Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 27

Siapkeun Diri ti Ayeuna pikeun Nyanghareupan Panganiayaan

Siapkeun Diri ti Ayeuna pikeun Nyanghareupan Panganiayaan

”Ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.”​—2 TIM. 3:12.

KAWIH 129 Urang Kudu Terus Tabah

NU DIBAHAS *

1. Ku naon urang kudu nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan panganiayaan?

DINA peuting saacanna maot, Yésus méré nyaho yén saha waé nu hayang jadi muridna bakal dipikageuleuh. (Yoh. 17:14) Nepi ka ayeuna gé urang Kristen nu satia loba nu dikaniaya ku jalma-jalma nu nentang ibadah sajati. (2 Tim. 3:12) Beuki deukeut ka ahir dunya ieu, musuh urang tangtu bakal beuki nentang urang.​—Mat. 24:9.

2-3. (a) Ku naon lamun urang kasieunan teuing téh bahaya? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Kumaha urang bisa nyiapkeun diri ti ayeuna? Ulah ngabayangkeun nu henteu-henteu. Lamun kitu, urang bakal hariwang jeung kasieunan teuing. Lamun urang ngabayangkeun hal-hal goréng nu can tangtu kajadian, can nanaon gé urang geus éléh. (Sil. 12:25; 17:22) ”Iblis musuh” urang bisa ngagunakeun rasa sieun pikeun ngéléhkeun urang. (1 Pet. 5:8, 9) Naon nu bisa dilakukeun ku urang ayeuna sangkan kuat nyanghareupan panganiayaan?

3 Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas carana nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa, sarta ku naon éta kudu dilakukeun ti ayeuna. Urang gé bakal ngabahas carana supaya jadi leuwih wani, sarta carana urang bisa tetep tabah sanajan dipikageuleuh ku para musuh.

CARANA NGUATKEUN SOSOBATAN JEUNG YÉHUWA

4. Numutkeun Ibrani 13:5, 6, urang kudu yakin kana hal naon, jeung naon sababna?

4 Sing percaya yén Yéhuwa nyaah ka Sadérék sarta moal ninggalkeun Sadérék. (Baca Ibrani 13:5, 6.) Mangtaun-taun katukang, Warta Hadé nyebutkeun, ”Jalma nu wanoh ka Allah bakal bener-bener ngandelkeun ka Mantenna waktu dikaniaya.” Éta bener pisan! Sangkan tetep tabah waktu dikaniaya, urang kudu nyaah jeung bener-bener ngandel ka Yéhuwa. Ulah sakali-kali cangcaya yén Mantenna nyaah ka urang.​—Mat. 22:36-38; Yak. 5:11.

5. Kumaha Sadérék bisa leuwih percaya yén Yéhuwa nyaah ka Sadérék?

5 Pék baca Alkitab unggal poé sangkan leuwih raket ka Yéhuwa. (Yak. 4:8) Waktu maca, lenyepan sipat-sipat Yéhuwa nu nyaahan, welas asih, jeung bageur. Pék rasakeun kanyaah Yéhuwa dina cariosan atawa tindakan Mantenna. (Bud. 34:6) Aya nu hésé percaya yén Yéhuwa téh nyaah lantaran maranéhna tara ngarasakeun kanyaah. Lamun éta nu dirasakeun ku Sadérék, coba jieun daptar kahadéan jeung welas asih Yéhuwa nu geus ditunjukkeun ka Sadérék. (Jab. 78:38, 39; Rum 8:32) Pék inget-inget deui naon nu pernah kaalaman jeung lenyepan naon nu pernah dibaca dina Firman Allah. Sadérék tangtu bisa nuliskeun loba hal nu pernah dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék. Sadérék bakal leuwih raket ka Yéhuwa lamun ngahargaan naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa.​—Jab. 116:1, 2.

6. Saperti nu disebutkeun dina Jabur 94:17-19, naon hasilna mun urang ngadoa ku sapinuh haté?

6 Sing sering ngadoa. Kumaha parasaan budak leutik waktu keur dikeukeupan ku bapana? Manéhna tangtu ngarasa aman jeung moal asa-asa nyarita naon waé nu kaalaman dina poé éta, boh nu hadé boh nu goréng. Urang gé bisa ngarasakeun hubungan nu raket siga kitu jeung Yéhuwa waktu urang ngadoa ka Mantenna unggal poé. (Baca Jabur 94:17-19.) Dina doa, ”ucutkeun eusi hate” jeung caritakeun kabéh nu nyababkeun Sadérék sieun atawa salempang. (Tangis 2:19) Naon hasilna? Sadérék bakal ngalaman naon disebutkeun ku Alkitab, nyaéta ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. (Pil. 4:6, 7) Beuki sering Sadérék ngadoa siga kieu, Sadérék bakal ngarasa beuki raket ka Yéhuwa.​—Rum 8:38, 39.

Urang bisa wani lamun percaya ka Yéhuwa jeung Karajaana-Na

Stanley Jones bisa kuat lantaran boga pamahaman ngeunaan Karajaan Allah (Tingali paragrap 7)

7. Naon sababna urang kudu percaya yén berkah-berkah ti Karajaan Allah bakal ngawujud?

7 Sing percaya yén berkah-berkah ti Karajaan Allah bakal ngawujud. (Bil. 23:19) Lamun Sadérék teu yakin kana jangji-jangji Allah, Sétan jeung baladna bakal gampang nyingsieunan Sadérék. (Sil. 24:10; Ibr. 2:15) Kumaha urang bisa nguatkeun iman ti ayeuna? Dina palajaran pribadi, pék risét ngeunaan jangji-jangji Allah dina Karajaana-Na jeung alesan Sadérék bisa yakin éta kabéh bakal ngawujud. Naon hasilna? Perhatikeun tuladan ti Stanley Jones, nu dipanjara salila tujuh taun ku lantaran imanna. * Ku naon manéhna bisa tetep satia? Ceuk manéhna, ”Iman abdi kuat lantaran Karajaan Allah téh jelas keur abdi. Abdi teu pernah cangcaya saeutik-eutik acan. Jadi, abdi bisa tetep pengkuh.” Lamun Sadérék boga iman nu kuat kana jangji-jangji Allah, Sadérék bakal leuwih raket ka Yéhuwa jeung moal eureun ngawula ka Mantenna.​—Sil. 3:25, 26.

8. Sikep urang kana pasamoan bisa nyirikeun naon? Jelaskeun.

8 Sing rutin masamoan. Pasamoan ngabantu urang ngaraket ka Yéhuwa. Sikep urang kana pasamoan ayeuna bisa nyirikeun naha urang bakal suksés waktu nyanghareupan panganiayaan dina mangsa kahareup. (Ibr. 10:24, 25) Kumaha bisa kitu? Lamun ti ayeuna urang teu masamoan gara-gara alesan nu teu sapira, komo deui engké waktu urang kudu narohkeun nyawa pikeun masamoan bareng jeung sadérék-sadérék urang. Sabalikna, mun urang boga tékad kuat pikeun terus masamoan, urang moal gampang nyerah waktu musuh ngahalangan urang. Ti ayeuna, urang kudu nguatkeun tékad pikeun terus masamoan. Ku kituna, teu sual urang ditentang atawa dilarang ku pamaréntah, urang bakal tetep tunduk ka Allah ti batan ka manusa.​—Ras. 5:29.

Mun ti ayeuna ngapalkeun ayat jeung lagu Karajaan, Sadérék bakal leuwih siap nyanghareupan panganiayaan (Tingali paragrap 9) *

9. Naon sababna ngapalkeun ayat-ayat téh alus sangkan siap nyanghareupan panganiayaan?

9 Apalkeun ayat-ayat nu dipikaresep. (Mat. 13:52) Mémang urang teu mungkin apal kabéh ayat, tapi Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na nu kuat pikeun ngingetkeun urang. (Yoh. 14:26) Aya saurang sadérék di Jerman Timur nu pernah dipanjara di hiji sél sorangan. Manéhna ngomong, ”Untung pisan abdi téh geus apal kana sababaraha ratus ayat! Sanajan abdi sorangan, pikiran abdi tetep sibuk ngalenyepan rupa-rupa topik Alkitab.” Ayat-ayat éta ngabantu manéhna tetep raket ka Yéhuwa jeung tetep satia.

(Tingali paragrap 10) *

10. Naon sababna urang kudu ngapalkeun lagu-lagu rohani?

10 Apalkeun jeung kawihkeun lagu-lagu nu ngamulyakeun Yéhuwa. Basa dipanjara di Pilipi, Paulus jeung Silas ngawihkeun lagu-lagu rohani nu diinget ku maranéhna. (Ras. 16:25) Kitu ogé, ku naon sadérék-sadérék di Uni Soviet bisa tetep kuat basa dipiceun ka Siberia? Sadérék nu ngaranna Mariya Fedun ngomong, ”Urang ngawihkeun kabéh lagu nu diinget, nu aya dina buku kawih urang.” Maranéhna kabéh bisa tetep kuat jeung raket ka Yéhuwa lantaran ngawihkeun lagu-lagu éta. Naha Sadérék ogé ngarasa dikuatkeun waktu ngawihkeun lagu-lagu rohani? Jadi, apalkeun lagu-lagu éta ti ayeuna!​—Tingali kotak ” Buat Aku Berani”.

CARANA SUPAYA LEUWIH WANI

11-12. (a) Numutkeun 1 Samuel 17:37, 45-47, ku naon Daud bisa wani? (b) Urang meunang palajaran penting naon tina conto Daud?

11 Pikeun nyanghareupan panganiayaan, urang butuh kawani. Lamun Sadérék lain jalma nu wanian, Sadérék kudu kumaha? Inget yén kawani nu sajati teu gumantung kana gedéna awak atawa kakuatan jeung kamampuh Sadérék. Contona Daud waktu ngalawan Goliat. Dibandingkeun jeung Goliat nu badag, Daud mah leutik, lemah, jeung teu mawa senjata perang. Daud malah teu mawa pedang-pedang acan. Tapi, manéhna wanian pisan. Bari lumpat, manéhna ngalawan raksasa nu sombong éta.

12 Ku naon Daud bisa wanian kitu? Daud percaya pisan yén manéhna ditangtayungan ku Yéhuwa. (Baca 1 Samuel 17:37, 45-47.) Nu diperhatikeun ku Daud téh lain sakumaha gedéna Goliat dibandingkeun jeung dirina, tapi sakumaha leutikna Goliat dibandingkeun jeung Yéhuwa. Naon palajaranana? Urang bakal wani lamun percaya urang ditangtayungan ku Yéhuwa. Urang gé bisa wani lamun yakin musuh urang mah leutik dibandingkeun jeung Allah Nu Mahakawasa. (2 Bab. 20:15; Jab. 16:8) Kumaha urang bisa jadi leuwih wani ti ayeuna kénéh?

13. Kumaha urang bisa leuwih wani? Jelaskeun.

13 Urang bisa leuwih wani ti ayeuna ku cara ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. Kumaha bisa kitu? Lantaran ngawawar téh ngalatih urang pikeun percaya ka Yéhuwa jeung teu sieun ka manusa. (Sil. 29:25) Siga otot nu beuki kuat lamun dilatih, kawani urang gé beuki kuat waktu urang ngawawar ti imah ka imah, di tempat umum, di daérah bisnis, jeung ngawawar sacara teu resmi. Lamun urang wani ngawawar ti ayeuna, urang bakal leuwih siap ngawawar sanajan kagiatan urang dilarang.​—1 Tes. 2:1, 2.

Nancy Yuen teu daék eureun ngawawar (Tingali paragrap 14)

14-15. Urang diajar naon ti Nancy Yuen jeung Valentina Garnovskaya?

14 Urang bisa diajar tina pangalaman dua sadérék istri nu satia jeung wanian. Nancy Yuen jangkungna teu leuwih ti 1,5 méter, tapi manéhna teu gampang disingsieunan. * Waktu dititah eureun ngawawar, manéhna teu daék. Balukarna, manéhna dipanjara kira-kira 20 taun di Cina. Para patugas nu ngainterogasi nyebut manéhna ”jalma nu paling heuras beuheung” di nagarana!

Valentina Garnovskaya percaya manéhna ditangtayungan ku Yéhuwa (Tingali paragrap 15)

15 Sarupa kitu, Valentina Garnovskaya pernah tilu kali dipanjara di Uni Soviet. Lamun diitung-itung, manéhna dipanjara salila 21 taun. * Ku naon bisa kitu? Éta téh lantaran manéhna terus ngawawar nepi ka dilandi ”tukang ngalawan nu pangbahayana” ku para patugas. Ku naon dua sadérék istri ieu wanian pisan? Maranéhna percaya ditangtayungan ku Yéhuwa.

16. Naon koncina kawani nu sajati?

16 Sakumaha nu geus dibahas, urang bisa leuwih wani lamun teu ngandelkeun kakuatan jeung kasanggupan sorangan. Sabalikna, urang kudu percaya yén urang ditangtayungan ku Yéhuwa. Urang gé kudu percaya yén nu perang téh Yéhuwa, lain urang. (Pam. 1:29, 30; Jak. 4:6) Éta koncina kawani nu sajati.

CARANA TETEP TABAH SANAJAN DIPIKAGEULEUH KU BATUR

17-18. Yésus méré pangéling naon dina Yohanes 15:18-21? Jelaskeun.

17 Urang resep lamun diajénan ku batur, tapi ulah ngarasa harga diri urang ditangtukeun ku resep henteuna batur ka urang. Ceuk Yésus, ”Bagja maraneh lamun ku karana Putra Manusa, maraneh ku jalma-jalma pada mikageuleuh, pada miceun, pada ngahina jeung pada nyebutkeun doraka.” (Luk. 6:22) Naon maksud Yésus?

18 Ieu lain maksudna urang Kristen resep dipikageuleuh ku batur. Yésus ngan méré nyaho naon nu bakal kaalaman ku urang. Urang teu kaasup ka dunya ieu. Urang mah ngalarapkeun pangajaran Yésus jeung ngawawarkeun warta nu diwawarkeun ku anjeunna. Balukarna, urang dipikageuleuh ku dunya. (Baca Yohanes 15:18-21.) Urang hayang nyenangkeun Yéhuwa. Jadi, lamun urang dipikageuleuh ku lantaran mikanyaah Yéhuwa, urang teu kudu sedih.

19. Kumaha urang bisa nyonto tuladan para rasul?

19 Ulah nepi ka omongan jeung tindakan batur nyababkeun urang ngarasa éra jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. (Mika 4:5) Urang bisa tetep tabah jeung teu sieun ka manusa lamun merhatikeun tuladan para rasul di Yérusalém teu lila sanggeus Yésus maot. Maranéhna apal yén para pamingpin agama Yahudi ngéwa pisan ka maranéhna. (Ras. 5:17, 18, 27, 28) Tapi, unggal poé maranéhna ka bait pikeun ngawawar. Éta nunjukkeun yén maranéhna téh murid Yésus. (Ras. 5:42) Maranéhna teu borangan. Urang gé bisa miceun kasieun urang ku cara méré nyaho batur urang téh Saksi Yéhuwa, teu sual di tempat gawé, di sakola, atawa ka tatangga.​—Ras. 4:29; Rum 1:16.

20. Ku naon para rasul ngarasa bungah sanajan dipikageuleuh?

20 Ku naon para rasul ngarasa bungah? Lantaran paham ku naon maranéhna dipikageuleuh. Maranéhna nganggap dipikageuleuh lantaran ngalakukeun kahoyong Yéhuwa téh kahormatan. (Luk. 6:23; Ras. 5:41) Rasul Pétrus nulis, ”Sanajan nepi ka nyandang lara ge ari ku karana nyieun kahadean mah kacida untungna!” (1 Pet. 2:19-21; 3:14) Lamun paham urang dipikageuleuh lantaran ngalakukeun nu bener, urang moal sieun tapi terus ngawula Yéhuwa.

MANGPAATNA NYIAPKEUN DIRI

21-22. (a) Naon nu bakal dilakukeun ku Sadérék sangkan siap nyanghareupan panganiayaan? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

21 Urang teu apal iraha urang bakal dikaniaya atawa iraha ibadah ka Yéhuwa bakal dilarang. Tapi, urang bisa nyiapkeun diri ti ayeuna ku cara nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa, ngupayakeun sangkan jadi leuwih wani, jeung tetep tabah sanajan dipikageuleuh ku batur. Lamun urang nyiapkeun diri ti ayeuna, urang bakal tetep satia ngawula Yéhuwa dina mangsa kahareup.

22 Tapi, kumaha lamun ibadah urang geus dilarang? Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas prinsip-prinsip nu ngabantu urang tetep ngawula Yéhuwa sanajan dilarang.

KAWIH 118 ’Kuatkeun Iman Abdi’

^ par. 5 Urang embung dipikangéwa, tapi teu sual ayeuna atawa engké, urang kabéh bakal dikaniaya. Artikel ieu bakal ngabantu urang pikeun siap jeung wani nyanghareupan panganiayaan.

^ par. 7 Tingali The Watchtower 15 Désémber 1965, kaca 756-767.

^ par. 14 Tingali The Watchtower 15 Juli 1979, kaca 4-7. Tingali ogé vidéo Nama Yehuwa Pasti Akan Dikenal dina JW Broadcasting® dina bagian WAWANCARA DAN PENGALAMAN.

^ par. 15 Tingali Buku Tahunan Saksi-Saksi Yehuwa 2008, kaca 191-192.

^ par. 67 KATERANGAN GAMBAR: Waktu keur ibadah kulawarga, kolot ngabantu barudak ngapalkeun ayat-ayat maké kartu.

^ par. 70 KATERANGAN GAMBAR: Pas rék ka pasamoan, hiji kulawarga latihan ngawihkeun lagu-lagu Karajaan di mobil.