Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 11

Pék Ngagugu ka Yéhuwa

Pék Ngagugu ka Yéhuwa

”Tah ieu teh Putra Kami . . . Masing ngagugu ka Anjeunna!”​—MAT. 17:5.

KAWIH 89 Regepkeun, Lampahkeun, tur Tarima Berkah

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Kumaha cara Yéhuwa nyarios ka manusa? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

YÉHUWA resep komunikasi jeung urang. Baheula, Mantenna ngagunakeun para nabi, malaikat, jeung Putra-Na, Kristus Yésus, ngarah urang nyaho cara pikir-Na. (Amos 3:7; Gal. 3:19; Wahyu 1:1) Kiwari, Mantenna nyarios ka urang liwat Firman-Na, Alkitab. Alkitab ngabantu urang diajar cara pikir-Na jeung paham kana tindakana-Na.

2 Basa Yésus di bumi, tilu kali Yéhuwa nyarios ti sawarga. Hayu urang bahas naon nu dicarioskeun ku Yéhuwa, naon palajaranana, jeung kumaha carana urang bisa meunang mangpaat tina kekecapana-Na.

”HIDEP TEH PUTRA KAASIH KAMI”

3. Dina Markus 1:9-11, naon nu dicarioskeun ku Yéhuwa waktu Yésus dibaptis, jeung tilu hal penting naon nu dijéntrékeun?

3 Markus 1:9-11 nyutat kajadian nu mimiti waktu Yéhuwa nyarios ti sawarga. (Baca.) Mantenna nyarios, ”Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.” Yésus tangtu bungah waktu ngadangu sora Bapana ngomong nyaah ka anjeunna jeung ngayakinkeun yén anjeunna kamanah ku Mantenna. Kekecapan Yéhuwa ngajéntrékeun tilu hal penting ngeunaan Yésus. Kahiji, Yésus téh Putra Allah. Kadua, Yéhuwa nyaah ka Putra-Na. Jeung katilu, Yésus kamanah ku Yéhuwa. Hayu urang pedar hiji-hiji.

4. Waktu Yésus dibaptis, Yésus jadi Putra Allah ku cara nu béda. Naon hartina?

4 ”Hidep teh Putra . . . Kami.” Kekecapan ieu nunjukkeun yén Yésus, Putra nu dipikaasih ku Yéhuwa, boga tugas nu anyar. Saacan datang ka bumi, Yésus geus jadi Putra Allah. Tapi sanggeus dibaptis, anjeunna jadi Putra Allah nu diistrénan ku roh suci jeung boga harepan pikeun balik deui ka sawarga jadi Raja jeung Imam Agung. (Luk. 1:31-33; Ibr. 1:8, 9; 2:17) Éta sababna waktu Yésus dibaptis, Allah nyarios, ”Hidep teh putra . . . Ama.”​—Luk. 3:22.

Urang bakal maju rohani lamun dipuji jeung digedékeun haténa (Tingali paragrap 5) *

5. Kumaha carana nyonto Yéhuwa dina némbongkeun kanyaah jeung ngagedékeun haté batur?

5 ”Hidep teh . . . kaasih Kami.” Ku kekecapan ieu Yéhuwa ngagedékeun haté Yésus jeung némbongkeun kanyaah-Na. Jadi, urang gé kudu néangan kasempetan pikeun ngagedékeun haté batur. (Yoh. 5:20) Urang kageuing pikeun mekarkeun hal-hal hadé lamun jalma nu dipikanyaah ku urang nyaah jeung muji lalampahan hadé urang. Kitu ogé, dulur-dulur saiman di sidang jeung anggota kulawarga urang butuh dipikanyaah jeung digedékeun haténa. Lamun dipuji, iman jeung kasatiaan maranéhna ka Yéhuwa bakal beuki kuat. Kolot hususna kudu ngagedékeun haté budak. Kolot nu méré pujian tina haté jeung nyaah ka budakna bakal ngabantu budakna jadi jalma nu leuwih hadé.

6. Ku naon urang bisa yakin ka Yésus Kristus?

6 ”Anu kamanah ku Kami.” Kekecapan ieu némbongkeun yén Yéhuwa yakin Yésus bakal satia ngalampahkeun kahoyong Bapana. Yéhuwa yakin pisan ka Putra-Na. Jadi, urang ogé bisa yakin Yésus bakal ngawujudkeun sakabéh jangji Yéhuwa. (2 Kor. 1:20) Lamun urang mikirkeun tuladan Yésus, tékad urang pikeun diajar ti anjeunna jeung nuturkeun tuladanna jadi beuki kuat. Yéhuwa ogé yakin pisan yén umat-Na, sabagé kelompok, bakal terus diajar ti Putra-Na.​—1 Pet. 2:21.

”MASING NGAGUGU KA ANJEUNNA!”

7. Numutkeun Mateus 17:1-5, dina kajadian naon Yéhuwa nyarios ti sawarga, jeung naon nu dicarioskeun ku Mantenna?

7 Baca Mateus 17:1-5. Kadua kalina Yéhuwa nyarios ti sawarga téh waktu Yésus ”salin rupi”. Yésus ngajak Pétrus, Yakobus, jeung Yohanes pikeun maturan anjeunna ka gunung. Di dinya, maranéhna nempo titingalian nu luar biasa. Raray Yésus caang ku cahya jeung pakéanana gugurilapan. Tuluy katémbong dua pribadi saperti Musa sarta Élias keur ngobrol jeung Yésus ngeunaan anjeunna nu bakal maot tur dihirupkeun deui. Sanajan tilu rasul éta ”keur sarare”, maranéhna ningali titingalian éta sanggeus bener-bener hudang. (Luk. 9:29-32) Sanggeusna, aya méga turun mayungan maranéhna jeung kadéngé sora tina méga, éta téh sora Allah! Saperti waktu Yésus dibaptis, Yéhuwa ngungkabkeun yén Yésus téh kamanah jeung dipikanyaah ku Mantenna. Mantenna nyarios, ”Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami.” Tapi, ayeuna mah Yéhuwa nambahkeun, ”Masing ngagugu ka Anjeunna!”

8. Naon pangaruhna titingalian salin rupi ka Yésus jeung murid-muridna?

8 Titingalian ieu nunjukkeun kamulyaan jeung kawasa Yésus sabagé Raja Karajaan Allah dina mangsa kahareup. Tangtu, Yésus jadi gedé haté jeung kuat pikeun nyanghareupan siksaan saacan maot. Titingalian éta gé nguatkeun iman murid-muridna. Maranéhna jadi siap nyanghareupan ujian kasatiaan jeung siap ngajalankeun loba tugas kahareupna. Kira-kira 30 taun sanggeusna, Rasul Pétrus nyebutkeun titingalian éta. Ieu ngabuktikeun yén manéhna masih inget pisan kana titingalian éta.​—2 Pet. 1:16-18.

9. Yésus méré naséhat naon ka murid-muridna?

9 ”Masing ngagugu ka Anjeunna!” Yéhuwa ngajéntrékeun yén Mantenna hoyong urang ngadéngékeun jeung taat kana omongan Putra-Na. Naon nu diomongkeun ku Yésus basa di bumi? Anjeunna nyebutkeun loba hal penting! Misalna, anjeunna ngajar murid-muridna pikeun ngawawarkeun warta hadé, jeung terus ngingetan maranéhna pikeun tetep waspada. (Mat. 24:42; 28:19, 20) Anjeunna ogé ngajurung murid-muridna pikeun terus sumanget jeung henteu nyerah. (Luk. 13:24) Yésus nandeskeun pentingna silih pikanyaah, tetep ngahiji, jeung nurut kana paréntah-paréntahna. (Yoh. 15:10, 12, 13) Naséhat Yésus téh gedé pisan mangpaatna! Sakumaha di jaman Yésus, naséhat ieu gé penting pisan kiwari.

10-11. Naon nu ngabuktikeun yén urang ngagugu ka Yésus?

10 Ceuk Yésus, ”Jalmi anu dipimilik ku kaestuan tangtos daekeun ngupingkeun ka Kaula.” (Yoh. 18:37) Urang ”kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura” pikeun némbongkeun yén urang ngagugu ka Yésus. (Kol. 3:13; Luk. 17:3, 4) Salian ti éta, urang gé ngagugu ka anjeunna lamun sumanget ngawawarkeun warta hadé ”boh keur salse, boh keur riweuh”.​—2 Tim. 4:2, Sunda Formal.

11 Ceuk Yésus, ”Domba Kaula mah ngadengekeun kana sora Kaula.” (Yoh. 10:27) Murid-murid Yésus teu ngan saukur ngadéngékeun omongan Yésus tapi ogé ngalarapkeunana. Maranéhna teu ”mikiran teuing kipayah”. (Luk. 21:34) Sabalikna, maranéhna nganggap taat kana paréntah Yésus téh kacida pentingna. Loba dulur urang tabah nyanghareupan rupa-rupa tangtangan nu parah, saperti diserang ku musuh, hirupna malarat, jeung ngalaman musibat alam. Sanajan kitu, maranéhna tetep satia ka Yéhuwa teu sual kumaha kaayaanana. Yésus méré jaminan keur maranéhna, ”Sing saha anu narima jeung ngalampahkeun parentah-parentah Kami, eta tandaning nyaah ka Kami. Sing saha anu nyaah ka Kami, bakal dipikaasih ku Rama.”​—Yoh. 14:21.

Palayanan ngabantu urang terus ngutamakeun Allah jeung ibadah ka Mantenna (Tingali paragrap 12) *

12. Kumaha deui carana urang ngagugu ka Yésus?

12 Aya deui cara séjén nu ngabuktikeun yén urang ngagugu Yésus: urang daék nuturkeun pituduh jalma-jalma anu dilantik pikeun mingpin urang. (Ibr. 13:7, 17) Sababaraha taun katukang, organisasi Yéhuwa geus nyieun loba parobahan, misalna ngeunaan publikasi jeung cara-cara nu anyar pikeun dines, parobahan acara pasamoan tengah minggu, sarta cara ngawangun, ngoméan, jeung ngarawat Balé Karajaan. Urang ngahargaan pisan pituduh ieu nu geus dipikirkeun bener-bener jeung dijieun demi mangpaat urang! Urang yakin Yéhuwa ngaberkahan upaya urang pikeun nuturkeun pituduh anyar ti organisasi.

13. Naon waé mangpaatna ngagugu ka Yésus?

13 Urang meunang mangpaat lamun ngagugu sakabéh pangajaran Yésus. Yésus ngayakinkeun murid-muridna yén pangajaranana bakal nguatkeun maranéhna. Ceuk anjeunna, ”Maraneh bakal ngarasa reureuh. Sabab parentah-parentah Kami mah gampang, sarta momotan ti Kami hampang.” (Mat. 11:28-30) Firman Allah, kaasup opat Injil ngeunaan kahirupan jeung palayanan Yésus, bisa nguatkeun karohanian urang jeung ngabantu urang jadi bijaksana. (Jab. 19:8; 23:3) Yésus nyebutkeun, ”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”​—Luk. 11:28.

’JENENGAN AMA BAKAL DIAGUNGKEUN’

14-15. (a) Numutkeun Yohanes 12:27, 28, iraha Yéhuwa nyarios ti sawarga nu katilu kalina? (b) Naon sababna kekecapan Yéhuwa ngalilipur jeung nguatkeun Yésus?

14 Baca Yohanes 12:27, 28. Injil Yohanes nyatet kajadian katilu waktu Yéhuwa nyarios ti sawarga. Sababaraha poé saacan maot, Yésus keur aya di Yérusalém rék ngarayakeun Paska nu panungtungan pikeun anjeunna. Ceuk anjeunna, ”Hate Kami asa lalewang.” Tuluy anjeunna ngadoa, ”Ama, agungkeun jenengan Ama!” Bapana ngajawab ti sawarga, ”Enggeus ku Ama diagungkeun, jeung rek diagungkeun deui!”

15 Yésus lalewang lantaran boga tanggung jawab gedé pikeun tetep satia ka Yéhuwa. Yésus nyaho yén anjeunna bakal dihukum ku cara nu kejem jeung disiksa nepi ka maotna. (Mat. 26:38) Nu paling penting keur Yésus mah nyaéta nami Bapana diagungkeun. Yésus dituduh ngahina Allah jeung hariwang bisi maotna téh ngagogoréng nami Allah. Tangtu kekecapan Yéhuwa nguatkeun kayakinan Yésus! Anjeunna yakin nami Yéhuwa bakal diagungkeun. Kekecapan Bapana pasti ngalilipur jeung nguatkeun Yésus pikeun tetep tabah nyanghareupan kasusah. Sanajan bisa jadi harita ngan Yésus nu paham maksud Bapana, Yéhuwa mastikeun kekecapana-Na ditulis keur urang.​—Yoh. 12:29, 30.

Yéhuwa bakal ngamulyakeun nami-Na jeung nyalametkeun umat-Na (Tingali paragrap 16) *

16. Ku naon sakapeung urang hariwang nami Yéhuwa digogoréng?

16 Siga Yésus, urang ogé bisa jadi hariwang nami Yéhuwa bakal digogoréng. Saperti anjeunna, bisa waé urang ngalaman kateuadilan. Atawa, meureun urang keuheul ngadéngé carita-carita bohong nu disebarkeun ku musuh urang. Urang jadi hariwang bisi carita-carita éta ngagogoréng nami Yéhuwa jeung organisasi-Na. Dina kaayaan kitu, kekecapan Yéhuwa ka Yésus bisa ngalilipur urang. Urang teu kudu hariwang teuing. Urang yakin ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran [urang] nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus”. (Pil. 4:6, 7) Yéhuwa moal gagal ngamulyakeun nami-Na. Ku Karajaana-Na, Mantenna bakal ngaleungitkeun hal-hal goréng nu dibalukarkeun ku Sétan jeung dunyana ka umat Allah nu satia.​—Jab. 94:22, 23; Yes. 65:17.

MANGPAATNA NGAGUGU KEKECAPAN YÉHUWA KIWARI

17. Numutkeun Yesaya 30:21, kumaha carana Yéhuwa nyarios ka urang kiwari?

17 Yéhuwa masih nyarios ka urang kiwari. (Baca Yesaya 30:21.) Mémang, urang teu bisa ngadéngé langsung Yéhuwa nyarios ti sawarga. Sanajan kitu, Mantenna nulis Firman-Na dina Alkitab pikeun masihan pituduh ka urang. Salian ti éta, roh Yéhuwa ngajurung ”gandek satia” pikeun nyadiakeun kadaharan rohani keur umat-Na. (Luk. 12:42) Loba pisan bahan nu dicitak jeung nu aya dina Internét, kitu ogé jeung publikasi audio tur vidéo!

18. Kumaha kekecapan Yéhuwa nguatkeun iman jeung méré katabahan ka Sadérék?

18 Hayu urang terus pikirkeun kekecapan Yéhuwa ka Putra-Na basa di bumi! Mugia kekecapan Allah, nu ditulis dina Alkitab, ngayakinkeun urang yén Yéhuwa bisa ngadalikeun kaayaan sarta bakal ngaleungitkeun hal-hal goréng nu dibalukarkeun ku Sétan jeung dunyana nu jahat. Mugia urang ogé boga tékad pikeun bener-bener ngagugu kekecapan Yéhuwa. Lamun éta dilakukeun, urang bakal terus tabah teu sual naon masalah urang ayeuna jeung naon tangtangan nu bakal datang. Alkitab ngélingan urang, ”Sing salabar, supaya bisa ngalakonan pangersa Allah sarta nampa ganjaran anu geus dijangjikeun ku Mantenna.”​—Ibr. 10:36.

KAWIH 4 ’Yéhuwa Pangangon Abdi’

^ par. 5 Waktu Yésus di bumi, tilu kali Yéhuwa nyarios ti sawarga. Dina salah sahijina, Yéhuwa ngajurung murid-murid Kristus pikeun ngagugu ka Putra-Na. Kiwari, Yéhuwa nyarios ka urang liwat Alkitab, kaasup pangajaran Yésus, jeung liwat organisasi-Na. Artikel ieu bakal ngabahas carana urang bisa meunang mangpaat tina ngagugu kekecapan Yéhuwa jeung Yésus.

^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot sidang merhatikeun palayan sidang nu keur ngarawat Balé Karajaan jeung ngurus publikasi. Kokolot éta muji manéhna.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Pasangan salaki pamajikan di Sierra Leone méré ondangan pasamoan ka saurang nalayan.

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Para Saksi di nagri nu ngalarang kagiatan urang keur masamoan di imah pribadi. Maranéhna maké baju nu teu resmi supaya batur teu curiga.