Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bukti Benerna Ramalan Alkitab

Bukti Benerna Ramalan Alkitab

DI IBUKOTA ITALIA, NYAÉTA ROMA, AYA GAPURA ANU SOK DIDATANGAN KU PARA TURIS TI SAKULIAH DUNYA. GAPURA IEU DIBANGUN PIKEUN NGAHARGAAN UNGGULNA SALAH SAHIJI KAISAR ROMA NU PALING DIPIKARESEP KU JALMA-JALMA, NYAÉTA TITUS.

Dina Gapura Titus, aya dua ukiran gedé anu ngagambarkeun sajarah nu kasohor. Tapi, loba jalma teu nyaho sabenerna gapura éta téh aya hubunganana jeung Alkitab. Gapura Titus jadi bukti yén ramalan dina Alkitab pasti ngawujud.

KOTA NU DIPIKAIJID

Dina awal abad kahiji Maséhi, daérah kakawasaan Roma téh nyebar ti Inggris jeung Gaul (atawa Prancis) nepi ka Mesir. Basa éta, Roma téh keur tengtrem jeung makmur pisan. Tapi, aya hiji daérah nu sok jadi masalah keur Roma, nyaéta propinsi Yudéa.

Ceuk informasi ti Encyclopedia of Ancient Rome, ”Siga di Yudéa, aya sababaraha daérah dina kakawasaan Roma nu rahayatna ijid pisan ka Roma. Roma gé ijid pisan ka rahayat di daérah-daérah éta. Urang Yahudi téh teu resep ka pajabat-pajabat asing nu teu paduli kana tradisi maranéhna. Tuluy, keur urang Roma, urang Yahudi téh heuras beuheung. Ku kituna maranéhna teu bisa akur.” Loba urang Yahudi miharep aya pamingpin nu bisa ngusir urang Roma sarta mawa kajayaan deui keur Israél. Tapi dina taun 33 Maséhi, Isa Al-Masih nyebutkeun yén Yérusalém bakal diancurkeun.

Ceuk Isa, ”Sabab bakal datang mangsana musuh-musuh manéh nyieun pager tina kai-kai nu diseukeutan di sakuriling manéh. Maranéhna bakal ngepung jeung nyerang manéh ti unggal juru. Manéh jeung rahayat manéh bakal diancurkeun, rata jeung taneuh. Moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”​—Lukas 19:43, 44.

Murid-murid Isa bisa jadi bingungeun ngadéngé kekecapan Isa ieu. Dua poé sanggeusna waktu keur ningalian bait di Yérusalém, saurang muridna ngomong, ”Guru, tingali! Batu-batu jeung bangunan-bangunanana meni alus pisan!” Mémang sababaraha batu dina bait éta panjangna téh nepi ka 11 méter, lébarna 5 méter, jeung jangkungna 3 méter. Tapi, Isa ngomong, ”Engké bakal aya mangsana, ieu kabéh nu ditingali ku maranéh bakal dirugrugkeun, moal aya hiji-hiji acan batu nu nyusun di luhureun batu séjén.”​—Markus 13:1; Lukas 21:6.

Terus Isa ngomong kieu ka maranéhna, ”Waktu maranéh geus ningali Yérusalém dikepung ku pasukan prajurit, éta tandana Yérusalém téréh diancurkeun. Saha waé nu aya di Yudéa kudu kabur ka pagunungan, nu aya di jero kota kudu kalaluar ti kota, jeung nu aya di pasisian ulah asup ka kota.” (Lukas 21:20, 21) Naha kekecapan Isa ieu téh jadi kanyataan?

ANCURNA KOTA ÉTA

Tilu puluh tilu taun sanggeusna, Yudéa angger kénéh dijajah ku Roma. Tapi dina taun 66 Maséhi, urang Yahudi ngamuk lantaran Gessius Florus nu dipilih Roma pikeun mingpin wilayah Yudéa maok duit tina kotak sumbangan bait. Teu lila, urang Yahudi daratang ka Yérusalém, maéhan para prajurit Roma nu aya di ditu, sarta ngumumkeun yén maranéhna geus merdéka ti Roma.

Kira-kira tilu bulan sanggeusna, 30.000 leuwih pasukan Roma nu dipingpin ku Cestius Gallus, nyerang Yérusalém pikeun ngalawan jalma-jalma nu barontak. Pasukan Roma langsung asup ka kota sarta ngancurkeun témbok luar bait. Tapi maranéhna ujug-ujug mundur. Urang Yahudi nu barontak aratoheun sarta langsung ngudag pasukan Roma. Waktu maranéhna ninggalkeun kota, urang Kristen langsung nuturkeun paringetan ti Isa. Maranéhna ninggalkeun Yérusalém sarta indit ka pagunungan di peuntaseun walungan Yordan.​—Matius 24:15, 16.

Taun hareupna, pasukan Roma nu dipingpin ku Jénderal Véspasian sarta putrana Titus, nyerang Yudéa deui. Tapi, teu lila sanggeus Kaisar Néro maot dina 68 Maséhi, Véspasian balik ka Roma, tuluy dipilih jadi kaisar. Ku kituna Titus ngagantikeun bapana pikeun nyerang Yudéa. Manéhna mawa 60.000 prajurit.

Dina bulan Juni 70 Maséhi, Titus nitah pasukanna nuar tangkal-tangkal di sakurilingeun Yudéa. Tangkal-tangkal éta dipaké pikeun nyieun pager nu tungtungna sareukeut di sakurilingeun Yérusalém. Pager éta panjangna 7 kilométer. Dina bulan Séptémber, pasukan Roma geus ngajarah sarta ngaduruk kota jeung bait. Batu-batuna rugrug sakumaha nu diramalkeun Isa saacanna. (Lukas 19:43, 44) Kira-kira aya 250.000 nepi ka 500.000 jalma paéh di Yérusalém jeung di daérah sakurilingna.

KARAJAAN ÉTA UNGGUL

Dina taun 71 Maséhi, Titus balik deui ka Italia. Rahayat Roma nyambut manéhna bari suka bungah. Sakabéh jalma di éta kota ngarayakeun salah sahiji parayaan kaunggulan panggedéna nu pernah diayakeun di éta kota.

Jalma-jalma tarajub ningali sakitu lobana harta banda nu dipamérkeun di sapanjang jalan di Roma. Maranéhna arolohok ningali kapal-kapal anu dibawa, adegan perang anu dipintonkeun deui, sarta barang-barang jarahan nu dibawa ti bait di Yérusalém.

Dina taun 79 Maséhi Titus jadi raja ngagantikeun Véspasian, bapana. Tapi dua taun sanggeusna, Titus maot. Tuluy adina, nyaéta Domitian, ngagantikeun manéhna. Teu lila, Domitian ngawangun gapura pikeun ngahargaan Titus.

GAPURA ÉTA DI JAMAN AYEUNA

Gapura Titus di Roma

Kiwari, unggal taunna ratusan rébu jalma datang ka Roma pikeun ningali Gapura Titus. Maranéhna tarajubeun. Aya nu ngarasa gapura éta téh karya seni nu luar biasa, nu séjénna hayang ningali gapura éta pikeun ngahargaan kaunggulan Roma, tapi aya ogé nu datang ka ditu pikeun nginget-nginget deui ancurna Yérusalém sarta bait.

Keur nu sok maca Alkitab mah, Gapura Titus téh bisa jadi bukti nu kuat yén nubuat Alkitab bisa dipercaya jeung akurat. Ieu gé bukti yén Alkitab téh mémang diilhamkeun ku Allah.​—2 Pétrus 1:19-21.