Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 48

Sing Bijaksana Milih Babaturan

Sing Bijaksana Milih Babaturan

Sobat téh bakal aya waktu urang keur senang atawa keur susah. Tapi Alkitab ngingetan, teu kabéh jalma bisa jadi sobat nu sajati. Jadi, kumaha supaya anjeun bisa boga sobat nu sajati? Perhatikeun sababaraha hal ieu.

1. Naon pangaruh babaturan keur anjeun?

Mun urang sering gaul jeung hiji jalma, boh sacara langsung boh liwat Internét, lila-lila kalakuan jeung cara pikir urang bakal beuki mirip jeung manéhna. Ceuk Alkitab, ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul [jalma-jalma nu teu nyaah ka Yéhuwa], tangtu ancur.” (Siloka 13:20) Alkitab ngingetan urang supaya bijaksana dina milih babaturan. Ku naon? Babaturan nu teu nyaah ka Yéhuwa téh bisa ngajauhkeun urang ti Anjeunna. Ari babaturan nu ibadah jeung nyaah ka Yéhuwa mah bakal ngabantu urang tetep akrab jeung Anjeunna. Maranéhna gé bisa ngabantu urang supaya bijaksana dina nyieun putusan. Jadi, babaturan nu nyaah ka Yéhuwa bisa méré pangaruh anu alus keur urang. Kitu ogé, urang bisa méré pangaruh nu alus keur manéhna. Urang jeung manéhna bisa ”silih tegerkeun jeung silih kuatkeun”.​—1 Tésalonika 5:11.

2. Kumaha parasaan Yéhuwa ningali pergaulan anjeun?

Yéhuwa téh teu sambarangan dina milih babaturan. Ceuk Alkitab, Yéhuwa téh nyobat jeung jalma nu hirupna bener. (Siloka 3:32) Kumaha parasaan Yéhuwa mun anjeun nyobat jeung jalma nu teu nyaah ka Anjeunna? Yéhuwa bakal kuciwa pisan! (Baca Yakobus 4:4.) Tapi, mun anjeun ngajauhan pergaulan nu goréng sarta nyobat jeung jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna, Yéhuwa bakal bungah sarta daék jadi Sobat anjeun.​—Jabur 15:1-4.

HAYU NGULIK

Perhatikeun ku naon urang kudu bijaksana dina milih babaturan sarta kumaha carana supaya urang boga sobat nu bisa méré pangaruh nu alus keur urang.

3. Jauhan pergaulan goréng

Jalma-jalma anu teu nyaah ka Allah sarta teu nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna téh moal bisa jadi sobat nu sajati keur urang. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha urang bisa waé teu engeuh yén urang téh geus gaul jeung jalma-jalma anu méré pangaruh goréng?

Baca 1 Korintus 15:33, terus bahas:

  • Jalma nu jiga kumaha nu bisa méré pangaruh goréng ka anjeun? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

Baca Jabur 119:63, terus bahas:

  • Jalma nu jiga kumaha nu kudu dijadikeun sobat ku anjeun?

Mun aya hiji apel buruk dina mangkok, kabéh apel bisa buruk ogé. Mun boga hiji sobat nu teu bener, naon pangaruhna keur anjeun?

4. Urang bisa nyobat jeung jalma nu béda ti urang

Alkitab nyaritakeun kisah ngeunaan dua urang Israél dina jaman baheula, nyaéta Daud jeung Yonatan. Yonatan téh jauh leuwih kolot tibatan Daud. Manéhna gé putrana raja, ari Daud mah lain sasaha. Tapi, maranéhna duaan bisa jadi sobat. Baca 1 Samuel 18:1, terus bahas:

  • Ku naon urang sakuduna teu ngan nyobat jeung jalma nu umur sarta status sosialna sarua jeung urang?

Baca Roma 1:11, 12, terus bahas:

  • Lamun urang boga sobat anu nyaah ka Yéhuwa, kumaha urang jeung manéhna bisa silih kuatkeun?

Dina vidéo ieu, tingali kumaha saurang budak ngora bisa boga sobat sajati nu teu kasangka-sangka. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon kolotna Akil hariwang kana pergaulan Akil di sakola?

  • Ku naon mimitina Akil resep gaul jeung babaturan sakolana?

  • Kumaha ahirna Akil bisa boga sobat nu sajati?

5. Carana supaya boga sobat nu sajati

Kumaha supaya urang bisa boga sobat nu sajati? Sarta, kumaha carana supaya urang gé bisa jadi sobat nu sajati? Setél VIDÉO.

Baca Siloka 18:24 jeung 27:17, terus bahas:

  • Kumaha sobat nu sajati bisa silih dukung?

  • Na anjeun boga sobat nu jiga kitu? Lamun henteu, anjeun kudu kumaha supaya bisa boga sobat nu sajati?

Baca Filipi 2:4, terus bahas:

  • Supaya boga sobat nu sajati, anjeun gé kudu jadi sobat nu sajati. Kumaha carana?

Supaya bisa boga sobat sajati, anjeun kudu jadi sobat nu sajati keur batur

AYA NU NGOMONG: ”Teu masalah sobat urang agamana naon, nu penting mah manéhna bageur.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Lamun urang bijaksana dina milih babaturan, urang téh nyenangkeun haté Yéhuwa. Urang gé bakal meunang mangpaat.

Nu geus dibahas

  • Ku naon Yéhuwa hayang urang nyobat jeung jalma nu nyaah ka Anjeunna?

  • Jalma-jalma jiga kumaha anu kuduna teu dijadikeun sobat ku urang?

  • Kumaha supaya anjeun bisa nyobat jeung jalma nu nyaah ka Yéhuwa?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali kumaha sobat sajati bisa nulungan urang dina kaayaan nu sulit.

”Kuatkeun Sosobatan Saacan Datangna Mangsa Cilaka” (Warta Hadé Nopémber 2019)

Naon nu kudu dipikanyaho ku anjeun ngeunaan néangan babaturan liwat Internét?

Sing Pinter dina Maké Jejaring Sosial (4:12)

Saurang lalaki néangan babaturan nu leuwih hadé. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Hayang Ngarasakeun Kanyaah ti Saurang Bapa”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 April 2012)