Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Nu Geus Dibahas dina Bagian 4

Nu Geus Dibahas dina Bagian 4

Bahas pananya-pananya ieu bareng jeung Saksi nu ngabantu anjeun diajar Alkitab:

  1. Baca Siloka 13:20.

    • Ku naon urang kudu bijaksana dina milih babaturan?

      (Tingali Bab 48.)

  2. Naséhat Alkitab mana nu bisa ngabantu ­anjeun sabagé . . .

    • salaki atawa pamajikan?

    • kolot atawa budak?

      (Tingali Bab 49 jeung 50.)

  3. Omongan jiga kumaha nu nyenangkeun haté Yéhuwa? Omongan jiga kumaha nu teu dipikaresep ku Anjeunna?

    (Tingali Bab 51.)

  4. Prinsip Alkitab naon nu bisa ngabantu anjeun milih pakéan jeung dangdanan?

    (Tingali Bab 52.)

  5. Kumaha supaya anjeun bisa milih hiburan nu nyenangkeun haté Yéhuwa?

    (Tingali Bab 53.)

  6. Baca Matius 24:45-47.

    • Saha nu dimaksud ku ”palayan nu satia jeung bijaksana” téh?

      (Tingali Bab 54.)

  7. Kumaha anjeun bisa ngagunakeun waktu, tanaga, jeung harta banda pikeun ngadukung sidang?

    (Tingali Bab 55.)

  8. Baca Jabur 133:1.

    • Ku cara naon waé anjeun bisa ngajaga karukunan sidang?

      (Tingali Bab 56.)

  9. Lamun urang ngalakukeun dosa gedé, kumaha urang bisa narima bantuan ti Yéhuwa?

    (Tingali Bab 57.)

  10. Baca 1 Babad 28:9.

    • Waktu aya nu ngahalang-halang anjeun ­pikeun ibadah ka Yéhuwa, kumaha anjeun bisa nunjukkeun yén anjeun ngabakti ka ­Yéhuwa ku sapinuh haté?

    • Supaya bisa satia jeung kaluar ti agama palsu, na aya nu perlu dirobah ku anjeun?

      (Tingali Bab 58.)

  11. Kumaha supaya anjeun siap nyanghareupan panganiayaan?

    (Tingali Bab 59.)

  12. Anjeun boga rencana naon supaya bisa terus nyieun kamajuan sacara rohani?

    (Tingali Bab 60.)