Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Cara Ngalindungan Diri tina Jiret Sétan

Cara Ngalindungan Diri tina Jiret Sétan

BASA urang Israil kuno keur siap-siap rék meuntasan Walungan Yordan ka tanah nu dijangjikeun ku Allah, aya nu ngadatangan maranéhna. Nu daratang téh nyaéta awéwé-awéwé nu ngajak pésta ka priya-priya Israil. Ieu téh kasempetan nu langka. Katingalina resep bisa boga babaturan nu anyar, jojogédan, jeung dahareunana gé ngarareunah. Sanajan kabiasaan jeung ahlak para awéwé ieu teu luyu jeung Hukum Allah, sababaraha priya Israil bisa jadi mikir, ’Urang nyaho lah mana nu bener jeung nu salah. Urang gé ati-ati atuh.’

Tungtungna kumaha? Alkitab nyaritakeun, ”Urang Israil mimiti maraen awewe ka urang Moab anu marukim di dinya.” Sabenerna, awéwé-awéwé éta hayang priya-priya Israil milu nyembah ka brahala. Maranéhna suksés! ”Ku sabab eta PANGERAN jadi wera.”​—Bil. 25:1-3.

Priya-priya Israil éta ngalanggar dua Hukum Allah, nyaéta nyembah brahala jeung ngalakukeun lampah cabul. Lantaran teu taat, aya rébuan nu paéh. (Bud. 20:4, 5, 14; Pam. 13:6-9) Parahna deui, maranéhna ngalanggar Hukum Allah percis saacan meuntasan Walungan Yordan pikeun asup ka Tanah Perjangjian.​—Bil. 25:5, 9.

Rasul Paulus nulis ngeunaan hal éta, ”Kajadian-kajadian anu keuna ka maranehanana teh pikeun conto ka nu sejen, mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir.” (1 Kor. 10:7-11) Sétan tangtu atoh ningali loba urang Israil ngalampahkeun dosa gedé jeung teu meunang asup ka Tanah Perjangjian. Sétan ogé atoh pisan lamun urang teu bisa asup ka dunya anyar! Ku kituna, urang kudu diajar tina pangalaman urang Israil.

JIRET NU BAHAYA

Sétan ngajiret urang Kristen ku cara nu geus kabukti hasil ka loba jalma. Sakumaha ka urang Israil, Sétan ngagunakeun lampah cabul. Nepi ka kiwari, lampah cabul ogé jadi jiret nu bahaya. Urang paling gampang kajiret ku lampah cabul liwat pornografi.

Kiwari, jalma bisa nempo pornografi bari teu kanyahoan ku batur. Sababaraha puluh taun katukang, jalma nu hayang nempoan pornografi kudu indit ka bioskop pikeun lalajo film cabul atawa kudu indit ka toko-toko nu husus ngajual bahan-bahan pornografi. Loba jalma embung indit ka tempat nu kararitu lantaran éra mun kapergo ku batur. Tapi ayeuna, jalma bisa nempo pornografi liwat Internét di tempat gawé, malahan di tempat parkir. Di loba nagri, boh awéwé boh lalaki teu kudu kaluar imah pikeun nempoan pornografi.

Salian ti éta, pornografi gampang pisan ditempoan dina handphone atawa tablét. Bari leumpang, keur numpak beus, atawa keur di karéta, jalma-jalma bisa ningali gambar cabul dina handphone atawa tablétna.

Lantaran nempo pornografi ayeuna mah leuwih gampang jeung teu katingali ku batur, leuwih loba deui jalma nu diruksak ku pornografi. Loba nu perkawinanana ruksak, harga dirina ancur, jeung haté sanubarina kaganggu. Nu leuwih parah mah sosobatan maranéhna jeung Allah jadi ruksak. Jelas, pornografi téh ngaruksak pisan. Dina loba kajadian, pornografi mawa pangaruh nu kacida goréngna jeung hésé leungitna, malahan sakapeung teu bisa leungit sama sakali.

Sanajan kitu, Yéhuwa nyadiakeun bantuan pikeun ngalindungan urang tina jiret Sétan. Lamun hayang dilindungan ku Yéhuwa, urang kudu ngalakukeun hal nu gagal dilakukeun ku priya-priya Israil, nyaéta bener-bener ’nurut’ ka Mantenna. (Bud. 19:5) Urang kudu nyaho yén Allah bener-bener ijid kana pornografi. Naon buktina?

SIGA YÉHUWA, URANG KUDU IJID KA PORNOGRAFI

Pék pikirkeun: Hukum nu dibikeun ku Allah ka bangsa Israil béda pisan jeung hukum ti bangsa séjén. Hukum éta kawas témbok nu misahkeun maranéhna ti bangsa-bangsa di sabudeureunana sarta kabiasaanana nu rujit. (Pam. 4:6-8) Hukum éta ngajéntrékeun hal nu penting: Yéhuwa ijid kana lampah cabul.

Yéhuwa nyebutkeun naon waé lampah cabul nu dilakukeun ku bangsa séjén tuluy nyarios ka bangsa Israil, ”Ulah nurutan urang Kanaan anu ayeuna ku Kami dituju rek mawa maraneh ka ditu. Kalakuan maranehna kitu bakal ngalantarankeun eta tanah reged, sarta eta tanah ku PANGERAN tangtu disiksa.” Allah Israil nu suci rujit ningali cara hirup urang Kanaan nepi ka tanahna gé dianggap reged atawa najis.​—Ima. 18:3, 25.

Sanajan urang Kanaan geus dihukum ku Yéhuwa, jalma-jalma séjén terus ngalakukeun lampah cabul. Leuwih ti 1.500 taun sanggeusna, Paulus nulis yén bangsa-bangsa di sabudeureun urang Kristen téh ”geus areuweuh kaera”. Malahan, ”hawa napsuna diabur, kalakuanana araeb sakarep-karep”. (Epe. 4:17-19) Kitu ogé kiwari, loba jalma teu éra ngalakukeun lampah cabul. Sabagé hamba-hamba Allah, urang sabisa-bisa teu ningali hal-hal cabul nu aya di dunya ieu.

Pornografi ngahina Allah. Manusa diciptakeun nyeplés tur sarimbag jeung Mantenna. Urang gé dipasihan kasanggupan pikeun ngabédakeun nu bener jeung nu salah. Allah bijaksana waktu nyieun hukum ngeunaan hubungan séksual. Mantenna netepkeun yén hubungan séksual téh ngan bisa dilakukeun ku jalma nu geus kawin. (Kaj. 1:26-28; Sil. 5:18, 19) Tapi, kumaha jeung jalma nu nyieun bahan-bahan pornografi atawa nu ngajak-ngajak batur nempoan hal éta? Maranéhna bener-bener nyapirakeun papakon moral Allah. Jelas, maranéhna ngahina Yéhuwa. Allah bakal ngahukum saha waé nu ngalanggar papakon-Na ku cara nyieun jeung nyebarkeun bahan-bahan pornografi.​—Rum 1:24-27.

Kumaha jeung nu ngahaja maca atawa nongton pornografi? Aya nu ngarasa éta mah hiburan nu teu bahaya. Tapi sabenerna, maranéhna milu ngarendahkeun papakon Yéhuwa. Mimiti nempo pornografi mah maranéhna bisa jadi teu boga maksud kitu. Tapi, Alkitab ngajéntrékeun yén jalma-jalma nu nyembah ka Allah nu sajati kudu ijid pisan kana pornografi. Alkitab nandeskeun, ”PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan.”​—Jab. 97:10.

Jalma-jalma nu hayang eureun bisa jadi ngarasa hésé nampik pornografi. Urang teu sampurna jeung kudu bajoang ngalawan hasrat séksual nu salah. Haté urang gé bisa jadi néangan alesan pikeun ngabaékeun hukum Allah. (Yer. 17:9) Tapi, aya loba urang Kristen nu geus ngéléhkeun hasrat nu salah ieu. Hal ieu ngagedékeun haté lamun Sadérék keur bajoang ngalawan pornografi. Perhatikeun kumaha Firman Allah bisa ngabantu Sadérék nyingkahan jiret Sétan ieu.

ULAH MIKIRKEUN HAL-HAL NU CABUL

Saperti nu geus disebutkeun, loba urang Israil ngamekarkeun hasrat nu salah nepi ka ngabalukarkeun masalah. Kiwari ogé bisa kitu. Yakobus, adi téréna Yésus, ngajelaskeun bahayana, ”Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan. Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa.” (Yak. 1:14, 15) Lamun hasrat nu salah tumuwuh dina haté, lila-lila urang bisa ngalampahkeun dosa. Jadi, urang kudu miceun pikiran nu cabul, tong dipikirkeun terus.

Lamun muncul pikiran nu salah, urang kudu geura nyieun tindakan. Ceuk Yésus, ”Leungeun atawa suku maraneh lamun nu hiji pidosaeun mah teukteuk bae, piceun! . . . Panon lamun nu hiji pidosaeun mah cokel bae, piceun!” (Mat. 18:8, 9) Yésus lainna nitah urang neukteukan awak sorangan. Anjeunna keur ngagambarkeun yén urang kudu gancang jeung teu asa-asa miceun hal nu pidosaeun. Kumaha urang ngalarapkeun naséhat ieu dina hal pornografi?

Lamun teu kahaja nempo pornografi, Sadérék ulah mikir, ’Teu nanaon lah.’ Gancang piceun beungeut. Langsung pareuman TV. Harita kénéh, pareuman komputer atawa alat éléktronik. Tuluy, pikirkeun hal-hal nu hadé. Ku kituna, Sadérék bisa ngadalikeun pikiran, lainna pikiran salah nu ngadalikeun Sadérék.

KUMAHA LAMUN INGET DEUI KANA PORNOGRAFI?

Kumaha lamun Sadérék geus eureun nempo pornografi tapi osok kainget-inget deui? Gambar atawa pikiran porno bisa lila leungitna. Éta bisa ujug-ujug muncul. Lamun kitu, Sadérék bisa waé jadi hayang ngalampahkeun nu salah saperti masturbasi. Sadérék kudu inget yén pikiran nu salah bisa ujug-ujug muncul jadi Sadérék kudu siap ngalawanna.

Kuatkeun tékad Sadérék pikeun nyaluyukeun pikiran tur tindakan jeung kahoyong Allah. Pék conto Rasul Paulus nu daék ”neunggeulan awak sorangan ngarah taluk”. (1 Kor. 9:27, Terjemahan Dunia Baru) Tong daék dikadalikeun ku kahayang nu najis. ”Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na.” (Rum 12:2) Sing inget: Urang bakal leuwih puas lamun mikirkeun jeung ngalampahkeun kahoyong Allah ti batan nuturkeun kahayang nu salah.

Urang bakal leuwih puas lamun mikirkeun jeung ngalampahkeun kahoyong Allah ti batan nuturkeun kahayang nu salah

Apalkeun sababaraha ayat Alkitab. Jadi, waktu pikiran nu salah ujug-ujug muncul, pikirkeun ayat-ayat éta. Sadérék bisa ngapalkeun: Jabur 119:37; Yesaya 52:11; Mateus 5:28; Epesus 5:3; Kolosa 3:5; jeung 1 Tesalonika 4:4-8. Ayat-ayat éta bakal ngabantu Sadérék boga cara pandang nu sarua jeung Yéhuwa kana pornografi. Sadérék gé bakal ngarti naon nu dipiharep ku Mantenna.

Kumaha lamun sakapeung kahayang pikeun nempoan atawa mikirkeun hal-hal cabul téh geus teu bisa ditahan deui? Tuturkeun tuladan Yésus. (1 Pet. 2:21) Sanggeus Yésus dibaptis, Sétan terus ngagoda anjeunna. Naon nu dilampahkeun ku Yésus? Anjeunna terus ngalawan. Anjeunna nolak godaan Sétan ku cara ngagunakeun rupa-rupa ayat. Ceuk anjeunna, ”Geura nyingkah, Iblis!” tuluy Sétan indit. Yésus teu eureun ngalawan Sétan, Sadérék gé kudu kitu. (Mat. 4:1-11) Sétan jeung dunyana teterusan ngagoda Sadérék pikeun mikirkeun hal-hal nu cabul, tapi ulah eureun ngalawan. Sadérék bisa meunang ngalawan pornografi. Ku bantuan Yéhuwa, Sadérék bisa ngéléhkeun musuh Sadérék.

NGADOA JEUNG TAAT KA YÉHUWA

Andelkeun Yéhuwa liwat doa. Paulus ngomong, ”Naon bae pangabutuh, unjukkeun ka Allah saban neneda. . . . Katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate jeung pikiran aranjeun nu geus ngahiji jeung Kristus Yesus.” (Pil. 4:6, 7) Allah bakal masihan katengtreman pikiran sangkan Sadérék bisa ngalawan kahayang nu salah. Lamun Sadérék ngaraket ka Yéhuwa, ”Mantenna ge tangtu ngaraketan deui”.​—Yak. 4:8.

Cara panghadéna pikeun ngalawan jiret Sétan téh nyaéta tetep raket jeung Pangawasa jagat raya. Ceuk Yésus, ”Anu nyangking ieu dunya geus datang. Saenyana manehna teu kawasa naon-naon ka Kami.” (Yoh. 14:30) Ku naon Yésus bisa sakitu yakinna? Anjeunna pernah ngajelaskeun, ”Kaula salawasna disarengan bae ku Mantenna anu ngutus. Kaula ku Mantenna tara dikantun, sabab salawasna nyieun anu kamanah ku Mantenna.” (Yoh. 8:29) Salila Sadérék ngalampahkeun hal-hal nu nyenangkeun Yéhuwa, Sadérék ogé moal bakal ditinggalkeun ku Mantenna. Tolak jiret pornografi, ku kituna Sétan moal bisa ngajiret Sadérék.