Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 60

Kuatkeun Sosobatan Anjeun jeung Yéhuwa

Kuatkeun Sosobatan Anjeun jeung Yéhuwa

Salila diajar Alkitab, anjeun geus diajar loba hal ngeunaan Yéhuwa. Anjeun jadi nyaah pisan ka Yéhuwa. Anjeun gé meureun geus ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Tapi mun acan, bisa jadi anjeun boga rencana pikeun geura dibaptis. Baptisan téh lain ahir perjalanan anjeun. Anjeun kudu nguatkeun sosobatan anjeun jeung Yéhuwa saumur hirup. Kumaha carana?

1. Ku naon anjeun kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa?

Urang kudu bener-bener upaya pikeun nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Ku naon? ”Ngarah urang teu palid”, maksudna teu ngajauh ti Yéhuwa. (Ibrani 2:1) Kumaha supaya urang bisa terus satia ngalayanan Yéhuwa? Urang kudu sibuk ngawawar jeung néangan loba cara ngarah bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. (Baca Filipi 3:16.) Ngalayanan Yéhuwa téh jalan hirup nu panghadéna!​—Jabur 84:10, NW.

2. Anjeun kudu terus ngalakukeun naon deui?

Najan palajaran Alkitab ieu geus bérés, anjeun bakal terus nempuh perjalanan sabagé urang Kristen. Alkitab nyebutkeun, urang kudu ”maké kapribadian anyar”. (Éfésus 4:23, 24) Mun anjeun terus diajar Firman Allah jeung masamoan, anjeun bakal diajar hal-hal anyar ngeunaan Yéhuwa. Pék terus nyonto sipat-sipat Anjeunna. Salian ti éta, pék terus jieun parobahan supaya anjeun bisa nyenangkeun Yéhuwa.

3. Kumaha Yéhuwa bakal mantuan anjeun?

Ceuk Alkitab, ”Allah . . . bakal nganggeuskeun palatihan aranjeun. Ku bantuan Anjeunna, aranjeun bakal jadi pengkuh, aranjeun bakal jadi kuat, jeung aranjeun bakal nangtung ajeg.” (1 Pétrus 5:10) Urang kabéh bakal meunang gogoda pikeun ngalakukeun nu salah. Tapi, Yéhuwa bakal méré kakuatan supaya urang bisa ngalawan gogoda éta. (Jabur 139:23, 24) Yéhuwa geus jangji bakal méré kahayang jeung kakuatan ka anjeun supaya anjeun bisa satia ka Anjeunna.​—Baca Filipi 2:13.

HAYU NGULIK

Tingali kumaha supaya anjeun bisa terus nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa, sarta tingali kumaha Yéhuwa bakal ngaberkahan anjeun.

4. Terus komunikasi jeung Sobat anjeun

Ayeuna anjeun bisa nyobat jeung Yéhuwa téh lantaran ngadoa jeung diajar Alkitab. Mun anjeun terus ngadoa jeung diajar Alkitab, sosobatan anjeun jeung Yéhuwa bakal beuki kuat.

Baca Jabur 62:8 (NW), terus bahas:

  • Supaya sosobatan anjeun jeung Yéhuwa beuki kuat, anjeun kudu kumaha waktu ngadoa?

Baca Jabur 1:2, terus bahas:

  • Supaya sosobatan anjeun jeung Yéhuwa beuki kuat, anjeun kudu maca Alkitab. Kumaha supaya anjeun bisa meunang leuwih loba mangpaat waktu maca Alkitab?

Kumaha supaya anjeun bisa meunang leuwih loba mangpaat tina palajaran pribadi? Tingali sababaraha saran ieu. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Saran mana nu hayang dituturkeun ku anjeun?

  • Anjeun hayang diajar ngeunaan topik naon waé?

5. Tetepkeun cita-cita rohani

Mun boga cita-cita rohani, anjeun bakal terus nyieun kamajuan. Setél VIDÉO, terus bahas:

  • Cameron meunang mangpaat naon lantaran boga cita-cita rohani?

Teu kabéh jalma bisa pindah ka tempat séjén jeung ngawawar di ditu. Tapi, urang kabéh bisa netepkeun cita-cita rohani nu asup akal. Baca Siloka 21:5, terus pikirkeun cita-cita rohani naon nu hayang anjeun tetepkeun . . .

  • di sidang.

  • dina dines.

Kumaha ayat ieu bisa ngabantu anjeun pikeun ngahontal cita-cita anjeun?

Sababaraha hal nu bisa dijadikeun cita-cita

  • Leuwih laluasa ngungkabkeun parasaan dina doa.

  • Maca sakabéh eusi Alkitab.

  • Kenal ka kabéh dulur saiman di sidang anjeun.

  • Boga palajar Alkitab.

  • Jadi panaratas ékstra atawa panaratas biasa.

  • Lamun anjeun téh sadérék pameget, upayakeun pikeun jadi palayan sidang.

6. Hirup bagja salilana!

Baca Jabur 22:27, terus bahas:

  • Naon nu kudu anjeun lakukeun supaya bisa hirup bagja ti ayeuna nepi ka salilana?

INTI BAB

Pék terus kuatkeun sosobatan anjeun jeung Yéhuwa sarta tetepkeun cita-cita rohani. Ku kituna, anjeun bisa hirup bagja ayeuna jeung salilana!

Nu geus dibahas

  • Ku naon anjeun yakin yén Yéhuwa bakal mantuan anjeun pikeun terus satia?

  • Kumaha anjeun bisa nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa?

  • Kumaha cita-cita rohani bisa ngabantu anjeun nyieun kamajuan?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Mana nu leuwih dihargaan ku Yéhuwa? Hiji tindakan luar biasa nu ngabuktikeun urang satia atawa kasatiaan urang saumur hirup?

Sing Satia Jiga Ibrahim (9:20)

Hamba Yéhuwa nu satia gé bisa kaleungitan kabungah. Kumaha supaya kabungahna bisa balik deui?

Ngarasakeun Deui Kabungah Sanggeus Diajar jeung Ngalenyepan (5:21)

Kumaha anjeun bisa netepkeun jeung ngahontal cita-cita rohani?

”Ngamulyakeun Yéhuwa Ku Cara Netepkeun Cita-Cita Rohani” (Warta Hadé 15 Juli 2004)

Ku naon anjeun kudu jadi urang Kristen nu asak sacara rohani jeung kumaha carana?

”Upayakeun pikeun Leuwih Asak Sacara Rohani—’Poe Agung PANGERAN Geus Deukeut’” (Warta Hadé 15 Méi 2009)