Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 18

Kanyaah jeung Kaadilan di Sidang Kristen

Kanyaah jeung Kaadilan di Sidang Kristen

”Kudu silih bantu kabeubeurat, nekanan hukum Kristus.”​—GAL. 6:2.

KAWIH 12 Yéhuwa Nu Maha Agung

NU DIBAHAS *

1. Urang bisa yakin kana dua hal naon?

ALLAH YÉHUWA nyaah ka hamba-hamba-Na, ti baheula nepi ka salalanggengna. Mantenna gé cinta kaadilan. (Jab. 33:5) Jadi, urang bisa yakin kana dua hal: (1) Yéhuwa sedih pisan ningali hamba-hamba-Na ngalaman kateuadilan. (2) Mantenna jangji yén kaadilan bakal dijalankeun. Dina artikel nu mimiti tina séri ieu, * urang diajar yén Hukum Musa keur bangsa Israil téh dumasar kana kanyaah. Maranéhna dijurung pikeun adil ka kabéh jalma, kaasup ka nu teu bisa ngalindungan diri. (Pam. 10:18) Hukum éta ngabuktikeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka hamba-hamba-Na.

2. Pananya naon waé nu bakal dibahas?

2 Ti saprak sidang Kristen diadegkeun taun 33 M., Hukum Musa teu dijalankeun deui. Naha éta hartina urang Kristen teu boga hukum nu dumasar kana kanyaah jeung ngajungjung kaadilan? Lain kitu! Urang Kristen boga hukum anyar. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas heula naon hukum ieu téh. Tuluy, urang bakal ngabahas sababaraha pananya: Naon buktina hukum ieu dumasar kana kanyaah? Naon buktina hukum ieu ngajungjung kaadilan? Numutkeun hukum ieu, jalma-jalma nu boga wewenang kudu kumaha ka batur?

NAON ”HUKUM KRISTUS” TÉH?

3. Naon nu kaasup ”hukum Kristus” nu disebutkeun di Galata 6:2?

3 Baca Galata 6:2. Urang Kristen kudu ngajalankeun ”hukum Kristus”. Yésus henteu méré daptar hukum ka murid-muridna, tapi anjeunna méré pituduh, paréntah, jeung prinsip-prinsip nu bisa ngabingbing maranéhna. Kabéh pangajaran Yésus gé kaasup dina ”hukum Kristus”. Dina paragrap saterusna, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan hukum ieu.

4-5. Kumaha carana Yésus ngajar, jeung iraha anjeunna ngajar?

4 Kumaha carana Yésus ngajar? Yésus ngajar liwat ucapanana. Kekecapanana boga kawasa lantaran nepikeun bebeneran ngeunaan Allah, ngajarkeun tujuan hirup nu sajati, jeung nandeskeun yén Karajaan Allah bakal ngaleungitkeun kabéh kasangsaraan umat manusa. (Luk. 24:19) Yésus ogé ngajar liwat tuladan. Tina cara hirupna, Yésus némbongkeun naon nu kudu dilakukeun ku murid-muridna.​—Yoh. 13:15.

5 Iraha Yésus ngajar? Yésus ngajar salila palayananana di bumi. (Mat. 4:23) Anjeunna ogé ngajar murid-muridna teu lila sanggeus dihirupkeun deui. Misalna, anjeunna némbongan ka sakelompok murid, nu bisa jadi jumlahna leuwih ti 500 jalma, tuluy maréntahkeun maranéhna pikeun ’ngajadikeun murid’. (Mat. 28:19, 20; 1 Kor. 15:6) Sanggeus balik ka sawarga, Yésus salaku kapala sidang terus méré pituduh ka murid-muridna. Misalna, kira-kira taun 96 M., Yésus nitah Rasul Yohanes pikeun nguatkeun jeung méré naséhat ka urang Kristen nu diistrénan.​—Kol. 1:18; Wahyu 1:1.

6-7. (a) Di mana pangajaran Yésus dicatet? (b) Naon buktina urang taat kana hukum Kristus?

6 Di mana pangajaran Yésus dicatet? Opat Injil nyatet loba hal ngeunaan ucapan jeung tindakan Yésus basa keur di bumi. Kitab-Kitab Yunani Kristen séjénna ngabantu urang paham kana cara pikir Yésus, lantaran nu nulisna diilhamkeun ku roh suci jeung boga ”panggalih Kristus”.​—1 Kor. 2:16.

7 Palajaranana: Pangajaran Yésus mangaruhan kabéh widang kahirupan. Jadi, hukum Kristus ngatur tindakan urang di imah, di pagawéan atawa sakola, jeung di sidang. Urang diajar hukum ieu ku cara maca jeung ngalenyepan Kitab-Kitab Yunani Kristen. Urang taat kana hukum ieu lamun nyaluyukeun hirup urang jeung pituduh, paréntah, sarta prinsip-prinsip nu aya dina kitab-kitab éta. Lamun urang taat kana hukum Kristus, éta hartina urang taat ka Yéhuwa, Allah nu nyaahan, nu jadi Sumber pangajaran Yésus.​—Yoh. 8:28.

HUKUM NU DUMASAR KANA KANYAAH

8. Naon pondasina hukum Kristus?

8 Imah nu weweg téh pondasina kudu kuat, jadi jalma nu cicing di dinya ngarasa reugreug. Sarupa kitu, hukum nu alus téh pondasina kudu kuat, jadi jalma-jalma nu ngajalankeunana ngarasa reugreug. Hukum Kristus téh diwangun dina pondasi nu pangkuatna, nyaéta kanyaah. Naon buktina?

Urang taat kana ”hukum Kristus” lamun nyaahan ka batur (Tingali paragrap 9-14) *

9-10. Naon waé conto tindakan Yésus nu dijurung ku kanyaah, jeung kumaha urang bisa nyonto anjeunna?

9 Kahiji, sakabéh tindakan Yésus dijurung ku kanyaah. Yésus némbongkeun kanyaah ku cara karunyaan, atawa welas asih, ka batur. Lantaran karunya, Yésus ngajar jalma réa, nyageurkeun nu gering, méré dahar nu lapar, jeung ngahirupkeun deui nu maot. (Mat. 14:14; 15:32-38; Mar. 6:34; Luk. 7:11-15) Sanajan éta téh butuh loba waktu jeung tanaga, Yésus réla miheulakeun kabutuhan batur ti batan dirina sorangan. Tapi, Yésus némbongkeun kanyaah panggedéna waktu ngorbankeun hirupna demi kapentingan batur.​—Yoh. 15:13.

10 Palajaranana: Urang bisa nyonto Yésus ku cara miheulakeun kabutuhan batur. Urang ogé nyonto anjeunna lamun leuwih welas asih ka jalma-jalma di daérah urang. Sipat welas asih éta ngajurung urang pikeun ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé ka batur. Éta hartina urang taat kana hukum Kristus.

11-12. (a) Naon nu némbongkeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka urang? (b) Kumaha urang bisa nyonto kanyaah Yéhuwa?

11 Kadua, Yésus némbongkeun yén Bapana nyaah pisan ka urang. Salila palayananana di bumi, Yésus némbongkeun yén Yéhuwa nyaah pisan ka hamba-hamba-Na. Di antarana, Yésus ngajarkeun hal-hal ieu: Bapa urang nu di sawarga ngahargaan pisan urang masing-masing. (Mat. 10:31) Yéhuwa bungah pisan waktu domba nu nyasab tobat jeung balik deui ka sidang. (Luk. 15:7, 10) Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ku cara masihan Putra-Na pikeun nebus urang.​—Yoh. 3:16.

12 Palajaranana: Kumaha urang bisa nyonto kanyaah Yéhuwa? (Epe. 5:1, 2) Urang ngahargaan dulur saiman. Urang ogé bungah waktu ’domba nu nyasab’ balik deui ka Yéhuwa. (Jab. 119:176) Urang ngabuktikeun kanyaah urang ka dulur saiman ku cara méré waktu jeung tanaga, misalna nulungan nu keur kasusahan. (1 Yoh. 3:17) Lamun urang nyaah ka batur, éta hartina urang taat kana hukum Kristus.

13-14. (a) Di Yohanes 13:34, 35, Yésus méré paréntah naon ka murid-muridna, sarta ku naon ieu disebut paréntah anyar? (b) Kumaha carana taat kana hukum nu anyar ieu?

13 Katilu, Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. (Baca Yohanes 13:34, 35.) Paréntah Yésus pikeun nyaah ka dulur saiman saperti Yésus nyaah ka urang téh paréntah anyar lantaran teu diwajibkeun ku Hukum Allah ka bangsa Israil. Éta hartina urang kudu némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri. Urang kudu nyaah ka dulur saiman leuwih ti batan ka diri sorangan. Kanyaah urang téh kudu nepi ka réla ngorbankeun nyawa, saperti nu dilakukeun ku Yésus. *

14 Palajaranana: Kumaha carana taat kana hukum nu anyar ieu? Saderhanana, ku cara nyieun pangorbanan demi dulur saiman. Pangorbanan urang téh lain dina hal-hal nu gedé wungkul, saperti ngorbankeun nyawa, tapi ogé dina hal-hal leutik. Sabagé conto, urang bisa ngajajapkeun dulur saiman nu geus kolot ka pasamoan, daék ngéléhan sangkan dulur saiman urang senang, atawa cuti digawé pikeun mantuan dulur saiman nu keuna musibat. Lamun ngalakukeun hal-hal éta, urang taat kana hukum Kristus. Ku kituna, urang ngarojong sidang urang jadi tempat nu aman jeung tengtrem pikeun unggal jalma.

HUKUM NU NGAJUNGJUNG KAADILAN

15-17. (a) Kumaha tindakan Yésus némbongkeun yén anjeunna téh adil? (b) Kumaha urang bisa nyonto Yésus?

15 Kecap ”kaadilan” nu digunakeun dina Alkitab hartina ngalampahkeun nu bener di pandangan Allah jeung teu ngabéda-béda jalma. Naon buktina hukum Kristus ngajungjung kaadilan?

Yésus ngahargaan jeung bageur ka awéwé, kaasup ka nu dianggap hina ku batur (Tingali paragrap 16) *

16 Kahiji, tindakan Yésus némbongkeun yén anjeunna téh adil. Di jaman Yésus, para pamingpin agama Yahudi ngéwa ka nu lain Yahudi, nyapirakeun jalma biasa, jeung teu ngahargaan awéwé. Tapi, Yésus mah adil jeung tara ngabéda-béda. Jalma nu lain Yahudi nu boga iman ka anjeunna ditarima jadi muridna. (Mat. 8:5-10, 13) Waktu ngawawar, anjeunna teu ngabéda-béda boh ka nu beunghar boh ka nu miskin. (Mat. 11:5; Luk. 19:2, 9) Anjeunna tara kasar ka awéwé. Sabalikna, anjeunna ngahargaan jeung bageur ka maranéhna, kaasup ka nu dianggap hina ku batur.​—Luk. 7:37-39, 44-50.

17 Palajaranana: Urang bisa nyonto Yésus ku cara teu ngabéda-béda jalma sarta ngawawar ka saha waé nu daék ngadéngékeun, teu sual kaayaan sosial jeung agamana. Sadérék pameget nyonto tuladan Yésus ku cara ngajénan sadérék istri. Éta hartina urang taat kana hukum Kristus.

18-19. Yésus ngajarkeun naon ngeunaan kaadilan, jeung naon palajaranana?

18 Kadua, Yésus ngajarkeun kaadilan. Anjeunna ngajarkeun prinsip-prinsip ka murid-muridna sangkan adil ka batur. Misalna, Aturan Emas. (Mat. 7:12) Urang kabéh hayang batur adil ka urang. Ku kituna, urang kudu adil ka batur, jadi batur gé kajurung pikeun adil ka urang. Tapi, kumaha lamun urang ngalaman kateuadilan? Yésus ngajar murid-muridna pikeun percaya yén Yéhuwa bakal ”ngabelaan [”masihan kaadilan”, NW] ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambat pitulung-Na”. (Luk. 18:6, 7) Kekecapan ieu téh ngamuat jangji: Allah apal kana tangtangan nu disanghareupan ku urang di poé panungtungan ieu, ku kituna Mantenna bakal masihan kaadilan ka urang dina waktu nu geus ditangtukeun.​—2 Tes. 1:6.

19 Palajaranana: Lamun urang ngalarapkeun prinsip-prinsip nu diajarkeun ku Yésus, urang bakal adil ka batur. Sarta, lamun urang ngalaman kateuadilan di dunya Sétan, urang kalilipur lantaran apal yén Yéhuwa bakal masihan kaadilan ka urang.

JALMA-JALMA NU BOGA WEWENANG KUDU KUMAHA KA BATUR?

20-21. (a) Jalma-jalma nu boga wewenang kudu kumaha ka batur? (b) Kumaha salaki bisa némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri, jeung bapa kudu kumaha ka barudakna?

20 Numutkeun hukum Kristus, jalma-jalma nu boga wewenang kudu kumaha ka batur? Lantaran kanyaah téh pondasi tina éta hukum, nu boga wewenang kudu ngajénan jeung bageur ka jalma-jalma nu diurusna. Maranéhna kudu inget yén Kristus hayang urang némbongkeun kanyaah dina sagala hal.

21 Di kulawarga. Salaki kudu nyaah ka pamajikanana ”cara Kristus ka [sidang jamaah]”. (Epe. 5:25, 28, 29) Salaki kudu nyonto kanyaah Kristus nu teu mentingkeun diri ku cara miheulakeun kabutuhan jeung kapentingan pamajikanana. Sababaraha lalaki hésé némbongkeun kanyaah siga kitu, bisa jadi lantaran digedékeun di lingkungan nu jalma-jalmana teu adil jeung teu nyaahan. Kabiasaan goréng bisa jadi hésé dipiceun, tapi maranéhna kudu barobah sangkan bisa taat kana hukum Kristus. Salaki nu némbongkeun kanyaah nu teu mentingkeun diri bakal diajénan ku pamajikanana. Bapa nu bener-bener nyaah ka barudakna moal ngomong atawa ngalakukeun hal-hal nu nganyenyeri barudakna. (Epe. 4:31) Sabalikna, manéhna bakal ngungkabkeun kanyaah jeung panghargaan sangkan barudakna ngarasa aman. Ku kituna, barudakna bakal nyaah jeung percaya ka manéhna.

22. Numutkeun 1 Petrus 5:1-3, ”domba-domba” téh milik saha, jeung para kokolot kudu kumaha ka maranéhna?

22 Di sidang. Kokolot sidang kudu inget yén ”domba-domba” téh lain milik maranéhna. (Yoh. 10:16; baca 1 Petrus 5:1-3.) Ungkapan ”domba-domba Allah” jeung ”jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun” ngingetkeun para kokolot yén domba-domba téh milik Yéhuwa. Mantenna hoyong para kokolot nyaah jeung lemah lembut ka domba-domba-Na. (1 Tes. 2:7, 8) Para kokolot nu nyaahan dina ngajalankeun tugasna sabagé pangangon bakal kamanah ku Yéhuwa. Kokolot nu siga kitu ogé dipikanyaah jeung diajénan ku dulur-dulur saimanna.

23-24. (a) Naon tanggung jawab para kokolot lamun aya nu nyieun dosa gedé? (b) Waktu ngurus kasus siga kitu, naon nu kudu dipikirkeun ku para kokolot?

23 Naon tugas para kokolot lamun aya nu nyieun dosa gedé? Tugasna béda jeung para hakim sarta kokolot di jaman Israil nu ngajalankeun Hukum Musa. Harita, maranéhna teu ngan saukur ngurus hal-hal rohani, tapi ogé ngurus kasus-kasus kajahatan jeung kamasarakatan. Tapi dina hukum Kristus, lamun aya nu nyieun dosa, nu diurus ku kokolot mah bagian rohanina. Maranéhna apal yén pamaréntah dibéré wewenang pikeun ngurus kasus-kasus kajahatan jeung kamasarakatan. Ieu kaasup wewenang pikeun méré hukuman dengda atawa panjara.​—Rum 13:1-4.

24 Naon tanggung jawab para kokolot lamun aya nu nyieun dosa gedé? Maranéhna ngagunakeun ayat-ayat pikeun mariksa masalahna tuluy nyieun putusan. Maranéhna inget yén kanyaah téh pondasina hukum Kristus. Kanyaah ngajurung para kokolot pikeun mikirkeun: Kumaha carana ngabantu saha waé di sidang nu jadi korban tina dosa éta? Ngeunaan jalma nu ngalakukeun dosa, kanyaah bakal ngajurung para kokolot pikeun mikirkeun: Naha manéhna tobat? Kumaha urang bisa ngabantu manéhna mulihkeun hubunganana jeung Yéhuwa?

25. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

25 Untung pisan urang boga hukum Kristus! Lamun urang kabéh satékah polah taat kana hukum ieu, urang ngarojong sidang jadi tempat di mana jalma-jalma bisa ngarasa aman, dipikanyaah, jeung dihargaan. Tapi, urang masih hirup di dunya nu jalma-jalmana ’geus jahat teh beuki jahat’. (2 Tim. 3:13) Urang kudu tetep waspada. Kumaha sidang Kristen bisa némbongkeun kaadilan Allah waktu aya kasus pelécéhan séksual ka budak leutik? Artikel saterusna bakal ngajawab pananya ieu.

KAWIH 15 Puji Putra Cikal Yéhuwa!

^ par. 5 Artikel ieu jeung dua artikel saterusna téh bagian tina séri nu ngabahas alesanana urang yakin Yéhuwa téh Allah nu nyaahan jeung adil. Mantenna hoyong umat-Na meunang kaadilan. Mantenna gé ngalilipur jalma nu ngalaman kateuadilan di dunya nu jahat ieu.

^ par. 1 Tingali artikel ”Kanyaah jeung Kaadilan di Israil Kuno” dina Warta Hadé Pébruari 2019.

^ par. 13 KATERANGAN TAMBAHAN: Kanyaah nu teu mentingkeun diri ngajurung urang pikeun miheulakeun kabutuhan jeung kapentingan batur. Urang réla nyieun pangorbanan atawa daék rugi demi nulungan atawa nguntungkeun batur.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Yésus merhatikeun saurang randa nu putra tunggalna maot. Lantaran karunya, Yésus ngahirupkeun deui putrana.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Yésus keur dahar di imah urang Parisi nu ngaranna Simon. Saurang awéwé, katingalina palacur, ngumbah suku Yésus ku cimatana, digaringkeun maké buukna, tuluy diminyakan. Simon teu resep ningali tindakan awéwé éta tapi ku Yésus dibéla.