Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 50

Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?​—Bagian 2

Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?​—Bagian 2

Barudak téh kurnia ti Yéhuwa. Yéhuwa hayang kolot ngurus barudak, jadi Anjeunna méré naséhat ka nu jadi kolot. Yéhuwa gé méré naséhat ka barudak ngarah maranéhna apal naon nu kudu dilakukeun supaya kulawargana bagja.

1. Yéhuwa méré naséhat naon ka kolot?

Yéhuwa téh hayang kolot nyaah sarta sering babarengan jeung barudakna. Anjeunna gé hayang kolot ngalindungan barudakna tina bahaya sarta ngagedékeun barudakna maké prinsip-prinsip nu aya dina Alkitab. (Siloka 1:8) Anjeunna méré naséhat kieu ka nu jadi bapa, ”Gedékeun [barudak anjeun] ku didikan jeung naséhat Yéhuwa.” (Baca Éfésus 6:4.) Yéhuwa bungah lamun kolot nuturkeun naséhat ti Anjeunna sarta ngurus barudakna. Tanggung jawab ieu téh teu meunang dibikeun ka batur.

2. Yéhuwa méré naséhat naon ka barudak?

Yéhuwa méré naséhat, ”Sing nurut ka kolot.” (Baca Kolose 3:20.) Lamun barudak nurut sarta hormat ka kolot, maranéhna téh nyenangkeun Yéhuwa sarta kolotna. (Siloka 23:22-25) Isa geus méré tuladan nu alus. Isa téh jalma nu sampurna, ari kolotna mah teu sampurna. Najan kitu, Isa nurut jeung hormat ka kolotna.​—Lukas 2:51, 52.

3. Kumaha supaya anjeun sakulawarga bisa jadi sobat Yéhuwa?

Indung Bapa, anjeun pasti hayang barudak nyaah ka Yéhuwa, sakumaha anjeun nyaah ka Anjeunna. Kumaha carana supaya barudak nyaah ka Yéhuwa? Ceuk Alkitab, ”Ajarkeun [firman Yéhuwa] ka anak. Ucapkeun tong weleh, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe.” (Pamindo 6:7) Meureun anjeun apal, biasana kolot kudu mangkali-kali ngajarkeun hiji hal ka barudak supaya maranéhna inget kana hal éta. Jadi, anjeun gé kudu sering ngajar barudak ngeunaan Yéhuwa. Anjeun perlu nyadiakeun waktu unggal mingguna pikeun diajar Alkitab bareng jeung barudak. Tapi saupama anjeun teu boga budak gé, anjeun bakal meunang mangpaat lamun nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun diajar Alkitab.

HAYU NGULIK

Perhatikeun saran-saran nu bisa anjeun tuturkeun supaya kulawarga anjeun ngarasa bagja jeung aman.

4. Didik budak ku kanyaah

Ngadidik budak téh bisa jadi teu gampang. Kumaha Alkitab bisa ngabantu anjeun? Baca Yakobus 1:19, 20, terus bahas:

  • Waktu keur ngobrol jeung barudak, kumaha kolot bisa nunjukkeun kanyaah?

  • Mun keur émosi, ku naon sakuduna kolot teu mapatahan barudakna? a

5. Lindungan budak anjeun

Anjeun perlu ngajar barudak ngeunaan séks, sabab éta bisa ngalindungan maranéhna. Tapi, meureun anjeun ngarasa teu laluasa ngajarkeun hal éta. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Keur sababaraha kolot, ku naon ngajar barudak ngeunaan séks téh hésé?

  • Kumaha cara sababaraha kolot ngajar barudak ngeunaan séks?

Jiga nu geus disebutkeun dina Alkitab, dunya Sétan téh beuki ka dieu beuki jahat. Baca 2 Timotius 3:1, 13, terus bahas:

  • Jalma jahat nu disebutkeun dina ayat 13 téh kaasup jalma-jalma nu sok ngalakukeun pelécéhan séksual ka barudak. Jadi, ku naon kolot perlu ngajar barudak ngeunaan séks jeung ngajarkeun carana ngalindungan diri ti jalma nu sok ngalakukeun pelécéhan séksual?

Anjeun apal teu?

Saksi-Saksi Yéhuwa nyadiakeun loba bahan bacaan jeung vidéo pikeun mantuan kolot ngajar barudak ngeunaan séks sarta carana ngalindungan diri ti jalma nu sok ngalakukeun pelécéhan séksual. Contona:

6. Sing hormat ka kolot

Barudak leutik jeung rumaja téh kudu nunjukkeun sikep hormat waktu keur ngomong jeung kolot maranéhna. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon mangpaatna mun budak ngora nunjukkeun hormat waktu keur ngomong jeung kolotna?

  • Kumaha budak ngora bisa nunjukkeun hormat waktu ngomong jeung kolotna?

Baca Siloka 1:8, terus bahas:

  • Kumaha sakuduna sikep budak ngora waktu dipapatahan ku kolotna?

7. Sadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab bareng

Kulawarga-kulawarga Saksi osok nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun ngayakeun ibadah kulawarga. Jiga kumaha ibadah kulawarga téh? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha supaya kulawarga bisa rutin ngayakeun acara ibadah kulawarga?

  • Naon nu bisa dilakukeun ku kolot supaya barudak resep miluan acara ibadah kulawarga?​—Tingali gambar dina awal bab ieu.

  • Hal naon nu bisa jadi nyababkeun kulawarga anjeun hésé ngayakeun ibadah kulawarga?

Dina jaman Israél kuno, Yéhuwa hayang kulawarga-kulawarga rutin ngabahas Firman Allah babarengan. Baca Pamindo 6:6, 7, terus bahas:

  • Kumaha anjeun bisa ngajalankeun prinsip nu aya dina ayat ieu?

Sababaraha hal nu bisa dilakukeun dina ibadah kulawarga:

AYA NU NGOMONG: ”Barudak leutik mah moal ngartieun eusi Alkitab.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Yéhuwa hayang kolot nyaah, ngadidik, jeung ngalindungan barudakna. Yéhuwa gé hayang barudak hormat ka kolotna. Terus, Yéhuwa hayang kulawarga ibadah babarengan.

Nu geus dibahas

  • Kumaha kolot bisa ngadidik jeung ngalindungan barudak?

  • Kumaha barudak bisa nunjukkeun sikep hormat ka kolotna?

  • Naon mangpaatna mun kulawarga anjeun ngayakeun ibadah kulawarga unggal minggu?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Naon waé nu perlu diajarkeun ka barudak supaya maranéhna boga sipat-sipat nu hadé?

”Genep Hal nu Perlu Diajarkeun ka Budak” (Éling! No. 2 2019)

Tingali saran-saran tina Alkitab keur jalma nu ngurus indung bapana nu geus kolot.

”Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ngurus Indung Bapa nu Geus Kolot?” (Artikel dina jw.org)

Saurang lalaki nu tadina teu ngarti kumaha cara ngadidik budak ahirna bisa jadi saurang bapa nu hadé.

Diajar ku Yéhuwa pikeun Ngurus Kulawarga (5:58)

Perhatikeun kumaha nu jadi bapa bisa akrab jeung budak lalakina.

”Kumaha Supaya Bapa Bisa Terus Akrab jeung Budak Lalakina?” (Warta Hadé 1 Nopémber 2011)

a ’Mapatahan’ téh maksudna ngajar, ngabingbing, jeung ngabantu budak supaya boga cara pikir jeung kalakuan nu bener, lainna neunggeul atawa kasar ka budak.​—Siloka 4:1.