Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 51

Omongan Urang Bisa Nyenangkeun Haté Yéhuwa

Omongan Urang Bisa Nyenangkeun Haté Yéhuwa

Waktu nyiptakeun urang, Yéhuwa téh méré kurnia nu istiméwa, nyaéta kasanggupan pikeun ngomong. Na Anjeunna merhatikeun cara urang ngagunakeun kasanggupan ieu? Tangtu! (Baca Yakobus 1:26.) Jadi, kumaha urang bisa nyenangkeun Yéhuwa ku omongan urang?

1. Kumaha sakuduna urang ngagunakeun kasanggupan pikeun ngomong?

Alkitab ngajurung urang pikeun ’terus silih tegerkeun jeung silih kuatkeun’. (1 Tésalonika 5:11) Na aya kulawarga atawa babaturan anjeun nu keur butuh dikuatkeun? Anjeun kudu kumaha pikeun ngahibur maranéhna? Yakinkeun yén anjeun nyaah ka maranéhna. Terus, anjeun bisa muji maranéhna. Anjeun gé bisa ngagunakeun ayat-ayat Alkitab pikeun ngahibur maranéhna. Sarta sing inget, cara anjeun ngomong gé bisa bener-bener nguatkeun maranéhna. Jadi, pék upayakeun pikeun terus ngomong ku cara nu lemah lembut jeung bageur.​—Siloka 15:1.

2. Omongan jiga kumaha nu ulah diucapkeun?

Ceuk Alkitab, ”Omongan nu goréng ulah kaluar tina biwir aranjeun.” (Baca Éfésus 4:29.) Jadi, ulah ngucapkeun hal-hal nu kasar, cabul, atawa nu bisa nganyenyeri haté batur. Urang gé teu meunang ngagosip jeung mitnah batur.​—Baca Siloka 16:28.

3. Kumaha supaya omongan urang bisa nguatkeun batur?

Nu diucapkeun ku urang téh biasana ngungkabkeun naon nu aya di jero haté jeung pikiran urang. (Lukas 6:45) Jadi, urang perlu terus mikirkeun hal-hal nu positif, nyaéta ’nu dipikaresep ku Allah, nu murni, nu ngageuing kanyaah, jeung nu matak dipuji’. (Filipi 4:8) Supaya bisa mikir positif, urang kudu bijaksana dina milih hiburan jeung babaturan. (Siloka 13:20) Urang gé kudu mikir heula saacan ngomong. Pikirkeun bakal kumaha parasaan batur mun ngadéngé omongan anjeun. Ceuk Alkitab, ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi [ubar].”​—Siloka 12:18.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha carana supaya omongan urang bisa nyenangkeun Yéhuwa sarta nguatkeun batur.

4. Ati-ati waktu ngomong

Kadang, urang ngarasa kaduhung lantaran geus salah ngomong. (Yakobus 3:2) Baca Galatia 5:22, 23, terus bahas:

  • Anjeun bisa ngadoa ménta bantuan Yéhuwa supaya anjeun boga sipat-sipat alus ieu. Ceuk anjeun, sipat mana nu bisa ngabantu anjeun ngajaga omongan? Ku naon?

Baca 1 Korintus 15:33, terus bahas:

  • Naon pangaruh pergaulan jeung hiburan kana omongan anjeun?

Baca Pandita 3:1, 7, terus bahas:

  • Iraha urang kudu jempé atawa kudu ngadagoan waktu nu leuwih cocog pikeun nepikeun hiji hal?

5. Ulah ngagogoréng batur

Kumaha supaya urang teu ngagogoréng batur atawa nganyenyeri haté batur ku omongan urang? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Ku naon sadérék dina vidéo ieu hayang leuwih positif waktu nyarita ngeunaan batur?

  • Naon nu dilakukeun ku manéhna supaya bisa barobah?

Baca Pandita 7:16, terus bahas:

  • Lamun urang mulai kapikiran pikeun ngagogoréng batur, naon nu kudu diinget ku urang?

Baca Pandita 7:21, 22, terus bahas:

  • Lamun aya nu ngagogoréng anjeun, kumaha ayat-ayat ieu bisa ngabantu anjeun tetep tenang?

6. Sing bageur waktu ngobrol jeung kulawarga

Yéhuwa hayang urang bageur sarta nunjukkeun kanyaah waktu ngobrol jeung kulawarga. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon nu bisa ngabantu anjeun pikeun ngomong ku cara nu lemah lembut ka kulawarga?

Baca Éfésus 4:31, 32, terus bahas:

  • Omongan jiga kumaha nu bisa nyieun kulawarga urang ngarasa dihargaan?

Yéhuwa ngungkabkeun parasaana-Na ka Putra-Na, nyaéta Isa. Baca Matius 17:5, terus bahas:

  • Kumaha anjeun bisa nyonto Yéhuwa waktu ngobrol jeung kulawarga anjeun?

Sing sering muji batur

AYA NU NGOMONG: ”Abdi mah mun ngomong téh sok ceplas-ceplos, teu paduli batur resep atawa henteu.”

  • Na anjeun satuju kana hal éta? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

INTI BAB

Omongan urang téh bisa nguatkeun atawa nganyenyeri haté batur. Jadi, urang kudu bener-bener mikirkeun naon nu rék diomongkeun, iraha ngomongkeunana, jeung kumaha carana.

Nu geus dibahas

  • Kumaha anjeun bisa nguatkeun batur ku omongan anjeun?

  • Omongan jiga kumaha nu ulah diucapkeun ku urang?

  • Kumaha supaya urang bisa terus bageur jeung nguatkeun batur ku omongan urang?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Kumaha supaya omongan urang nguatkeun batur?

Miboga Létahna Jalma Bijaksana (8:04)

Kumaha supaya urang teu ngucapkeun hal-hal nu goréng?

”Na Nyumpahan Batur téh Mémang Goréng?” (Artikel dina jw.org)

Kumaha supaya anjeun teu pipilueun ngagosipkeun batur?

Kumaha Cara Ngeureunkeun Gosip? (2:36)

Tingali kumaha Yéhuwa mantuan saurang lalaki nu sok ngomong kasar pikeun barobah.

”Abdi Mulai Mikirkeun Rék Jadi Jalma nu Jiga Kumaha” (Warta Hadé 1 Agustus 2013)