Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Nu Geus Dibahas dina Bagian 3

Nu Geus Dibahas dina Bagian 3

Bahas pananya-pananya ieu bareng jeung Saksi nu ngabantu anjeun diajar Alkitab:

  1. Baca Siloka 27:11.

    • Na anjeun hayang satia ka Yéhuwa? Ku naon?

      (Tingali Bab 34.)

  2. Najan teu aya pituduh nu jelas tina Alkitab, kumaha anjeun bisa tetep nyieun putusan nu bijaksana?

    (Tingali Bab 35.)

  3. Kumaha anjeun bisa jujur dina sagala hal?

    (Tingali Bab 36.)

  4. Baca Matius 6:33.

    • Waktu digawé jeung ngagunakeun duit, kumaha anjeun bisa terus ”ngutamakeun Pamaréntahan Allah”?

      (Tingali Bab 37.)

  5. Ku cara naon waé anjeun bisa nunjukkeun ka Yéhuwa yén anjeun ngahargaan kurnia kahirupan?

    (Tingali Bab 38.)

  6. Baca Kisah 15:29.

    • Kumaha anjeun bisa nuturkeun paréntah Yéhuwa ngeunaan getih?

    • Ceuk anjeun, na urang bisa nuturkeun paréntah Yéhuwa ieu?

      (Tingali Bab 39.)

  7. Baca 2 Korintus 7:1.

    • Naon maksudna bersih sacara jasmani jeung sacara moral?

      (Tingali Bab 40.)

  8. Baca 1 Korintus 6:9, 10.

    • Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan séks? Na anjeun satuju kana hal éta?

    • Alkitab méré naséhat naon ngeunaan nginum alkohol?

      (Tingali Bab 41 jeung 43.)

  9. Baca Matius 19:4-6, 9.

    • Kumaha patokan ti Allah ngeunaan perkawinan?

    • Ku naon perkawinan jeung pepegatan téh kudu sah sacara hukum?

      (Tingali Bab 42.)

  10. Parayaan atawa hari raya naon waé nu teu nyenangkeun Yéhuwa, jeung ku naon?

    (Tingali Bab 44.)

  11. Baca Yahya 17:16 jeung Kisah 5:29.

    • Kumaha anjeun bisa tetep nétral?

    • Lamun hukum ti pamaréntah teu sajalan jeung hukum Allah, anjeun bakal kumaha?

      (Tingali Bab 45.)

  12. Baca Markus 12:30.

    • Kumaha carana nunjukkeun kanyaah anjeun ka Yéhuwa?

      (Tingali Bab 46 jeung 47.)