Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ramalan Béntang jeung Ramalan Nasib Bisa Dipercaya Kitu?

Ramalan Béntang jeung Ramalan Nasib Bisa Dipercaya Kitu?

RAMALAN BÉNTANG

Ramalan béntang téh élmu nu ngajarkeun yén béntang, bulan, jeung planét-planét téh boga pangaruh kana kahirupan jalma di bumi. Para tukang ramal béntang percaya kapribadian jeung mangsa ka hareup saurang jalma, ditangtukeun ku posisi benda-benda langit waktu maranéhna lahir.

Élmu ngaramal béntang téh geus aya ti jaman karajaan Babilon. Sanajan geus kuno, loba kénéh nu masih percaya. Numutkeun hiji survéi di Amerika Serikat taun 2012, tilu puluh persén jalma percaya ramalan béntang téh ”aya dasar ilmiahna” jeung nu sapuluh persénna deui ngomong ramalan béntang téh ”bener-bener ilmiah”. Naha bener? Henteu. Ieu alesanana.

  • Planét jeung béntang teu aya hubunganana jeung sipat manusa siga pandangan para ahli béntang.

  • Seringna mah nu diramalkeun téh umum pisan, jadi éta bisa kajadian ka saha waé.

  • Ramalan béntang ayeuna téh dumasar kana kapercayaan heubeul nyaéta planét-planét téh ngurilingan bumi. Padahal kanyataanana mah, planét-planét téh ngurilingan panonpoé.

  • Mun sababaraha ahli béntang ngaramalkeun hiji jalma, ramalanana téh sok béda-béda.

  • Zodiak ngajelaskeun sipat saurang jalma dumasar kana tanggal lahirna. Padahal kanyataanana mah jalma-jalma nu tanggal lahirna sarua, henteu boga sipat-sipat nu sarua lantaran tanggal lahir mah teu aya hubunganana jeung sipat saurang jalma. Para ahli béntang ningali sipat jeung kabiasaan jalma téh dumasar kana tanggal lahirna. Lainna manéhna téh goréng sangka ka batur?

RAMALAN NASIB

Ti jaman baheula, jalma-jalma téh sok nanya ka tukang ramal. Aya jalma-jalma nu ngaramal ku cara ningali organ awak tina mayit sasatoan jeung manusa. Aya ogé nu ningalikeun cara hayam macokan béas. Tukang ngaramal séjénna mah ningalikeun bentuk dina daun entéh atawa siki kopi nu geus digiling. Di jaman ayeuna, tukang ramal mah sok ngagunakeun kartu ramal, bola kristal, dadu, atawa barang-barang séjénna pikeun ningali kahirupan saurang jalma ka hareupna. Naha ramalan tina cara-cara éta téh bisa dipercaya? Tangtu henteu. Hayu urang tingali alesanana.

Alesan nu mimiti, ramalanana téh sok béda-béda. Ramalan keur hiji hal téh bisa béda-béda gumantung kana cara ngaramalna. Tapi sanajan carana gé sarua, angger wéh hasilna sok béda-béda. Misalna, saurang jalma diramal ku dua tukang ramal nu maké kartu nu sarua. Sakuduna mah hasil ramalanana téh sarua. Tapi seringna ramalanana téh kalah ka béda-béda.

Loba anu curigaeun kana tujuan jeung cara nu dipaké ku tukang ramal. Sababaraha kritikus nyebutkeun kartu jeung bola kristal téh ngan barang biasa hungkul. Sabenerna maranéhna ngan merhatikeun réaksi jalma-jalma nu diramal. Misalna, tukang ramal nu geus ahli bakal nanyakeun hal-hal nu umum jeung merhatikeun jawaban sarta réaksi jalma nu diramal. Tuluy, si tukang ramal bakal nyieun kasimpulan tina hal-hal nu sabenerna geus disebutkeun ku jalma nu diramal éta. Sanggeus dipercaya ku jalma nu diramal, manéhna bakal ménta bayaran nu gedé.

KUMAHA CEUK ALKITAB?

Jalma-jalma nu percaya kana ramalan béntang jeung ramalan nasib téh yakin mun kahirupan urang ka hareupna téh geus ditangtukeun. Tapi naha ieu bener? Ceuk Alkitab urang bisa milih rék percaya kana hal naon atawa rék ngalakukeun naon. Kahirupan urang ka hareupna téh ditangtukeun ku pilihan urang sorangan.​—Yosua 24:15, KITAB SUCI © LAI 1991.

Alesan séjénna umat Allah nolak ramalan béntang jeung ramalan nasib téh lantaran Allah ngalarang sagala rupa ramalan. Ceuk Alkitab, ”Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraéh. PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh.”​—Pamindo 18:10-12, KITAB SUCI © LAI 1991.