Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 46

Ku Naon Anjeun Perlu Ngabaktikeun Diri jeung Dibaptis?

Ku Naon Anjeun Perlu Ngabaktikeun Diri jeung Dibaptis?

Anjeun bisa ngabaktikeun diri ka Yéhuwa ku cara ngadoa jeung jangji bakal ibadah ka Anjeunna hungkul sarta ngutamakeun kahayang-Na dina kahirupan anjeun. (Jabur 40:8, NW) Geus kitu, kakara anjeun bisa dibaptis. Ku cara dibaptis, anjeun téh nunjukkeun ka batur yén anjeun geus ngabaktikeun diri. Pangbaktian urang ka Yéhuwa téh mangrupa putusan nu pangpentingna dina kahirupan. Ieu bakal ngarobah kahirupan anjeun. Naon nu bisa ngajurung anjeun nyieun putusan penting ieu?

1. Naon nu ngajurung saurang jalma pikeun ngabaktikeun diri?

Urang bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa lamun urang nyaah ka Anjeunna. (1 Yahya 4:10, 19) Alkitab ngajurung urang, ”Kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa, sakabéh pikiran, jeung sakuat tanaga.” (Markus 12:30) Urang nunjukkeun kanyaah urang ka Allah teu ngan saukur liwat kekecapan, tapi ogé liwat tindakan. Ibaratna kieu: Lamun lalaki jeung awéwé silih pikanyaah, maranéhna bakal kajurung pikeun nikah. Kitu ogé, lamun urang nyaah ka Yéhuwa, urang bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Anjeunna jeung dibaptis.

2. Yéhuwa méré berkah naon waé ka Saksi-Saksi-Na nu geus dibaptis?

Sanggeus anjeun dibaptis, anjeun bakal jadi anggota kulawarga Yéhuwa nu bagja. Anjeun bakal ningali Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka anjeun ku loba cara. Anjeun gé bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa. (Baca Malaki 3:16-18.) Yéhuwa bakal jadi Bapa Anjeun. Anjeun gé bakal boga kulawarga rohani, nyaéta dulur-dulur saiman di sakuliah dunya nu nyaah ka Yéhuwa jeung ka anjeun. (Baca Markus 10:29, 30.) Tapi supaya bisa dibaptis, aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun ku anjeun. Anjeun kudu diajar ngeunaan Yéhuwa, nyaah ka Anjeunna, sarta boga iman ka Putra-Na. Terus, anjeun kudu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Mun anjeun ngalakukeun hal-hal éta tuluy dibaptis, anjeun bisa hirup bagja salilana. Ceuk Alkitab, ”Baptisan . . . ayeuna nyalametkeun anjeun.”​—1 Pétrus 3:21.

HAYU NGULIK

Pikirkeun ku naon anjeun perlu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis.

3. Urang kabéh kudu mutuskeun rék ngalayanan saha

Dina jaman baheula, sababaraha urang Israél mikir yén maranéhna bisa ibadah ka Yéhuwa sakaligus ka allah palsu nu ngaranna Baal. Tapi, Yéhuwa ngutus Nabi Élias pikeun méré nyaho yén pamikiran jiga kitu téh salah. Baca 1 Raja-Raja 18:21, terus bahas:

  • Urang Israél kudu nyieun pilihan naon?

Sarua jiga urang Israél, urang gé kudu milih rék ngalayanan saha. Baca Lukas 16:13, terus bahas:

  • Ku naon urang teu bisa ibadah ka Yéhuwa sakaligus nyembah ka nu séjén?

  • Kumaha carana nunjukkeun yén urang milih pikeun ibadah ka Yéhuwa?

4. Pikirkeun kanyaah Yéhuwa ka anjeun

Yéhuwa geus méré loba hadiah nu istiméwa keur urang. Naon nu bisa urang béré ka Yéhuwa? Setél VIDÉO.

Ku cara naon waé Yéhuwa nunjukkeun kanyaah-Na ka anjeun? Baca Jabur 104:14, 15 jeung 1 Yahya 4:9, 10, terus bahas:

  • Anjeun nganuhunkeun kana hadiah naon waé ti Yéhuwa?

  • Sanggeus narima hadiah-hadiah éta, kumaha parasaan anjeun ka Yéhuwa?

Mun urang dibéré hadiah nu dipikaresep pisan ku urang, urang pasti hayang nganuhunkeun ka jalma nu méré hadiah éta. Baca Pamindo 16:17, terus bahas:

  • Mun anjeun mikirkeun berkah atawa rejeki nu geus dibéré ku Yéhuwa, anjeun jadi hayang méré naon ka Anjeunna?

5. Lamun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, anjeun bakal narima loba berkah

Loba jalma mikir, maranéhna bakal bagja mun kasohor, boga pagawéan nu alus, atawa boga loba duit. Tapi, na éta téh mémang bener? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Najan lalaki dina vidéo ieu resep pisan maén bal, ku naon manéhna eureun jadi atlit?

  • Manéhna mutuskeun pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, lainna kana pagawéanana sabagé atlit sépak bola. Ceuk anjeun, na manéhna geus nyieun putusan nu bener? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Saacan Rasul Paulus jadi urang Kristen, manéhna ngudag pagawéan nu alus. Manéhna diajar hukum Yahudi ti saurang guru nu kasohor. Tapi, manéhna ninggalkeun éta kabéh supaya bisa jadi urang Kristen. Na Paulus ngarasa kaduhung? Baca Filipi 3:8, terus bahas:

  • Ku naon Paulus nganggap sagala hal nu ditinggalkeun ku manéhna téh jiga ”runtah”?

  • Manéhna meunang berkah naon sabagé gantina?

  • Mun anjeun ngagunakeun kahirupan anjeun pikeun ngalayanan Yéhuwa, na anjeun bakal leuwih bagja? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Nu ditinggalkeun ku Paulus téh teu aya nanaonna mun dibandingkeun jeung berkah nu ditarima ku manéhna sanggeus jadi urang Kristen

AYA NU NGOMONG: ”Abdi nyaho ieu téh pangajaran nu bener, tapi abdi embung katalian.”

  • Ceuk anjeun, ku naon urang perlu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa?

INTI BAB

Lamun urang nyaah ka Yéhuwa, urang bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Anjeunna jeung dibaptis.

Nu geus dibahas

  • Ku naon geus sawajarna urang nyaah jeung ibadah ka Yéhuwa ku sapinuh haté?

  • Yéhuwa méré berkah naon ka Saksi-Saksi-Na nu geus dibaptis?

  • Na anjeun hayang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali ku naon saurang musisi jeung saurang atlit daék ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.

Pananya Budak Ngora​—Abdi Rék Ngudag Naon dina Kahirupan?​—Nginget-Nginget Deui nu Geus Liwat (6:54)

Tingali alesan séjénna ku naon urang perlu ngabaktikeun diri.

”Ku Naon Perlu Ngabaktikeun Diri ka Yéhuwa?” (Warta Hadé 15 Januari 2010)

Dina vidéo musik ieu, tingali kumaha jalma-jalma nu ngabaktikeun dirina ka Yéhuwa ngarasa bungah.

Abdi Ngabaktikeun Hirup (4:30)

Ku naon saurang awéwé mariksa naon nu pangpentingna dina kahirupan? Baca kisahna dina artikel ”Geus Mangtaun-taun Abdi Mikir, ’Ku naon Urang Diciptakeun?’”

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 Nopémber 2012)