urang.

”Na Séks Oral téh Kaasup Hubungan Séks?” (Artikel dina jw.org)

Tingali ku naon saurang jalma nu tadina homo bisa barobah jeung nyenangkeun Allah. Baca kisahna dina artikel ”Maranéhna Ngahargaan Abdi”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 April 2011)

a Kaasup séks oral, séks anal, jeung tindakan pikeun ngarangsang alat kelamin batur.