Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

”Amin” Sadérék Dihargaan ku Yéhuwa

”Amin” Sadérék Dihargaan ku Yéhuwa

YÉHUWA ngahargaan ibadah urang. Teu sual sakumaha leutik pujian ti hamba-hamba-Na, éta ”didangukeun” jeung diperhatikeun ku Mantenna. (Mal. 3:16) Misalna, perhatikeun hiji kecap nu sering pisan diucapkeun, nyaéta ”amin”. Naha Yéhuwa ngahargaan kecap nu pondok ieu? Tangtu! Pikeun nyaho alesanana, hayu urang bahas naon hartina kecap ieu jeung kumaha éta digunakeun dina Alkitab.

”UMAT SAKUMNA, ’AMIN!’”

Kecap ”amin” hartina ”sing jadi” atawa ”pasti”. Kecap ieu asalna tina kecap Ibrani nu hartina ”satia” atawa ”bisa dipercaya”. Sakapeung, kecap ieu dipaké dina urusan hukum. Saurang jalma bakal ngomong ”amin” waktu ngucapkeun ikrar pikeun neguhkeun yén omonganana téh bener sarta siap narima balukar nu disebutkeun ku manéhna. (Bil. 5:22) Waktu ngucapkeun ”amin” di hareupeun jalma réa, manéhna leuwih kajurung pikeun nedunan ikrarna.​—Neh. 5:13.

Conto luar biasa ngeunaan kecap ”amin” dicatet dina Pamindo pasal 27. Sanggeus urang Israil asup ka Tanah Perjangjian, maranéhna ngarumpul di antara Gunung Ébal jeung Gunung Gérisim pikeun ngadéngékeun Hukum dibacakeun. Maranéhna teu ngan saukur ngadéngékeun tapi ogé nyebutkeun yén maranéhna narima éta Hukum ku cara ngajawab ”Amin!” sanggeus ngadéngé balukarna lamun ngalanggar hukum. (Pam. 27:15-26) Bayangkeun sakumaha tarikna sora lalaki, awéwé, jeung barudak nu nyebutkeun ”amin”! (Yos. 8:30-35) Maranéhna moal poho kana naon nu diucapkeun poé éta. Sakabéh urang Israil nedunan jangjina. Ceuk Alkitab, ”Sapanjang Yosua jumeneng, urang Israil tetep nyembah ka PANGERAN. Sanggeus dikantun pupus oge, jeung satungtung para pamingpin anu kungsi nyaraksian sagala dadamelan PANGERAN pikeun kabagjaan Israil tea harirup keneh, urang Israil teh tetep kitu.”​—Yos. 24:31.

Yésus ogé nyebutkeun ”amin” pikeun nandeskeun benerna ucapanana, tapi ku cara nu istiméwa. Ti batan ngucapkeun kecap ieu di panungtungan, Yésus nyebutkeun ”amin” (ditarjamahkeun ka basa Sunda jadi ”sing percaya”) di awal kekecapanana. Sakapeung, anjeunna nyebutkeun kecap ieu dua kali jadi ”amin amin”. (Mat. 10:15; Yoh. 1:51, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Jalma-jalma nu ngadéngékeun jadi yakin yén kekecapan anjeunna téh bener pisan. Yésus bisa yakin siga kitu téh lantaran anjeunna boga wewenang pikeun ngawujudkeun sakabéh jangji Allah.​—2 Kor. 1:20; Wahyu 3:14.

”JALMA REA NGUCAPKEUN, ’AMIN,’ SARTA NGAMULYAKEUN KA PANGERAN”

Urang Israil ngucapkeun ”amin” waktu muji atawa ngadoa ka Yéhuwa. (Neh. 8:6; Jab. 41:14) Ku cara nyebutkeun kecap éta sanggeus ngadoa, jalma-jalma némbongkeun yén maranéhna satuju kana doana. Ku kituna, sakabéh nu hadir bisa ulubiung jeung ngarasa resep ibadah ka Yéhuwa. Ieu kajadian waktu Raja Daud mawa Peti Perjangjian Yéhuwa ka Yérusalém. Salila perayaan, doa Daud nu sapinuh haté dikawihkeun. Ieu dicatet di 1 Babad 16:8-36. Kabéh nu hadir kageuing pikeun ”ngucapkeun, ’Amin,’ sarta ngamulyakeun ka PANGERAN”. Maranéhna bungah bisa ibadah ka Yéhuwa babarengan.

Urang Kristen di abad kahiji ogé ngagunakeun kecap ”amin” waktu muji Yéhuwa. Nu nulis Alkitab sering nyebutkeun kecap ieu dina surat maranéhna. (Rum 1:25; 16:27, NW; 1 Pet. 4:11) Buku Wahyu ngagambarkeun mahluk-mahluk roh ngamulyakeun Yéhuwa ku cara ngomong, ”Amin! Puji Allah!” (Wahyu 19:1, 4) Urang Kristen nu mimiti biasana ngucapkeun ”amin” sanggeus ngadoa di pasamoan. (1 Kor. 14:16) Sanajan kitu, éta téh lain kecap nu bisa diucapkeun sakaluarna.

KU NAON ”AMIN” NU DIUCAPKEUN KU SADÉRÉK TÉH PENTING?

Sanggeus diajar kumaha hamba-hamba Yéhuwa ngucapkeun ”amin”, urang nyaho pentingna kecap ieu pikeun nutup doa. Waktu ngucapkeunana dina ahir doa pribadi, urang nunjukkeun yén kekecapan urang téh sapinuh haté. Waktu ngucapkeun ”amin”, sanajan dina jero haté, pikeun doa di hareupeun umum, éta hartina urang satuju kana eusi doana. Perhatikeun alesan séjén ku naon ”amin” téh penting.

Urang merhatikeun doa batur lantaran éta téh bagian tina ibadah. Urang ibadah ka Yéhuwa teu ngan saukur liwat ucapan tapi ogé sikep urang waktu ngadoa. Lantaran hayang ngucapkeun ”amin” sapinuh haté, urang kajurung pikeun ngajaga sikep jeung merhatikeun doa nu ditepikeun.

Urang jadi ngahiji dina ibadah. Waktu doa bareng di pasamoan, kabéh anggota sidang ngahiji lantaran ngadéngékeun doa nu sarua. (Ras. 1:14; 12:5) Waktu urang ngucapkeun ”amin” bareng jeung dulur-dulur saiman, urang beuki ngahiji. Teu sual ku sora nu tarik atawa dina jero haté ngucapkeunana, ”amin” urang bakal ngageuing Yéhuwa pikeun ngamakbul paménta urang.

Waktu ngucapkeun ”amin”, urang milu muji Yéhuwa babarengan

Urang muji Yéhuwa. Yéhuwa merhatikeun sagala hal nu dilampahkeun ku urang pikeun ibadah. (Luk. 21:2, 3) Mantenna ningali hasrat jeung eusi haté urang. Sanajan urang ngadéngékeun pasamoan liwat telepon, urang yakin yén ”amin” urang diperhatikeun ku Yéhuwa. Waktu ngucapkeun ”amin”, urang téh babarengan muji Yéhuwa jeung sadérék-sadérék nu aya di pasamoan.

”Amin” urang téh kacirina mah hal nu leutik, tapi éta lain hal nu sapira. Hiji énsiklopédia Alkitab nyebutkeun, ”Ku hiji kecap ieu,” hamba-hamba Allah bisa ngungkabkeun yén maranéhna ”yakin, satuju pisan, jeung bener-bener ngarepkeun dina haténa.” Mugia unggal ”amin” nu diucapkeun ku urang kamanah ku Yéhuwa.​—Jab. 19:15.