Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 58

Terus Satia ka Yéhuwa

Terus Satia ka Yéhuwa

Urang Kristen sajati embung sosobatanana jeung Yéhuwa diruksak ku saha waé atawa ku hal naon waé. Pasti anjeun gé ngarasa jiga kitu. Yéhuwa senang lamun anjeun satia. (Baca 1 Babad 28:9.) Naon waé nu bisa nguji kasatiaan anjeun, jeung kumaha supaya anjeun bisa tetep satia ka Yéhuwa?

1. Kumaha batur bisa nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa?

Aya jalma-jalma nu hayang urang eureun ngalayanan Yéhuwa. Misalna, sababaraha jalma nu ninggalkeun bebeneran nyebarkeun kabohongan ngeunaan organisasi Allah pikeun ngalemahkeun iman urang. Jalma-jalma jiga kitu téh disebut jalma murtad. Terus, aya ogé sababaraha pamingpin agama nu nyebarkeun kabohongan ngeunaan urang. Tujuanana supaya sadérék-sadérék nu teu waspada téh ninggalkeun Yéhuwa. Ulah paadu omong jeung jalma-jalma jiga kitu. Ulah maca buku atawa situs Internét maranéhna. Ulah ningali vidéo-vidéo maranéhna. Éta téh bahaya. Isa ngomong kieu ngeunaan jalma-jalma nu hayang nyasabkeun urang, ”Geus keun baé. Maranéhna téh pamingpin lolong. Jadi mun nu lolong nungtun nu lolong, duanana bakal tigebrus kana lombang.”​—Matius 15:14.

Kumaha mun aya dulur saiman nu embung jadi Saksi Yéhuwa deui? Urang pasti sedih pisan, komo mun manéhna deukeut jeung urang. Manéhna bisa waé maksa urang pikeun mutuskeun rék milih manéhna atawa Yéhuwa. Tapi, urang kudu boga tékad pikeun leuwih satia ka Allah tibatan ka saha waé atawa ka naon waé. (Matius 10:37) Jadi, urang bakal nuturkeun paréntah Yéhuwa sarta moal gaul jeung jalma-jalma jiga kitu.​—Baca 1 Korintus 5:11.

2. Pilihan pribadi naon waé nu bisa nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa?

Lamun urang nyaah ka Yéhuwa, urang bakal ngajauhan sagala hal nu aya hubunganana jeung agama palsu. Jadi, urang moal ngagabung jeung hiji organisasi nu aya hubunganana jeung agama palsu. Urang gé moal milih pagawéan atawa ngalakukeun kagiatan nu aya hubunganana jeung agama palsu. Yéhuwa ngingetan urang, ”Hé umat Kuring, geura kaluar ti [Babilon Gedé].”​—Wahyu 18:2, 4.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha anjeun bisa ngajauhan jalma-jalma nu hayang anjeun teu satia ka Yéhuwa. Tingali ogé kumaha anjeun bisa ngabuktikeun kasatiaan anjeun ku cara kaluar ti Babilon Gedé.

3. Ulah katipu ku guru-guru palsu

Urang kudu kumaha mun ngadéngé hal-hal goréng ngeunaan organisasi Yéhuwa? Baca Siloka 14:15, terus bahas:

  • Ku naon urang kudu ati-ati jeung ulah asal percaya kana hal-hal nu didéngé ku urang?

Baca 2 Yahya 10, terus bahas:

  • Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma murtad?

  • Najan urang teu ngobrol langsung jeung jalma-jalma murtad, kumaha urang bisa kapangaruhan ku cara pikir maranéhna?

  • Ceuk anjeun, kira-kira kumaha parasaan Yéhuwa mun urang teterusan ngadéngékeun hal-hal goréng ngeunaan Anjeunna atawa organisasi-Na?

4. Terus satia ka Allah najan aya dulur saiman nu ngalakukeun dosa

Lamun urang nyaho aya dulur saiman nu ngalakukeun dosa gedé, urang boga kawajiban naon? Mangga perhatikeun hiji prinsip tina Hukum Allah ka bangsa Israél dina jaman baheula. Baca Imamat 5:1.

Jiga nu disebutkeun dina ayat ieu, lamun urang nyaho aya nu ngalakukeun dosa gedé, urang kudu méré nyaho para kokolot. Tapi, saacanna leuwih alus lamun urang ngajurung manéhna pikeun ngaku sorangan ka para kokolot. Mun manéhna embung, tah kakara urang nu méré nyaho para kokolot. Éta ngabuktikeun urang satia ka Yéhuwa. Lamun urang ngalakukeun ieu, ku naon urang nunjukkeun kanyaah ka . . .

  • Allah Yéhuwa?

  • dulur saiman nu ngalakukeun dosa?

  • sadérék-sadérék séjén di sidang?

Mun nyaho dulur saiman bakal cilaka, geura tulungan!

5. Kaluar ti Babilon Gedé

Baca Lukas 4:8 jeung Wahyu 18:4, 5, terus jawab pananya-pananya di handap ieu:

  • Na abdi masih sok pipilueun dina acara nu aya hubunganana jeung agama palsu?

  • Na abdi masih ngagabung jeung organisasi nu aya hubunganana jeung agama palsu?

  • Na pagawéan abdi téh ngadukung agama palsu?

  • Na aya hal séjén dina kahirupan abdi nu masih aya hubunganana jeung agama palsu?

  • Mun abdi ngajawab enya keur salah sahiji pananya-pananya tadi, abdi kudu kumaha?

Pék jieun putusan nu teu ngaganggu haté sanubari anjeun jeung bisa nunjukkeun yén anjeun téh satia ka Yéhuwa.

Anjeun bakal kumaha mun aya nu ménta sumbangan keur kagiatan nu aya hubunganana jeung agama palsu?

AYA NU NGOMONG: ”Abdi hayang nyaho naon nu diomongkeun ku jalma murtad ngeunaan Saksi Yéhuwa supaya abdi bisa ngabéla bebeneran.”

  • Ceuk anjeun, na éta téh bijaksana? Ku naon anjeun ngajawab kitu?

INTI BAB

Supaya bisa terus satia ka Yéhuwa, urang teu meunang gaul jeung jalma-jalma nu teu satia ka Anjeunna. Urang gé kudu ngajauhan sagala hal nu aya hubunganana jeung agama palsu.

Nu geus dibahas

  • Ku naon urang sakuduna henteu nongton, maca, atawa ngadéngékeun omongan jalma murtad?

  • Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma nu geus lain Saksi Yéhuwa deui?

  • Kumaha urang bisa nuturkeun paréntah Yéhuwa pikeun kaluar ti agama palsu?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Urang kudu kumaha mun aya nu nyebarkeun kabohongan ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa?

”Naha Sadérék Apal nu Sabenerna?” (Warta Hadé Agustus 2018)

Na pagawéan jeung kagiatan urang masih aya hubunganana jeung Babilon Gedé?

”Tetep Sibuk dina Panungtungan ’Ahir Jaman’” (Warta Hadé Oktober 2019, paragrap 16-18)

Kumaha cara musuh ngalemahkeun iman urang?

Ulah Katipu (9:32)

Saurang pandéta Shinto mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Baca kisahna dina artikel ”Ti Leutik, Abdi Geus Néangan Allah”.

”Alkitab Ngarobah Kahirupan” (Warta Hadé 1 Juli 2011)