Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngaramalkeun Hal-Hal nu Can Kajadian

Ngaramalkeun Hal-Hal nu Can Kajadian

Anjeun pernah mikir teu, ka hareupna anjeun jeung kulawarga bakal hirup siga kumaha? Bakal hirup makmur, atawa loba kasusah? Bakal loba nu resep, atawa teu boga batur? Bakal panjang umur, atawa moal? Salila mangabad-abad, loba jalma sok mikirkeun pananya-pananya éta.

Para ahli sok merhatikeun hal-hal nu keur dipikaresep ku jalma-jalma, terus nyieun ramalan ngeunaan hal éta. Mémang, loba ramalanana nu kajadian. Tapi aya ogé nu henteu kajadian, malah mah gagal pisan. Misalna dina taun 1912, Guglielmo Marconi, nu manggihan alat komunikasi sarupa radio, ngaramalkeun hiji hal. Manéhna mikir, engké waktu alat-alat geus teu maraké kabel deui, perang gé moal aya deui. Saurang pagawé ti Pausahaan Rekaman Decca nu nolak grup musik The Beatles dina taun 1962, percaya yén grup musik nu maké gitar mah moal payu.

Jalma-jalma ogé ngagunakeun élmu gaib pikeun ngaramal. Aya nu ménta naséhat ka ahli béntang. Aya ogé nu maca ramalan béntang dina majalah atawa koran. Nu séjénna deui mah ménta naséhat ti tukang ramal nu ngakuna bisa apal ngeunaan kaayaan ka hareup tina kartu ramal, angka-angka, atawa garis dina tapak leungeun.

Di jaman baheula, supaya bisa apal kajadian ka hareupna, jalma-jalma sok tatanya ka para tukang ramal nu ngakuna mah bisa nepikeun informasi ti déwa-déwana. Contona, Raja Kroésus ti Lidia ngirimkeun hadiah nu kacida lobana ka saurang tukang ramal ti Délfi, Yunani. Manéhna hayangeun nyaho, na manéhna bakal unggul ngalawan Raja Korés ti Pérsia, atawa moal. Nabi éta ngomong yén Kroésus bakal ngancurkeun ”hiji karajaan gedé” lamun manéhna ngalawan Korés. Lantaran yakin bakal unggul, Kroésus indit perang. Ari pék karajaan nu ancur téh karajaanana sorangan!

Sanajan ramalan éta teu jelas, ramalan éta tetep bakal kajadian, teu sual karajaan mana nu unggul perang. Kroésus kaleungitan sagalana lantaran percaya kana ramalan nu teu jelas éta. Ari ayeuna kumaha? Naha cara-cara nu digunakeun keur ngaramal ayeuna téh leuwih bisa dipercaya?