Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Dukung Karajaan Allah ti Ayeuna!

Dukung Karajaan Allah ti Ayeuna!

Bayangkeun di daérah anjeun aya gunung nu bitu. Pamaréntah di dinya méré paringetan, ”GEURA KALUAR! GEURA TÉANGAN TEMPAT NGUNGSI!” Naon nu sakuduna anjeun lakukeun? Tangtuna anjeun kudu geura néangan tempat nu leuwih aman.

Kitu ogé, sakeudeung deui urang bakal nyanghareupan bencana nu bisa disaruakeun jeung gunung bitu. Ku Isa, éta téh disebut ”kasangsaraan nu kacida hébatna”. (Matius 24:21) Kabéh jalma, kaasup urang, pasti bakal ngalaman kasangsaraan nu kacida hébatna ieu. Tapi aya nu bisa urang lakukeun supaya bisa salamet waktu kasangsaraan nu kacida hébatna kajadian. Kumaha carana?

Dina salah sahiji hutbahna, Isa Al-masih méré pituduh kieu, ”Ku kituna, utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah.” (Matius 6:33) Naon nu kudu urang lakukeun?

Utamakeun tunduk ka Pamaréntahan Allah. Ieu hartina Pamaréntahan Allah kudu jadi nu pangpentingna dina kahirupan urang. (Matius 6:25, 32, 33) Naon alesanana? Lantaran manusa mah moal bisa ngaréngsékeun kabéh masalah di dunya. Ngan Pamaréntahan Allah nu bisa ngaréngsékeunana.

Utamakeun hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Urang kudu hirup nuturkeun hukum jeung prinsip nu bener dina pandangan Allah. Ku naon? Ku sabab lamun urang mutuskeun sorangan mana nu bener, mana nu salah, balukarna pasti goréng. (Siloka 16:25) Sabalikna, lamun hirup nuturkeun standar ti Allah, urang pasti bisa nyenangkeun Allah jeung ngarasakeun mangpaatna.​—Yesaya 48:17, 18.

Terus utamakeun tunduk ka Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Isa geus ngingetkeun, bakal aya jalma-jalma nu kasimpangkeun. Misalna, maranéhna mikir hirupna bakal aman lamun boga loba harta banda. Nu séjénna hariwang teuing kana kahirupanana, nepi ka teu boga waktu pikeun ngutamakeun tunduk ka Pamaréntahan Allah.​—Matius 6:19-21, 25-32.

Isa jangji, sagala pangabutuh jalma-jalma nu ngutamakeun Pamaréntahan Allah bakal dicumponan, jeung di mangsa ka hareup maranéhna bakal narima berkah.​—Matius 6:33.

Murid-murid Isa dina abad kahiji ngutamakeun tunduk kana Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Tapi nepi ka maotna gé, murid-murid Isa teu ningali kabéh kanyeri jeung kasangsaraan dileungitkeun. Sanajan kitu, maranéhna tetep dilindungan. Kumaha carana?

Maranéhna hirup nuturkeun hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Ku kituna, manéhna bisa bébas ti masalah-masalah nu disanghareupan ku jalma nu teu taat. Iman nu kuat kana Pamaréntahan Allah ngabantu maranéhna nyanghareupan masalah nu beurat. Allah ogé masihan maranéhna ”kasanggupan nu hébat”, supaya maranéhna tetep tabah.​—2 Korintus 4:7-9.

NAHA ANJEUN NGUTAMAKEUN TUNDUK KANA PAMARENTAHAN ALLAH?

Urang Kristen dina abad kahiji nuturkeun paréntah Isa pikeun ngutamakeun heula tunduk kana Pamaréntahan Allah. Maranéhna nyebarkeun warta ngeunaan éta Pamaréntahan ka loba tempat di dunya. (Kolose 1:23) Di jaman ayeuna, aya teu nu ngalakukeun hal nu sarua?

Aya! Saksi-Saksi Yéhuwa apal sakeudeung deui Pamaréntahan Allah bakal ngamusnakeun sakabéh pamaréntahan dunya. Ku kituna, maranéhna sabisa-bisa hirup nuturkeun kekecapan Isa, ”Warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal diuarkeun ka sakuliah dunya supaya kadéngé ku kabéh bangsa, geus kitu kakara ahir éta datang.”​—Matius 24:14.

Sanggeus anjeun ngadéngékeun warta hadé, anjeun kudu kumaha? Anjeun bisa nyonto urang Béréa ti Makédonia. Waktu maranéhna ngadéngé ngeunaan Pamaréntahan Allah ti Rasul Paulus, maranéhna ”sumanget pisan narima firman”. Terus urang Béréa gé mariksa Kitab Suci pikeun mariksa ”bener henteuna naon nu didéngé ku maranéhna” jeung ngalampahkeunana.​—Kisah 17:11, 12.

Anjeun gé bisa nyonto urang Béréa. Lamun anjeun ngutamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah jeung hal-hal nu bener dina pandangan Allah, anjeun bakal dilindungan ayeuna sarta meunangkeun hirup nu langgeng tur tengtrem dina mangsa ka hareup.