Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 8

Ku Naon Urang Kudu Némbongkeun Panghargaan?

Ku Naon Urang Kudu Némbongkeun Panghargaan?

”Aranjeun kudu muji sukur.”​—KOL. 3:15.

KAWIH 46 Hatur Nuhun Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Kumaha saurang Samaria némbongkeun panghargaan ka Yésus lantaran geus dicageurkeun?

AYA sapuluh lalaki nu katerap ku lépra. Maranéhna ngarasa susah jeung euweuh harepan bisa cageur deui. Hiji poé, maranéhna nempo Yésus, Guru nu Agung, ti kajauhan. Maranéhna nyaho Yésus geus nyageurkeun rupa-rupa panyakit. Maranéhna yakin bisa dicageurkeun ku Yésus. Jadi, maranéhna ngagorowok, ”Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!” Ku Yésus, maranéhna dicageurkeun. Tangtu maranéhna nganuhunkeun kana kahadéan Yésus. Tapi, aya saurang nu teu ngan saukur nganuhunkeun dina jero haté, tapi némbongkeun panghargaan * ka Yésus. Lalaki éta, urang Samaria, kajurung pikeun muji ka Allah ku sora nu ”tarik pisan”.​—Luk. 17:12-19.

2-3. (a) Ku naon urang bisa poho némbongkeun panghargaan? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Saperti urang Samaria, urang hayang némbongkeun panghargaan ka saha waé nu hadé ka urang. Tapi sakapeung, urang poho ngahaturkeun nuhun atawa ngungkabkeun panghargaan urang ka batur.

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pentingna némbongkeun panghargaan dina ucap jeung lampah. Urang bakal diajar tina sababaraha tokoh Alkitab nu sok nganuhunkeun jeung nu henteu. Tuluy, urang bakal ngabahas cara-carana némbongkeun panghargaan.

KU NAON URANG KUDU NÉMBONGKEUN PANGHARGAAN?

4-5. Ku naon urang kudu némbongkeun panghargaan?

4 Yéhuwa jadi tuladan dina némbongkeun panghargaan. Salah sahiji carana téh Mantenna masihan ganjaran ka jalma nu nyenangkeun Mantenna. (2 Sam. 22:21; Jab. 13:7; Mat. 10:40, 41) Kitab Suci ogé ngajurung urang pikeun ”nulad ka Mantenna” sabagé putra nu dipikaasih. (Epe. 5:1) Jadi, alesan utama urang némbongkeun panghargaan téh lantaran hayang nulad ka Yéhuwa.

5 Pikirkeun alesan séjén ku naon urang némbongkeun panghargaan ka batur. Panghargaan téh siga dahareun nu ngeunah, éta jadi leuwih ngeunah lamun didahar babarengan. Waktu urang ngarasa dihargaan, urang ngarasa bagja. Tapi, waktu urang némbongkeun panghargaan, urang nyieun batur bagja. Jalma nu dihargaan ku urang ngarasa upayana pikeun mantuan urang, atawa naon nu dibikeun ka urang, aya paédahna. Hasilna, sosobatan urang jeung manéhna jadi beuki raket.

6. Naon sasaruaanana némbongkeun panghargaan jeung aapelan tina emas?

6 Némbongkeun panghargaan téh luhur nilaina. Alkitab nyebutkeun, ”Kecap nu diucapkeun pas dina waktuna téh ibarat aapelan emas dina wadah pérak.” (Sil. 25:11, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Pék bayangkeun sakumaha alusna aapelan emas dina wadah pérak! Éta téh luhur pisan nilaina! Kumaha parasaan Sadérék lamun éta dibikeun ka Sadérék? Tah, némbongkeun panghargaan téh siga kitu, luhur nilaina. Pikirkeun ogé: Aapelan tina emas téh awét, moal ruksak-ruksak. Sarupa kitu, lamun urang némbongkeun panghargaan ka batur, manéhna bakal inget jeung ngahargaan éta sapanjang hirupna.

JALMA-JALMA NU NÉMBONGKEUN PANGHARGAAN

7. Numutkeun Jabur 27: 4, kumaha Daud jeung nu nulis jabur séjénna némbongkeun panghargaan?

7 Loba hamba Allah di jaman baheula némbongkeun panghargaan. Salah sahijina téh Daud. (Baca Jabur 27:4 tina catetan handap.) * Manéhna ngahargaan pisan ibadah nu sajati jeung ngungkabkeunana ku cara-cara nu nyata. Manéhna nyumbangkeun loba harta banda pikeun ngawangun bait. Turunan Asap némbongkeun panghargaanana ku cara nulis jabur, atawa kawih pujian. Dina hiji kawihna, maranéhna ngahaturkeun nuhun ka Allah jeung ngungkabkeun rasa tajubna kana ”kaagungan Gusti” Yéhuwa. (Jab. 75:2) Jelas, Daud jeung turunan Asap hayang némbongkeun panghargaan kana berkah-berkah ti Yéhuwa. Naha kapikir ku Sadérék cara-cara pikeun nyonto maranéhna?

Urang diajar naon tina surat Paulus ka sidang di Rum ngeunaan némbongkeun panghargaan? (Tingali paragrap 8-9) *

8-9. Kumaha Rasul Paulus némbongkeun panghargaan ka dulur-dulur saimanna, jeung naon hasilna?

8 Rasul Paulus némbongkeun panghargaan ka dulur-dulur saimanna liwat ucapanana. Manéhna sering nganuhunkeun ka Allah lantaran geus dibéré dulur-dulur siga maranéhna. Ieu ogé katémbong dina suratna ka maranéhna. Dina Rum 16:1-15, Paulus nyebutkeun ngaran 27 dulur Kristenna. Misalna, Paulus nyebutkeun Priskila jeung Akwila nu ’meh bae tiwas ngabelaan’ manéhna. Tuluy, manéhna nyebutkeun Pébe nu ”kacida tutulungna ka nu sejen”, kaasup ka Paulus. Manéhna muji sadérék-sadérék nu getol jeung dipikanyaah éta.

9 Paulus nyaho maranéhna téh teu sampurna, tapi dina panutup suratna ka urang Rum, Paulus ngan nyebutkeun sipat-sipat alus maranéhna. Pasti maranéhna gedé haté waktu ngadéngé surat Paulus dibacakeun di sidang! Hasilna, sosobatan maranéhna jeung Paulus tangtu beuki raket. Naha Sadérék rutin némbongkeun panghargaan kana hal-hal hadé nu diucapkeun jeung dilakukeun ku anggota sidang?

10. Urang bisa diajar naon tina cara Yésus némbongkeun panghargaan ka murid-muridna?

10 Dina suratna ka sidang-sidang di Asia Leutik, Yésus némbongkeun panghargaan kana hal-hal nu dilampahkeun ku maranéhna. Misalna, anjeunna ngamimitian suratna ka sidang Tiatira ku kekecapan, ”Kami nyaho panggawe maneh. Kami nyaho kanyaah maneh, kasatiaan maneh, pangabdian maneh, jeung kasabaran maneh. Kami nyaho eta kabeh dilakonan ku maneh leuwih ti basa keur anyaran.” (Wahyu 2:19) Yésus teu ngan saukur nyebutkeun kamajuan maranéhna, tapi ogé muji sipat-sipat nu ngajurung maranéhna ngalampahkeun kahadéan. Sanajan Yésus kudu méré naséhat ka sababaraha urang di Tiatira, anjeunna ngamimitian jeung nutup suratna ku hal-hal nu ngagedékeun haté. (Wahyu 2:25-28) Lamun mikirkeun wewenang Yésus sabagé kapala sidang, anjeunna teu kudu nganuhunkeun ka urang. Sanajan kitu, anjeunna tetep némbongkeun panghargaan. Ieu téh conto keur para kokolot!

JALMA-JALMA NU TEU NÉMBONGKEUN PANGHARGAAN

11. Numutkeun Ibrani 12:16, kumaha sikep Ésau kana hal-hal nu suci?

11 Hanjakalna, sababaraha tokoh Alkitab teu némbongkeun panghargaan. Misalna, sanajan Ésau digedékeun ku kolot nu nyaah jeung ngajénan Yéhuwa, manéhna teu ngahargaan hal-hal nu suci. (Baca Ibrani 12:16 tina catetan handap.) * Naon buktina? Ésau gagabah ngajual hak cikalna ka Yakub, adina, demi samangkok bubur. (Kaj. 25:30-34) Ka dieunakeun, Ésau kaduhung pisan. Tapi manéhna teu ngahargaan hakna, jadi manéhna teu boga alesan pikeun kaduhung teu narima berkah sabagé putra cikal.

12-13. Kumaha bangsa Israil teu némbongkeun panghargaan, jeung naon balukarna?

12 Bangsa Israil boga loba alesan pikeun némbongkeun panghargaan. Maranéhna dibébaskeun tina pangbudakan sanggeus Yéhuwa méré Sapuluh Hukuman ka Mesir. Tuluy, Allah nyalametkeun maranéhna ku cara ngalelepkeun pasukan Mesir di Laut Beureum. Urang Israil nganuhunkeun pisan, ku kituna maranéhna ngawihkeun pupujian ka Yéhuwa. Tapi, naha maranéhna terus ngahargaan?

13 Waktu maranéhna nyanghareupan tangtangan nu séjén, saharitaeun maranéhna poho kana kahadéan Yéhuwa. Maranéhna teu némbongkeun panghargaan deui. (Jab. 106:7) Naon buktina? ”Maranehna gegelendeng ka Musa jeung ka Harun.” Sabenerna, maranéhna gegelendeng ka Yéhuwa. (Bud. 16:2, 8) Mantenna kuciwa pisan ka umat-Na nu teu ngahargaan. Tuluy, Mantenna nganubuatkeun yén génerasi éta bakal musna di gurun keusik, iwal ti Yosua jeung Kaléb. (Bil. 14:22-24; 26:65) Ayeuna, hayu urang bahas kumaha carana supaya urang teu nuturkeun conto nu goréng tapi nuturkeun conto nu hadé.

CARA NÉMBONGKEUN PANGHARGAAN KIWARI

14-15. (a) Kumaha pasangan salaki pamajikan bisa silih hargaan? (b) Kumaha indung bapa bisa ngajar budak pikeun némbongkeun panghargaan?

14 Di kulawarga. Sakabéh anggota kulawarga bakal meunang mangpaat lamun maranéhna silih hargaan. Lamun salaki pamajikan leuwih sering némbongkeun panghargaan, maranéhna bakal leuwih raket. Maranéhna ogé bakal leuwih gampang pikeun silih hampura. Salaki nu ngahargaan pamajikanana teu ngan saukur merhatikeun hal-hal hadé nu dilampahkeun jeung diucapkeun pamajikanana, tapi ogé ’muji’ manéhna. (Sil. 31:10, 28) Pamajikan ogé bakal nyebutkeun hal naon waé nu dihargaan ti salakina.

15 Indung bapa, naha Sadérék ngajar budak pikeun némbongkeun panghargaan? Inget yén budak osok nuturkeun ucapan jeung lalampahan Sadérék. Sing jadi tuladan ku cara nganuhunkeun lamun barudak ngalakukeun kahadéan keur Sadérék. Sadérék ogé bisa ngajar budak pikeun ngahaturkeun nuhun lamun aya nu nyieun kahadéan ka manéhna. Jelaskeun ka budak yén nganuhunkeun téh kudu tina jero haté jeung kekecapan manéhna bisa gedé mangpaatna keur batur. Contona, saurang awéwé ngora nu ngaranna Clary ngomong, ”Basa umur 32 taun, Mamah ngadadak kudu ngurus tilu budakna ku sorangan. Pas abdi umur 32 taun, abdi sadar Mamah téh ripuh pisan basa saumur abdi. Jadi, abdi ngomong ka Mamah, abdi ngahargaan pisan pangorbanan Mamah nu geus ngagedékeun abdi jeung adi lanceuk abdi. Kamari ieu, Mamah ngomong kekecapan abdi téh kainget-inget terus. Lamun keur inget, Mamah ngarasa bungah pisan.”

Ajar budak Sadérék pikeun némbongkeun panghargaan (Tingali paragrap 15) *

16. Béré conto yén némbongkeun panghargaan téh bisa ngagedékeun haté batur.

16 Di sidang. Waktu némbongkeun panghargaan ka dulur saiman, urang ngagedékeun haté maranéhna. Contona Jorge, kokolot nu umurna 28 taun jeung gering parna. Geus sabulan manéhna teu bisa masamoan. Sanajan geus bisa masamoan gé, manéhna teu bisa nepikeun bagian di mimbar. Jorge ngomong, ”Abdi teu walakaya jeung teu sanggup ngajalankeun tanggung jawab di sidang. Abdi ngarasa euweuh gunana. Tapi dina hiji pasamoan, saurang sadérék ngomong ka abdi, ’Abdi hayang nganuhunkeun kana tuladan Sadérék keur kulawarga abdi. Abdi sakulawarga resep pisan kana hutbah-hutbah Sadérék salila ieu. Hutbah Sadérék nguatkeun karohanian kulawarga abdi.’ Omongan manéhna mani keuna kana haté, abdi nepi ka hayang ceurik. Kekecapan nu siga kitu nu dibutuhkeun ku abdi.”

17. Numutkeun Kolosa 3:15, kumaha urang bisa némbongkeun panghargaan ka Yéhuwa nu béréhan?

17 Ka Allah urang nu béréhan. Yéhuwa masihan loba kadaharan rohani. Misalna, urang narima loba pituduh alus dina pasamoan, majalah, jeung situs Internét urang. Naha Sadérék pernah ngadéngékeun hutbah, maca artikel, atawa nongton acara JW Broadcasting tuluy mikir, ’Ieu téh pas pisan jang urang’? Kumaha urang bisa némbongkeun panghargaan ka Yéhuwa? (Baca Kolosa 3:15.) Salah sahiji carana nyaéta rutin ngadoa pikeun nganuhunkeun kana kurnia nu hadé ieu.​—Yak. 1:17.

Milu ngabersihan Balé Karajaan téh cara nu hadé pikeun némbongkeun panghargaan (Tingali paragrap 18)

18. Kumaha carana ngahargaan Balé Karajaan urang?

18 Urang ogé némbongkeun panghargaan ka Yéhuwa ku cara ngajaga tempat ibadah urang tetep bersih jeung rapih. Urang mersihan jeung ngarawat Balé Karajaan sacara rutin. Sadérék-sadérék nu maké pakakas audio jeung vidéo ogé ati-ati ngagunakeunana. Lamun urang ngarawat Balé Karajaan ku cara nu bener, éta bakal awét jeung teu kudu loba dioméan. Ku kituna, duitna bisa dipaké keur ngawangun jeung ngoméan Balé Karajaan séjén di sakuliah dunya.

19. Urang diajar naon tina pangalaman saurang pangawas wilayah jeung pamajikanana?

19 Ka sadérék-sadérék nu getol digawé keur urang. Waktu némbongkeun panghargaan, kekecapan urang bisa ngarobah parasaan saurang jalma kana masalah nu keur disanghareupan. Pék perhatikeun pangalaman saurang pangawas wilayah jeung pamajikanana. Sanggeus sapoéan dines dina usum salju, maranéhna leuleus pisan waktu balik ka pamondokan. Sakitu tirisna nepi ka pamajikanana saré bari maké jakét. Isuk-isukna, pamajikanana ngomong ka salakina yén manéhna ngarasa teu sanggup neruskeun tugas ieu. Isuk éta kénéh, datang surat ti kantor cabang nu ditujukeun keur pamajikanana. Eusina téh pujian lantaran manéhna geus tabah dina palayananana. Disebutkeun ogé yén teu gampang pundah-pindah pamondokan unggal minggu. Salakina ngomong, ”Pamajikan abdi digedékeun haténa ku pujian éta. Manéhna geus teu pernah ngomong rék eureun deui. Malahan waktu abdi hayang eureun, manéhna nu nguatkeun abdi.” Pasangan ieu neruskeun palayananana nepi ka ampir 40 taun.

20. Naon nu kudu diupayakeun unggal poé, jeung naon sababna?

20 Mugia unggal poé urang némbongkeun panghargaan nu sapinuh haté dina ucap jeung lampah urang. Éta bisa jadi nu dibutuhkeun ku batur pikeun nyanghareupan masalah di dunya nu jalma-jalmana euweuh panghargaan. Ku cara némbongkeun panghargaan, urang ogé ngawangun sosobatan nu langgeng. Nu pangpentingna, urang nulad ka Bapa urang nu béréhan jeung resep ngahargaan, nyaéta Yéhuwa.

KAWIH 20 Kurnia Tebusan ti Yéhuwa

^ par. 5 Urang diajar naon ti Yéhuwa, Yésus, jeung urang Samaria nu katerap lépra ngeunaan némbongkeun panghargaan? Artikel ieu bakal ngabahas conto-conto éta jeung nu séjénna. Urang gé bakal ngabahas ku naon némbongkeun panghargaan téh penting jeung kumaha cara ngalampahkeunana.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: Ngahargaan hiji jalma atawa barang téh hartina apal yén jalma atawa barang éta luhur nilaina. Kecap ieu ogé aya hubunganana jeung rasa sukur dina jero haté.

^ par. 7 Jabur 27:4 (NW): ”Hiji hal nu disuhunkeun ku abdi ka Yéhuwa, nu dipikahayang ku abdi: Abdi meunang matuh di gedong Yéhuwa saumur hirup, pikeun ningali kahadéan Yéhuwa, pikeun neuteup jeung ngahargaan bait-Na.”

^ par. 11 Ibrani 12:16, (NW): ”Di antara maranéh ulah aya jalma nu cabul atawa jalma nu teu ngahargaan hal-hal nu suci, siga Ésau nu daék nukeurkeun hak-hak cikalna ku dahareun keur sakalieun.”

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Surat Paulus dibacakeun ka sidang di Rum; Akwila, Priskila, Pébe, jeung nu séjénna bungah waktu ngaran maranéhna disebut.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Saurang indung ngajar budakna pikeun némbongkeun panghargaan ka saurang sadérék istri nu geus kolot nu méré tuladan hadé.