Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 53

Pilih Hiburan nu Nyenangkeun Yéhuwa

Pilih Hiburan nu Nyenangkeun Yéhuwa

Yéhuwa téh ”Allah nu bagja”. (1 Timotius 1:11) Anjeunna gé hayang urang bagja. Yéhuwa senang mun urang boga waktu pikeun istirahat jeung nyalsé. Dina bab ieu, urang bakal ningali kumaha urang bisa ngagunakeun waktu istirahat pikeun ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku urang sarta nu nyenangkeun Yéhuwa.

1. Naon nu perlu dipastikeun ku urang waktu milih hiburan?

Mun keur nyalsé, biasana anjeun sok ngalakukeun naon? Aya nu resepna cicing di imah bari maca buku, ngadéngékeun lagu, nongton film, atawa maén Internét. Aya ogé nu resep ulin jeung babaturanana, misalna naék gunung, ngojay, atawa sasapédahan. Teu sual naon nu dipikaresep ku urang, urang kudu mastikeun hiburan nu dipilih ku urang téh ”dipikaresep ku Gusti”. (Éfésus 5:​10) Ku naon? Sabab ayeuna téh aya loba hiburan nu teu dipikaresep ku Yéhuwa, lantaran aya gelut atawa tétémbakanana, hal-hal cabulna, atawa hal-hal gaibna. (Baca Jabur 11:5, NW.) Kumaha supaya urang bisa bijaksana dina milih hiburan?

Lamun urang milih babaturan nu nyaah ka Yéhuwa, maranéhna téh bisa méré pangaruh nu alus ka urang sarta ngabantu urang bijaksana dina milih hiburan. Jiga nu geus pernah urang bahas, lamun urang ”nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter”. Tapi, mun urang gaulna jeung jalma-jalma nu teu nuturkeun patokan hirup ti Allah, urang ”tangtu ancur”.​—Siloka 13:20.

2. Ku naon urang kuduna henteu méakkeun loba teuing waktu pikeun hiburan?

Bisa jadi, hiburan nu dipilih ku urang téh teu dipikangéwa ku Yéhuwa. Najan kitu, urang tetep kudu ati-ati ulah nepi ka méakkeun loba teuing waktu pikeun hiburan. Ku naon? Sabab engké urang jadi teu boga waktu pikeun ngalakukeun hal-hal nu leuwih penting. Ceuk Alkitab, ”Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna.”​—Baca Éfésus 5:15, 16.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha carana supaya urang bisa bijaksana dina milih hiburan.

3. Jauhan hiburan nu goréng

Ku naon urang kudu ati-ati waktu milih hiburan? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon hal nu sarua antara pertandingan gladiator dina jaman baheula jeung hiburan dina jaman ayeuna?

  • Danny meunang palajaran naon ngeunaan hiburan?

Baca Roma 12:9, terus bahas:

  • Sanggeus maca ayat ieu, anjeun sakuduna milih hiburan nu jiga kumaha?

Naon waé nu dipikangéwa ku Yéhuwa? Baca Siloka 6:16, 17 (NW) jeung Galatia 5:19-21. Sanggeus maca unggal ayat, bahas:

  • Hal goréng naon waé nu sok aya dina hiburan jaman ayeuna?

 Carana supaya bijaksana dina milih hiburan

Pék pikirkeun:

  • Na aya hal nu teu dipikaresep ku Yéhuwa dina hiburan ieu?

  • Na abdi jadi teu boga waktu pikeun ngagawékeun hal-hal nu penting?

  • Na abdi jadi sering gaul jeung jalma nu teu nyaah ka Yéhuwa?

Mun hayang aman, urang kudu ngajauhan bahaya. Éta sababna, urang kudu ngajauhan hiburan nu bisa méré pangaruh goréng ka urang

4. Sing bijaksana ngagunakeun waktu

Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Sadérék dina vidéo ieu mémang teu ningalian hal nu goréng, tapi naon nu jadi masalah?

Baca Filipi 1:10, terus bahas:

  • Kumaha ayat ieu bisa ngabantu anjeun pikeun mutuskeun sakumaha loba waktu nu rék digunakeun pikeun hiburan?

5. Pilih hiburan nu aya mangpaatna

Mémang, aya sababaraha hiburan nu teu dipikaresep ku Yéhuwa. Tapi, loba kénéh hiburan nu bisa dipilih ku urang jeung nyenangkeun Yéhuwa. Baca Pandita 8:15 jeung Filipi 4:8, terus bahas:

  • Hiburan alus naon nu dipikaresep ku anjeun?

Anjeun bisa bagja sarta milih hiburan nu aya mangpaatna

AYA NU NGOMONG: ”Teu nanaon mun urang ningali hiburan nu aya gelut, tétémbakan, hal cabul, atawa hal gaibna, asal ulah diturutan.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu boga pamikiran jiga kitu?

INTI BAB

Yéhuwa hayang urang bijaksana dina milih hiburan.

Nu geus dibahas

  • Hiburan jiga kumaha nu kudu dijauhan ku urang Kristen?

  • Ku naon urang kudu ngawatesan waktu nu dipaké pikeun hiburan?

  • Na anjeun hayang milih hiburan nu nyenangkeun Yéhuwa? Ku naon?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Saha nu sakuduna mutuskeun hiburan naon nu bakal dipilih ku urang?

”Naha Aya Film, Buku, atawa Lagu nu Dilarang ku Saksi-Saksi Yéhuwa?” (Artikel dina jw.org)

Kumaha supaya anjeun bisa bijaksana dina milih hiburan jeung kagiatan nu dipikaresep ku anjeun?

”Na Hiburan nu Dipilih ku Anjeun téh Aya Mangpaatna?” (Warta Hadé 15 Oktober 2011)

Saurang lalaki ngarobah pilihan hiburanna. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Jadi Bisa Nyingkirkeun Prasangka”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 Pébruari 2010)

Tingali kumaha saurang indung nyieun putusan nu bijaksana ngeunaan hiburan nu aya hal-hal gaibna.

Jauhan Hiburan nu Aya Hal-Hal Gaibna (2:02)