Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 2

Puji Yéhuwa dina Pasamoan

Puji Yéhuwa dina Pasamoan

”Abdi . . . bade ngamulyakeun Gusti dina pasamoanana.”​—JAB. 22:22, 23.

KAWIH 59 Puji Huwa Babarengan

NU DIBAHAS *

1. Kumaha parasaan Daud ka Yéhuwa, jeung éta ngajurung manéhna pikeun ngalampahkeun naon?

RAJA DAUD nulis, ”Agung PANGERAN teh, pohara pinujina.” (Jab. 145:3) Manéhna nyaah ka Yéhuwa. Lantaran nyaah, manéhna kajurung pikeun muji Allah ’dina pasamoan’. (Jab. 22:22, 23; 40:6) Sadérék gé tangtu nyaah ka Yéhuwa sarta satuju jeung kekecapan Daud, ”Nun GUSTI, Allah Yakub karuhun abdi, mugi Gusti dimulyakeun salalanggengna!”​—1 Bab. 29:10-13.

2. (a) Kumaha carana urang muji Yéhuwa? (b) Tangtangan naon nu disanghareupan ku sababaraha sadérék, jeung naon nu bakal dibahas ayeuna?

2 Kiwari, hiji cara pikeun muji Yéhuwa nyaéta méré komentar dina pasamoan. Tapi, aya sababaraha sadérék nu bener-bener ngarasa hésé méré komentar. Hayang mah hayang, tapi sieun. Kumaha carana sangkan teu sieun méré komentar? Saran naon waé nu ngabantu urang méré komentar nu ngagedékeun haté? Saacan ngajawab pananya-pananya ieu, urang bahas heula opat alesan penting urang méré komentar dina pasamoan.

ALESAN URANG MÉRÉ KOMENTAR

3-5. (a) Numutkeun Ibrani 13:15, naon alesanana urang méré komentar dina pasamoan? (b) Naha cara urang méré komentar téh kudu sarua jeung batur? Jelaskeun.

3 Yéhuwa masihan urang hak istiméwa pikeun muji Mantenna. (Jab. 119:108) Waktu méré komentar, urang keur ”muji ka Allah, minangka kurban” jeung éta teu bisa diwakilkeun. (Baca Ibrani 13:15.) Naha Yéhuwa ngawajibkeun urang kabéh méré kurban, atawa komentar, nu sarua? Henteu!

4 Yéhuwa apal kasanggupan jeung kaayaan urang téh béda-béda. Mantenna ngahargaan kurban nu bisa disanggakeun ku urang. Pikirkeun rupa-rupa kurban ti bangsa Israil nu kamanah ku Mantenna. Sababaraha urang Israil sanggup ngurbankeun domba atawa embé. Tapi, nu teu mampuh mah meunang ngurbankeun ”japati atawa tikukur dua siki”. Sakirana manéhna teu sanggup méré manuk, Yéhuwa gé narima ”sapersapuluh éfa tipung lemes”. (Ima. 5:7, 11, Terjemahan Dunia Baru) Tipung téh leuwih murah, tapi Yéhuwa tetep ngahargaan kurban éta, salila éta téh ”tipung lemes”.

5 Nepi ka ayeuna gé Allah teu barobah. Waktu urang méré komentar, Mantenna teu miharep urang kabéh pinter nyarita kawas Apolos atawa bisa ngayakinkeun batur kawas Paulus. (Ras. 18:24; 19:8) Yéhuwa miharep urang méré komentar nu panghadéna sakamampuh urang. Pék inget deui randa nu nyumbangkeun duit tambaga dua geblég. Manéhna dihargaan ku Yéhuwa lantaran geus méré nu panghadéna.​—Luk. 21:1-4.

Méré komentar téh mawa mangpaat keur urang jeung keur batur (Tingali paragrap 6-7) *

6. (a) Numutkeun Ibrani 10:24, 25, naon pangaruh komentar batur ka urang? (b) Kumaha carana ngahargaan komentar nu ngagedékeun haté Sadérék?

6 Ku cara méré komentar, urang téh silih gedékeun haté. (Baca Ibrani 10:24, 25.) Urang kabéh resep ngadéngékeun rupa-rupa komentar dina pasamoan. Urang resep ngadéngékeun komentar nu polos ti budak leutik. Urang jadi gedé haté waktu ngarasakeun sumanget ti hiji sadérék nu méré komentar ngeunaan bebeneran nu ditalungtik ku manéhna. Urang gé bungah waktu aya nu ”dikersakeun wani” méré komentar sanajan manéhna éraan atawa kakara diajar basa urang. (1 Tes. 2:2) Kumaha urang bisa ngahargaan upaya maranéhna? Urang bisa langsung nganuhunkeun kana komentarna sanggeus pasamoan. Urang gé bisa ngahargaan maranéhna ku cara méré komentar nu ngagedékeun haté. Jadi, lain urang wungkul nu digedékeun haté téh, batur ogé digedékeun haténa ku urang.​—Rum 1:11, 12.

7. Naon mangpaatna méré komentar?

7 Lamun méré komentar, urang sorangan meunang mangpaat. (Yes. 48:17) Naon waé mangpaatna? Kahiji, lamun niat méré komentar, urang bakal kajurung pikeun bener-bener nyiapkeun bahan pasamoan. Ku kituna, urang jadi leuwih paham kana Firman Allah. Lamun leuwih paham, urang jadi leuwih bisa ngalarapkeun palajaranana. Kadua, urang bakal resep masamoan lantaran urang miluan dina diskusi. Katilu, lantaran méré komentar téh butuh upaya, sababaraha waktu sanggeus pasamoan gé urang tetep inget kana komentar urang.

8-9. (a) Sakumaha nu dijéntrékeun di Malaki 3:16, kumaha parasaan Yéhuwa kana komentar urang? (b) Tangtangan naon nu bisa jadi dirasakeun ku sababaraha sadérék?

8 Waktu ngungkabkeun iman, urang nyenangkeun Yéhuwa. Urang yakin Yéhuwa ngadangukeun komentar urang jeung ngahargaan pisan upaya urang. (Baca Malaki 3:16.) Upaya urang pikeun nyenangkeun Mantenna bakal diberkahan.​—Mal. 3:10.

9 Jelas, aya loba alesan pikeun méré komentar dina pasamoan. Sanajan kitu, aya nu sieun ngacung pikeun méré komentar. Mun Sadérék ngarasa kitu, ulah leutik haté. Hayu urang bahas sababaraha prinsip Alkitab, conto, jeung saran nu ngabantu urang ngarah leuwih sering méré komentar.

CARANA SUPAYA TEU SIEUN DEUI

10. (a) Kalolobaan ti urang ngarasa sieun ngalakukeun naon? (b) Lamun Sadérék sieun méré komentar, bisa jadi sipat naon nu dipiboga ku Sadérék?

10 Naha kakara mikir rék ngacung gé Sadérék geus geumpeur? Mun kitu, Sadérék teu sorangan. Sabenerna, kalolobaan ti urang gé ngarasa sieun waktu méré komentar. Saacan Sadérék bisa ngéléhkeun parasaan sieun ieu, Sadérék kudu apal heula ku naon Sadérék bet sieun. Naha Sadérék sieun poho naon nu rék diomongkeun atawa sieun salah ngomong? Naha Sadérék sieun lamun komentarna teu alus siga batur? Sabenerna, sieun siga kitu téh alus. Éta tandana Sadérék téh rendah haté jeung nganggap batur leuwih hadé. Yéhuwa resep sipat éta. (Jab. 138:6; Pil. 2:3) Tapi, Yéhuwa gé hoyong Sadérék muji Mantenna jeung ngagedékeun haté dulur saiman dina pasamoan. (1 Tes. 5:11) Mantenna nyaah ka Sadérék jeung bakal masihan kawani nu dibutuhkeun.

11. Panginget naon waé tina Alkitab nu bisa ngabantu urang?

11 Perhatikeun sababaraha panginget tina Alkitab. Alkitab nyebutkeun yén kekecapan jeung cara ngomong urang téh osok salah. (Yak. 3:2) Yéhuwa teu miharep urang sampurna, kitu ogé jeung dulur-dulur urang. (Jab. 103:12-14) Dulur-dulur saiman téh kulawarga nu nyaah ka urang. (Mar. 10:29, 30; Yoh. 13:35) Maranéhna maklum lamun komentar urang sakapeung salah atawa balélol.

12-13. Urang diajar naon tina conto Néhémia jeung Yunus?

12 Pikirkeun conto-conto Alkitab nu bisa ngabantu Sadérék teu sieun deui. Misalna Néhémia. Manéhna digawé di istana raja nu gedé kawasana. Néhémia nguyung lantaran manéhna ngadéngé yén témbok jeung gapura kota Yérusalém ancur. (Neh. 1:1-4) Pasti manéhna gé geumpeur basa ditanya ku raja ku naon manéhna katingali nguyung! Néhémia langsung ngadoa terus ngajawab. Hasilna, raja méré loba bantuan keur umat Allah. (Neh. 2:1-8) Conto séjénna téh Yunus. Waktu Yéhuwa nitah manéhna mépélingan urang Ninéwé, Yunus sieun pisan nepi ka kabur ka arah sabalikna. (Yun. 1:1-3) Ku bantuan Yéhuwa, Yunus sanggup ngajalankeun tugasna. Naon nu ditepikeun ku Yunus téh gedé mangpaatna keur urang Ninéwé. (Yun. 3:5-10) Ti Néhémia urang diajar pentingna ngadoa saacan ngajawab. Ti Yunus urang diajar yén Yéhuwa bisa ngabantu urang ngawula Mantenna teu sual sakumaha gedé kasieun urang. Ceuk Sadérék, naha méré komentar di sidang téh sarua héséna jeung nguarkeun warta hukuman ka urang Ninéwé?

13 Saran alus naon nu bisa ngabantu Sadérék méré komentar nu ngagedékeun haté dina pasamoan? Hayu urang bahas sababaraha di antarana.

14. Ku naon urang kudu nyieun persiapan nu hadé, jeung iraha waktuna?

14 Siapkeun unggal bagian pasamoan. Lamun Sadérék nyieun persiapan nu hadé, Sadérék bakal leuwih percaya diri méré komentar. (Sil. 21:5) Tangtu, urang kabéh boga jadwal nu béda-béda pikeun persiapan. Eloise, randa nu umurna 80-an, nyiapkeun palajaran Warta Hadé di awal minggu. Ceuk manéhna, ”Masamoan téh jadi leuwih pikaresepeun lamun urang diajar heula saacanna.” Joy, nu gawéna sapinuh waktu, nyiapkeun Warta Hadé sapoé saacan pasamoan. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi inget kénéh kana palajaranana.” Junior, saurang kokolot jeung panaratas nu sibuk, nyarita, ”Abdi mah leuwih cocog lamun nyiapkeunana ditungtut ti batan nyiapkeun kabéh sakaligus.”

15. Kumaha Sadérék bisa nyieun persiapan nu hadé?

15 Persiapan nu hadé téh kawas kumaha? Saacan diajar, mimitian ku ngadoa nyuhunkeun roh suci ka Yéhuwa. (Luk. 11:13; 1 Yoh. 5:14) Tuluy, sadiakeun sababaraha menit pikeun mariksa jejer, subjejer, gambar, jeung kotak palajaran. Bari diajar unggal paragrap, baca saloba-lobana ayat nu dikutip. Lenyepan bahanna, jeung pikirkeun bener-bener hal-hal nu rék dikomentaran. Leuwih hadé persiapanana, leuwih loba ogé mangpaatna, Sadérék gé bakal leuwih gampang méré komentar.​—2 Kor. 9:6.

16. Bahan éléktronik naon waé nu bisa digunakeun, jeung kumaha cara Sadérék ngagunakeunana?

16 Lamun bisa, paké bahan éléktronik nu aya dina basa Sadérék. Liwat organisasi-Na, Yéhuwa masihan bantuan pikeun nyiapkeun pasamoan. Misalna tina aplikasi JW Library®, urang bisa ngunduh publikasi palajaran kana alat éléktronik urang. Jadi urang bisa diajar, sahenteuna maca atawa ngadéngékeun, bahanna iraha waé jeung di mana waé. Aya nu ngagunakeun aplikasi ieu pikeun diajar pas istirahat di pagawéan atawa di sakola atawa pas keur di perjalanan. Lamun Sadérék hayang ngarisét leuwih jero poko-poko palajaran, gunakeun Watchtower Library jeung PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé.

Iraha Sadérék nyiapkeun bahan pasamoan? (Tingali paragrap 14-16) *

17. (a) Naon alusna nyiapkeun sababaraha komentar? (b) Sadérék bisa diajar naon tina vidéo Jadi Sobat Yéhuwa—Nyiapkeun Komentar?

17 Lamun bisa, siapkeun sababaraha komentar dina unggal palajaran. Ku naon? Lantaran Sadérék can tangtu ditunjuk pas ngacung. Bisa waé Sadérék ngacung babarengan jeung batur, tapi lain Sadérék nu ditunjuk. Sangkan teu liwat waktu, nu mandu bisa jadi ngawatesan lobana komentar ngeunaan hiji hal. Jadi, ulah kasinggung atawa leutik haté lamun Sadérék teu langsung ditunjuk dina awal palajaran. Lamun nyiapkeun sababaraha komentar, Sadérék boga leuwih loba kasempetan. Macakeun ayat Alkitab gé kaasup komentar. Tapi lamun bisa, siapkeun ogé komentar maké kekecapan sorangan. *

18. Ku naon urang kudu méré komentar nu singget?

18 Béré komentar nu singget. Biasana, komentar nu ngagedékeun haté téh nu singget jeung saderhana. Jadi, upayakeun méré komentar nu singget, kurang leuwih 30 detik. (Sil. 10:19; 15:23) Lamun Sadérék geus mangtaun-taun méré komentar, Sadérék bisa jadi tuladan dina méré komentar anu singget. Lamun ngomentaran loba hal nepi ka sababaraha menit, batur bisa leutik haté, ngarasa teu sanggup méré komentar siga Sadérék. Salian ti éta, lamun komentarna singget, leuwih loba nu bisa méré komentar. Hususna lamun Sadérék nu mimiti ditunjuk, béré komentar nu saderhana nu langsung ngajawab pananyana. Ulah ngaborong kabéh katerangan dina paragrap. Sanggeus poko utamana dibahas, Sadérék bisa méré komentar tambahan.​—Tingali kotak ” Naon nu Bisa Dikomentaran?

19. Sadérék bisa ménta bantuan naon ka nu mandu, tapi naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék?

19 Béré nyaho nu mandu paragrap mana nu rék dikomentaran ku Sadérék. Lamun rék siga kitu, béré nyaho nu mandu saacan pasamoan dimimitian. Pas waktuna méré komentar, gancang ngacung sing luhur ngarah katempo ku nu mandu.

20. Kumaha pasamoan diibaratkeun siga botram?

20 Bayangkeun datang ka pasamoan téh siga Sadérék milu botram. Lamun Sadérék diondang dahar ku dulur saiman terus dipénta mawa dahareun nu saderhana, Sadérék rék mawa naon? Sadérék bisa jadi bingung, tapi Sadérék bakal mawa dahareun nu panghadéna nu dipikaresep ku batur. Yéhuwa, Nu Ngondang urang, geus nyadiakeun méja nu pinuh ku dahareun rohani dina pasamoan. (Jab. 23:5; Mat. 24:45) Mantenna bungah lamun urang barang bawa, sanajan saderhana tapi nu panghadéna. Jadi, siapkeun bener-bener jeung béré komentar saloba-lobana. Ku kituna, Sadérék teu saukur dahar di méja Yéhuwa tapi ogé mawa hal-hal nu bisa dibagikeun ka anggota sidang.

KAWIH 2 Yéhuwa, Nami Gusti

^ par. 5 Siga Daud nu nulis jabur, urang kabéh nyaah jeung resep muji Yéhuwa. Urang boga kasempetan nu alus pikeun ngungkabkeun kanyaah urang ka Allah waktu ibadah dina pasamoan. Sanajan kitu, aya nu ngarasa hésé méré komentar dina pasamoan. Mun Sadérék ngarasa kitu, ieu artikel bisa ngabantu Sadérék mariksa ku naon Sadérék sieun jeung carana sangkan teu sieun deui.

^ par. 17 Dina jw.org, tongton vidéo Jadi Sobat Yéhuwa​—Nyiapkeun Komentar. Tingali di bagian PUBLIKASI > VIDÉO > BUDAK LEUTIK.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Para anggota sidang suka bungah rék méré komentar dina palajaran Warta Hadé.

^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Sababaraha anggota sidang nu keur ngacung dina gambar saacanna. Sanajan kaayaanana béda-béda, maranéhna nyadiakeun waktu pikeun persiapan.