Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 45

Naon Maksudna Nétral?

Naon Maksudna Nétral?

Isa ngajarkeun ka murid-muridna yén maranéhna teu meunang jadi bagian ti dunya. (Yahya 15:19) Éta sababna urang kudu nétral, maksudna urang teu meunang pipilueun dina urusan pulitik jeung perang. Tapi, kadang tetep nétral téh teu gampang. Urang bisa waé jadi diléléwé ku batur. Jadi, kumaha carana supaya urang bisa tetep nétral jeung satia ka Allah Yéhuwa?

1. Kumaha pandangan urang Kristen sajati ka pamaréntah?

Urang Kristen téh taat ka pamaréntah. Ceuk Isa, urang kudu ’mayar ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar’. (Markus 12:17) Maksudna, urang kudu taat kana hukum di nagri urang, saperti mayar pajeg. Alkitab ngajarkeun yén pamaréntah manusa téh bisa aya lantaran Yéhuwa ngidinan maranéhna pikeun nyekel kawasa. (Roma 13:1) Jadi, pamaréntah manusa téh mémang boga wewenang, tapi wewenangna aya watesna. Urang yakin, ngan Allah jeung Pamaréntahana-Na nu aya di sorga nu bisa nyingkirkeun kabéh masalah manusa.

2. Kumaha carana nunjukkeun yén urang téh nétral?

Jiga Isa, urang embung pipilueun dina urusan pulitik. Sakali waktu, basa jalma-jalma ningali Isa nyieun mujijat, maranéhna hayang ngang-kat Isa jadi raja. Tapi Isa nolak. (Yahya 6:15) Ku naon? Ceuk Isa, ”Pamaréntahan abdi mah lain bagian ti dunya ieu.” (Yahya 18:36) Sabagé muridna Isa, urang gé kudu nétral. Aya loba cara pikeun nunjukkeun yén urang téh nétral. Misalna, urang moal miluan perang. (Baca Mika 4:3.) Terus, najan urang ngahargaan lambang-lambang nagara, jiga bandéra, urang moal ngangkat leungeun pikeun ngahormat bandéra, sabab éta téh sarua jiga nyembah bandéra. (1 Yahya 5:21) Salian ti éta, urang gé moal mihak salah sahiji partéy pulitik atawa jalma nu nyalonkeun diri pikeun jadi pamingpin. Ku cara-cara jiga kitu, urang téh nunjukkeun yén urang bener-bener satia ka Pamaréntahan Allah.

HAYU NGULIK

Tingali dina kaayaan naon waé bisa jadi urang hésé pikeun tetep nétral. Sarta, tingali kumaha anjeun bisa nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa.

3. Urang Kristen nu sajati mah nétral

Isa jeung murid-muridna geus méré tuladan keur urang ngeunaan sikep nétral. Baca Roma 13:1, 5-7 jeung 1 Pétrus 2:13, 14. Geus kitu setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon urang kudu taat ka pamaréntah?

  • Kumaha carana nunjukkeun yén urang taat ka pamaréntah?

Waktu aya dua nagara nu keur perang, sababaraha nagara meureun ngakuna mah nétral. Tapi, maranéhna ngadukung dua nagara éta. Jiga kumaha nétral nu sabenerna téh? Baca Yahya 17:16. Geus kitu setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon maksudna nétral?

Kumaha lamun pamaréntah nitah urang ngalakukeun tindakan nu teu sajalan jeung hukum Allah? Baca Kisah 5:28, 29. Geus kitu setél VIDÉO, terus bahas:

  • Lamun hukum manusa teu sajalan jeung hukum Allah, urang kudu taat ka hukum nu mana?

  • Ceuk anjeun, dina kaayaan naon waé urang Kristen moal taat ka pamaréntah?

4. Kudu nétral dina pikiran jeung tindakan

Baca 1 Yahya 5:21. Geus kitu setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon Ayenge embung ngagabung jeung partéy pulitik atawa milu upacara bandéra?

  • Ceuk anjeun, na putusanana geus bener?

Dina kaayaan naon deui bisa jadi urang hésé pikeun tetep nétral? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha urang bisa tetep nétral waktu nongton pertandingan olahraga antarnagara?

  • Kumaha urang bisa tetep nétral waktu aya pajabat nu nyieun putusan nu bisa ngarugikeun atawa nguntungkeun urang?

  • Ku naon warta dina media atawa ti babaturan bisa nyieun urang hésé pikeun tetep nétral?

Pikiran jeung tindakan urang Kristen kudu nétral dina hal naon waé?

MUN AYA NU NANYA: ”Ku naon manéh teu hormat bandéra jeung nyanyi lagu kabangsaan?”

  • Anjeun bakal ngajawab naon?

INTI BAB

Urang Kristen bener-bener upaya pikeun tetep nétral dina pikiran, kekecapan, jeung tindakan.

Nu geus dibahas

  • Naon kawajiban urang ka pamaréntah?

  • Ku naon urang kudu tetep nétral sacara pulitik?

  • Dina kaayaan naon waé bisa jadi urang hésé pikeun tetep nétral?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Bisa jadi, urang kudu nyieun pangorbanan naon waé supaya bisa tetep nétral?

Yéhuwa Terus Ngurus Urang (3:14)

Naon nu bisa dilakukeun ku kulawarga-kulawarga pikeun nyiapkeun diri keur nyanghareupan kaayaan nu bisa nguji sikep nétral urang?

Tetep Nétral dina Sagala Kaayaan (4:25)

Ku naon ngabéla nagara téh lain hal nu pangpentingna?

”Kabéh Hal Bisa Dilakukeun Mun Dibantuan ku Allah” (5:19)

Waktu milih pagawéan, kumaha urang bisa nunjukkeun yén urang lain bagian ti dunya?

”Unggal Jalma Bakal Nanggung Bebanna Sorangan” (Warta Hadé 15 Maret 2006)