Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 59

Anjeun Bisa Satia Najan Dikaniaya

Anjeun Bisa Satia Najan Dikaniaya

Kabéh urang Kristen pasti bakal nyanghareupan tangtangan, atawa malah panganiayaan. Na urang kudu sieun?

1. Ku naon teu anéh lamun urang dikaniaya?

Ceuk Alkitab, ”Saha waé nu hayang ngabdi ka Allah salaku murid Isa Al-Masih bakal dikaniaya ogé.” (2 Timotius 3:12) Baheula, Isa dikaniaya sabab manéhna lain bagian ti dunya Sétan. Ayeuna urang gé lain bagian ti dunya Sétan, jadi teu anéh mun urang dikaniaya ku pamaréntah atawa ku organisasi agama di dunya ieu.​—Yahya 15:18, 19.

2. Kumaha supaya urang siap nyanghareupan panganiayaan?

Urang kudu beuki percaya ka Yéhuwa. Pék sadiakeun waktu unggal poé pikeun ngadoa ka Anjeunna jeung maca Firman-Na. Sing rutin masamoan. Hal-hal ieu bisa méré anjeun kakuatan supaya anjeun wani saupama aya jalma-jalma nu nganiaya, kaasup kulawarga sorangan. Baheula, Rasul Paulus gé sering dikaniaya. Tapi manéhna nulis, ”Yéhuwa panulung kuring, kuring moal sieun.”​—Ibrani 13:6.

Urang gé bisa beuki wani mun terus ngawawar. Waktu ngawawar, urang téh diajar pikeun ngandelkeun Yéhuwa jeung teu sieun ka manusa. (Siloka 29:25) Mun ti ayeuna kénéh urang geus wani ngawawar, engké urang gé moal eureun ngawawar sanajan kagiatan urang dilarang ku pamaréntah.​—1 Tésalonika 2:2.

3. Naon mangpaatna lamun urang tetep satia waktu dikaniaya?

Nya, mémang urang teu resep dikaniaya. Tapi lamun urang tetep satia waktu dikaniaya, iman urang bakal beuki kuat. Urang gé bakal beuki akrab jeung Yéhuwa sabab urang ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa nulungan urang waktu urang geus teu boga kakuatan deui. (Baca Yakobus 1:2-4.) Waktu urang sangsara, Yéhuwa téh sedih. Tapi, Anjeunna senang lamun urang tetep satia. Ceuk Alkitab, ”Lamun aranjeun tetep sabar waktu ngalaman kasangsaraan lantaran ngalampahkeun nu hadé, Allah resep ka aranjeun.” (1 Pétrus 2:20) Yéhuwa bakal ngaberkahan kabéh jalma nu tetep satia. Anjeunna bakal méré kahirupan nu langgeng di dunya anyar. Engké mah moal aya deui nu ngamusuhan urang.​—Matius 24:13.

HAYU NGULIK

Tingali naon nu bisa ngabantu anjeun tetep satia ka Yéhuwa najan dikaniaya, jeung tingali naon berkahna mun anjeun tetep satia.

4. Anjeun bisa tetep satia najan aya tangtangan ti kulawarga

Isa ngarti, kulawarga urang bisa waé teu resep mun urang ngalayanan Yéhuwa. Baca Matius 10:34-36, terus bahas:

  • Naon nu bisa waé kaalaman ku saurang jalma nu milih pikeun ngalayanan Yéhuwa?

Pikeun ningali contona, setél VIDÉO. Terus bahas:

  • Anjeun bakal kumaha mun aya kulawarga atawa babaturan nu ngahalang-halang anjeun pikeun ngalayanan Yéhuwa?

Baca Jabur 27:10 jeung Markus 10:29, 30. Sanggeus maca unggal ayat, bahas:

  • Kumaha ayat ieu bisa ngabantu anjeun waktu aya kulawarga atawa babaturan nu ngahalang-halang anjeun pikeun ngalayanan Yéhuwa?

5. Pék terus ibadah ka Yéhuwa najan dikaniaya

Lamun aya nu ngahalang-halang, urang butuh kawani supaya bisa terus ibadah ka Yéhuwa. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Kumaha conto-conto dina vidéo ieu nguatkeun anjeun?

Baca Kisah 5:27-29 jeung Ibrani 10:24, 25. Sanggeus maca unggal ayat, bahas:

  • Ku naon urang kudu terus ibadah ka Yéhuwa najan pamaréntah ngalarang urang ngawawar jeung masamoan?

6. Yéhuwa bakal ngabantu anjeun pikeun tetep satia

Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya, boh nu kolot boh nu ngora, bisa terus satia ngalayanan Yéhuwa najan maranéhna dikaniaya. Ku naon bisa kitu? Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Naon nu ngabantu sadérék-sadérék dina vidéo ieu pikeun tetep satia?

Baca Roma 8:35, 37-39 jeung Filipi 4:13. Sanggeus maca unggal ayat, bahas:

  • Kumaha ayat ieu ngayakinkeun anjeun yén anjeun bisa satia nyanghareupan kabéh tangtangan?

Baca Matius 5:10-12, terus bahas:

  • Ku naon anjeun bisa bagja najan dikaniaya?

Jutaan Saksi Yéhuwa bisa tetep satia najan aya tangtangan. Anjeun gé pasti bisa!

AYA NU NGOMONG: ”Abdi teu yakin bisa satia mun dikaniaya.”

  • Ayat-ayat mana nu bisa ngayakinkeun jeung nguatkeun jalma-jalma nu ngarasa jiga kitu?

INTI BAB

Yéhuwa bener-bener ngahargaan upaya urang pikeun tetep ngalayanan Anjeunna najan dikaniaya. Ku bantuan Yéhuwa, urang pasti bisa satia!

Nu geus dibahas

  • Ku naon teu anéh mun urang Kristen dikaniaya?

  • Naon nu kudu anjeun lakukeun ti ayeuna kénéh supaya bisa siap nyanghareupan panganiayaan?

  • Naon nu bisa ngayakinkeun anjeun yén anjeun bisa tetep satia nyanghareupan sagala tangtangan?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Saurang budak ngora nyaritakeun kumaha Yéhuwa mantuan manéhna tetep satia waktu dipanjara lantaran tetep nétral.

Tetep Satia Najan Dikaniaya (2:34)

Perhatikeun naon nu ngabantu sapasang salaki pamajikan tetep satia ngalayanan Yéhuwa salila mangtaun-taun najan aya tangtangan.

Ngalayanan Yéhuwa Najan Dilarang (7:11)

Kumaha supaya urang bisa wani nyanghareupan panganiayaan?

”Siapkeun Diri ti Ayeuna pikeun Nyanghareupan Panganiayaan” (Warta Hadé Juli 2019)

Kumaha sakuduna sikep urang waktu aya tangtangan ti kulawarga, jeung kumaha urang bisa nyanghareupanana?

”Bebeneran ’Lain Mawa Karuntutan, Tapi Mawa Pedang’” (Warta Hadé Oktober 2017)