Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 2

Sadérék Bisa Jadi Jalma nu ”Kacida Nulungna” ka Batur

Sadérék Bisa Jadi Jalma nu ”Kacida Nulungna” ka Batur

”Ngan aranjeunna tiluan anu maturan sim kuring ngalakonan gawe ngemban parentah Allah. Kacida nulungna.”​—KOL. 4:11.

KAWIH 90 Sing Silih Hatéan

NU DIBAHAS *

1. Loba hamba Yéhuwa ngalaman kasusah naon?

DI SAKULIAH dunya, loba hamba Yéhuwa keur sedih jeung leutik haté lantaran kaayaanana. Di sidang Sadérék aya nu siga kitu teu? Aya dulur urang nu keur gering ripuh atawa ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Nu séjénna keur sedih pisan lantaran aya anggota kulawarga atawa sobatna nu ninggalkeun Yéhuwa. Aya ogé nu sangsara ku musibat alam. Maranéhna téh butuh dikuatkeun. Kumaha carana nulungan maranéhna?

2. Ku naon sakapeung Rasul Paulus butuh dikuatkeun?

2 Rasul Paulus sering ngalaman kaayaan nu nyusahkeun. (2 Kor. 11:23-28) Manéhna gé boga ”cucuk di jero awak” nu bisa jadi masalah kaséhatan. (2 Kor. 12:7, Sunda Formal) Jeung, Paulus ngarasa kuciwa ka Démas nu pernah gawé bareng tapi ninggalkeun manéhna lantaran ”kagembang ku dunya ieu”. (2 Tim. 4:10) Paulus téh urang Kristen nu diistrénan nu wanian jeung resep nulungan batur, tapi manéhna gé pernah leutik haté.​—Rum 9:1, 2.

3. Ti saha Paulus narima panglilipur jeung dukungan?

3 Paulus narima panglilipur jeung dukungan nu dibutuhkeun. Kumaha carana? Yéhuwa tangtu ngagunakeun roh suci-Na pikeun nguatkeun Paulus. (2 Kor. 4:7) Yéhuwa gé ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun Paulus. Paulus nyebutkeun yén sababaraha dulur saimanna téh ”kacida nulungna” ka manéhna. (Kol. 4:11) Sababaraha dulur saiman nu nguatkeun Paulus supaya tetep tabah téh nyaéta Aristarkus, Tihikus, jeung Markus. Sipat-sipat naon nu dipiboga ku tilu urang Kristen nu kacida ngalilipurna ka Paulus? Kumaha urang bisa nyonto tuladan maranéhna waktu ngalilipur jeung nguatkeun batur?

SATIA SIGA ARISTARKUS

Siga Aristarkus, urang bisa jadi sobat nu satia ku cara maturan dulur saiman nu keur ’susah’ (Tingali paragrap 4-5) *

4. Naon buktina Aristarkus téh sobat satiana Paulus?

4 Aristarkus, urang Kristen nu asalna ti Tésalonika di daérah Makédoni, satia jadi sobat Paulus. Aristarkus mimiti disebutkeun basa Paulus nganjangan Épésus dina perjalanan utusan Injilna nu katilu. Basa keur maturan Paulus, Aristarkus ditéwak ku gorombolan jalma. (Ras. 19:29) Waktu dibébaskeun, Aristarkus teu nyalametkeun dirina sorangan tapi satia maturan Paulus. Sababaraha bulan sanggeusna, di Yunani, Aristarkus tetep maturan Paulus sanajan Paulus diancam rék dipaéhan ku nu nentang. (Ras. 20:2-4) Kira-kira taun 58 M, basa Paulus dikirim ka Rum pikeun dijadikeun tahanan, Aristarkus maturan manéhna dina perjalanan nu jauh éta, malahan maranéhna ngalaman musibat nyaéta kapalna tilelep. (Ras. 27:1, 2, 41) Waktu di Rum, katingalina Aristarkus pernah dipanjara bareng jeung Paulus. (Kol. 4:10) Geus tangtu Paulus ngarasa dikuatkeun jeung dililipur ku sobatna nu satia ieu!

5. Numutkeun Siloka 17:17, kumaha urang bisa jadi sobat nu satia?

5 Siga Aristarkus, urang bisa jadi sobat nu satia ku cara tetep maturan dulur saiman boh keur senang boh keur ’susah’. (Baca Siloka 17:17.) Sanajan masalah dulur urang geus bérés, bisa jadi maranéhna tetep butuh dililipur. Indung bapana Fina * keuna ku kangker, tuluy bapana maot, jarak tilu bulan indungna gé maot. Manéhna ngomong, ”Sedih lantaran masalah nu beurat téh lila leungitna. Jadi abdi ngahargaan sobat nu satia nu apal abdi téh masih kénéh sedih sanajan kolot abdi geus lila maotna.”

6. Sobat nu satia bakal kumaha?

6 Sobat nu satia daék nyieun pangorbanan pikeun dulur saimanna. Misalna, saurang sadérék nu ngaranna Peter dibéjaan ku dokter yén manéhna boga panyakit parah nu moal bisa dicageurkeun. Kathryn, pamajikanana, nyarita, ”Aya salaki pamajikan di sidang nu mawa abdi duaan ka dokter nu ngadiagnosa panyakit Peter. Ti saprak harita, maranéhna teu pernah ngantep urang nyanghareupan kasusahan ieu sorangan. Maranéhna siap nulungan urang iraha waé.” Urang tangtu dikuatkeun boga sobat sajati nu ngabantu urang tabah nyanghareupan tangtangan!

BISA DIPERCAYA SIGA TIHIKUS

Siga Tihikus, urang bisa jadi sobat nu dipercaya waktu batur keur bajoang nyanghareupan masalahna (Tingali paragrap 7-9) *

7-8. Numutkeun Kolosa 4:7-9, naon buktina Tihikus bisa dipercaya?

7 Tihikus téh urang Kristen ti wilayah Asia nu dikawasaan ku Rum. Manéhna batur Paulus nu bener-bener bisa diandelkeun. (Ras. 20:4) Kira-kira taun 55 M, Paulus ngatur sangkan sumbangan dikumpulkeun pikeun nulungan urang Kristen di Yudéa, jeung bisa jadi manéhna nitah Tihikus mantuan ngalaksanakeun tugas penting ieu. (2 Kor. 8:18-20) Teu lila waktu Paulus dipanjarakeun nu mimiti di Rum, Tihikus jadi utusan pribadina. Tihikus diutus ku Paulus pikeun nepikeun surat jeung pesen nu nguatkeun sidang-sidang di Asia.​—Kol. 4:7-9.

8 Tihikus terus jadi sobat Paulus nu bisa dipercaya. (Tit. 3:12) Harita, teu kabéh urang Kristen bisa diandelkeun kawas Tihikus. Kira-kira taun 65 M, waktu Paulus dipanjarakeun kadua kalina, Paulus nulis yén loba urang Kristen di wilayah Asia embung campur gaul jeung manéhna, meureun lantaran sieun ku nu nentang. (2 Tim. 1:15) Tapi Tihikus mah béda, manéhna bisa diandelkeun ku Paulus. Paulus gé bisa mercayakeun tugas séjén ka Tihikus. (2 Tim. 4:12) Geus tangtu, Paulus atoh boga sobat siga Tihikus.

9. Kumaha urang bisa nyonto Tihikus?

9 Urang bisa nyonto Tihikus ku cara jadi sobat nu bisa dipercaya. Misalna, urang teu ngan saukur ngomong rék nulungan dulur saiman, tapi kudu aya prakprakanana. (Mat. 5:37; Luk. 16:10) Waktu dulur saiman nu butuh bantuan nyaho urang bisa diandelkeun, maranéhna tangtu reugreug pisan. Saurang sadérék istri ngajelaskeun alesanana. Ceuk manéhna, ”Urang moal waswas lantaran apal jalma nu jangji rék nulungan téh pasti ngalaksanakeun jangjina.”

10. Saperti nu disebutkeun dina Siloka 18:24, saha nu bisa ngalilipur jalma nu keur nyanghareupan tangtangan atawa nu keur kuciwa?

10 Jalma nu keur nyanghareupan tangtangan atawa nu keur kuciwa biasana kalilipur ku sobat nu bisa dipercaya. (Baca Siloka 18:24.) Bijay kacida kuciwana waktu budakna dipecat. Ceuk manéhna, ”Abdi hayang ngungkabkeun parasaan abdi ka jalma nu bisa dipercaya.” Carlos kaleungitan hak istiméwa di sidang lantaran nyieun kasalahan. Manéhna ngomong, ”Abdi butuh batur nu siap ngadéngékeun jeung teu ngahakiman abdi.” Carlos sadar, batur nu siga kitu téh para kokolot. Maranéhna ngabantu Carlos nyanghareupan masalahna. Manéhna gé reugreug lantaran kokolot ngajaga rusiah jeung moal ngomong ka sasaha.

11. Naon nu kudu dilakukeun sangkan bisa jadi sobat nu bisa dipercaya?

11 Sangkan bisa jadi sobat nu bisa dipercaya, urang kudu sabar. Zhanna nu ditinggalkeun ku salakina ngarasa plong waktu nyaritakeun parasaanana ka sobatna. Ceuk manéhna, ”Sobat abdi sabar ngadéngékeun sanajan nu diomongkeun ku abdi téh éta-éta waé.” Sadérék bisa jadi sobat nu hadé lamun Sadérék daék bener-bener ngadéngékeun.

RÉLA NGALADÉNAN BATUR SIGA MARKUS

Kahadéan Markus ngabantu Paulus tetep tabah, urang gé bisa ngabantu dulur saiman nu keur sangsara (Tingali paragrap 12-14) *

12. Saha Markus téh, jeung naon buktina manéhna daék ngaladénan batur?

12 Markus téh urang Yahudi nu jadi Kristen ti Yérusalém. Manéhna barayana Barnabas, misionaris nu kasohor. (Kol. 4:10, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Kulawarga Markus téh beunghar, tapi harta banda lain nu pangpentingna keur Markus. Tina cara hirupna, katingalina Markus téh jalma nu daékan. Manéhna resep ngaladénan batur. Misalna, manéhna maturan Rasul Paulus jeung Rasul Pétrus nu keur ngajalankeun tanggung jawabna. Bisa jadi Markus ngurus kabutuhan sapopoé maranéhna. (Ras. 13:2-5; 1 Pet. 5:13) Paulus nyebutkeun Markus téh jalma ”nu maturan [manéhna] ngalakonan gawe ngemban parentah Allah” jeung jalma nu ”kacida nulungna” atawa nu nguatkeun manéhna.​—Kol. 4:10, NW; 4:11.

13. Kumaha 2 Timoteus 4:11 nunjukkeun Paulus ngahargaan sikep Markus nu daék ngaladénan?

13 Markus jadi salah sahiji sobat deukeut Paulus. Misalna kira-kira taun 65 M, basa Paulus keur dipanjara nu pangahirna di Rum, manéhna nulis surat nu kadua ka Timoteus. Dina suratna, Paulus nitah Timoteus datang ka Rum bari mawa Markus sakalian. (2 Tim. 4:11) Sikep Markus nu daék ngaladénan tangtu dihargaan ku Paulus, éta sababna Paulus hayang Markus maturan manéhna dina waktu nu penting pisan ieu. Markus méré bantuan ka Paulus, meureun ku cara nyadiakeun dahareun jeung alat tulis. Bisa jadi lantaran geus didukung jeung dikuatkeun, Paulus bisa tabah dina poé-poé saacan manéhna dihukum pati.

14-15. Urang diajar naon tina Mateus 7:12 ngeunaan carana méré bantuan langsung ka batur?

14 Baca Mateus 7:12. Waktu urang keur kasusahan, urang ngahargaan pisan lamun aya nu méré bantuan langsung ka urang! Ryan, nu bapana maot lantaran kacilakaan, nyarita, ”Loba urusan sapopoé téh asa hésé digawékeunana ari keur sedih mah. Tapi, abdi jadi tenang lamun aya nu méré bantuan sanajan leutik.”

15 Lamun urang bener-bener merhatikeun kabutuhan batur, urang jadi nyaho bantuan naon nu bisa dibikeun ku urang. Misalna, saurang sadérék istri hideng nulungan Peter jeung Kathryn, nu tadi geus disebutkeun. Peter jeung Kathryn geus teu bisa nyetir, jadi manéhna ngabantu pasangan éta supaya bisa rutin indit ka dokter. Manéhna nyieun jadwal keur saha waé di sidang nu bisa nganteur Peter jeung Kathryn. Naha ieu téh aya mangpaatna? Ceuk Kathryn, ”Beban abdi duaan asa geus leungit.” Sing inget, kahadéan Sadérék, sanajan leutik, bisa bener-bener nguatkeun batur.

16. Tina tuladan Markus, urang diajar naon ngeunaan ngalilipur batur?

16 Markus téh urang Kristen nu sibuk. Manéhna boga tugas penting dina palayanan, kaasup nulis Injil nu maké ngaranna. Sanajan kitu, Markus nyadiakeun waktu pikeun nguatkeun Paulus, jeung Paulus teu asa-asa ménta bantuan Markus. Angela, nu salah sahiji anggota kulawargana maot lantaran dipaéhan ku batur, ngahargaan pisan jalma nu ngalilipur manéhna. Ceuk manéhna, ”Sobat nu hayang nulungan pasti gampang dideukeutan jeung teu asa-asa méré bantuan.” Pikirkeun hal ieu, ’Naha batur apal abdi téh jalma nu réla méré bantuan langsung pikeun ngalilipur dulur saiman?’

SING DAÉK NGALILIPUR BATUR

17. Kumaha urang bisa kageuing pikeun nguatkeun batur lamun ngalenyepan 2 Korinta 1:3, 4?

17 Teu kudu jauh-jauh, di sakurilingeun urang gé aya dulur-dulur saiman nu butuh dililipur. Hal-hal nu digunakeun ku batur pikeun nguatkeun urang bisa dibagikeun deui pikeun ngalilipur batur nu séjén. Nino, saurang sadérék istri nu ninina maot, nyarita, ”Urang bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngalilipur batur lamun urangna daék digunakeun.” (Baca 2 Korinta 1:3, 4.) Fina, nu tadi geus disebutkeun, ngomong, ”Kekecapan dina 2 Korinta 1:4 téh bener. Panglilipur nu ditarima ti batur bisa urang teruskeun deui ka nu séjén.”

18. (a) Ku naon aya nu sieun ngalilipur batur? (b) Kumaha urang bisa bener-bener ngalilipur batur? Béré contona.

18 Urang kudu néangan cara pikeun nulungan batur sanajan aya rasa sieun. Misalna, urang sieun salah ngomong atawa salah nyieun tindakan ka batur nu keur kasusahan. Paul, saurang kokolot, inget kana upaya ti sababaraha urang nu ngalilipur manéhna sanggeus bapana maot. Ceuk manéhna, ”Abdi apal, maranéhna kudu nyieun upaya pikeun ngadeukeutan abdi. Maranéhna teu nyaho kudu ngomong naon. Tapi, abdi tetep ngahargaan niat maranéhna pikeun nguatkeun jeung ngadukung abdi.” Sarupa kitu, sanggeus keuna ku lini gedé, Anton nyarita, ”Jujur, abdi teu inget sakabéh eusi pesen nu dikirimkeun ku batur sanggeus lini. Tapi nu diinget ku abdi mah maranéhna téh bener-bener perhatian, mastikeun abdi teu ku nanaon.” Urang bisa bener-bener ngalilipur batur lamun urang perhatian ka manéhna.

19. Ku naon Sadérék hayang jadi jalma nu ”kacida nulungna” ka batur?

19 Beuki deukeut kana ahir dunya ieu, kaayaan dunya beuki parah jeung kahirupan beuki susah. (2 Tim. 3:13) Salian ti éta, urang gé ngawaris dosa jeung kateusampurnaan, jadi urang butuh terus dililipur. Rasul Paulus bisa tabah nepi ka panungtungan hirupna lantaran dililipur ku dulur-dulur saimanna. Mugia urang satia siga Aristarkus, bisa dipercaya siga Tihikus, jeung réla ngaladénan batur siga Markus. Mun éta dilakukeun, urang bisa ngabantu dulur-dulur saiman tetep pengkuh iman.​—1 Tes. 3:2, 3.

^ par. 5 Rasul Paulus ngalaman loba kasusah dina hirupna. Pas keur susah, sababaraha dulur saimanna kacida nulungna ka manéhna. Urang bakal ngabahas tilu sipat nu ngalantarankeun maranéhna bisa nguatkeun batur. Tina conto maranéhna, urang gé bakal diajar carana nulungan dulur saiman.

^ par. 5 Sababaraha ngaran dina artikel ieu geus diganti.

KAWIH 111 Sumber Kabungah Urang

^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: Aristarkus bajoang bareng jeung Paulus waktu kapalna tilelep.

^ par. 58 KATERANGAN GAMBAR: Tihikus dipercaya ku Paulus pikeun nepikeun surat ka sidang-sidang.

^ par. 60 KATERANGAN GAMBAR: Markus méré bantuan langsung ka Paulus.