Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 44

Kuatkeun Sosobatan Saacan Datangna Mangsa Cilaka

Kuatkeun Sosobatan Saacan Datangna Mangsa Cilaka

”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.”​—SIL. 17:17.

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

NU DIBAHAS *

Urang butuh sobat-sobat salila ”mangsa cilaka” (Tingali paragrap 2) *

1-2. Numutkeun 1 Petrus 4:7, 8, naon nu bisa ngabantu urang nyanghareupan kasusahan?

BEUKI deukeut ka panungtungan ”ahir jaman”, bisa waé urang ngalaman kasusahan nu parah. (2 Tim. 3:1) Misalna, sanggeus kampanyeu pemilu, hiji nagri di Afrika jadi papecah lantaran aya karusuhan. Leuwih ti genep bulan, sadérék-sadérék urang hésé iinditan lantaran aya karusuhan di mana-mana. Naon nu ngabantu maranéhna nyanghareupan kasusahan ieu? Sababaraha sadérék ngungsi ka imah dulur saiman nu daérahna leuwih aman. Saurang sadérék nyarita, ”Dina kaayaan ieu, untung abdi boga sobat-sobat. Urang jadi bisa silih kuatkeun.”

2 Waktu ”mangsa cilaka” datang, urang bakal atoh boga sobat-sobat nu nyaah ka urang. (Mat. 24:21) Jadi, nguatkeun sosobatan ti ayeuna téh penting. (Baca 1 Petrus 4:7, 8.) Urang bisa diajar tina pangalaman Yérmia nu dikuatkeun ku sobat-sobatna saacan Yérusalém diancurkeun. * Kumaha urang bisa nyonto Yérmia?

DIAJAR TINA TULADAN YÉRMIA

3. (a) Naon nu bisa waé nyababkeun Yérmia mencilkeun manéh? (b) Naon nu diungkabkeun Yérmia ka Baruk, jeung naon mangpaatna?

3 Salila 40 taun atawa leuwih, Yérmia hirup di antara jalma-jalma nu teu satia, kaasup tatangga jeung bisa jadi barayana ti Anatot, kota asalna. (Yer. 11:21; 12:6) Tapi, Yérmia teu mencilkeun manéh. Manéhna malahan ngungkabkeun parasaanana ka Baruk, sékertarisna nu satia, jeung sabenerna ka urang ogé lantaran éta ditulis. (Yer. 8:21; 9:1; 20:14-18; 45:1) Urang bisa ngabayangkeun waktu Baruk nulis pangalaman Yérmia, maranéhna duaan jadi silih pikanyaah jeung silih hargaan.​—Yer. 20:1, 2; 26:7-11.

4. Yéhuwa masihan tugas naon ka Yérmia, jeung kumaha tugas ieu bisa nguatkeun sosobatan Yérmia jeung Baruk?

4 Mangtaun-taun, Yérmia wani mépélingan bangsa Israil ngeunaan naon nu bakal tumiba ka Yérusalém. (Yer. 25:3) Tuluy, Yéhuwa nugaskeun Yérmia pikeun nuliskeun pépéling-Na dina gulungan supaya bangsa Israil tarobat. (Yer. 36:1-4) Pikeun ngajalankeun tugas ti Allah ieu, nu bisa jadi lilana sababaraha bulan, Yérmia gawé bareng jeung Baruk. Maranéhna tangtu sering ngobrolkeun hal-hal nu nguatkeun iman.

5. Naon buktina Baruk téh sobatna Yérmia?

5 Sanggeus gulunganana réngsé ditulis, Yérmia mercayakeun ka Baruk tugas pikeun nepikeun pesen dina gulungan éta. (Yer. 36:5, 6) Baruk wani ngajalankeun tugas nu bahaya ieu. Manéhna indit ka deukeut lawang bait tuluy macakeun eusi gulungan ka jalma-jalma. Yérmia tangtu reueus ka sobatna ieu. (Yer. 36:8-10) Para pajabat Yuda apaleun naon nu dilakukeun ku Baruk, jadi maranéhna nitah Baruk maca éta gulungan di hareupeun maranéhna. (Yer. 36:14, 15) Para pajabat mutuskeun pikeun ngalaporkeun pesen Yérmia ka Raja Yoyakim. Maranéhna méré nyaho Baruk, ”Maneh jeung Yermia kudu nyumput masing buni, . . . kade ulah nepi ka kapanggih.” (Yer. 36:16-19) Éta téh saran nu alus pisan!

6. Naon nu dilakukeun ku Yérmia jeung Baruk waktu maranéhna ditentang?

6 Raja Yoyakim kacida ambekna waktu ngadéngé kekecapan nu ditulis Yérmia. Éta gulungan diduruk, tuluy manéhna maréntahkeun sangkan Yérmia jeung Baruk ditéwak. Sanajan kitu, Yérmia teu sieun. Manéhna nyokot gulungan séjén, dibikeun ka Baruk, tuluy ngadiktékeun deui warta ti Yéhuwa. Baruk ”nuliskeun sagala rupa anu ku [Yérmia] diucapkeun. Eusina sarua jeung nu ti heula”.​—Yer. 36:26-28, 32.

7. Kumaha hasilna waktu Yérmia jeung Baruk gawé babarengan?

7 Jalma-jalma nu ngalaman susah babarengan biasana sok beuki raket. Jadi kabayang, basa Yérmia jeung Baruk babarengan nyieun deui gulungan nu geus diancurkeun ku Raja Yoyakim nu jahat, maranéhna jadi leuwih kenal jeung beuki dalit. Urang bisa diajar naon ti tuladan dua priya nu satia ieu?

UNGKABKEUN PARASAAN SADÉRÉK

8. Ku naon urang hésé ngajalin sosobatan, jeung ku naon urang ulah nyerah?

8 Bisa jadi urang hésé ngungkabkeun parasaan urang ka batur lantaran pernah aya nu nganyenyeri haté urang. (Sil. 18:19, 24, Terjemahan Dunia Baru) Atawa, bisa jadi urang teu boga loba waktu jeung tanaga pikeun ngajalin sosobatan. Tapi, ulah nyerah. Lamun urang hayang didukung ku dulur saiman waktu aya kasusah, urang kudu diajar percaya ka maranéhna ku cara ngungkabkeun pikiran jeung parasaan urang. Éta penting supaya urang bisa jadi sobat sajati.​—1 Pet. 1:22.

9. (a) Naon buktina Yésus percaya ka sobat-sobatna? (b) Lamun Sadérék ngungkabkeun pikiran jeung parasaan ka sobat, ku naon sosobatan Sadérék jadi beuki kuat? Béré conto.

9 Yésus percaya ka sobat-sobatna. Anjeunna daék nyarita, euweuh nu disumput-sumputkeun. (Yoh. 15:15) Urang bisa nyonto anjeunna ku cara nyarita ka sobat waktu keur bungah, hariwang, atawa kuciwa. Tuluy lamun batur keur nyarita, regepkeun caritana. Bisa jadi, pikiran, parasaan, jeung cita-citana aya saruana jeung Sadérék. Perhatikeun conto Cindy, sadérék istri nu umurna 20-an, nu nyobat jeung Marie-Louise, saurang panaratas nu umurna 60-an. Maranéhna osok dines unggal Kemis isuk jeung sok ngobrolkeun sagala rupa. Ceuk Cindy, ”Abdi resep ngobrolkeun hal-hal nu penting jeung sobat-sobat lantaran abdi jadi leuwih kenal jeung paham ka maranéhna.” Lamun Sadérék nyonto Cindy daék ngungkabkeun pikiran jeung parasaan ka sobat sarta ngaregepkeun waktu manéhna keur nyarita, sosobatan Sadérék jeung manéhna bakal beuki kuat.​—Sil. 27:9.

DINES BARENG

Sobat sajati mah dines babarengan (Tingali paragrap 10)

10. Numutkeun Siloka 27:17, naon hasilna lamun urang dines bareng jeung dulur saiman?

10 Saperti nu kaalaman ku Yérmia jeung Baruk, waktu urang dines bareng jeung dulur saiman, urang bisa ningali sipat-sipat hadé maranéhna. Urang gé bisa diajar ti maranéhna jeung jadi leuwih akrab. (Baca Siloka 27:17.) Misalna waktu keur dines, kumaha parasaan Sadérék waktu ngadéngé sobat Sadérék wani ngabéla imanna atawa ngungkabkeun kayakinanana ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na? Bisa jadi Sadérék beuki nyaah ka manéhna.

11-12. Béré conto yén dines bareng téh bisa nguatkeun sosobatan.

11 Perhatikeun dua pangalaman nu némbongkeun yén dines bareng téh bisa ngabantu urang jadi leuwih akrab. Adeline, saurang sadérék istri nu umurna 23 taun, ngajak sobatna, Candice, pikeun ngawawar di daérah nu jarang diwawaran. Ceuk manéhna, ”Abdi duaan hayang leuwih sumanget jeung resep ngawawar. Abdi duaan butuh dikuatkeun.” Naon mangpaatna dines babarengan? Ceuk Adeline, ”Unggal soré, urang nyaritakeun parasaan masing-masing, nyaritakeun obrolan nu alus dina dines, jeung ngabahas kumaha Yéhuwa ngabingbing dines abdi duaan. Resep pisan bisa ngobrolkeun hal-hal ieu. Abdi duaan jadi leuwih kenal.”

12 Laïla jeung Marianne, dua sadérék istri nu léngoh kénéh ti Prancis, indit ka Bangui, ibu kota Republik Afrika Tengah nu ramé ku jalma. Maranéhna rék ngawawar di dinya salila lima minggu. Laïla inget, ”Abdi pernah boga masalah jeung Marianne, untungna masalahna bisa diobrolkeun, sarta ku lantaran silih pikanyaah, sosobatan urang jadi beuki kuat. Abdi ningali Marianne gampang nyaluyukeun diri jeung kaayaan, nyaah ka jalma-jalma di ditu, jeung sumanget dines. Abdi jadi beuki ngahargaan manéhna.” Sadérék teu kudu ka luar nagri pikeun meunang mangpaat siga kitu. Unggal dines di daérah sorangan gé, Sadérék boga kasempetan pikeun kenal ka dulur saiman jeung nguatkeun sosobatan Sadérék duaan.

PERHATIKEUN SIPAT-SIPAT ALUSNA JEUNG SING RÉLA NGAHAMPURA

13. Naon tangtanganana waktu dines bareng jeung dulur saiman?

13 Waktu dines bareng jeung dulur saiman, urang teu ngan saukur ningali sipat hadéna tapi ogé sipat goréngna. Lamun kitu, urang kudu kumaha? Perhatikeun deui tuladan Yérmia. Kumaha manéhna bisa leuwih merhatikeun kahadéan ti batan kalemahan batur?

14. Yérmia diajar naon ti Yéhuwa, jeung kumaha manéhna nyonto Mantenna?

14 Yérmia nulis buku Yermia, jeung bisa jadi manéhna gé nulis buku 1 jeung 2 Raja-Raja. Ku lantaran tugas ieu, manéhna jadi ngalenyepan welas asih Yéhuwa ka manusa nu teu sampurna. Misalna, Yérmia apal yén ku lantaran Raja Ahab tobat tina kajahatanana, Yéhuwa moal waka ngadatangkeun bahla ka kulawarga Ahab waktu manéhna hirup kénéh. (1 Rja. 21:27-29) Sarupa kitu, Yérmia apal yén kalakuan Ménasé leuwih ngaraheutan manah Yéhuwa ti batan Ahab. Tapi, Yéhuwa daék ngahampura Ménasé lantaran manéhna tobat. (2 Rja. 21:16, 17; 2 Bab. 33:10-13) Kisah-kisah ieu ngabantu Yérmia nyonto Allah pikeun sabar jeung welas asih ka sobat-sobatna.​—Jab. 103:8, 9.

15. Kumaha Yérmia nyonto kasabaran Yéhuwa waktu Baruk disimpangkeun?

15 Perhatikeun naon nu dilakukeun Yérmia basa Baruk disimpangkeun tina tugasna? Yérmia teu langsung nganggap Baruk teu bisa barobah, tapi manéhna ngabantu Baruk ku cara nepikeun pépéling nu lemah lembut tapi terus terang ti Allah. (Yer. 45:1-5) Naon palajaranana keur urang?

Sobat sajati mah silih hampura (Tingali paragrap 16)

16. Numutkeun Siloka 17:9, naon nu kudu dilakukeun ku urang sangkan sosobatan urang tetep kuat?

16 Tangtu urang teu bisa ngarepkeun dulur-dulur saiman urang sampurna. Sakalina urang boga sobat, urang kudu ngajaga sosobatan urang tetep kuat. Lamun sobat urang nyieun salah, urang bisa jadi kudu méré naséhat nu lemah lembut tapi terus terang tina Firman Allah. (Jab. 141:5) Jeung lamun urang nyeri haté ku manéhna, urang kudu daék ngahampura manéhna. Mun geus dihampura, tong diutik-utik deui kahareupna. (Baca Siloka 17:9.) Dina mangsa nu susah ieu, penting pisan pikeun mikirkeun kahadéan dulur saiman lain kalemahanana! Lamun kitu, sosobatan urang jeung manéhna jadi beuki kuat. Éta téh penting lantaran urang butuh sobat salila mangsa cilaka.

TÉMBONGKEUN KANYAAH NU SAJATI

17. Naon buktina Yérmia téh sobat sajati dina mangsa kasusah?

17 Nabi Yérmia ngabuktikeun yén manéhna téh sobat sajati dina mangsa kasusah. Contona, sanggeus pajabat karaton nu ngaranna Ébéd Mélék nyalametkeun Yérmia nu rék dipaéhan di sumur nu pinuh ku leutak, Ébéd Mélék sieun dicilakakeun ku pajabat séjénna. Waktu Yérmia apal, manéhna teu cicing waé nganggap Ébéd Mélék sanggup ngaréngsékeun masalahna sorangan. Sanajan keur di panjara, Yérmia nepikeun jangji Yéhuwa nu nengtremkeun haté ka Ébéd Mélék, sobatna.​—Yer. 38:7-13; 39:15-18.

Sobat sajati mah siap ngabantu (Tingali paragrap 18)

18. Numutkeun Siloka 17:17, urang kudu kumaha lamun aya sobat nu keur kasusahan?

18 Kiwari, dulur-dulur saiman urang nyanghareupan rupa-rupa kasusah. Misalna, loba nu sangsara lantaran musibat alam atawa perang. Lamun éta kajadian, sababaraha dulur saiman bisa ngajak maranéhna cicing di imahna. Nu séjénna bisa méré bantuan matéri. Tapi, urang kabéh bisa ngadoa ka Yéhuwa pikeun nulungan dulur-dulur urang. Lamun aya nu keur leutik haté, meureun urang teu nyaho kudu kumaha atawa kudu ngomong naon. Tapi, urang kabéh bisa nulungan. Misalna, urang bisa nyadiakeun waktu keur sobat urang. Urang gé bisa ngadéngékeun bener-bener caritana. Salian ti éta, urang bisa méré ayat-ayat karesep urang nu ngalilipur manéhna. (Yes. 50:4) Nu pangpentingna mah Sadérék siap ngabantu waktu sobat Sadérék butuh bantuan.​—Baca Siloka 17:17.

19. Lamun urang nguatkeun sosobatan ti ayeuna, naon mangpaatna dina mangsa kahareup?

19 Urang kudu boga tékad pikeun ngajalin sarta nguatkeun sosobatan jeung dulur saiman ti ayeuna. Ku naon? Lantaran musuh urang bakal mecah belah urang ku kabohongan. Maranéhna hayang ngadu domba urang. Tapi, éta bakal percumah. Maranéhna moal bisa megatkeun kanyaah urang ka dulur saiman atawa ngaruksak sosobatan urang. Sosobatan urang mah teu ngan saukur nepi ka tungtung jaman ieu tapi bakal abadi!

KAWIH 24 Hayu ka Gunung Yéhuwa

^ par. 5 Beuki deukeut ka mangsa cilaka, urang kabéh kudu nguatkeun sosobatan urang jeung dulur saiman. Artikel ieu bakal ngabahas pangalaman Yérmia jeung palajaranana keur urang. Urang gé bakal ngabahas carana nguatkeun sosobatan ti ayeuna supaya urang bisa nyanghareupan kasusahan nu bakal datang.

^ par. 2 Kajadian-kajadian dina buku Yermia henteu nuturkeun urutan waktu.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Kaayaan nu bisa jadi kaalaman ku urang waktu ”mangsa cilaka”. Sababaraha sadérék keur nyarumput di para. Lantaran maranéhna nyobat, maranéhna bisa silih kuatkeun dina mangsa kasusah. Sadérék-sadérék éta geus ngajalin sosobatan nu kuat saacan mangsa cilaka dimimitian.