Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 7

Sing Lemah Lembut Sangkan Kamanah ku Yéhuwa

Sing Lemah Lembut Sangkan Kamanah ku Yéhuwa

”Téangan Yéhuwa, éh maranéh nu lemah lembut di bumi . . . Sing lemah lembut.”​—SEP. 2:3, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Musa téh jalma nu siga kumaha, jeung naon waé nu dilampahkeun ku manéhna? (b) Naon nu nyababkeun urang kajurung ngamekarkeun sipat lemah lembut?

ALKITAB ngagambarkeun Musa téh jalma nu ”tabeatna rendah manah [”lemah lembut”, NW], taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna”. (Bil. 12:3) Naha ieu hartina manéhna téh lemah, sieun nyieun putusan, jeung borangan? Meureun éta nu kabayang. Tapi, éta teu bener. Musa mah abdi Allah nu tegas, teu sieun nyieun putusan, jeung wanian. Ku bantuan Yéhuwa, manéhna wani ngadep pangawasa Mesir nu gedé kawasana, bisa jadi mingpin kira-kira 3.000.000 jalma ngaliwatan gurun keusik, jeung ngabantu bangsa Israil nalukkeun musuh-musuhna.

2 Urang teu boga tangtangan siga Musa. Tapi, unggal poé urang kudu nyanghareupan jalma atawa kaayaan nu nyababkeun urang hésé lemah lembut. Sanajan kitu, urang kajurung ngamekarkeun sipat ieu lantaran Yéhuwa jangji yén ”anu sarareh budi [”lemah lembut”, NW], tangtu bakal kawaris tanah”. (Jab. 37:11) Naha Sadérék ngarasa geus lemah lembut? Naha aya batur nu pernah ngomong kitu? Saacan ngajawab pananya penting éta, urang kudu nyaho naon hartina lemah lembut.

NAON LEMAH LEMBUT TÉH?

3-4. (a) Sipat lemah lembut téh ibarat naon? (b) Opat sipat naon nu dibutuhkeun pikeun jadi lemah lembut, jeung naon sababna?

3 Sipat lemah lembut téh ibarat lukisan nu éndah. Pikeun nyieun lukisan, tukang lukis ngagabungkeun sababaraha warna nu éndah. Kitu ogé, urang kudu ngagabungkeun sababaraha sipat nu alus pikeun jadi lemah lembut, misalna rendah haté, taat, bageur, jeung teger haté. Ku naon urang butuh sipat-sipat éta pikeun nyenangkeun Yéhuwa? *

4 Ngan nu rendah haté nu bakal taat ka Allah. Allah hoyong urang jadi jalma bageur. (Gal. 5:22; 2 Tim 2:24) Lamun urang ngalakukeun kahoyong Allah, Sétan bakal ngamuk. Jadi, sanajan urang rendah haté jeung bageur, loba jalma di dunya Sétan bakal ngéwa ka urang. (Yoh. 15:18, 19) Ku kituna, urang kudu teger haté pikeun ngalawan Sétan.

5-6. (a) Ku naon Sétan ijid ka jalma nu lemah lembut? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas?

5 Sabalikna ti jalma nu lemah lembut téh jalma nu sombong, nu sok ngumbar amarah, jeung nu teu taat ka Yéhuwa. Éta persis siga Sétan. Teu héran mun manéhna ijid ka jalma nu lemah lembut lantaran jadi katémbong sakumaha jahat manéhna. Sétan ogé kabukti tukang bohong! Ku naon? Lantaran teu sual naon nu diomongkeun jeung dilampahkeun ku Sétan, jalma-jalma nu lemah lembut teu eureun ngawula Yéhuwa.​—Ayub 2:3-5.

6 Dina kaayaan naon jadi lemah lembut téh teu gampang? Jeung ku naon urang kudu terus lemah lembut? Pikeun ngajawabna, urang bakal ngabahas conto ti Musa, tilu urang Ibrani nu ditawan di Babul, jeung Yésus.

DINA KAAYAAN NAON JADI LEMAH LEMBUT TÉH TEU GAMPANG?

7-8. Kumaha réaksi Musa waktu batur teu hormat ka manéhna?

7 Waktu dibéré wewenang: Jalma nu boga wewenang bisa ngarasa hésé pikeun tetep lemah lembut, utamana lamun jalma-jalma nu diawaskeun téh teu hormat atawa hamham kana putusanana. Naha Sadérék pernah ngalaman? Kumaha réaksi Sadérék lamun aya anggota kulawarga nu siga kitu? Perhatikeun naon nu dilampahkeun ku Musa dina kaayaan kitu.

8 Yéhuwa ngalantik Musa jadi pamingpin bangsa Israil jeung nitah manéhna nyatet hukum-hukum nu ngatur bangsa éta. Tangtu Musa dirojong ku Yéhuwa. Sanajan kitu, dulur-dulur Musa sorangan, nyaéta Miryam jeung Harun, ngiritik jeung teu satuju kana putusan Musa milih pamajikan. Lalaki séjén nu ngalaman éta bisa jadi ambek jeung hayang ngabales. Tapi, Musa mah henteu. Manéhna teu gampang kasinggung, malah nyuhunkeun ka Yéhuwa sangkan panyakit lépra Miryam dicageurkeun. (Bil. 12:1-13) Ku naon réaksi Musa siga kitu?

Musa nyuhunkeun ka Yéhuwa sangkan Miryam dicageurkeun (Tingali paragrap 8)

9-10. (a) Yéhuwa ngabantu Musa paham kana hal naon? (b) Kapala kulawarga jeung kokolot bisa diajar naon ti Musa?

9 Musa daék dilatih ku Yéhuwa. Kira-kira 40 taun saacanna waktu masih kénéh jadi anggota karajaan Mesir, Musa teu lemah lembut. Manéhna gancang ambek nepi ka maéhan jalma nu dianggapna teu adil. Musa nyangka Yéhuwa bakal satuju kana tindakanana. Salila 40 taun, Yéhuwa ngabantu Musa paham yén wani wungkul téh teu cukup pikeun mingpin bangsa Israil, manéhna gé kudu lemah lembut. Sangkan jadi lemah lembut, manéhna kudu rendah haté, taat, jeung bageur. Musa ahirna boga sipat-sipat éta jeung jadi pamingpin nu hadé.​—Bud. 2:11, 12; Ras. 7:21-30, 36.

10 Kiwari, kapala kulawarga jeung kokolot kudu nyonto Musa. Waktu aya nu teu hormat, ulah gancang kasinggung. Sing rendah haté ngakukeun yén Sadérék bisa salah. (Pan. 7:9, 20) Sing taat kana pituduh Yéhuwa pikeun ngaréngsékeun masalah jeung sing lemah lembut waktu ngajawab. (Sil. 15:1, NW) Kapala kulawarga jeung kokolot nu siga kitu nyenangkeun Yéhuwa, ngajaga katengtreman, jeung jadi tuladan dina némbongkeun sipat lemah lembut.

11-13. Tilu urang Ibrani méré tuladan naon keur urang?

11 Waktu dikaniaya: Sapanjang sajarah, pangawasa manusa osok nganiaya umat Yéhuwa. Maranéhna nuduh urang ngalakukeun rupa-rupa ”kajahatan”, tapi sabenerna éta téh lantaran urang milih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”. (Ras. 5:29) Urang bisa waé diléléwé, dipanjara, atawa malah digebugan. Ku bantuan Yéhuwa, urang moal ngabales tapi tetep lemah lembut.

12 Perhatikeun tuladan tilu urang Ibrani nu ditawan di Babul, nyaéta Hananya, Misaél, jeung Asaria. * Raja Babul nitah maranéhna sujud ka arca emas nu gedé. Ku cara nu lemah lembut, maranéhna ngajelaskeun ka raja ku naon teu bisa nyembah éta arca. Maranéhna tetep taat ka Allah sanajan diancam ku raja bakal digebruskeun ka pameuleuman nu ngagedur. Yéhuwa langsung nyalametkeun maranéhna, padahal maranéhna teu ngarepkeun hal éta sarta réla narima naon waé nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa. (Dan. 3:1, 8-28) Maranéhna ngabuktikeun yén jalma nu lemah lembut téh bener-bener wani. Raja, ancaman, jeung hukuman naon waé teu bisa ngalemahkeun tékad urang pikeun nyembah mung ka Yéhuwa.​—Bud. 20:4, 5.

13 Waktu kasatiaan urang diuji, kumaha urang bisa nyonto tilu urang Ibrani ieu? Urang rendah haté jeung percaya yén Yéhuwa bakal ngajaga urang. (Jab. 118:6, 7) Ka jalma nu nuduh urang, urang bakal ngajawab ku cara nu lemah lembut jeung sopan. (1 Pet. 3:15, NW) Urang embung ngalampahkeun naon waé nu ngaruksak sosobatan urang jeung Bapa urang.

Waktu aya nu nentang, urang ngajawab ku cara nu sopan (Tingali paragrap 13)

14-15. (a) Urang bisa kumaha lamun keur strés? (b) Numutkeun Yesaya 53:7, 10, ku naon Yésus téh bisa disebut tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut waktu keur strés?

14 Waktu keur strés: Urang kabéh bisa strés ku rupa-rupa alesan. Urang bisa jadi strés waktu keur rék ujian di sakola atawa ngalakukeun tugas di pagawéan. Atawa, ngan mikirkeun rék disuntik atawa dioperasi waé urang geus strés. Waktu keur strés, urang osok hésé lemah lembut. Hal-hal nu biasana mah lain masalah bisa ngajéngkélkeun urang. Urang bisa jadi judes jeung ngomongna kasar. Lamun Sadérék pernah strés, perhatikeun conto Yésus.

15 Dina bulan-bulan panungtungan hirupna di bumi, Yésus ngalaman loba hal nu nyababkeun anjeunna strés. Anjeunna apal bakal dihukum pati jeung disiksa. (Yoh. 3:14, 15; Gal. 3:13) Sababaraha bulan saacan pupus, anjeunna ngomong yén anjeunna téh kacida susahna. (Luk. 12:50) Sababaraha poé saacanna pupus, Yésus ngomong, ”Hate Kami asa lalewang.” Karasa pisan yén Yésus téh rendah haté jeung taat ka Allah waktu anjeunna ngadoa ngabudalkeun parasaanana ka Allah, ”’Ama, mugi eta wanci teh ulah dugi ka narajang ka Abdi’? Padahal pang Kami datang teh sangkan ngalaman eta wanci kasangsaraan. Ama, agungkeun jenengan Ama.” (Yoh. 12:27, 28) Ahirna, kalawan teger, Yésus nyerahkeun diri ka musuh-musuh Allah, nu teungteuingeun nyiksa jeung ngahina anjeunna nepi ka maot. Sanajan keur strés, keur sangsara, Yésus terus ngalampahkeun kahoyong Allah. Tangtuna Yésus téh tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut waktu keur strés!​—Baca Yesaya 53:7, 10.

Yésus téh tuladan panghadéna dina némbongkeun sipat lemah lembut (Tingali paragrap 16-17) *

16-17. (a) Kumaha sobat-sobat Yésus nyababkeun anjeunna jadi hésé lemah lembut? (b) Kumaha urang bisa nyonto Yésus?

16 Dina peuting saacan Yésus pupus, sobat-sobatna nyababkeun anjeunna jadi hésé lemah lembut. Bayangkeun sakumaha strésna Yésus dina peuting éta. Naha anjeunna bakal tetep satia nepi ka maot? Mun teu satia, moal aya manusa nu boga harepan hirup langgeng. (Rum 5:18, 19) Nu leuwih penting, nami Bapana ogé kapangaruhan. (Ayub 2:4) Tapi, waktu keur dahar bareng jeung sobat-sobatna, nyaéta para rasul, maranéhna kalah ka ”parebut omong” ngeunaan ”murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna”. Yésus geus sering mapatahan maranéhna ngeunaan hal ieu, malahan saacan parebut omong gé maranéhna téh kakara dibéjaan! Hébatna, Yésus teu jéngkél. Anjeunna tetep kalem. Ku cara nu bageur tapi tegas, Yésus ngajelaskeun deui sikep nu sakuduna ditémbongkeun ku maranéhna. Tuluy, anjeunna muji maranéhna lantaran geus satia ngabaturan anjeunna.​—Luk. 22:24-28; Yoh. 13:1-5, 12-15.

17 Kumaha réaksi Sadérék lamun ngalaman kaayaan nu sarupa kitu? Urang bisa nyonto Yésus jeung tetep lemah lembut sanajan keur strés. Sing réla taat ka paréntah Yéhuwa, ”Kudu daek silih eledan.” (Kol. 3:13) Urang bakal taat ka paréntah éta lamun inget yén omongan jeung lalampahan urang kabéh bisa ngajéngkélkeun batur. (Sil. 12:18; Yak. 3:2, 5) Upayakeun ogé pikeun muji kahadéan batur.​—Epe. 4:29.

KU NAON URANG KUDU TERUS LEMAH LEMBUT?

18. Kumaha Yéhuwa ngabantu jalma nu lemah lembut pikeun nyieun putusan nu hadé, tapi naon nu kudu dilampahkeun ku urang?

18 Urang bakal nyieun putusan nu leuwih hadé. Waktu kudu nyieun putusan nu hésé, Yéhuwa bakal ngabantu urang nyieun putusan nu hadé. Tapi saratna, urang kudu lemah lembut. Mantenna jangji bakal ngadangu panyambatna jalma nu lemah lembut. (Jab. 10:17, NW) Mantenna teu ngan saukur ngadangu paménta urang. Alkitab jangji, ”Nu rarendah hate [”lemah lembut”, NW] ku Mantenna dituyun kana jalan bener, diwulang sina terang kana pangersa-Na.” (Jab. 25:9) Yéhuwa nyadiakeun bingbingan éta dina Alkitab, publikasi, * jeung liwat acara nu dijieun ku ”gandek satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45-47) Urang kudu rendah haté ngakukeun yén urang butuh bantuan ku cara diajar bahan-bahan nu disadiakeun ku Yéhuwa sarta réla ngalarapkeunana.

19-21. Musa nyieun kasalahan naon di Kadés? Urang diajar naon tina kajadian ieu?

19 Urang bakal nyingkahan kasalahan. Inget deui Musa. Salila puluhan taun, manéhna lemah lembut jeung kamanah ku Yéhuwa. Tapi, sanggeus bangsa Israil ngumbara salila ampir 40 taun di gurun keusik, Musa gagal némbongkeun sipat lemah lembut. Lanceukna, nu katingalina nyalametkeun nyawana di Mesir, kakara maot tuluy dikuburkeun di Kadés. Harita bangsa Israil kukulutus deui yén maranéhna teu diurus ku Musa. Maranéhna ”gegelendeng” lantaran euweuh cai. Sakitu maranéhna geus ningali Yéhuwa nyieun loba mujijat liwat Musa sarta geus lila dipingpin ku Musa nu bageur, angger wé maranéhna kukulutus. Kukulutusna lain lantaran euweuh cai wungkul, tapi maranéhna ogé saolah-olah nyalahkeun Musa lantaran euweuh cai.​—Bil. 20:1-5, 9-11.

20 Musa ambek jeung kaleungitan sipat lemah lembutna. Yéhuwa maréntahkeun Musa ngomong ka batu cadas, tapi Musa kalah ka ngagorowok ka bangsa Israil jeung ngomong yén manéhna nu bakal nyieun mujijat. Tuluy Musa neunggeul batuna dua kali jeung cor cai ngagolontor. Musa nyieun kasalahan lantaran sombong jeung ambek. (Jab. 106:32, 33) Lantaran sempet teu lemah lembut, Musa teu diidinan asup ka Tanah Perjangjian.​—Bil. 20:12.

21 Tina kajadian ieu, urang diajar hal-hal penting. Kahiji, urang kudu terus ngupayakeun sangkan lemah lembut. Lamun henteu, kasombongan bisa muncul jeung nyababkeun urang ngucapkeun atawa ngalakukeun kasalahan. Kadua, strés bisa ngalemahkeun urang, jadi urang kudu terus lemah lembut dina kaayaan nu hésé.

22-23. (a) Ku naon urang kudu terus ngupayakeun sipat lemah lembut? (b) Naon maksud kekecapan di Sepanya 2:3?

22 Urang bakal ditangtayungan. Teu lila deui, Yéhuwa bakal ngabinasakeun kabéh jalma jahat. Ngan jalma-jalma nu lemah lembut nu tetep aya. Engké bumi bakal bener-bener tengtrem. (Jab. 37:10, 11) Naha Sadérék bakal aya di antara jalma-jalma nu lemah lembut éta? Sadérék bisa lamun ngalampahkeun paménta Yéhuwa nu dicatet ku nabi Sépanya, ”Téangan Yéhuwa, éh maranéh nu lemah lembut di bumi, nu ngajalankeun paréntah-paréntah-Na nu bener. Lampahkeun nu bener, sing lemah lembut. Sugan maranéh disamunikeun dina poéan benduna Yéhuwa.”​—Sep. 2:3, NW.

23 Ku naon disebutkeun, ”Sugan maranéh disamunikeun”? Éta lain hartina Yéhuwa teu sanggup ngalindungan umat-Na nu kamanah jeung dipikanyaah. Tapi, aya nu kudu dilampahkeun ku urang. Urang bisa salamet ti ”poéan benduna Yéhuwa” jeung hirup langgeng lamun urang ayeuna ngupayakeun sangkan lemah lembut sarta kamanah ku Yéhuwa.

KAWIH 120 Nyonto Kristus nu Lemah Lembut

^ par. 5 Urang teu lemah lembut ti barang lahir. Sipat ieu téh kudu dimekarkeun. Urang bisa jadi ngarasa gampang pikeun lemah lembut ka jalma nu bageur, tapi ngarasa hésé lemah lembut ka jalma nu sombong. Artikel ieu bakal ngabahas sababaraha tangtangan dina ngamekarkeun sipat nu alus ieu, nyaéta lemah lembut.

^ par. 3 KATERANGAN TAMBAHAN: Lemah lembut. Jalma nu lemah lembut teu kasar ka batur jeung tetep tenang tur bageur ka jalma nu ngajéngkélkeun. Rendah haté. Jalma nu rendah haté teu sombong atawa adigung. Manéhna nganggap batur leuwih unggul. Lamun ditujukeun ka Yéhuwa, rendah haté téh hartina Mantenna nyaahan jeung welas asih ka jalma nu leuwih handap ti Mantenna.

^ par. 12 Urang Babul ngaganti ngaran tilu urang Ibrani ieu jadi Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo.​—Dan. 1:7.

^ par. 18 Sabagé conto, tingali artikel ”Buatlah Keputusan yang Menghormati Allah” dina Menara Pengawal 15 April 2011.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Yésus tetep lemah lembut waktu mapatahan murid-muridna sanggeus maranéhna parebut omong ngeunaan saha nu pangpunjulna.