Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 47

Palajaran tina Buku Imamat

Palajaran tina Buku Imamat

”Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at.”​—2 TIM. 3:16.

KAWIH 98 Firman Allah nu Kailham

NU DIBAHAS *

1-2. Ku naon urang Kristen kiwari kudu diajar buku Imamat?

RASUL PAULUS ngingetan Timoteus, sobatna nu ngora kénéh, yén ”eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at”. (2 Tim. 3:16) Ieu kaasup buku Imamat. Kumaha pandangan Sadérék kana buku ieu? Aya nu nganggap buku Imamat téh eusina daptar aturan nu geus tinggaleun jaman, tapi urang Kristen sajati mah teu mikir siga kitu.

2 Buku Imamat ditulis kira-kira 3.500 taun katukang. Tapi, Yéhuwa ngajaga buku ieu tetep aya nepi ka ayeuna pikeun ”ngajar urang”. (Rum 15:4) Tina buku Imamat, urang jadi paham kana pikiran jeung parasaan Yéhuwa. Jadi, urang kudu sumanget diajar buku ieu. Sabenerna tina buku ieu urang bisa diajar loba hal. Tapi ayeuna, urang rék ngabahas opat di antarana.

CARANA KAMANAH KU YÉHUWA

3. Naon tujuanana kurban sato dina Poé Pangampura Dosa?

3 Palajaran kahiji: Urang kudu kamanah ku Yéhuwa supaya korban urang ditarima. Unggal taun dina Poé Pangampura Dosa, bangsa Israil bakal ngumpul pikeun méré sato kurban. Kurban ieu ngingetan bangsa Israil yén maranéhna téh kudu dibersihkeun tina dosa! Tapi saacan imam agung mawa getih kurban ka Tempat Pangsucina dina poé éta, aya hiji tugas nu kudu dijalankeun heula. Tugas éta leuwih penting ti batan mawa getih kurban pikeun ngahampura dosa bangsa éta.

(Tingali paragrap 4) *

4. Dina Imamat 16:12, 13, naon nu dilakukeun ku imam agung waktu asup nu mimiti ka Tempat Pangsucina dina Poé Pangampura Dosa? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

4 Baca Imamat 16:12, 13. Bayangkeun, dina Poé Pangampura Dosa, imam agung asup ka kémah tepangan. Dina poé éta, manéhna kudu asup ka Tempat Pangsucina tilu kali. Waktu asup nu mimiti, manéhna kudu mawa seuseungitan di leungeun nu hiji jeung mawa parukuyan nu pinuh ku ruhak di leungeun nu hijina deui. Saacan ngaliwatan rérégan pikeun asup ka Tempat Pangsucina, manéhna cicing heula sakeudeung. Tuluy ku rasa hormat, manéhna asup ka Tempat Pangsucina jeung nangtung di hareupeun peti perjangjian. Ieu mangrupakeun lambang yén manéhna keur aya di payuneun Yéhuwa! Ayeuna, manéhna lalaunan ngasupkeun seuseungitan kana ruhak, jadi éta rohangan téh bauna seungit. * Geus kitu, manéhna bakal asup deui mawa getih kurban sato. Perhatikeun, manéhna ngaduruk heula seuseungitan saacan mawa getih kurban pangampura dosa.

5. Urang bisa diajar naon tina seuseungitan nu diduruk dina Poé Pangampura Dosa?

5 Urang bisa diajar naon tina seuseungitan nu diduruk dina Poé Pangampura Dosa? Dina Alkitab, doa-doa ti hamba-hamba Yéhuwa nu satia téh disaruakeun jeung dupa atawa seuseungitan. (Jab. 141:2; Wahyu 5:8) Inget yén imam agung mawa seuseungitan ka payuneun Yéhuwa ku rasa hormat. Kitu ogé, urang ngadoa ka Yéhuwa téh ku rasa hormat. Urang tajub jeung ngajénan pisan ka Nu Nyiptakeun jagat raya lantaran urang diidinan ngaraket ka Mantenna, siga anak ka bapana. (Yak. 4:8) Mantenna kersa misobat ka urang! (Jab. 25:14) Urang bener-bener ngahargaan hak istiméwa ieu jeung embung nguciwakeun Mantenna.

6. Urang bisa diajar naon tina imam agung nu ngaduruk seuseungitan saacan nyanggakeun kurban?

6 Inget yén imam agung kudu ngaduruk seuseungitan heula saacan nyanggakeun kurban. Ku kituna, waktu nyanggakeun kurban téh manéhna geus kamanah ku Allah. Naon palajaranana? Basa keur di bumi, Yésus ngalakukeun hal nu penting saacan ngurbankeun kahirupanana. Hal éta leuwih penting ti batan nyalametkeun umat manusa. Naon éta téh? Anjeunna geus satia taat ka Yéhuwa salila hirupna di bumi, jadi Yéhuwa narima korban anjeunna. Ku kituna, Yésus ngabuktikeun yén ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa téh cara hirup nu bener. Yésus gé ngabuktikeun yén Bapana boga hak pikeun maréntah jeung carana adil.

7. Naon nu nunjukkeun yén salila di bumi Yésus kamanah ku Bapana?

7 Salila hirup di bumi, Yésus kalawan sampurna taat kana papakon Yéhuwa nu bener. Gogoda atawa tangtangan naon waé, kaasup disiksa nepi ka maot, teu bisa ngalemahkeun tékad anjeunna pikeun ngabéla cara Bapana maréntah. (Pil. 2:8) Waktu diuji, Yésus ”sasambat bari medal cisoca”. (Ibr. 5:7) Doana anu husu jeung sapinuh haté nguatkeun tékadna pikeun tetep taat. Di payuneun Yéhuwa, doa Yésus téh siga dupa nu seungit. Saumur hirupna, Yésus bener-bener kamanah ku Bapana jeung ngabuktikeun yén Bapana boga hak pikeun maréntah.

8. Kumaha urang bisa nyonto Yésus?

8 Urang bisa nyonto Yésus ku cara satékah polah taat jeung satia ka Yéhuwa. Waktu diuji, urang husu ngadoa nyuhunkeun bantuan Yéhuwa lantaran hayang nyenangkeun Mantenna. Éta bukti yén urang ngadukung cara Yéhuwa maréntah. Urang sadar yén Yéhuwa moal narima doa urang lamun urang ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Mantenna. Tapi, lamun cara hirup urang luyu jeung papakon Yéhuwa, urang yakin doa urang ka Yéhuwa bakal siga dupa anu seungit. Urang gé yakin kasatiaan jeung kataatan urang bakal nyenangkeun Bapa urang nu di sawarga.​—Sil. 27:11.

URANG NGAWULA LANTARAN NYAAH JEUNG HAYANG NGANUHUNKEUN

(Tingali paragrap 9) *

9. Naon tujuan urang Israil nyanggakeun kurban panarima?

9 Palajaran kadua: Urang ngawula Yéhuwa lantaran hayang nganuhunkeun ka Mantenna. Pikeun nandeskeun hal ieu, hayu urang bahas kurban panarima, salah sahiji hal penting dina ibadah bangsa Israil. * Tina buku Imamat, urang apal yén urang Israil nyanggakeun kurban panarima sabagé ”tanda rasa sukur”. (Ima. 7:11-13, 16-18) Manéhna nyanggakeun kurban téh lain lantaran kawajiban, tapi lantaran kahayangna sorangan. Jadi, manéhna réla nyanggakeun kurban éta lantaran nyaah ka Allah Yéhuwa. Jalma nu méré kurban, kulawargana, jeung para imam bakal ngadahar daging sato nu dikurbankeun. Tapi, aya sababaraha bagian awak sato nu husus disanggakeun ka Yéhuwa. Bagian naon éta téh?

(Tingali paragrap 10) *

10. Tina kurban panarima nu disebutkeun dina Imamat 3:6, 14-16, urang diajar naon ngeunaan alesan Yésus ngalakukeun kahoyong Bapana?

10 Palajaran katilu: Urang méré nu panghadéna ka Yéhuwa lantaran nyaah ka Mantenna. Gajih sato dianggap bagian nu panghadéna ku Yéhuwa. Mantenna ogé nganggap penting sababaraha bagian awak sato, saperti giginjel. (Baca Imamat 3:6, 14-16.) Jadi Yéhuwa senang waktu aya urang Israil nu ngorbankeun gajih jeung bagian-bagian ieu ka Mantenna. Ku cara kitu, kaciri manéhna téh hayang méré nu panghadéna ka Allah. Kitu ogé, Yésus réla méré nu panghadéna ka Yéhuwa ku cara ngawula sapinuh jiwa lantaran nyaah ka Mantenna. (Yoh. 14:31) Yésus cinta kana hukum Allah jeung kacida resepna ngalakukeun kahoyong Mantenna. (Jab. 40:9) Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali Yésus réla ngawula Mantenna!

Lantaran nyaah ka Yéhuwa, urang hayang méré nu panghadéna (Tingali paragrap 11-12) *

11. Naon sasaruaanana palayanan urang jeung kurban panarima, sarta ku naon ieu téh ngagedékeun haté urang?

11 Saperti kurban panarima, palayanan urang bisa némbongkeun sakumaha nyaahna urang ka Yéhuwa. Lamun urang nyaah pisan ka Yéhuwa, urang bakal méré nu panghadéna. Yéhuwa tangtu bungah pisan ningali jutaan hamba-Na réla ngawula lantaran nyaah ka Mantenna! Urang bisa gedé haté lamun inget yén nu ditingali jeung dihargaan ku Yéhuwa téh lain ngan saukur tindakan urang tapi ogé alesan urang ngalakukeunana. Misalna, lamun Sadérék geus kolot jeung teu bisa ngalakukeun leuwih loba sakumaha kahayang Sadérék, sing yakin Yéhuwa ngarti kana kaayaan Sadérék. Sadérék bisa jadi ngarasa ngan méré saeutik, tapi Yéhuwa ningali kanyaah nu ngajurung Sadérék ngawula sabisa-bisana. Éta téh palayanan nu panghadéna ti Sadérék. Yéhuwa gé bungah narimana.

12. Kumaha parasaan Yéhuwa kana kurban panarima, jadi urang bisa yakin kana hal naon?

12 Urang diajar naon tina kurban panarima? Waktu bagian sato nu panghadéna kaduruk, haseupna naék ka luhur jeung éta kamanah ku Yéhuwa. Sing yakin, palayanan Sadérék nu enya-enya jeung sukaréla kamanah ku Yéhuwa. (Kol. 3:23) Bayangkeun sakumaha resepna Mantenna ka Sadérék. Teu sual palayanan Sadérék saeutik atawa loba, éta dihargaan pisan ku Mantenna jeung bakal diinget salilana.​—Mat. 6:20; Ibr. 6:10.

YÉHUWA NGABERKAHAN ORGANISASI-NA

13. Saperti nu disebutkeun dina Imamat 9:23, 24, naon buktina para imam kamanah ku Yéhuwa?

13 Palajaran kaopat: Yéhuwa ngaberkahan bagian organisasi-Na nu aya di bumi. Inget kajadian dina taun 1512 SM waktu kémah tepangan diadegkeun di suku Gunung Sinai. (Bud. 40:17) Musa mingpin upacara pikeun ngalantik Harun jeung putra-putrana jadi imam. Bangsa Israil ngumpul pikeun nyaksian para imam mimiti ngurbankeun sato. (Ima. 9:1-5) Naon buktina para imam nu kakara dilantik éta kamanah ku Yéhuwa? Barang Harun jeung Musa ngucapkeun berkah keur bangsa Israil, gur aya seuneu ti Yéhuwa nu nyamber jeung ngaduruk kurban dina altar.​—Baca Imamat 9:23, 24.

14. Saha nu dilambangkeun ku para imam ti kulawarga Harun?

14 Naon nu ditunjukkeun ku kajadian nu luar biasa ieu? Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna ngadukung pisan dilantikna Harun jeung putra-putrana jadi imam. Waktu ningali bukti nu jelas yén Yéhuwa ngadukung para imam, bangsa Israil gé kajurung pikeun ngadukung maranéhna. Kumaha jeung urang ayeuna? Para imam di Israil téh ngalambangkeun para imam nu jauh leuwih luhur. Kristus téh Imam Agung nu leuwih luhur, jeung anjeunna disarengan ku 144.000 jalma nu jadi imam jeung raja di sawarga.​—Ibr. 4:14; 8:3-5; 10:1.

Yéhuwa ngaberkahan jeung ngabingbing organisasi-Na. Urang gé hayang ngadukung organisasi-Na (Tingali paragrap 15-17) *

15-16. Naon buktina yén gandék nu satia jeung bijaksana téh kamanah ku Allah?

15 Taun 1919, Yésus ngalantik sakelompok leutik sadérék-sadérék nu diistrénan jadi ”gandek satia jeung bijaksana”. Éta gandék mingpin kagiatan pangwawaran jeung nyadiakeun dahareun rohani keur murid-murid Kristus ”saban-saban geus waktuna”. (Mat. 24:45) Naha aya bukti nu jelas yén gandék nu satia jeung bijaksana téh kamanah ku Allah?

16 Sétan jeung baladna satékah polah ngahalangan pagawéan gandék nu satia. Mun teu dibantuan ku Yéhuwa mah gandék ieu moal bisa ngalakukeun tugasna. Sanajan aya dua perang dunya, krisis ékonomi sadunya, teterusan ditentang, jeung ngalaman kateuadilan, gandék nu satia jeung bijaksana ieu terus nyadiakeun dahareun rohani keur murid-murid Kristus nu aya di bumi. Bayangkeun, ayeuna aya loba pisan dahareun rohani nu disadiakeun haratis dina leuwih ti 900 basa! Ieu bukti nu jelas yén Yéhuwa ngadukung maranéhna! Aya deui bukti séjénna yén Yéhuwa ngaberkahan maranéhna, nyaéta kagiatan pangwawaran. Warta hadé geus diwawarkeun ”ka sakuliah dunya”. (Mat. 24:14) Tangtu urang teu cangcaya, Yéhuwa ngabingbing jeung ngaberkahan organisasi-Na kiwari.

17. Kumaha carana urang ngadukung organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa?

17 Alus lamun urang ngalenyepan, ’Naha abdi muji sukur lantaran geus aya di organisasi Yéhuwa?’ Yéhuwa tos masihan bukti nu sarua kuatna jeung seuneu nu turun ti langit dina jaman Musa jeung Harun. Urang tangtu muji sukur ka Yéhuwa. (1 Tes. 5:18) Kumaha carana urang ngadukung organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa ieu? Ku cara nuturkeun pituduh tina Alkitab nu aya dina publikasi, di pasamoan, jeung di kongrés-kongrés. Salian ti éta, urang ogé ngadukung organisasi ku cara satékah polah ngawawar jeung ngajar.​—1 Kor. 15:58.

18. Naon tékad urang?

18 Urang kudu boga tékad pikeun ngalarapkeun palajaran nu aya dina buku Imamat. Urang hayang kamanah ku Yéhuwa supaya korban urang ditarima. Urang hayang ngawula Yéhuwa lantaran nganuhunkeun ka Mantenna. Urang hayang méré nu panghadéna ka Yéhuwa lantaran nyaah pisan ka Mantenna. Urang gé hayang satékah polah ngadukung organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa kiwari. Ku cara-cara ieu, urang ngabuktikeun ka Yéhuwa yén urang ngahargaan hak istiméwa pikeun jadi Saksi-Saksi-Na!

KAWIH 96 Kitab Suci, Harta ti Allah

^ par. 5 Buku Imamat eusina téh hukum-hukum Yéhuwa keur bangsa Israil kuno. Sanajan teu kudu dijalankeun ku urang Kristen, hukum-hukum éta aya mangpaatna keur urang. Artikel ieu bakal ngabahas palajaran penting tina buku Imamat.

^ par. 4 Seuseungitan nu diduruk di kemah tepangan téh suci, jeung dina jaman Israil kuno éta ngan digunakeun dina ibadah ka Yéhuwa. (Bud. 30:34-38) Euweuh catetan yén urang Kristen dina abad kahiji ngaduruk seuseungitan dina ibadahna.

^ par. 9 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan kurban panarima, tingali ”Korban persekutuan” dina Pemahaman Alkitab, Jilid 2, kaca 501-502.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Dina Poé Pangampura Dosa, imam agung bangsa Israil asup ka Tempat Pangsucina bari mawa seuseungitan jeung ruhak ngarah éta rohangan seungit. Sanggeus éta, kakara manéhna asup deui ka Tempat Pangsucina bari mawa getih kurban

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Saurang Israil mikeun domba ka imam pikeun dijadikeun kurban panarima sabagé bukti kulawarga manéhna nganuhunkeun ka Yéhuwa.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Salila palayananana di bumi, Yésus ngabuktikeun kanyaahna ka Yéhuwa ku cara nuturkeun paréntah Mantenna jeung ngabantu murid-muridna pikeun ngalampahkeun nu sarua.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Sanajan geus teu jagjag, saurang sadérék istri nu geus kolot méré nu panghadéna ka Yéhuwa ku cara méré kasaksian liwat surat.

^ par. 62 KATERANGAN GAMBAR: Dina bulan Pébruari 2019, Sadérék Gerrit Lösch, anggota Badan Pingpinan, ngumumkeun medalna révisi Terjemahan Dunia Baru dina basa Jerman. Ayeuna, para pawarta di Jerman, saperti dua sadérék istri ieu, resep ngagunakeun Alkitab anyar ieu dina dines.