Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 34

Carana Tetep Bagja dina Tugas nu Anyar

Carana Tetep Bagja dina Tugas nu Anyar

”[Allah] moal lali ka anu geus dipigawe ku aranjeun, nya kitu deui kana kanyaah aranjeun ka Mantenna.”​—IBR. 6:10.

KAWIH 38 Mantenna Bakal Nguatkeun Anjeun

NU DIBAHAS *

1-3. Naon waé nu bisa nyababkeun palayan sapinuh waktu barobah tugasna?

ROBERT jeung Mary Jo nyarita, ”Salila 21 taun ieu, abdi duaan bagja pisan jadi misionaris. Tapi, kolot urang opat-opatanana geus geringan. Bungah sih bisa ngarawat maranéhna, tapi tetep wé sedih ninggalkeun tempat tugas lantaran urang geus betah.”

2 William jeung Terrie nyarita, ”Waktu abdi duaan teu bisa balik deui ka tempat tugas lantaran gering, abdi duaan ceurik. Impian urang ngawula Yéhuwa di nagri séjén geus leungit.”

3 Ceuk Aleksey, ”Kabéh anggota Bétel apal pamaréntah rék nutup kantor cabang tempat abdi ngawula. Tapi, waktu éta kajadian jeung urang kudu ninggalkeun Bétel, angger wé urang teu bisa narima.”

4. Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Salian ti éta, aya rébuan anggota Bétel jeung palayan sapinuh waktu séjénna nu meunang tugas nu anyar. * Sadérék-sadérék nu satia ieu ngarasa beurat waktu kudu ninggalkeun tugas nu dipikaresep ku maranéhna. Kumaha maranéhna bisa nyanghareupan parobahan éta? Kumaha urang bisa ngabantu maranéhna? Jawabanana bisa ngabantu urang waktu aya parobahan dina kahirupan.

CARA NYANGHAREUPAN PAROBAHAN

Ku naon parobahan tugas téh teu gampang disanghareupan ku palayan sapinuh waktu? (Tingali paragrap 5) *

5. Naon nu bisa dirasakeun ku urang lamun aya parobahan tugas?

5 Teu sual urang ngawula di Bétel atawa jadi palayan sapinuh waktu séjénna, urang bisa betah di tempat tugas urang jeung nyaah ka jalma-jalmana. Jadi waktu kudu ninggalkeun éta kabéh, haté téh asa kasuat-suat. Urang kaleungitan jalma-jalmana jeung ngahariwangkeun maranéhna, komo deui lamun aya panganiayaan. (Mat. 10:23; 2 Kor. 11:28, 29) Geus kitu, lamun urang kudu pindah tugas, sanajan ka lembur sorangan, urang ngarasa hésé ngabiasakeun diri deui jeung kabudayaanana. Robert jeung Mary Jo nyarita, ”Abdi ngarasa anéh jeung kabudayaan sorangan, malah waktu ngawawar maké basa indung gé asa kararagok. Asa jadi urang asing di nagri sorangan.” Aya ogé nu jadi boga masalah ékonomi. Maranéhna ngarasa bingung, henteu tenang, jeung leutik haté. Jadi kudu kumaha?

Penting pisan pikeun ngaraket ka Yéhuwa jeung ngandelkeun Mantenna (Tingali paragrap 6-7) *

6. Kumaha urang bisa tetep raket ka Yéhuwa?

6 Tetep raket ka Yéhuwa. (Yak. 4:8) Kumaha carana? Sing yakin yén ”Gusti ngamakbul kana paneda”. (Jab. 65:3) Jabur 62:9 nyebutkeun, ”Wakcakeun sakabeh kasusah ka Mantenna.” Yéhuwa bisa ”ngabuktikeun sagala panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen”. (Epe. 3:20) Mantenna teu saukur masihan naon nu dipénta ku urang dina doa. Mantenna bisa ngaréngsékeun masalah urang ku cara nu teu disangka-sangka.

7. (a) Kumaha sangkan urang bisa tetep raket ka Yéhuwa? (b) Dumasar kana Ibrani 6:10-12, naon hasilna lamun urang terus satia ngawula Yéhuwa?

7 Pikeun tetep raket ka Yéhuwa, urang kudu maca jeung ngalenyepan Alkitab unggal poé. Saurang sadérék nu baheulana misionaris ngomong, ”Urang kudu boga rutin ibadah kulawarga jeung nyiapkeun bahan pasamoan, percis saperti nu dilakukeun di tempat tugas nu baheula.” Salian ti éta, urang kudu getol ngawawar di sidang nu anyar. Yéhuwa moal mopohokeun saha waé nu terus satia ngawula Mantenna, sanajan teu kawas baheula.​—Baca Ibrani 6:10-12.

8. Kumaha kekecapan dina 1 Yohanes 2:15-17 bisa ngabantu Sadérék tetep hirup saderhana?

8 Tetep hirup saderhana. Ulah nepi ka kagiatan rohani Sadérék ”kaelehkeun” ku kahariwangan hirup. (Mat. 13:22) Ulah daék didesek pikeun néangan leuwih loba duit ku dunya ieu atawa ku babaturan jeung baraya nu niatna mah alus. (Baca 1 Yohanes 2:15-17.) Sing percaya ka Yéhuwa nu jangji bakal nyumponan kabutuhan rohani, émosi, jeung matéri urang dina waktuna.​—Ibr. 4:16; 13:5, 6.

9. Numutkeun Siloka 22:3, 7, ku naon urang sabisa-bisa ulah ngahutang, jeung naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu hadé?

9 Sabisa-bisa ulah ngahutang. (Baca Siloka 22:3, 7.) Pipindahan téh butuh loba biaya, jadi bisa waé urang kapaksa ngahutang. Sangkan teu loba ngahutang, pikir-pikir heula mun rék ngiridit barang nu teu bener-bener diperlukeun. Waktu urang keur strés, misalna lantaran ngarawat kulawarga nu gering, urang bisa jadi hésé mutuskeun rék nginjeum duit sabaraha loba. Lamun kitu, inget yén urang bisa nyieun putusan nu hadé lamun ngadoa jeung sasambat ka Yéhuwa. Mantenna pasti ngajawab sarta bakal ”nengtremkeun hate jeung pikiran” urang.​—Pil. 4:6, 7; 1 Pet. 5:7.

10. Kumaha carana boga sobat nu anyar?

10 Jaga hubungan nu alus jeung sobat tur kulawarga. Caritakeun parasaan jeung masalah Sadérék ka sobat-sobat, utamana nu pernah ngalaman hal nu sarupa. Ku kituna, haté Sadérék bisa kaupahan. (Pan. 4:9, 10) Sobat-sobat di tempat tugas nu baheula bakal tetep jadi sobat Sadérék. Tapi, di tempat tugas nu ayeuna, Sadérék perlu néangan sobat nu anyar. Inget yén pikeun boga sobat, Sadérék kudu bageur jeung gampang dideukeutan. Kumaha carana? Caritakeun pangalaman Sadérék supaya batur bisa ngarasakeun kabungah dina palayanan ka Yéhuwa. Sanajan di sidang aya nu teu paham sakumaha cintana Sadérék kana dines sapinuh waktu, nu séjén mah bisa kataji kana tuladan Sadérék sarta hayang nyobat jeung Sadérék. Tapi ati-ati, ulah ngagulkeun naon nu geus dilakukeun ku Sadérék, jeung ulah teterusan nyaritakeun kasedih Sadérék.

11. Kumaha perkawinan Sadérék bisa tetep bagja?

11 Lamun Sadérék kudu ninggalkeun tugas ku lantaran batur hirup gering, ulah nyalahkeun manéhna. Sabalikna, lamun Sadérék nu gering, ulah rumasa salah. Tong mikir Sadérék geus nguciwakeun batur hirup. Inget, Sadérék duaan téh ”satunggal” jeung geus jangji di hareupeun Yéhuwa bakal silih urus dina sagala kaayaan. (Mat. 19:5, 6) Lamun Sadérék kudu ninggalkeun tugas lantaran teu disangka-sangka boga orok, yakinkeun budak Sadérék yén manéhna leuwih penting ti batan tugas Sadérék. Yakinkeun budak yén manéhna téh ”kurnia” ti Allah keur Sadérék. (Jab. 127:3-5) Salian ti éta, caritakeun pangalaman-pangalaman nu nyenangkeun basa Sadérék ngawula sapinuh waktu. Ieu bisa ngajurung budak pikeun ngagunakeun hirupna dina dines ka Yéhuwa, cara Sadérék baheula.

KUMAHA BATUR BISA NGABANTU

12. (a) Kumaha urang bisa ngabantu para palayan sapinuh waktu sangkan tetep ngajalankeun tugasna? (b) Kumaha urang bisa ngabantu maranéhna sangkan bisa ngabiasakeun diri jeung tugasna nu anyar?

12 Hadéna, loba sidang jeung dulur saiman sabisa-bisa ngabantu para palayan sapinuh waktu sangkan tetep ngajalankeun tugasna. Aya nu méré dukungan matéri, aya ogé nu daék ngarawat anggota kulawarga maranéhna di lemburna. (Gal. 6:2) Lamun aya palayan sapinuh waktu nu ditugaskeun ka sidang urang, ulah mikir yén maranéhna téh dipindahkeun lantaran geus nyieun salah atawa keur didisiplin. * Alusna mah bantu maranéhna sangkan bisa ngabiasakeun diri jeung tugasna nu anyar. Bagéakeun maranéhna jeung puji palayanan nu geus dilakukeun, sanajan ayeuna teu bisa ngalakukeun loba hal siga baheula, misalna ku lantaran kaséhatan maranéhna. Pék wawuhan maranéhna. Sadérék bisa diajar tina pamahaman, palatihan, jeung pangalamanana.

13. Urang bisa nyadiakeun bantuan naon waé keur sadérék nu narima tugas anyar?

13 Mimitina, sadérék nu narima tugas anyar bisa jadi butuh bantuan urang pikeun néangan imah, kendaraan, pagawéan, jeung kaperluan séjénna. Maranéhna ogé bisa jadi perlu dibéré nyaho ngeunaan carana ngurus pajeg jeung meunangkeun asuransi. Nu pangpentingna, maranéhna hayang urang ngarti ka maranéhna, lainna hayang dipikarunya. Meureun maranéhna keur ripuh ngurus masalah kaséhatan dirina atawa kulawargana. Atawa, maranéhna keur sedih lantaran ditinggal maot ku nu dipikanyaah. * Sanajan teu kaciri, bisa jadi maranéhna gé sedih lantaran sono ka kulawarga rohani di tempat tugasna nu baheula. Butuh waktu sangkan bisa tenang deui tina parasaan nu campur aduk éta.

14. Kumaha dulur saiman ngabantu saurang sadérék istri dina tugasna nu anyar?

14 Ku cara maturan dines jeung méré tuladan, urang bisa ngabantu maranéhna ngabiasakeun diri. Sadérék istri nu mangtaun-taun ngawula di nagri séjén nyarita, ”Baheula mah, unggal poé abdi mandu loba palajaran Alkitab. Ayeuna mah, ngan saukur rék mukakeun ayat jeung némbongkeun vidéo dina dines gé mani hésé. Tapi, abdi sering diajak ku sadérék-sadérék di sidang pikeun ngadatangan deui atawa mandu palajaran Alkitab. Ningali dulur-dulur anu sumanget jeung leukeun dina mandu palajaran Alkitab nu alus, abdi jadi boga pandangan nu positif. Abdi diajar carana méré kasaksian di daérah nu anyar ieu. Abdi jadi sumanget deui.”

TERUS LAKUKEUN NU PANGHADÉNA!

Téangan cara-cara pikeun ningkatkeun dines di daérah sidang Sadérék (Tingali paragrap 15-16) *

15. Kumaha Sadérék bisa suksés dina tugas nu anyar?

15 Sadérék bisa suksés dina tugas nu anyar. Ulah nganggap parobahan ieu sabagé kagagalan atawa ngarasa Sadérék geus teu dibutuhkeun. Inget-inget deui kumaha Yéhuwa sering ngabantu Sadérék. Ulah eureun ngawawar. Pék conto urang Kristen nu satia dina abad kahiji. Maranéhna téh ”di mana-mana nguarkeun Injil Kasalametan”. (Ras. 8:1, 4) Lamun terus ngawawar, Sadérék tangtu meunang hasil alus. Contona, sababaraha panaratas nu diusir ti hiji nagri pindah ka nagri tatangga. Di ditu, aya jalma-jalma nu perlu diwawaran. Maranéhna ngagunakeun basa nu dipikaharti ku para panaratas éta. Dina sababaraha bulan, kelompok-kelompok anyar dibentuk jeung terus mekar.

16. Kumaha Sadérék bisa suka bungah dina tugas nu anyar?

16 ”Sing suka bungah ku karana PANGERAN sangkan kuat.” (Neh. 8:10) Suka bungah urang téh sakuduna ku karana Yéhuwa, lainna ku karana tugas urang, sanajan urang cinta pisan kana tugas éta. Jadi, urang kudu tetep raket ka Yéhuwa jeung ngandelkeun hikmat, bingbingan, sarta dukungana-Na. Inget, Sadérék bisa cinta kana tugas nu baheula lantaran enya-enya ngabantu jalma-jalma di dinya. Lamun ayeuna Sadérék enya-enya dina tugas nu anyar, Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék cinta kana tugas ieu.​—Pan. 7:10.

17. Ngeunaan tugas nu ayeuna, naon nu kudu diinget ku urang?

17 Urang kudu inget yén palayanan ka Yéhuwa téh abadi, tapi tugas urang mah ngan saheulaanan. Di dunya anyar, urang kabéh bakal robah tugasna. Aleksey, nu disebutkeun di awal, yakin yén parobahan tugas ayeuna téh nyiapkeun manéhna pikeun parobahan dina mangsa kahareup. Ceuk manéhna, ”Salila ieu, abdi mémang yakin Yéhuwa jeung dunya anyar téh nyata, tapi abdi sok ngarasa éta téh jauh kénéh. Ayeuna mah, abdi ngarasa Yéhuwa aya di hareupeun abdi. Abdi gé asa geus téréh nepi ka dunya anyar.” (Ras. 2:25) Teu sual naon tugas urang, urang hayang tetep raket ka Yéhuwa. Mantenna moal ninggalkeun urang, tapi bakal ngabantu urang suka bungah ngawula Mantenna di mana waé.​—Yes. 41:13.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

^ par. 5 Bisa waé, aya palayan sapinuh waktu nu kudu eureun tina tugasna, atawa meunang tugas nu anyar. Artikel ieu ngabahas tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna sarta carana supaya bisa ngabiasakeun diri jeung kaayaan nu anyar. Bakal dibahas ogé kumaha batur bisa nguatkeun jeung ngadukung maranéhna. Prinsip-prinsipna bisa ngabantu urang kabéh waktu aya parobahan dina hirup urang.

^ par. 4 Sarupa kitu, loba sadérék nu boga tanggung jawab tapi geus kolot kudu masrahkeun tugasna ka sadérék-sadérék nu leuwih ngora. Tingali artikel ”Para Lansia—Yehuwa Menghargai Kesetiaan Kalian” dina Menara Pengawal Séptémber 2018, sarta ”Sing Tengtrem Haté Sanajan Aya Parobahan” dina Warta Hadé Oktober 2018.

^ par. 12 Para kokolot di sidang nu saacanna kudu gancang nyieun surat panganteur, sangkan maranéhna bisa neruskeun tugasna sabagé panaratas, kokolot, atawa palayan sidang.

^ par. 13 Tingali Sadarlah! 2018 No. 3 nu jejerna ”Bantuan bagi Yang Berduka”.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Sapasang salaki pamajikan kudu ninggalkeun tugas misionarisna di hiji nagri. Maranéhna sedih lantaran kudu pisah jeung sidangna.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Di nagri asalna, pasangan ieu teu eureun-eureun ngadoa sangkan Yéhuwa ngabantu maranéhna nyanghareupan tangtangan.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Ku bantuan Yéhuwa, pasangan ieu ngawula deui sapinuh waktu. Maranéhna ngawawar ka para imigran di daérah sidangna nu anyar lantaran geus bisa basana.