Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 10

Naon nu Ngahalangan Abdi Dibaptis?

Naon nu Ngahalangan Abdi Dibaptis?

”Éta pajabat jeung Pilipus lalungsur, terus alancrub ka cai, eta pajabat dibaptis.”​—RAS. 8:38.

KAWIH 52 Ngabaktikeun Diri ka Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Naon waé balukar tina putusan Adam jeung Hawa?

CEUK anjeun, saha nu sakuduna nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng? Waktu Adam jeung Hawa ngadahar buah ti tangkal anu méré pangarti pikeun ngabédakeun nu hadé ti nu goréng, éta ngabuktikeun yén maranéhna teu percaya ka Yéhuwa sarta papakon-Na. Maranéhna milih pikeun netepkeun sorangan naon nu hadé jeung nu goréng. (Kaj. 3:22) Tapi, naon balukarna? Maranéhna megatkeun sosobatan jeung Yéhuwa, kaleungitan kasempetan pikeun hirup langgeng, jeung ngawariskeun dosa sarta maot ka turunanana. (Rum 5:12) Putusan Adam jeung Hawa ngabalukarkeun kasangsaraan.

Sanggeus percaya ka Yésus, pajabat ti Etiopia hayang langsung dibaptis (Tingali paragrap 2-3)

2-3. (a) Naon nu dilakukeun ku hiji pajabat ti Etiopia waktu diwawaran ku Pilipus? (b) Naon waé berkahna lamun urang dibaptis, jeung pananya-pananya naon nu bakal dibahas?

2 Pék bandingkeun tindakan Adam sarta Hawa jeung tindakan hiji pajabat ti Etiopia nu diwawaran ku Pilipus. Pajabat éta ngahargaan pisan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus nepi ka langsung ménta dibaptis. (Ras. 8:34-38) Lamun urang ngabaktikeun diri ka Allah tuluy dibaptis siga pajabat éta, urang ngabuktikeun kalawan jelas yén urang ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa jeung Yésus ka urang. Urang gé némbongkeun yén urang percaya ka Yéhuwa jeung ngaku yén Mantenna wungkul nu bisa nangtukeun naon nu hadé jeung nu goréng.

3 Pék pikirkeun berkahna lamun urang ngawula Yéhuwa! Salah sahijina, urang boga harepan pikeun meunangkeun sakabéh nu dileungitkeun ku Adam jeung Hawa, kaasup kasempetan pikeun hirup langgeng. Dumasar kana iman urang ka Yésus Kristus, Yéhuwa ngahampura kasalahan urang jeung masihan haté sanubari nu bersih. (Mat. 20:28; Ras. 10:43) Urang ogé jadi bagian ti kulawarga hamba-hamba Yéhuwa nu kamanah ku Mantenna. (Yoh. 10:14-16; Rum 8:20, 21) Sanajan berkahna loba, aya kénéh jalma-jalma nu geus diajar ngeunaan Yéhuwa tapi asa-asa nyonto tuladan pajabat ti Etiopia éta. Naon nu bisa jadi ngahalangan maranéhna dibaptis? Jeung kumaha maranéhna bisa nyanghareupan tangtangan éta?

SABABARAHA TANGTANGAN NU NGAHALANGAN

Tangtangan-tangtangan nu bisa ngahalangan sababaraha jalma dibaptis

Teu Percaya Diri (Tingali paragrap 4-5) *

4-5. Tangtangan naon nu disanghareupan ku Avery jeung Hannah?

4 Teu percaya diri. Kolotna Avery téh Saksi Yéhuwa. Bapana katelah sabagé bapa nu nyaahan jeung kokolot sidang nu hadé. Tapi, Avery asa-asa dibaptis. Naon sababna? Ceuk manéhna, ”Abdi sieun teu bisa siga bapa abdi.” Avery ogé ngarasa teu sanggup ngajalankeun tanggung jawab nu bisa jadi ditarima ku manéhna dina mangsa kahareup. ”Abdi sieun mun dititah ngadoa di hareupeun loba jalma, nepikeun hutbah, atawa mandu riungan dines lapangan.”

5 Hannah, nu umurna 18 taun, ngarasa minder pisan. Manéhna digedékeun ku kolot nu ngawula Yéhuwa. Tapi, manéhna teu yakin bisa hirup luyu jeung papakon Yéhuwa. Ku naon? Hannah rendah diri pisan. Sakapeung, Hannah ngarasa sakitu euweuh hargaan nepi ka nganyenyeri awak sorangan, nu ngalantarankeun kaayaanana jadi beuki parah. Ceuk manéhna, ”Abdi tara nyaritakeun kabiasaan abdi ieu ka sasaha, kaasup ka kolot abdi. Sigana mah Yéhuwa moal bakal narima abdi lantaran kalakuan abdi.”

Pangaruh Babaturan (Tingali paragrap 6) *

6. Naon nu ngahalangan Vanessa dibaptis?

6 Pangaruh babaturan. Vanessa, nu umurna 22 taun, ngomong, ”Abdi boga babaturan nu geus akrab ampir sapuluh taun.” Tapi, sobatna ieu teu saiman jeung teu ngadukung cita-cita Vanessa pikeun dibaptis. Vanessa jadi sedih. Ceuk manéhna, ”Abdi teu gampang boga sobat. Mun kudu ngajauhan manéhna, abdi sieun teu boga sobat deui.”

Sieun Gagal (Tingali paragrap 7) *

7. Naon nu dipikasieun ku Makayla, jeung naon sababna?

7 Sieun gagal. Makayla umur lima taun basa lanceukna dipecat. Manéhna ningali sakumaha sedihna indung bapana ku lantaran tindakan lanceukna éta. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi sieun dibaptis. Kumaha lamun abdi nyieun kasalahan tuluy dipecat? Pasti kolot abdi bakal leuwih sedih.”

Sieun Ditentang (Tingali paragrap 8) *

8. Naon nu dipikasieun ku Miles?

8 Sieun ditentang. Bapana Miles jeung indung téréna Saksi Yéhuwa, tapi indung tegesna mah lain. Ceuk Miles, ”Geus 18 taun abdi cicing jeung Mamah. Abdi sieun ngomong ka Mamah rék dibaptis. Abdi geus ningali kumaha réaksi Mamah waktu Bapa jadi Saksi. Abdi sieun jadi aya masalah jeung Mamah.”

CARANA NYANGHAREUPAN TANGTANGAN

9. Anjeun bakal kumaha lamun diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa nu sabar jeung nyaahan?

9 Adam jeung Hawa milih teu ngawula Yéhuwa lantaran teu ngamekarkeun kanyaah ka Mantenna. Sanajan kitu, Yéhuwa ngidinan maranéhna hirup panjang supaya bisa boga budak. Maranéhna gé meunang netepkeun aturan sorangan pikeun ngagedékeun barudakna. Putusan maranéhna pikeun misah ti Yéhuwa téh salah. Éta kaciri tina balukarna. Anak cikalna maéhan adina nu teu boga salah. Ahirna lolobana jalma jadi telenges jeung mentingkeun diri. (Kaj. 4:8; 6:11-13) Tapi, Yéhuwa boga cara pikeun nyalametkeun sakabéh turunan Adam jeung Hawa nu hayang ngawula Mantenna. (Yoh. 6:38-40, 57, 58) Lamun anjeun diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa nu sabar jeung nyaahan, anjeun gé bakal beuki nyaah ka Mantenna. Anjeun moal bakal nurutan Adam jeung Hawa tapi ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.

Kumaha anjeun bisa nyanghareupan tangtangan-tangtangan éta?

(Tingali paragrap 9-10) *

10. Naon sababna ngalenyepan Jabur 19:8 bisa ngabantu anjeun ngawula Yéhuwa?

10 Terus diajar ngeunaan Yéhuwa. Beuki loba diajar ngeunaan Yéhuwa, anjeun beuki yakin bisa suksés ngawula Mantenna. Avery, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Abdi jadi leuwih percaya diri lantaran maca jeung ngalenyepan jangji di Jabur 19:8.” (Baca.) Waktu Avery ningali kumaha Yéhuwa nedunan jangji-Na, manéhna beuki nyaah ka Allah. Kanyaah téh teu ngan saukur ngawangun kapercayaan diri tapi ogé ngabantu urang ngutamakeun Yéhuwa jeung kahoyong-Na. Hannah, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Ku cara maca jeung diajar Alkitab, abdi jadi sadar lamun abdi nganyenyeri awak sorangan, abdi gé nganyenyeri Yéhuwa.” (1 Pet. 5:7) Ayeuna, Hannah ’ngalampahkeun pangandika Allah’. (Yak. 1:22) Naon hasilna? Manéhna ngomong, ”Waktu abdi ngarasakeun mangpaatna taat ka Yéhuwa, abdi jadi beuki nyaah ka Mantenna. Ayeuna abdi yakin Yéhuwa bakal terus ngabingbing waktu abdi butuh bantuan.” Hannah teu nganyenyeri awakna deui. Ayeuna, manéhna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis.

(Tingali paragrap 11) *

11. Naon nu dilakukeun ku Vanessa pikeun boga sobat nu hadé? Tina hal ieu, urang bisa diajar naon?

11 Sing bijaksana milih sobat. Vanessa, nu tadi disebutkeun, ahirna sadar yén babaturanana nu ngahalangan manéhna ngawula Yéhuwa. Jadi, Vanessa teu nyobat deui jeung manéhna. Tapi teu ngan saukur kitu, Vanessa ogé nyieun upaya pikeun néangan babaturan anyar di sidang. Manéhna nyonto tuladan Nuh jeung kulawargana. Ceuk Vanessa, ”Maranéhna téh dikurilingan ku jalma-jalma nu teu nyaah ka Yéhuwa, tapi kulawargana jadi sobat nu hadé.” Sanggeus dibaptis, Vanessa jadi panaratas. Ayeuna, manéhna ngomong, ”Jadi panaratas téh ngabantu abdi boga sobat, teu ngan saukur di sidang sorangan tapi ogé di sidang séjén.” anjeun ogé bisa nyobat jeung babaturan nu hadé lamun sibuk dina palayanan nu ditugaskeun ku Yéhuwa.​—Mat. 24:14.

(Tingali paragrap 12-15) *

12. Adam jeung Hawa teu boga rasa sieun kana hal naon, jeung naon balukarna?

12 Kudu sieun ka Allah. Urang kudu sieun teu nyenangkeun Yéhuwa. (Jab. 111:10) Lamun Adam jeung Hawa boga rasa sieun kawas kitu, maranéhna moal bakal barontak ka Yéhuwa. Tapi, maranéhna barontak. Sanggeus éta, maranéhna jadi sadar geus nyieun dosa. Ayeuna, maranéhna ngan bisa ngawariskeun dosa jeung maot ka turunanana. Lantaran nyaho geus ngalanggar hukum Allah, maranéhna jadi éra tuluy nutupan awakna nu buligir.​—Kaj. 3:7, 21.

13-14. (a) Luyu jeung 1 Petrus 3:21, ku naon urang teu kudu sieun-sieun teuing kana maot? (b) Naon waé alesanana urang nyaah ka Yéhuwa?

13 Sanajan urang sieun teu nyenangkeun Yéhuwa, urang teu kudu sieun-sieun teuing kana maot. Yéhuwa geus nyadiakeun jalan supaya urang bisa hirup langgeng. Lamun urang nyieun dosa tuluy bener-bener tobat, Yéhuwa bakal ngahampura kasalahan urang. Mantenna ngahampura lantaran iman urang kana korban tebusan Putra-Na. Salah sahiji cara penting pikeun némbongkeun iman téh nyaéta ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis.​—Baca 1 Petrus 3:21.

14 Aya loba alesan pikeun nyaah ka Yéhuwa. Mantenna teu ngan saukur nyadiakeun hal-hal hadé unggal poé tapi ogé ngajarkeun bebeneran ngeunaan diri-Na jeung tujuana-Na. (Yoh. 8:31, 32) Mantenna masihan sidang Kristen pikeun ngabingbing jeung ngadukung urang. Mantenna mantuan urang pikeun tabah nyanghareupan masalah jeung masihan harepan hirup langgeng dina kaayaan nu sampurna. (Jab. 68:20; Wahyu 21:3, 4) Lamun ngalenyepan sakitu loba nu geus dilakukeun ku Yéhuwa lantaran nyaah ka urang, urang beuki nyaah ka Mantenna. Ku kituna, urang jadi boga pandangan nu bener ngeunaan rasa sieun. Urang sieun nganyenyeri Pribadi nu dipikanyaah pisan ku urang.

15. Kumaha Makayla ngaleungitkeun rasa sieunna?

15 Makayla, nu tadi disebutkeun, teu sieun gagal deui waktu manéhna paham Yéhuwa téh jembar hampura. ”Abdi sadar urang kabéh teu sampurna jeung bakal nyieun kasalahan. Tapi, abdi gé jadi ngarti Yéhuwa nyaah ka urang jeung bakal ngahampura dumasar kana tebusan.” Kanyaahna ka Yéhuwa ngajurung manéhna ngabaktikeun diri jeung dibaptis.

(Tingali paragrap 16) *

16. Kumaha Miles jadi teu sieun deui ditentang ku indungna?

16 Miles, nu sieun ditentang ku mamahna, ménta naséhat ka saurang pangawas wilayah. Ceuk Miles, ”Manéhna ogé digedékeun ku kolot nu salah sahijina lain Saksi. Manéhna mantuan abdi mikirkeun carana ngayakinkeun Mamah lamun dibaptis téh putusan abdi sorangan lain dititah ku Bapa.” Indungna Miles teu resepeun. Malahan, Miles ahirna kudu kaluar ti imah, tapi manéhna tetep pengkuh kana putusanana. Ceuk manéhna, ”Abdi kageuing lantaran diajar ngeunaan hal-hal hadé ti Yéhuwa. Waktu abdi ngalenyepan korban tebusan Yésus, abdi sadar sakitu nyaahna Yéhuwa ka abdi. Abdi jadi kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis.”

CEKEL PAGEUH PUTUSAN SADÉRÉK

Urang bisa némbongkeun panghargaan kana naon nu geus dilampahkeun ku Allah ka urang (Tingali paragrap 17)

17. Urang boga kasempetan naon?

17 Waktu Hawa ngadahar buah ti tangkal nu aya di Éden, manéhna barontak ka Bapana nu di sawarga. Waktu Adam mihak ka Hawa, Adam némbongkeun yén manéhna bener-bener teu ngahargaan kabéh hal-hal hadé ti Yéhuwa. Urang kabéh bisa ngabuktikeun yén urang mah teu kitu. Urang ngahargaan sagala hal nu dilampahkeun ku Yéhuwa. Lamun dibaptis, éta hartina urang yakin ngan Yéhuwa nu boga hak pikeun nangtukeun naon nu hadé jeung goréng. Ku kituna, urang ngabuktikeun urang nyaah jeung percaya ka Bapa urang.

18. Kumaha anjeun bisa suksés ngawula Yéhuwa?

18 Tangtangan séjén sanggeus dibaptis téh nyaéta urang kudu hirup luyu jeung papakon Yéhuwa unggal poé, lainna papakon urang. Jutaan jalma geus ngalarapkeun hal ieu. Anjeun bisa siga maranéhna lamun diajar leuwih jero ngeunaan Firman Allah nyaéta Alkitab, campur gaul jeung dulur-dulur saiman, sarta sumanget nyaritakeun sagala hal ngeunaan Bapa urang ka batur. (Ibr. 10:24, 25) Waktu rék nyieun putusan, tuturkeun naséhat Yéhuwa liwat Firman-Na jeung organisasi-Na. (Yes. 30:21) Ku kituna, anjeun bakal suksés.​—Sil. 16:3, 20.

19. Naon nu kudu terus dipikirkeun ku anjeun, jeung naon alesanana?

19 Lamun terus mikirkeun mangpaat bingbingan Yéhuwa, anjeun bakal beuki nyaah ka Mantenna jeung kana papakon-Na. Teu sual naon nu ditawarkeun ku Sétan, anjeun moal kagoda pikeun eureun ngawula Yéhuwa. Bayangkeun hirup anjeun sarébu taun ti ayeuna. Engké mun diinget-inget deui, putusan anjeun pikeun dibaptis téh putusan nu panghadéna!

KAWIH 28 Jadi Sobat Yéhuwa

^ par. 5 Putusan nu pangpentingna dina kahirupan anjeun téh putusan rék dibaptis atawa henteu. Ku naon putusan éta sakitu pentingna? Jawabanana bakal dibahas dina artikel ieu. Artikel ieu ogé bakal ngabantu saha waé pikeun nyanghareupan tangtangan nu ngahalangan maranéhna dibaptis.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Teu percaya diri: Saurang budak ngora sieun méré komentar.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Babaturan: Saurang Saksi ngora éraeun waktu baturna ngaléléwé Saksi Yéhuwa.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Sieun gagal: Waktu lanceukna dipecat jeung kaluar ti imah, saurang awéwé ngora hariwang manéhna gé bisa gagal.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Tentangan: Saurang budak lalaki geumpeur waktu ngadoa di hareupeun indungna nu lain Saksi.

^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Teu percaya diri: Saurang budak ngora leuwih getol diajar Alkitab.

^ par. 67 KATERANGAN GAMBAR: Babaturan: Saurang Saksi ngora diajar reueus jadi Saksi.

^ par. 69 KATERANGAN GAMBAR: Sieun gagal: Saurang awéwé ngora nguatkeun sosobatanana jeung Yéhuwa tuluy dibaptis.

^ par. 71 KATERANGAN GAMBAR: Tentangan: Saurang budak lalaki wani ngajelaskeun kapercayaanana ka indungna.