Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bener Kitu Yésus téh Maot keur Abdi?

Bener Kitu Yésus téh Maot keur Abdi?

ALKITAB ngamuat loba kekecapan ti ’jalma-jalma biasa kawas urang’ nu ngabudalkeun parasaanana. (Yak. 5:17) Misalna, urang bisa langsung ngarti kana parasaan Paulus dina Rum 7:21-24, ”Ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng. . . . Jelema cilaka sim kuring teh!” Kekecapan Paulus nu jujur ieu pasti nguatkeun urang nu keur bajoang ngalawan kateusampurnaan.

Paulus ogé ngungkabkeun parasaan nu béda deui. Dina Galata 2:20, manéhna nunjukkeun kayakinanana yén Yésus geus ”ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka [manéhna]” sacara pribadi! Naha Sadérék gé ngarasa siga kitu? Can tangtu.

Lamun urang osok ngarasa euweuh hargaan lantaran pernah ngalakukeun dosa, bisa jadi urang hésé percaya yén Yéhuwa nyaah jeung geus ngahampura, komo deui nganggap korban tebusan téh keur urang pribadi. Naha bener Yésus hayang urang nganggap tebusan téh saperti kitu? Lamun enya, kumaha urang bisa yakin? Hayu urang bahas dua pananya ieu.

PANGORBANAN YÉSUS TÉH KEUR SAHA?

Yésus hayang urang nganggap pangorbananana téh keur urang pribadi. Ku naon urang bisa yakin? Bayangkeun kajadian dina Lukas 23:39-43. Saurang penjahat dipakukeun dina tihang di gigireun Yésus. Manéhna ngaku geus ngalampahkeun kajahatan. Tangtu kajahatanana parah lantaran hukuman pati dina tihang téh dihususkeun keur jalma nu jahat pisan. Bakating susah haté, manéhna nyambat ka Yésus, ”Sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!”

Kumaha tanggapan Yésus? Bayangkeun pas keur nyeri-nyerina, Yésus maksakeun ngalieuk ka penjahat éta. Tuluy bari senyum, anjeunna ngayakinkeun, ”Sing percaya! . . . Maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus.” Sabenerna, Yésus bisa waé ngingetkeun yén ”Anak Manusa, datangna . . . rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet”. (Mat. 20:28) Tapi, Yésus nandeskeun yén pangorbananana téh keur penjahat éta sacara pribadi. Cara ngomong anjeunna lemah lembut, anjeunna ngagunakeun kecap ”manéh” jeung ”Kami”. Tuluy Yésus nyebutkeun mangpaat pangorbananana keur penjahat éta sacara pribadi, nyaéta hirup di pirdaus di bumi.

Tangtu, Yésus hayang penjahat éta ngarti yén pangorbanan anjeunna téh keur manéhna pribadi. Lamun Yésus ngarasa kitu ka penjahat nu can ngawula ka Allah, komo deui ka urang Kristen nu geus dibaptis jeung ngawula ka Allah. Jadi, kumaha urang bisa yakin yén pangorbanan Yésus téh méré mangpaat keur urang pribadi sanajan urang pernah nyieun dosa?

NU NGAYAKINKEUN PAULUS

Lantaran tugas palayananana, Paulus jadi yakin yén Yésus maot keur manéhna. Ku naon bisa kitu? Manéhna ngajelaskeun, ”Bapa muji sukur ka Kristus Yesus Gusti urang, sabab ku berkah Anjeunna bapa kuat ngajalankeun kawajiban. Nganunuhunkeun reh ku Anjeunna dilayakkeun ngawulaan. Padahal bareto bapa ka Anjeunna teh ngagogoreng, nganiaya jeung moyok.” (1 Tim. 1:12-14) Lantaran dibéré tugas ku Yésus, Paulus jadi yakin yén Yésus nyaah, welas asih, jeung percaya ka manéhna. Urang masing-masing ogé dipercayakeun tugas palayanan ku Yésus. (Mat. 28:19, 20) Naha urang bisa boga parasaan nu sarua jeung Paulus?

Albert, nu anyar-anyar ieu balik deui ka Yéhuwa sanggeus ampir 34 taun dipecat, ngajelaskeun, ”Abdi sok inget waé kana dosa abdi. Tapi waktu keur dines, abdi ngarasa siga Rasul Paulus nu dibéré tugas sacara pribadi ku Yésus. Abdi jadi gedé haté jeung boga pandangan nu positif ka diri sorangan, kana hirup abdi, jeung kana mangsa kahareup abdi.”​—Jab. 51:5.

Waktu ngajar rupa-rupa jalma, yakinkeun yén Yésus welas asih jeung nyaah ka maranéhna

Allan, nu baheulana penjahat nu telenges, ngomong, ”Abdi masih kénéh sok kaduhung geus jahat ka batur. Sakapeung, abdi jadi sedih. Tapi, hatur nuhun ka Yéhuwa nu tos ngidinan jalma dosa siga abdi nepikeun warta hadé ka batur. Waktu ningali réaksi jalma-jalma, abdi jadi inget sakitu nyaah jeung bageurna Yéhuwa téh. Abdi ngarasa digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngabantu jalma-jalma nu kahirupanana siga abdi baheula.”

Waktu keur dines, urang ngalampahkeun jeung mikirkeun nu hadé. Urang jadi yakin Yésus téh welas asih, nyaah, jeung percaya ka urang.

YÉHUWA PAHAM EUSI HATÉ URANG

Saacan dunya Sétan nu jahat ieu dibinasakeun, bisa jadi urang masih kénéh osok ngarasa sedih ku lantaran dosa-dosa urang. Kumaha urang bisa ngalawan parasaan éta?

Jean, nu sering rumasa salah lantaran boga kahirupan ganda basa keur ngorana, ngomong, ”Sukur pisan ’Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang.’” (1 Yoh. 3:19, 20) Urang gé bisa kalilipur lantaran apal yén Yéhuwa jeung Yésus bener-bener paham kana kaayaan urang leuwih ti urang sorangan. Sing inget, lantaran nyaah, Aranjeunna nyadiakeun tebusan lain keur jalma nu sampurna, tapi keur jalma dosa nu tobat.​—1 Tim. 1:15.

Urang bakal beuki yakin kana bebeneran ieu lamun bener-bener ngalenyepan sikep Yésus ka jalma-jalma nu teu sampurna, sarta lamun urang sakuat tanaga ngajalankeun tugas palayanan urang. Ku kituna, saperti Paulus, urang bisa ngomong yén Yésus ”geus ngurbankeun hirup-Na ku anjeun ku tina asih-Na ka sim kuring”.