Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 40

Tetep Sibuk dina Panungtungan ”Ahir Jaman”

Tetep Sibuk dina Panungtungan ”Ahir Jaman”

”Kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti.”​—1 KOR. 15:58.

KAWIH 58 Néangan Jalma nu Resep Rukun

NU DIBAHAS *

1. Naon nu ngayakinkeun urang yén urang hirup dina ”ahir jaman”?

NAHA Sadérék lahir sanggeus taun 1914? Lamun enya, Sadérék saumur-umur hirup dina ”ahir jaman”. (2 Tim. 3:1) Urang kabéh pernah ngadéngé kajadian-kajadian nu geus dinubuatkeun ku Yésus ngeunaan jaman kiwari. Ieu kaasup perang, bala kalaparan, lini, wabah panyakit, ningkatna kajahatan, jeung panganiayaan umat Yéhuwa. (Mat. 24:3, 7-9, 12; Luk. 21:10-12) Urang gé geus ningali kalakuan jalma-jalma saperti nu dinubuatkeun ku Rasul Paulus. (Tingali kotak ” Kalakuan Jalma-Jalma Ayeuna”.) Umat Yéhuwa yakin keur hirup dina ”ahir jaman”.

2. Pananya naon waé nu kudu dijawab ku urang?

2 Taun 1914 téh geus kaliwat jauh, jadi pasti urang ayeuna hirup dina panungtungan ”ahir jaman”. Lantaran ahir dunya ieu geus téréh, urang kudu nyaho jawaban tina sababaraha pananya penting ieu: Bakal aya kajadian naon dina panungtungan ”ahir jaman”? Yéhuwa hoyong urang ngalakukeun naon salila ngadagoan kajadian-kajadian éta?

BAKAL AYA KAJADIAN NAON DINA PANUNGTUNGAN ”AHIR JAMAN”?

3. Saperti dinubuatkeun dina 1 Tesalonika 5:1-3, naon nu bakal diumumkeun ku bangsa-bangsa?

3 Baca 1 Tesalonika 5:1-3. Paulus nyebutkeun ”Poe sumpingna Gusti”. Dina ayat ieu, poé nu dimaksud téh nyaéta jangka waktu nu dimimitian ku diserangna ”Babul raya”, nyaéta sakabéh agama palsu, nepi ka Armagédon. (Wahyu 16:14, 16; 17:5) Pas saacan ”Poe” éta dimimitian, bangsa-bangsa bakal ngumumkeun ’Kaayaan tenang jeung aman’! Para pamingpin dunya osok ngagunakeun ungkapan nu méh sarua waktu nyebutkeun ngeunaan hubungan alus di antara bangsa-bangsa. * Tapi, pangumuman nu dinubuatkeun ku Alkitab mah béda. Naon bédana? Waktu ieu kajadian, loba jalma bakal nganggap para pamingpin dunya geus suksés ngawujudkeun dunya nu leuwih tenang jeung aman. Tapi sabenerna, ”kacilakaan [bakal] ujug-ujug datang” sanggeus ”mangsa cilaka” dimimitian.​—Mat. 24:21.

Ulah katipu ku pangumuman palsu ngeunaan ’kaayaan tenang jeung aman’ (Tingali paragrap 3-6) *

4. (a) Naon nu teu dipikanyaho ku urang ngeunaan pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’? (b) Naon nu dipikanyaho ku urang?

4 Ngeunaan pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’, aya nu geus dipikanyaho ku urang, tapi aya ogé nu henteu. Urang teu nyaho naon nu nyababkeun para pamingpin ngumumkeun hal éta. Urang gé teu nyaho naha éta téh hiji pangumuman atawa sababaraha pangumuman. Tapi teu sual engké bakal kumaha, nu urang nyaho mah: Urang moal katipu ku para pamingpin dunya nu ngakuna mah bisa ngawujudkeun katengtreman dunya. Sabenerna, éta pangumuman téh geus didago-dago ku urang. Éta tandaning ”Poe sumpingna Gusti” rék dimimitian!

5. Kumaha 1 Tesalonika 5:4-6 ngabantu urang sangkan siap nyanghareupan ”Poe sumpingna Gusti”?

5 Baca 1 Tesalonika 5:4-6. Paulus méré naséhat ka urang naon nu kudu dilakukeun sangkan siap nyanghareupan ”Poe sumpingna Gusti”. Urang ”ulah kaheesan kawas nu sejen”. Urang ”kudu tetep eling” jeung waspada. Contona, urang kudu tetep nétral jeung ati-ati ulah kabawakeun ku masalah pulitik dunya ieu. Lamun pipilueun, urang ”kaasup ka dunya” ieu. (Yoh. 15:19) Urang nyaho yén Karajaan Allah hiji-hijina harepan pikeun katengtreman dunya.

6. Urang hayang ngajarkeun naon ka batur, jeung naon sababna?

6 Salian ti ngélingan diri sorangan, urang gé hayang ngajarkeun nubuat Alkitab ngeunaan kaayaan dunya ieu ka batur. Urang kudu inget, waktu mangsa cilaka dimimitian, jalma-jalma geus teu bisa mihak ka Yéhuwa. Éta sababna tugas pangwawaran urang téh penting pisan! *

TETEP SIBUK NGAWAWAR

Waktu ngawawar, urang nunjukkeun yén Karajaan Allah téh hiji-hijina harepan pikeun katengtreman dunya (Tingali paragrap 7-9)

7. Naon nu dipikahoyong ku Yéhuwa ti urang ayeuna?

7 ”Poé” Yéhuwa téréh datang, sésa waktuna ngan saeutik deui. Jadi, Yéhuwa hoyong urang tetep sibuk ngawawar. Urang ”kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti”. (1 Kor. 15:58) Yésus nganubuatkeun naon nu bakal dilakukeun ku urang. Waktu anjeunna nyebutkeun tanda-tanda nu jelas salila ahir jaman, anjeunna nambahkeun, ”Wawaran amanat Allah teh kudu disiarkeun heula ka sagala bangsa.” (Mar. 13:4, 8, 10; Mat. 24:14) Pék pikirkeun: Unggal Sadérék dines, Sadérék keur milu ngalaksanakeun nubuat Alkitab éta!

8. Naon buktina kagiatan pangwawaran Karajaan beuki maju?

8 Kagiatan pangwawaran Karajaan téh beuki maju. Naon buktina? Ti taun ka taun, beuki loba waé jalma nu ngadéngé warta hadé Karajaan. Misalna, pikirkeun ningkatna jumlah pawarta di sakuliah dunya salila ahir jaman. Dina taun 1914, aya 5.155 pawarta di 43 nagri. Ayeuna aya kira-kira 8,5 juta pawarta di 240 nagri! Sanajan kitu, pagawéan urang can anggeus. Urang kudu terus ngawartakeun yén Karajaan Allah téh hiji-hijina jalan kaluar pikeun masalah umat manusa.​—Jab. 145:11-13.

9. Ku naon urang kudu terus ngawawarkeun warta Karajaan?

9 Urang kudu terus ngawawarkeun warta Karajaan nepi ka Yéhuwa nganggap éta geus cukup. Sabaraha lila deui jalma-jalma bisa dibantu pikeun kenal ka Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus? (Yoh. 17:3) Urang teu apal. Tapi nu pasti, saacan mangsa cilaka dimimitian, jalma-jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” masih kénéh bisa narima warta hadé jeung milih ngawula Yéhuwa. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru) Kumaha urang bisa ngabantu jalma-jalma saacan telat?

10. Yéhuwa masihan bantuan naon ka urang pikeun ngajarkeun bebeneran?

10 Liwat organisasi-Na, Yéhuwa masihan bantuan ka urang pikeun ngajarkeun bebeneran ka jalma-jalma. Contona, unggal minggu urang narima palatihan di pasamoan tengah minggu. Di pasamoan ieu, urang jadi nyaho naon nu kudu diomongkeun waktu ngawawar jeung ngadatangan deui. Urang ogé diajar carana mandu palajaran Alkitab. Organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun loba publikasi dina Pakakas Ngajar. Ku ayana pakakas ieu, urang bisa . . .

  • ngamimitian obrolan,

  • ngageuing minat,

  • ngajurung jalma pikeun hayang nyaho leuwih loba,

  • ngajarkeun bebeneran ka palajar Alkitab, jeung

  • ngondang jalma nu minat pikeun muka situs Internét urang sarta datang ka Balé Karajaan.

Tangtu boga pakakas ieu wungkul teu cukup, éta kudu digunakeun. * Misalna, sanggeus ngobrol jeung jalma nu minat, Sadérék bisa méré risalah atawa majalah. Jadi, bahan-bahan éta bisa dibaca ku manéhna nepi ka Sadérék panggih deui jeung manéhna. Urang boga tanggung jawab pikeun terus sibuk ngawawar unggal bulan.

11. Naon tujuan Palajaran Alkitab Online dijieun?

11 Aya hal séjén nu disadiakeun ku Yéhuwa pikeun ngabantu jalma-jalma diajar bebeneran, éta téh Palajaran Alkitab Online dina jw.org®. Naon tujuan éta dijieun? Unggal bulan, puluhan rébu jalma di sakuliah dunya néangan dina Internét carana diajar Alkitab. Palajaran-palajaran dina situs Internét urang bisa ngabantu jalma-jalma diajar bebeneran Firman Allah. Bisa jadi, jalma-jalma nu diajak ngobrol ku Sadérék asa-asa narima palajaran Alkitab jeung Sadérék. Lamun kitu, tunjukkeun Palajaran Alkitab Online dina situs Internét urang atawa kirimkeun link-na. *

12. Jalma-jalma bisa diajar naon waé tina Palajaran Alkitab Online?

12 Palajaran Alkitab Online ngabahas topik-topik ieu: ”Alkitab jeung Pangarangna”, ”Tokoh-Tokoh Penting dina Alkitab”, sarta ”Warta Alkitab nu Méré Harepan”. Topik-topik ieu ngabahas:

  • Mangpaatna Alkitab

  • Saha Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat

  • Tujuan Allah nyiptakeun manusa

  • Ku naon aya kasangsaraan jeung kajahatan

Palajaran-palajaran ieu ogé ngabahas carana Yéhuwa . . .

  • ngaleungitkeun kasangsaraan jeung maot,

  • ngahirupkeun deui jalma-jalma nu geus maot, sarta

  • ngagantikeun pamaréntahan manusa nu gagal ku Karajaan Allah.

13. Naha palajaran Alkitab sacara online bisa ngagantikeun program palajaran sacara langsung? Jelaskeun.

13 Palajaran Alkitab Online teu ngagantikeun program palajaran langsung jeung saurang Saksi. Yésus méré hak istiméwa ka urang pikeun ngajadikeun murid. Urang hayang jalma-jalma nu geus diajar sacara online bisa kataji jeung hayang diajar leuwih loba. Ku kituna, maranéhna daék narima palajaran Alkitab sacara langsung. Dina ahir unggal palajaran, maranéhna disarankeun ngeusi formulir pikeun diajar Alkitab jeung saurang Saksi. Rata-rata di sakuliah dunya, aya leuwih ti 230 jalma nu ménta diajar Alkitab unggal poéna liwat situs Internét urang. Diajar langsung ku saurang Saksi téh penting!

TERUS JARADIKEUN MURID

14. Numutkeun pituduh Yésus dina Mateus 28:19, 20, naon nu sabisa-bisana kudu dilakukeun ku urang, jeung naon alesanana?

14 Baca Mateus 28:19, 20. Waktu ngayakeun palajaran Alkitab, urang hayang sabisa-bisa ngabantu jalma-jalma pikeun ’jadi murid jeung ngalakonan sagala perkara anu ku Yesus geus diparentahkeun’. Urang kudu ngabantu maranéhna paham pentingna mihak ka Yéhuwa jeung Karajaana-Na. Ieu hartina urang kudu ngajurung maranéhna ngalarapkeun bebeneran, ngabaktikeun diri ka Yéhuwa, tuluy dibaptis. Ku kituna, maranéhna bisa salamet dina poé Yéhuwa.​—1 Pet. 3:21.

15. Urang embung méakkeun waktu pikeun ngalakukeun naon, jeung naon sababna?

15 Saperti nu geus disebutkeun saacanna, ahir dunya téh geus téréh jeung waktuna tinggal saeutik deui. Éta sababna, urang embung méakkeun waktu pikeun ngajarkeun Alkitab ka jalma nu teu daék ngarobah hirupna pikeun jadi murid Kristus. (1 Kor. 9:26) Pagawéan urang téh penting pisan! Aya loba kénéh jalma nu kudu dibéré nyaho ngeunaan warta Karajaan meungpeung aya kénéh waktu.

JAUHAN AGAMA PALSU

16. Numutkeun Wahyu 18:2, 4, 5, 8, naon nu kudu dilakukeun ku urang kabéh? (Tingali ogé catetan handap.)

16 Baca Wahyu 18:2, 4, 5, 8Ayat-ayat ieu nunjukkeun hal séjén nu dipikahoyong ku Yéhuwa ti hamba-hamba-Na. Kabéh urang Kristen nu sajati kudu bener-bener misah ti Babul Raya. Saacan diajar bebeneran, saurang palajar Alkitab bisa waé anggota agama palsu. Manéhna gé bisa jadi osok miluan ibadah jeung kagiatan agama, atawa osok nyumbang ka organisasi éta. Saacan palajar Alkitab disatujuan jadi pawarta nu can dibaptis, manéhna kudu mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Manéhna kudu nyieun surat nu ngajelaskeun yén manéhna rék kaluar ti garéja atawa organisasi nu aya patalina jeung Babul Raya. *

17. Pagawéan naon waé nu kudu disingkahan ku urang Kristen, jeung naon sababna?

17 Urang Kristen sajati kudu mastikeun pagawéanana euweuh patalina jeung Babul Raya. (2 Kor. 6:14-17) Contona, manéhna moal jadi pagawé garéja. Salian ti éta, urang Kristen nu digawé keur hiji pausahaan (misalna sabagé tukang lédeng atawa tukang listrik) moal daék narima loba pagawéan di wangunan nu aya patalina jeung agama palsu. Kitu ogé lamun boga usaha sorangan, manéhna moal nawarkeun bisnis ka salah sahiji bagian ti Babul Raya atawa nyieun kontrak gawé jeung maranéhna. Ku naon pamadegan urang sakitu pengkuhna? Lantaran urang embung kababawa ku lalampahan jeung dosa-dosa organisasi agama nu najis di payuneun Allah.​—Yes. 52:11. *

18. Kumaha saurang sadérék nyepeng pageuh prinsip Alkitab ngeunaan pagawéanana?

18 Sababaraha taun katukang, saurang kokolot sidang nu jadi tukang kayu dipénta ku hiji kontraktor pikeun ngagawékeun pagawéan di garéja di kotana. Kontraktor éta apaleun yén sadérék urang tara daék lamun dititah digawé di garéja. Harita, kontraktor éta geus néangan ka mamana tapi teu manggih jalma nu cocog. Sanajan kitu, sadérék urang tetep nyepeng pageuh prinsip Alkitab jeung nolak tawaranana. Ari pék téh minggu hareupna, dina koran aya poto tukang kayu séjén keur masang salib di éta garéja. Lamun sadérék éta teu pengkuh kana prinsip Alkitab, poto manéhna nu aya dina éta koran. Réputasi manéhna di antara dulur saiman pasti ruksak! Bayangkeun ogé kumaha parasaan Yéhuwa.

NAON PALAJARANANA?

19-20. (a) Urang geus diajar naon waé? (b) Naon deui nu kudu dipikanyaho ku urang?

19 Numutkeun nubuat Alkitab, kajadian penting nu sakeudeung deui bakal aya di dunya ieu téh diumumkeunana ’kaayaan tenang jeung aman’ ku bangsa-bangsa. Lantaran urang geus diajar ku Yéhuwa, urang nyaho bangsa-bangsa moal bisa ngawujudkeun katengtreman nu sajati tur langgeng. Naon nu kudu dilakukeun ku urang saacan bangsa-bangsa ngumumkeun ’kaayaan tenang jeung aman’ sarta saacan ”mangsa cilaka” dimimitian? Yéhuwa hoyong urang tetep sibuk ngawawarkeun warta Karajaan jeung ngajadikeun leuwih loba murid. Salian ti éta, urang kudu misahkeun diri ti agama palsu. Éta hartina urang eureun jadi anggota Babul Raya sarta embung digawé keur maranéhna.

20 Dina panungtungan ”ahir jaman”, aya kajadian séjén sanggeus pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’. Sarta, aya hal-hal séjén nu kudu dilakukeun ku urang. Naon waé éta téh, jeung kumaha urang bisa nyiapkeun diri pikeun nyanghareupan kajadian nu téréh datang? Urang bakal ngabahas hal ieu dina artikel saterusna.

KAWIH 71 Urang Prajurit Yéhuwa

^ par. 5 Sakeudeung deui, urang bakal ngadéngé bangsa-bangsa ngumumkeun ’kaayaan tenang jeung aman’! Éta bakal jadi tanda mangsa cilaka dimimitian. Yéhuwa hoyong urang ngalakukeun naon saacan aya pangumuman éta? Jawabanana bakal dibahas dina artikel ieu.

^ par. 3 Misalna, dina situs Internétna, Perserikatan Bangsa-Bangsa ngaku keur ”ngajaga kaamanan jeung katengtreman internasional”.

^ par. 10 Pikeun nyaho leuwih loba carana ngagunakeun Pakakas Ngajar, tingali artikel ”Ngajarkeun Bebeneran” dina Warta Hadé Oktober 2018.

^ par. 11 Palajaran Alkitab Online kakara aya dina basa Inggris jeung Portugis, kahareupna bakal aya dina leuwih loba basa.

^ par. 16 Salian ti éta, urang moal jadi anggota organisasi keur budak ngora atawa organisasi nu ngajalankeun fasilitas rékréasi, tapi aya patalina jeung agama palsu. Misalna, di sababaraha tempat, aya organisasi agama nu boga gedong olahraga, kolam renang, atawa klub kaséhatan. Sanajan ngakuna mah kagiatanana téh euweuh hubunganana jeung agama, sabenerna organisasi éta ngadukung tujuan jeung paham hiji agama.

^ par. 17 Pikeun katerangan nu leuwih rinci ngeunaan pandangan Alkitab kana pagawéan nu ngalibetkeun organisasi agama, tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 15 April 1999.

^ par. 83 KATERANGAN TAMBAHAN: Jalma-jalma di tempat ngopi panasaran waktu aya berita di TV ngeunaan pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’. Pasangan Saksi, nu keur reureuh waktu dines, teu katipu ku berita éta.