Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 20

Nyadiakeun Panglilipur pikeun Korban Kajahatan Séksual

Nyadiakeun Panglilipur pikeun Korban Kajahatan Séksual

”Rama . . . anu maparin kategeran hate ka manusa. Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger.”​—2 KOR. 1:3, 4.

KAWIH 134 Barudak Kurnia ti Allah

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Naon contona manusa butuh dililipur jeung boga kasanggupan pikeun ngalilipur batur? (b) Naon nu kaalaman ku sababaraha budak?

SABAGÉ manusa, urang butuh dililipur jeung boga kasanggupan pikeun ngalilipur batur. Contona, aya budak leutik nu keur ulin, ari pék téh labuh tuluy tuurna boléksék. Bari ceurik, manéhna langsung néangan Mamah atawa Bapana. Kolotna teu bisa nyageurkeun raheutna, tapi maranéhna bisa ngupahan budakna. Maranéhna nanya ku naon bisa labuh, nyusutan cipanonna, terus budakna diais jeung diupahan. Geus kitu, raheutna diubaran atawa diperban. Teu lila, budak éta répéh malah bisa ulin deui. Lila-lila, raheutna cageur sorangan.

2 Tapi, aya budak nu raheutna parah pisan lantaran ngalaman pelécéhan séksual. Teu sual pelécéhanana ngan sakali atawa salila mangtaun-taun, éta bisa ngalantarankeun raheut émosi nu lila cageurna. Mémang aya jalma nu ngalakukeun pelécéhan nu langsung ditéwak tuluy dihukum. Tapi, aya ogé nu katingalina mah bébas tina hukuman. Sanajan nu ngalakukeunana langsung dihukum, korbanna bisa terus ngarasakeun akibatna nepi ka déwasa.

3. Saperti nu disebutkeun dina 2 Korinta 1:3, 4, naon kahoyong Yéhuwa? Pananya naon waé nu bakal dibahas?

3 Lamun aya sadérék urang nu pernah dilécéhkeun basa keur leutik jeung masih kénéh susah haté nepi ka déwasa, naon nu bisa ngabantu manéhna? (Baca 2 Korinta 1:3, 4.) Tangtu, Yéhuwa hoyong kabutuhan hamba-hamba-Na pikeun dipikanyaah jeung dililipur téh kacumponan. Jadi, hayu urang bahas tilu pananya: (1) Ku naon jalma nu pernah dilécéhkeun basa keur leutik butuh dililipur? (2) Saha nu bisa ngalilipur manéhna? (3) Kumaha cara nu hadé pikeun ngalilipur manéhna?

KU NAON BUTUH DILILIPUR?

4-5. (a) Ku naon urang kudu nyaho yén budak téh béda pisan jeung jalma déwasa? (b) Ku naon budak nu dilécéhkeun jadi hésé percaya ka batur?

4 Jalma déwasa nu keur leutikna pernah dilécéhkeun tetep butuh dililipur sanajan kajadianana geus kaliwat mangtaun-taun. Naon sababna? Ngarah paham, urang kudu nyaho yén budak téh béda pisan jeung jalma déwasa. Lamun budak leutik ngalaman hal goréng, balukarna bisa leuwih parah. Perhatikeun sababaraha contona.

5 Budak leutik téh hayangna mah deukeut jeung percaya ka jalma nu ngagedékeun atawa ngurus manéhna. Ku kituna, manéhna bisa ngarasa reugreug jeung percaya ka jalma nu nyaah ka manéhna. (Jab. 22:10) Hanjakalna, pelécéhan téh seringna mah di imah, sarta nu ngalakukeunana téh anggota kulawarga atawa jalma nu deukeut jeung kulawarga. Ngaruksak kapercayaan budak siga kitu nyababkeun manéhna hésé percaya ka batur, malahan nepi ka mangtaun-taun.

6. Ku naon pelécéhan séksual téh kejem jeung ngaruksak?

6 Budak leutik teu bisa ngalindungan diri. Jadi pelécéhan séksual téh kejem jeung ngaruksak. Nitah budak ngalakukeun tindakan séksual saacan manéhna siap sacara fisik, émosi, atawa méntal téh bener-bener ngaruksak budak. Manéhna bisa boga pandangan nu nyimpang ngeunaan séks, ngarasa teu boga harga diri, atawa hésé percaya ka batur.

7. (a) Ku naon budak leutik gampang dibobodo ku jalma nu rék ngalécéhkeun manéhna, jeung kumaha ngabobodona? (b) Naon balukarna?

7 Budak leutik can bisa mikir siga jalma déwasa nu nyaho kana bahaya jeung nyaho kudu kumaha. (1 Kor. 13:11) Jadi, manéhna gampang dibobodo ku jalma nu rék ngalécéhkeun manéhna. Nu ngalécéhkeun osok ngabohong, misalna ngomong yén budak dilécéhkeun téh lantaran salah sorangan, budak ogé teu meunang bébéja ka sasaha, lamun bébéja gé moal aya nu percaya jeung paduli, atawa ngomong yén tindakan séksual antara jalma déwasa jeung budak leutik téh hal nu biasa pikeun némbongkeun kanyaah. Budak butuh waktu mangtaun-taun pikeun sadar yén éta kabéh teu bener. Nepi ka gedé gé manéhna bakal ngarasa dirina geus ruksak, kotor, jeung teu layak dipikanyaah tur diupahan ku sasaha.

8. Ku naon urang bisa yakin Yéhuwa bakal ngalilipur jalma nu keur sangsara?

8 Jadi, urang paham ku naon pelécéhan séksual bisa nyangsarakeun korbanna salila mangtaun-taun. Éta kajahatan nu kejem pisan! Pelécéhan budak geus sumebar ka mamana. Éta ngabuktikeun yén urang aya di ahir jaman nu jalma-jalmana ”taya karunya”, geus kitu ”anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat”. (2 Tim. 3:1-5, 13) Cara-cara Sétan téh bener-bener kejem. Hanjakal pisan loba jalma nuturkeun cara Sétan. Tapi, Yéhuwa jauh leuwih kuat ti batan Sétan jeung kabéh anu nuturkeunana. Yéhuwa ningali naon nu dilakukeun ku Sétan. Urang yakin Yéhuwa apal pisan kana kasangsaraan urang, jeung bakal ngalilipur urang. Sukur pisan urang bisa ngawula Allah nu jadi sumber panglilipur. ”Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin [urang] ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, [urang] oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.” (2 Kor. 1:3, 4) Tapi, saha nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngalilipur?

SAHA NU BISA NGALILIPUR?

9. Numutkeun kekecapan Raja Daud di Jabur 27:10, naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa ka jalma-jalma nu ditolak ku kulawargana?

9 Nu paling butuh dililipur téh jalma nu teu dilindungan ku kolotna atawa nu dilécéhkeun ku barayana. Nu nulis jabur, Daud, ngarasa nu paling bisa ngalilipur manéhna téh Yéhuwa. (Baca Jabur 27:10.) Daud yakin Yéhuwa bakal narima saha waé nu geus ditolak ku kulawargana. Kumaha carana? Mantenna ngagunakeun hamba-hamba-Na nu satia. Dulur-dulur saiman urang téh kulawarga urang. Yésus ogé ngomong yén saha waé nu nyembah Yéhuwa diaku sabagé adi, lanceuk, jeung indungna.​—Mat. 12:48-50.

10. Kumaha Paulus ngagambarkeun tugasna sabagé kokolot?

10 Naon buktina sidang Kristen saperti kulawarga? Rasul Paulus téh kokolot nu satia jeung enya-enya digawé. Manéhna méré tuladan nu alus jeung diilhamkeun pikeun ngajurung batur nyonto manéhna saperti manéhna geus nyonto Kristus. (1 Kor. 11:1) Perhatikeun kumaha Paulus ngagambarkeun tugasna sabagé kokolot, ”Sim kuring sakitu darehdehna ka aranjeun, mani kawas indung rumawat ka anak.” (1 Tes. 2:7) Kiwari, para kokolot ogé bisa ngagunakeun kekecapan nu lemah lembut waktu ngagunakeun Alkitab pikeun ngalilipur nu ngabutuhkeun.

Sadérék istri nu asak rohani biasana mah bisa ngalilipur ku cara nu hadé (Tingali paragrap 11) *

11. Naha kokolot wungkul nu bisa ngalilipur? Jelaskeun.

11 Naha kokolot wungkul nu bisa ngalilipur korban pelécéhan? Henteu. Urang kabéh boga tanggung jawab pikeun ”silih hatean jeung batur”. (1 Tes. 4:18) Nu hususna bisa ngalilipur sadérék istri téh nyaéta sadérék istri nu asak rohani. Yéhuwa gé nyaruakeun diri-Na jeung indung nu ngupahan budakna. (Yes. 66:13) Alkitab ogé nyebutkeun para awéwé nu ngalilipur jalma nu keur strés. (Ayub 42:11) Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali sadérék istri nu nguatkeun sadérék istri séjénna nu keur susah haté! Dina sababaraha kaayaan, hiji atawa dua kokolot sacara bijaksana bisa nanya ka sadérék istri nu asak rohani naha manéhna bisa ngabantu sadérék istri nu butuh dililipur. *

KUMAHA CARANA NGALILIPUR BATUR?

12. Urang moal ngalakukeun naon?

12 Urang tangtu moal tatanya hal-hal nu embung dicaritakeun ku dulur saiman urang. (1 Tes. 4:11) Jadi, urang kudu kumaha lamun aya nu butuh dibantu jeung dililipur? Hayu uang bahas lima cara nu luyu jeung Alkitab.

13. Saperti nu disebutkeun di 1 Raja 19:5-8, naon nu dilakukeun malaikat Yéhuwa ka Élias, jeung kumaha urang bisa nyonto malaikat éta?

13 Béré bantuan nu dibutuhkeun. Waktu Nabi Élias kabur pikeun nyalametkeun diri, manéhna leutik haté pisan nepi ka hayang paéh. Yéhuwa ngutus malaikat-Na ka nabi nu keur sedih ieu. Éta malaikat méré bantuan nu dibutuhkeun. Élias dibéré dahareun nu haneut jeung dititah dahar. (Baca 1 Raja 19:5-8.) Kisah ieu némbongkeun yén kahadéan leutik sakapeung bisa bener-bener ngabantu. Misalna, urang bisa méré dahareun, hadiah nu saderhana, atawa kartu ucapan. Éta bisa ngayakinkeun sadérék nu keur leutik haté yén urang nyaah jeung perhatian ka manéhna. Lamun kararagok ngobrolkeun parasaan jeung hal-hal nu pikasediheun, urang bisa tetep némbongkeun perhatian ku cara nyieun kahadéan siga kitu.

14. Urang meunang palajaran naon tina kisah Élias?

14 Upayakeun sangkan jalma nu keur susah haté ngarasa reugreug jeung aman. Urang gé bisa diajar hal séjén tina kisah Élias. Sacara mujijat, Yéhuwa ngabantu nabi ieu pikeun leumpang jauh ka Gunung Sinai. Bisa jadi Élias ngarasa aman di tempat nu jauh éta lantaran di dinya Yéhuwa pernah nyieun perjangjian jeung umat-Na mangabad-abad saacanna. Manéhna meureun ngarasa reugreug lantaran moal kaudag ku jalma-jalma nu rék maéhan manéhna. Naon palajaranana? Lamun hayang ngabantu korban pelécéhan, mimitina urang kudu nyieun manéhna ngarasa aman. Misalna, kokolot kudu inget yén sadérék istri nu keur susah haté bisa jadi ngarasa reugreug jeung aman lamun ngobrolna di imah bari nginum ci entéh ti batan di Balé Karajaan. Tapi, aya ogé nu ngarasa sabalikna.

Urang bisa ngalilipur ku cara sabar ngaregepkeun, ngadoa sapinuh haté, jeung milih kekecapan nu nengtremkeun (Tingali paragrap 15-20) *

15-16. Naon hartina bener-bener ngaregepkeun?

15 Regepkeun bener-bener omonganana. Alkitab méré naséhat nu jelas, ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.” (Yak. 1:19) Naha urang ngaregepkeun bener-bener omongan batur? Bisa jadi urang nganggap yén ngaregepkeun omongan batur téh ngan saukur cicing, ningalikeun manéhna, bari teu ngomong nanaon. Tapi, ngaregepkeun téh leuwih ti kitu. Contona, Élias ahirna ngabudalkeun kasusahan haténa ka Yéhuwa. Mantenna bener-bener ngaregepkeun jeung paham yén Élias téh keur sieun, ngarasa euweuh batur, jeung ngarasa sagala nu dilampahkeun ku manéhna téh cumah. Kahariwangan Élias hiji-hiji dijawab ku Yéhuwa. Kaciri yén Mantenna bener-bener ngaregepkeun Élias.​—1 Rja. 19:9-11, 15-18.

16 Bari ngaregepkeun, kumaha urang bisa némbongkeun rasrasan jeung kanyaah? Sakapeung, parasaan éta bisa diungkabkeun ku hiji atawa dua kalimah nu bijaksana. Sadérék bisa ngomong, ”Duh, abdi jadi sedih. Kuduna mah budak leutik teu meunang dikitukeun.” Bisa ogé Sadérék nanyakeun hiji atawa dua pananya pikeun mastikeun yén Sadérék paham kana carita dulur saiman nu keur susah haté. Sadérék bisa nanya, ”Punten bilih salah, abdi hoyong terang maksudna téh kumaha nya?” atawa ”Ari nu dicarioskeun téh maksudna ieu sanés?” Ku cara kitu, manéhna jadi yakin yén Sadérék bener-bener ngaregepkeun jeung hayang ngarti kana parasaan manéhna.​—1 Kor. 13:4, 7.

17. Ku naon urang kudu sabar jeung ”lambat kana nyarita”?

17 Kadé, sing ”lambat kana nyarita”. Ulah motong carita manéhna pikeun méré naséhat atawa ngalempengkeun cara pikirna. Sing sabar! Waktu ahirna Élias ngungkabkeun eusi haténa ka Yéhuwa, nyaritana bari sedih jeung keuheul. Ka dieunakeun, sanggeus imanna dikuatkeun ku Yéhuwa, Élias ngungkabkeun parasaanana deui maké kekecapan nu persis sarua. (1 Rja. 19:9, 10, 13, 14) Naon palajaranana? Sakapeung, jalma nu keur strés teu cukup sakali ngungkabkeun eusi haténa. Saperti Yéhuwa, urang kudu sabar ngadéngékeun. Ti batan méré jalan kaluar, urang kudu rasrasan jeung némbongkeun kanyaah.​—1 Pet. 3:8.

18. Naon sababna doa urang bisa ngalilipur jalma nu keur susah haté?

18 Pék ngadoa ku sapinuh haté bareng jeung jalma nu keur susah haté. Jalma nu keur leutik haté bisa jadi teu sanggup ngadoa. Manéhna bisa jadi ngarasa teu layak ngaraket ka Yéhuwa. Lamun hayang ngalilipur manéhna, urang bisa ngadoa bareng bari nyebutkeun ngaranna. Urang bisa ngungkabkeun ka Yéhuwa yén manéhna téh dipikanyaah pisan ku urang jeung ku dulur-dulur di sidang. Urang bisa nyuhunkeun sangkan Yéhuwa nenangkeun jeung ngalilipur hamba-Na nu dipikanyaah ieu. Doa nu kawas kitu téh bisa bener-bener ngalilipur.​—Yak. 5:16.

19. Naon nu kudu dilakukeun ku urang saacan ngalilipur batur?

19 Pilih kekecapan nu bisa ngubaran jeung nengtremkeun haté. Mikir heula saacan ngomong. Omongan nu teu dipikir bisa ngaraheutan haté, tapi omongan nu hadé mah bisa jadi ubar. (Sil. 12:18) Jadi, pék ngadoa ka Yéhuwa sangkan omongan urang merenah jeung nengtremkeun. Sing inget, euweuh kekecapan nu leuwih gedé kawasana ti batan kekecapan Yéhuwa dina Alkitab.​—Ibr. 4:12.

20. Naon nu bisa jadi dipikirkeun ku jalma nu pernah dilécéhkeun, jeung urang kudu ngingetkeun naon ka manéhna?

20 Jalma nu pernah dilécéhkeun bisa jadi mikir yén dirina kotor, euweuh hargaan, atawa teu dipikanyaah, malahan teu layak dipikanyaah. Éta téh salah! Jadi, gunakeun ayat-ayat Alkitab pikeun ngingetkeun yén manéhna téh dihargaan pisan ku Yéhuwa. (Tingali kotak ” Ayat-Ayat nu Ngalilipur”.) Inget kumaha malaikat nguatkeun Nabi Daniél waktu ngarasa lemah jeung leutik haté. Yéhuwa hayang manéhna nyaho yén Mantenna kacida asihna ka manéhna. (Dan. 10:2, 11, 19) Sarupa kitu, dulur-dulur saiman nu keur leutik haté ogé dipikaasih ku Yéhuwa!

21. Naon nu bakal kaalaman ku kabéh jalma jahat nu teu tobat, tapi naon nu jadi tékad urang ayeuna?

21 Waktu ngalilipur batur, urang kudu ngingetkeun yén Yéhuwa nyaah ka manéhna. Urang gé kudu inget yén Yéhuwa téh Allah nu adil. Moal aya kajahatan séksual nu bisa ditutup-tutupan. Yéhuwa ningali kabéh, jeung Mantenna pasti bakal ngahukum jalma jahat nu teu tobat. (Bil. 14:18) Ayeuna, hayu urang sabisa-bisa némbongkeun kanyaah ka nu pernah ngalaman pelécéhan. Salian ti éta, urang kalilipur pisan lantaran nyaho Yéhuwa bakal nyageurkeun sakabéh jalma nu sangsara lantaran Sétan jeung dunyana! Sakeudeung deui, kabéh kanyeri moal aya-aya deui dina pikiran atawa haté urang.​—Yes. 65:17.

KAWIH 109 Sing Enya-Enya Mikanyaah

^ par. 5 Jalma-jalma nu pernah ngalaman pelécéhan séksual waktu keur leutik bisa jadi masih kénéh ngarasa susah haté mangtaun-taun sanggeusna. Artikel ieu ngajelaskeun ku naon bisa kitu. Urang ogé bakal ngabahas saha nu bisa ngalilipur maranéhna jeung kumaha carana.

^ par. 11 Korban pelécéhan bisa mutuskeun sorangan naha manéhna rék ménta bantuan dokter atawa henteu.

^ par. 76 KATERANGAN GAMBAR: Sadérék istri nu asak rohani ngalilipur sadérék istri nu keur susah haté.

^ par. 78 KATERANGAN GAMBAR: Dua kokolot nganjangan sadérék istri nu keur susah haté. Sadérék istri ieu ngondang ogé sadérék istri nu asak rohani.