Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Na Abdi Geus Siap?

Na Abdi Geus Siap?

Na Abdi Geus Siap Ngawawar Bareng Dulur-Dulur Saiman?

Anjeun meureun geus siap jadi pawarta nu can dibaptis lamun . . .

  • Rutin diajar Alkitab, ngadoa, jeung datang ka pasamoan.

  • Ngahargaan jeung percaya kana naon nu geus diajarkeun, sarta hayang ngabagikeunana ka batur.

  • Nyaah ka Yéhuwa sarta nyobat jeung jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna.

  • Geus teu pipilueun dina urusan pulitik sarta kaluar tina agama palsu.

  • Nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa sarta hayang jadi Saksi-Saksi Yéhuwa.

Mun anjeun ngarasa geus siap pikeun ngawawar bareng dulur-dulur saiman, nu ngajarkeun Alkitab ka anjeun bakal ngatur supaya anjeun bisa ngabahas hal éta jeung para kokolot.

Na Abdi Geus Siap Dibaptis?

Anjeun meureun geus siap dibaptis lamun . . .

  • Geus jadi pawarta nu can dibaptis.

  • Sering ngawawar.

  • Ngadukung jeung nuturkeun bingbingan ti ”palayan nu satia jeung bijaksana”.​—Matius 24:45-47.

  • Geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa dina doa jeung hayang ngalayanan Anjeunna salilana.

Mun anjeun ngarasa geus siap pikeun dibaptis, nu ngajarkeun Alkitab ka anjeun bakal ngatur supaya anjeun bisa ngabahas hal éta jeung para kokolot.