Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 57

Kumaha Mun Anjeun Ngalakukeun Dosa Gedé?

Kumaha Mun Anjeun Ngalakukeun Dosa Gedé?

Urang kabéh nyaah pisan ka Yéhuwa sarta hayang sabisa-bisa ngajauhan hal-hal nu bisa nganyenyeri haté Anjeunna. Najan kitu, urang pasti nyieun kasalahan. Aya kasalahan nu leutik, tapi aya ogé dosa nu gedé. (1 Korintus 6:9, 10) Mun anjeun ngalakukeun dosa gedé, sing inget yén Yéhuwa masih nyaah ka anjeun. Anjeunna gé daék ngahampura sarta nulungan anjeun.

1. Urang kudu kumaha supaya bisa dihampura ku Yéhuwa?

Jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa bakal ngarasa sedih pisan mun maranéhna sadar geus ngalakukeun dosa gedé. Tapi, maranéhna kahibur sabab Yéhuwa jangji, ”Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih.” (Yesaya 1:18) Lamun urang bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura jeung teu nginget-nginget deui kasalahan urang. Naon maksudna tobat? Maksudna, urang bener-bener kaduhung, bajoang teu ngalakukeun dosa éta deui, jeung ménta Yéhuwa ngahampura urang. Geus kitu, urang bakal nyingkirkeun kabéh pikiran jeung kabiasaan goréng nu bisa nyababkeun urang ngalakukeun dosa éta. Urang gé bakal sabisa-bisa nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa.​—Baca Yesaya 55:6, 7.

2. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun para kokolot pikeun mantuan urang?

Ceuk Yéhuwa, lamun urang ngalakukeun dosa gedé, urang kudu ”[ngomong ka] para kokolot sidang jamaah”. (Baca Yakobus 5:14, 15.) Maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa sarta ka domba-Na. Para kokolot geus dilatih supaya bisa mantuan urang nyobat deui jeung Yéhuwa.​—Galatia 6:1.

Kumaha para kokolot mantuan urang? Dua atawa tilu kokolot bakal ngagunakeun ayat-ayat Alkitab pikeun nunjukkeun ku naon tindakan urang téh salah. Maranéhna gé bakal méré naséhat jeung saran nu bisa ngabantu urang supaya teu ngalakukeun dosa éta deui. Terus, para kokolot gé bisa waé mutuskeun, keur sababaraha waktu mah urang teu meunang ngalakukeun sababaraha hal di sidang. Tapi, kumaha mun jalma nu ngalakukeun dosa gedé téh teu tobat-tobat? Para kokolot bakal ngaluarkeun manéhna ti sidang supaya sadérék-sadérék séjén teu kapangaruhan.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha supaya urang bisa leuwih ngahargaan bantuan ti Yéhuwa waktu urang ngalakukeun dosa gedé.

3. Mun ngaku, urang bisa nyobat deui jeung Yéhuwa

Unggal urang ngalakukeun dosa, urang téh nganyenyeri haté Yéhuwa. Jadi, urang perlu ngaku ka Anjeunna. Baca Jabur 32:1-5, terus bahas:

  • Naon mangpaatna mun urang ngaku ka Yéhuwa jeung teu nyumput-nyumputkeun dosa?

Sanggeus ngaku dosa ka Yéhuwa, urang gé bakal leuwih tenang lamun urang ménta bantuan ka para kokolot. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha para kokolot mantuan Canon pikeun balik deui ka Yéhuwa?

Para kokolot téh hayang mantuan urang. Jadi, urang kudu jujur jeung terus terang ka maranéhna. Baca Yakobus 5:16, terus bahas:

  • Lamun urang terus terang ka para kokolot, ku naon maranéhna bakal leuwih gampang mantuan urang?

Kudu ngaku dosa, jujur ka para kokolot, jeung tarima bantuan ti Yéhuwa

4. Dipecatna saurang jalma téh aya mangpaatna

Mun saurang jalma ngalakukeun dosa gedé jeung embung barobah, manéhna geus teu bisa jadi bagian ti sidang. Manéhna bakal dipecat, atawa dikaluarkeun ti sidang. Terus, urang gé moal gaul atawa ngobrol jeung manéhna deui. Baca 1 Korintus 5:6, 11 jeung 2 Yahya 9-11, terus bahas:

  • Jiga adonan roti nu bisa beukah ku karana ragi, kumaha sadérék-sadérék di sidang bisa kapangaruhan lamun gaul jeung jalma anu embung tobat?

Loba jalma nu dipecat téh ahirna balik deui ka sidang. Ku naon? Maranéhna pasti ngarasa remuk haté, tapi maranéhna jadi sadar yén tindakanana téh salah. (Jabur 141:5) Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha Sonja barobah sanggeus dipecat?

Ku naon dipecatna saurang jalma bisa . . .

  • ngamulyakeun ngaran Yéhuwa?

  • nunjukkeun yén Yéhuwa téh adil jeung nyaah ka urang?

5. Yéhuwa bakal ngahampura lamun urang tobat

Isa méré hiji ibarat supaya urang ngarti kumaha parasaan Yéhuwa mun ningali saurang jalma tobat. Baca Lukas 15:1-7, terus bahas:

  • Tina ayat-ayat ieu, anjeun diajar naon ngeunaan Yéhuwa?

Baca Yeheskel 33:11, terus bahas:

  • Naon buktina saurang jalma bener-bener geus tobat?

Jiga pangangon, Yéhuwa téh nyaah pisan ka domba-domba-Na

AYA NU NGOMONG: ”Abdi sieun dipecat mun ngaku dosa ka para kokolot.”

  • Anjeun bakal ngomong naon ka jalma nu ngarasa jiga kitu?

INTI BAB

Mun urang ngalakukeun dosa gedé, tapi urang bener-bener kaduhung jeung bajoang supaya teu ngalakukeun dosa éta deui, Yéhuwa bakal ngahampura urang.

Nu geus dibahas

  • Ku naon urang kudu ngaku dosa ka Yéhuwa?

  • Naon nu kudu urang lakukeun supaya dosa-dosa urang bisa dihampura?

  • Mun urang ngalakukeun dosa gedé, ku naon urang kudu ménta bantuan ka para kokolot?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Tingali kumaha saurang lalaki ngarasakeun welas asih Yéhuwa, saperti nu dicatet dina Yesaya 1:18.

Yéhuwa téh Welas Asih (5:02)

Tingali kumaha urang bisa ngajelaskeun ka batur nu lain Saksi ngeunaan aturan dipecatna saurang jalma.

”Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngajauhan Mantan Anggota Agamana?” (Artikel dina jw.org)

Saurang lalaki nu geus ngajauh ti Yéhuwa ngarasakeun Yéhuwa téh narik manéhna deui. Baca kisahna dina artikel ”Abdi Kudu Balik ka Yéhuwa”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 April 2012)