Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAHIRUPAN KRISTEN

Carana Ngamekarkeun Kanyaah ka Allah jeung ka Batur

Carana Ngamekarkeun Kanyaah ka Allah jeung ka Batur

Ayeuna, urang Kristen teu diatur deui ku Hukum Musa. Tapi dua paréntah pangpentingna dina Hukum, nyaéta pikeun nyaah ka Allah jeung ka batur, geus ngaringkeskeun kabéh nu dipénta ku Allah ti urang. (Mat 22:37-39) Kanyaah saperti kitu teu jol-jol aya, tapi kudu dimekarkeun. Kumaha carana? Salah sahijina nyaéta maca Alkitab unggal poé. Tina Alkitab, urang bakal nyaho leuwih loba ngeunaan sipat-sipat Allah jeung ngarasakeun ”kasaean Mantenna”. (Jab 27:4) Urang ogé bakal leuwih nyaah ka Allah sarta cara pikir urang bakal saperti Mantenna. Ku kituna, urang bakal leuwih gampang ngajalankeun paréntah-paréntah Allah, kaasup paréntah pikeun nyaah jeung ngutamakeun batur. (Yoh 13:34, 35; 1Yoh 5:3) Perhatikeun tilu cara supaya urang leuwih resep maca Alkitab:

  • Bayangkeun kajadianana, gunakeun pancaindra Sadérék. Mun aya di ditu, kira-kira Sadérék bakal nempo, ngadéngé, jeung ngambeu naon? Kumaha parasaan jalma nu keur dicaritakeun?

  • Nyobaan rupa-rupa cara. Sadérék bisa: Baca maké sora atawa baca bari ngadéngékeun rekaman audiona. Ti batan maca numutkeun pasal, pék baca ngeunaan hiji jalma atawa hiji topik. Misalna mun rék maca ngeunaan Yésus, gunakeun Lampiran A7 atawa B12 dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Salian ti éta, Sadérék bisa maca pasal Alkitabna tina ayat poé éta nu dicatet dina buku Menyelidiki Kitab Suci Setiap Hari. Sadérék ogé bisa maca buku-buku Alkitab numutkeun waktu ditulisna.

  • Baca nepi ka ngarti. Leuwih leuheung maca hiji pasal sapoé tapi ngarti jeung dilenyepan ti batan maca sababaraha pasal ngan ngarah gancang bérés. Bayangkeun kaayaanana. Pikirkeun rincian-rincianana. Gunakeun peta jeung référensi dina Alkitab. Sahenteuna, talungtik hiji hal nu Sadérék teu pati paham. Mun bisa, lilana waktu nu dipaké pikeun maca Alkitab sarua jeung lilana waktu pikeun ngalenyepanana.