Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 42

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan sarta Jalma nu Teu Kawin?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan sarta Jalma nu Teu Kawin?

Dina sababaraha kabudayaan, jalma-jalma nganggap nu teu kawin téh moal bisa bagja. Padahal nyatana mah, nu kawin téh can tangtu bagja, nu teu kawin gé can tangtu teu bagja. Alkitab nyebutkeun boh kawin boh henteu, duanana téh kurnia ti Yéhuwa.

1. Naon waé mangpaatna mun saurang jalma teu kawin?

Alkitab nyebutkeun, ”Jalma nu kawin meunang mangpaat, tapi nu teu kawin mah meunang leuwih loba mangpaat.” (Baca 1 Korintus 7:32, 33, 38.) Ku naon jalma nu teu kawin ”meunang leuwih loba mangpaat”? Urang Kristen nu teu kawin téh teu kudu ngurus batur hirupna. Ku kituna, maranéhna biasana bisa leuwih bébas. Aya nu bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan, misalna pindah ka hiji daérah pikeun ngawawar di ditu. Terus, maranéhna gé boga leuwih loba waktu pikeun ngadeukeutkeun diri ka Yéhuwa.

2. Naon mangpaatna lamun perkawinan urang sah sacara hukum?

Jalma nu kawin gé meunang mangpaat. Ceuk Alkitab, ”Duaan leuwih hade ti batan sorangan.” (Pandita 4:9) Hal ieu dirasakeun ku urang Kristen nu ngajalankeun naséhat-naséhat Alkitab dina perkawinan maranéhna. Pasangan nu kawin sacara sah téh geus nyieun jangji pikeun silih cinta, silih hormat, jeung silih hargaan. Ku kituna, maranéhna bakal ngarasa leuwih aman tibatan pasangan nu ngan cicing saimah tapi teu kawin. Terus mun maranéhna boga budak, budakna gé bakal ngarasa aman.

3. Kumaha pandangan Allah Yéhuwa kana perkawinan?

Perkawinan nu pangmimitina téh diatur ku Yéhuwa. Baheula Anjeunna ngomong, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kajadian 2:24) Yéhuwa hayang salaki jeung pamajikan téh silih pikanyaah jeung silih satia saumur hirup. Maranéhna ngan meunang pepegatan lamun aya nu jinah. Yéhuwa méré hak ka salaki atawa pamajikan nu jadi korban pikeun mutuskeun rék pepegatan atawa henteu. a (Matius 19:9) Salian ti éta, Yéhuwa gé ngalarang urang Kristen pikeun poligami.​—1 Timotius 3:2.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha anjeun bisa hirup bagja sakaligus nyenangkeun haté Yéhuwa, teu sual anjeun kawin atawa henteu.

4. Nu teu kawin téh bisa ngamangpaatkeun kurniana

Keur Isa, teu kawin téh mangrupa kurnia. (Matius 19:11, 12) Baca Matius 4:23, terus bahas:

  • Kumaha Isa ngagunakeun kurniana pikeun ngalayanan Bapana sarta nulungan batur?

Urang Kristen nu teu kawin gé bisa bagja lamun ngagunakeun kahirupanana jiga Isa. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha urang Kristen nu teu kawin bisa ngagunakeun kurniana ku cara nu hadé?

Anjeun apal teu?

Alkitab teu nangtukeun dina umur sabaraha saurang jalma meunang kawin. Tapi, Alkitab méré naséhat ka jalma nu hayang kawin pikeun nungguan heula nepi ka manéhna ”geus cukup umur”. Alusna mah, manéhna téh kawin mun geus liwat masa rumaja, sabab pas keur rumaja téh saurang jalma boga hasrat séksual nu kuat pisan. Éta bisa mangaruhan putusanana.​—1 Korintus 7:36.

5. Sing bijaksana dina milih batur hirup

Milih batur hirup téh salah sahiji putusan nu pangpentingna dina kahirupan. Baca Matius 19:4-6, 9, terus bahas:

  • Ku naon urang Kristen kuduna teu rurusuhan kawin?

Alkitab méré nyaho sipat-sipat naon waé nu kudu ditingali ti calon batur hirup. Nu pangpentingna téh nyaéta calon batur hirupna nyaah ka Yéhuwa. b Baca 1 Korintus 7:39 jeung 2 Korintus 6:14, terus bahas:

  • Mun hayang kawin, ku naon urang sakuduna kawin jeung sasama urang Kristen?

  • Ceuk anjeun, kumaha parasaan Yéhuwa mun urang kawin jeung jalma nu teu nyaah ka Anjeunna?

Mun dua sato nu béda jinisna kudu babarengan nanggung hiji beban, duanana bakal kasiksa. Kitu ogé, mun urang Kristen kawin jeung jalma nu teu saiman, maranéhna bakal meunang loba masalah

6. Tuturkeun pandangan Yéhuwa ngeunaan perkawinan

Dina jaman baheula, sababaraha urang Israél sangeunahna megatkeun pamajikanana. Baca Malaki 2:13, 14, 16, terus bahas:

  • Ku naon Yéhuwa geuleuh kana pepegatan nu teu dumasar Alkitab?

Jinah jeung pepegatan téh nganyenyeri batur hirup jeung barudak

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Lamun anjeun boga batur hirup nu teu saiman, naon nu bisa anjeun lakukeun supaya perkawinan anjeun suksés?

7. Tuturkeun patokan ti Yéhuwa ngeunaan perkawinan

Saurang jalma bisa jadi kudu bajoang pikeun nuturkeun patokan ti Yéhuwa ngeunaan perkawinan. c Tapi, Yéhuwa pasti ngaberkahan manéhna. Setél VIDÉO.

Baca Ibrani 13:4, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, na patokan ti Yéhuwa ngeunaan perkawinan téh hésé pikeun dituturkeun? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Di kalolobaan nagri, pamaréntah boga aturan ngeunaan perkawinan jeung pepegatan. Yéhuwa hayang perkawinan jeung pepegatan urang Kristen sah sacara hukum. Baca Titus 3:1, terus bahas:

  • Mun anjeun geus kawin, na anjeun yakin yén perkawinan anjeun téh dianggap sah ku pamaréntah?

AYA NU NGOMONG: ”Mun geus teu cocog mah, mending kénéh pepegatan.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Boh kawin boh henteu, duanana téh kurnia ti Yéhuwa. Jalma nu kawin sarta jalma nu teu kawin bisa hirup bagja lamun nuturkeun patokan ti Yéhuwa.

Nu geus dibahas

  • Kumaha jalma nu teu kawin bisa ngagunakeun kurniana?

  • Ku naon Alkitab méré naséhat ka urang Kristen pikeun kawin jeung nu saiman?

  • Ceuk Alkitab, naon hiji-hijina alesan pikeun pepegatan?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Naon hartina kawin jeung ”sasama murid Juragan” téh?

”Pananya ti Nu Maca” (Warta Hadé 1 Juli 2004)

Tongton dua vidéo pondok ieu nu bisa ngabantu anjeun nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan bobogohan jeung kawin.

Nyiapkeun Perkawinan (11:53)

Tingali ku naon saurang sadérék pameget ngarasa yén nu ditinggalkeun ku manéhna téh euweuh nanaonna dibandingkeun naon nu Yéhuwa bikeun.

Abdi Hayang Manéhna Gé Diajar Bebeneran (1:56)

Saacan mutuskeun pikeun papisah atawa pepegatan, naon nu kudu dipikirkeun ku saurang jalma?

”Ajénan Naon nu ’Geus Dihijikeun ku Allah’” (Warta Hadé Désémber 2018)

a Salaki pamajikan bisa waé papisah najan teu aya nu jinah. Tingali Catetan Ahir 4.

b Dina sababaraha kabudayaan, geus biasa mun kolot ngajodokeun budakna. Keur kolot nu bageur mah, nu leuwih penting téh calon batur hirup budakna nyaah ka Yéhuwa, lainna harta atawa kadudukan manéhna.

c Mun anjeun hirup bareng jeung saurang jalma tapi can kawin jeung manéhna, anjeun kudu mutuskeun rék ninggalkeun manéhna atawa kawin jeung manéhna.