Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 5

Urang Hayang Milu jeung Maranéh

Urang Hayang Milu jeung Maranéh

”Urang hayang milu jeung maranéh, lantaran urang ngadéngé béja yén Allah nyarengan maranéh.”​—JAK. 8:23, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 26 Nulung ka Kami

NU DIBAHAS *

Domba-domba lian (”sapuluh lalaki”) meunang kahormatan pikeun ngawula Yéhuwa babarengan jeung jalma nu diistrénan (”saurang Yahudi”) (Tingali paragrap 1-2)

1. Yéhuwa nganubuatkeun naon ngeunaan jaman urang kiwari?

YÉHUWA nganubuatkeun ngeunaan jaman urang kiwari, ”Sapuluh lalaki ti sagala bangsa jeung basa bakal nyekel pageuh jubah saurang Yahudi. Ceuk maranéhna, ’Urang hayang milu jeung maranéh, lantaran urang ngadéngé béja yén Allah nyarengan maranéh.’” (Jak. 8:23, NW) ”Saurang Yahudi” ngamaksudkeun jalma-jalma nu diistrénan Allah ku roh suci. Maranéhna ogé disebut ’Israil kagungan Allah’. (Gal. 6:16, Sunda Formal [SF]) ”Sapuluh lalaki” ngamaksudkeun jalma-jalma nu boga harepan hirup langgeng di bumi. Maranéhna nyaho Yéhuwa ngaberkahan kelompok nu diistrénan ieu sarta nganggap ibadah bareng jeung maranéhna téh hak istiméwa.

2. Kumaha ”sapuluh lalaki” ”milu jeung” nu diistrénan?

2 Sanajan ayeuna mah teu mungkin urang nyaho kabéh ngaran jalma-jalma nu diistrénan, * jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi bisa ”milu jeung” nu diistrénan. Kumaha carana? Alkitab nyebutkeun yén ”sapuluh lalaki” bakal ”nyekel pageuh jubah saurang Yahudi. Ceuk maranéhna, ’Urang hayang milu jeung maranéh, lantaran urang ngadéngé béja yén Allah nyarengan maranéh.’” Ayat éta nyebutkeun saurang Yahudi. Tapi, sapuluh lalaki éta ngomong ”maranéh”. Ieu hartina urang Yahudi éta lain ngan saurang tapi nunjukkeun sakelompok jalma nu diistrénan. Jalma nu teu diistrénan ngawula Yéhuwa bareng jeung jalma nu diistrénan. Tapi, maranéhna teu nganggap jalma nu diistrénan salaku pamingpin lantaran nyaho pamingpin maranéhna mah Yésus.​—Mat. 23:10.

3. Pananya naon waé nu bakal dijawab dina artikel ieu?

3 Lantaran jalma nu diistrénan masih aya kénéh di antara umat Allah kiwari, meureun aya nu bingung: (1) Kumaha sakuduna jalma nu diistrénan mandang dirina sorangan? (2) Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma nu dahar roti jeung nginum anggur dina Pangéling-ngéling? (3) Naha urang kudu hariwang lamun jalma-jalma nu dahar roti jeung nginum anggur terus ngalobaan? Pananya-pananya éta bakal dijawab dina artikel ieu.

KUMAHA SAKUDUNA JALMA NU DIISTRÉNAN MANDANG DIRINA SORANGAN?

4. Dina 1 Korinta 11:27-29, aya pépéling naon nu kudu dipikirkeun bener-bener ku jalma nu diistrénan, jeung naon sababna?

4 Jalma nu diistrénan kudu mikirkeun bener-bener pépéling dina 1 Korinta 11:27-29. (Baca.) Kumaha jalma nu diistrénan bisa dahar roti jeung nginum anggur ”ku cara anu teu pantes” dina Pangéling-ngéling? Maranéhna bisa kitu lamun dahar jeung nginum lambang-lambang, tapi hirupna teu luyu jeung papakon Yéhuwa nu bener. (Ibr. 6:4-6; 10:26-29) Jalma nu diistrénan nyaho maranéhna kudu tetep satia lamun hayang meunangkeun ”ganjaran, nya eta hirup di sawarga, luyu jeung maksad panyaur Allah anu ditepikeun ku Kristus Yesus”.​—Pil. 3:13-16.

5. Urang Kristen nu diistrénan moal ngarasa kumaha?

5 Roh suci Yéhuwa ngabantu hamba-hamba Allah jadi rendah haté lainna sombong. (Epe. 4:1-3; Kol. 3:10, 12) Jadi, jalma nu diistrénan teu ngarasa leuwih punjul ti batur. Maranéhna nyaho Yéhuwa teu masihan roh suci leuwih loba ka maranéhna ti batan ka hamba Allah séjénna. Maranéhna teu ngarasa pamahaman Alkitabna leuwih jero ti batan nu séjén. Maranéhna gé moal ngajurung jalma séjén pikeun dahar roti jeung nginum anggur pédah mikir jalma éta geus diistrénan. Sabalikna, maranéhna mah rendah haté jeung paham ngan Yéhuwa nu milih jalma-jalma ka sawarga.

6. Numutkeun 1 Korinta 4:7, 8, kumaha sakuduna sikep jalma nu diistrénan?

6 Sanajan jalma nu diistrénan nganggap diondang ka sawarga téh kahormatan, maranéhna embung diistiméwakeun ku batur. (Pil. 2:2, 3) Maranéhna gé nyaho Mantenna teu ngabéjaan nu séjén waktu ngistrénan maranéhna. Jadi, jalma nu diistrénan moal héran lamun aya nu teu langsung percaya yén maranéhna geus diistrénan. Maranéhna nyaho Alkitab nyebutkeun urang ulah asal percaya lamun aya nu ngaku dibéré tanggung jawab husus ku Allah. (Wahyu 2:2) Nu diistrénan teu hayang batur méré perhatian husus ka maranéhna jeung moal méré nyaho jalma nu mimiti dipanggihan yén dirina diistrénan. Maranéhna gé tangtu moal ngagul-ngagulkeun hal ieu ka batur.​—Baca 1 Korinta 4:7, 8.

7. Naon nu ulah dilakukeun ku jalma nu diistrénan, jeung naon sababna?

7 Urang Kristen nu diistrénan teu ngarasa kudu babarengan jeung nu diistrénan deui, saolah-olah jadi anggota kelompok husus. Maranéhna moal ngahaja néangan batur nu diistrénan séjénna pikeun ngabahas pangistrénan atawa nyieun kelompok palajaran Alkitab. (Gal. 1:15-17) Mun kitu sidang moal bisa ngahiji. Maranéhna kalah ka ngalawan roh suci nu sabenerna ngabantu jalma-jalma jadi rukun jeung ngahiji.​—Rum 16:17, 18.

KUMAHA SAKUDUNA SIKEP URANG KA JALMA NU DIISTRÉNAN?

Jalma nu diistrénan atawa sadérék nu mingpin kagiatan organisasi ulah dianggap siga artis (Tingali paragrap 8) *

8. Ku naon Sadérék kudu ngajaga sikep ka jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling? (Tingali ogé catetan handap.)

8 Kumaha sakuduna sikep urang ka sadérék-sadérék nu diistrénan? Urang salah lamun kaleuleuwihi ngahormat saurang jalma, sanajan manéhna téh dulur Kristus nu diistrénan. (Mat. 23:8-12) Waktu ngabahas ngeunaan kokolot, Alkitab nyebutkeun yén urang kudu ’nyonto iman aranjeunna’, lainna nganggap saurang jalma jadi pamingpin. (Ibr. 13:7) Mémang bener Alkitab nyebutkeun aya nu ”kudu diajenan dua kali lipet”. Tapi, éta téh lantaran maranéhna ”hade ngokolotanana” sarta ”getol hutbah jeung ngawuruk”, lainna lantaran maranéhna diistrénan. (1 Tim. 5:17, SF) Lamun urang muji-muji jeung méré perhatian nu kaleuleuwihi, maranéhna bakal risi. * Malah leuwih parah deui, urang bisa ngalantarankeun maranéhna jadi sombong. (Rum 12:3) Urang embung ngalantarankeun salah saurang dulur Kristus nyieun kasalahan sérius siga kitu!​—Luk. 17:2.

9. Kumaha cara nunjukkeun yén urang ngajénan urang Kristen nu diistrénan?

9 Kumaha cara nunjukkeun yén urang ngajénan jalma nu diistrénan ku Yéhuwa? Ulah nanyakeun kumaha manéhna nepi ka bisa diistrénan. Éta mah urusan pribadi, urang teu perlu nyaho kana hal éta. (1 Tes. 4:11; 2 Tes. 3:11) Ulah nyimpulkeun yén batur hirupna, kolotna, atawa anggota kulawarga séjénna diistrénan ogé. Jalma nu diistrénan teu ngawarisan harepan ka sawarga ti kulawargana. Manéhna narima éta ti Allah. (1 Tes. 2:12) Urang gé ulah nanyakeun hal-hal nu bisa nganyenyeri haté. Misalna, ulah nanya ka pamajikan ti saurang sadérék nu diistrénan kumaha parasaanana hirup langgeng di bumi tapi teu bareng jeung salakina. Urang bisa bener-bener yakin yén di dunya anyar Yéhuwa bakal ”nyumponan kabutuh sakumna mahluk”.​—Jab. 145:16.

10. Ku naon lamun teu ”ngugung-ngugung” jalma, urang ngalindungan diri sorangan?

10 Lamun urang teu nganggap jalma nu diistrénan leuwih penting ti batan nu séjénna, urang ngalindungan diri sorangan. Naha? Alkitab nyebutkeun bisa jadi aya jalma nu diistrénan nu teu satia deui. (Mat. 25:10-12; 2 Pet. 2:20, 21) Tapi lamun urang teu ”ngugung-ngugung” jalma, urang moal ngajadikeun jalma sabagé panutan urang, sanajan manéhna téh diistrénan, sadérék nu dikenal ku loba jalma, atawa nu geus lila ngawula Yéhuwa. (Yud. 16) Salian ti éta, lamun maranéhna teu satia deui atawa ninggalkeun sidang, urang moal kabawa eureun ngawula Yéhuwa atawa pecat iman.

NAHA URANG KUDU HARIWANG LAMUN JUMLAHNA TERUS NGALOBAAN?

11. Aya parobahan naon dina jumlah jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling?

11 Salila mangtaun-taun, jumlah jalma-jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling terus ngurangan. Tapi sababaraha taun ieu, jumlahna terus ngalobaan unggal taunna. Naha urang kudu hariwang? Henteu. Hayu urang perhatikeun sababaraha alesanana.

12. Ku naon urang teu kudu ngahariwangkeun jumlah jalma-jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling?

12 ”Pangeran uninga ka umat kagungana-Na.” (2 Tim. 2:19) Teu siga Yéhuwa, sadérék-sadérék anu ngitung jumlah jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling teu nyaho saha nu bener-bener diistrénan. Jadi, jumlah éta téh kaasup jalma nu ngarasa diistrénan padahal mah henteu. Misalna, aya nu tadina dahar jeung nginum tuluy ka dieunakeun eureun. Nu séjénna meureun boga gangguan méntal atawa émosi nu nyababkeun manéhna yakin bakal maréntah di sawarga bareng jeung Kristus. Ku kituna, urang teu nyaho percis sabaraha loba jalma nu diistrénan nu masih kénéh aya di bumi.

13. Naha Alkitab nyebutkeun sabaraha loba jalma nu diistrénan waktu mangsa cilaka dimimitian?

13 Engké, masih kénéh aya jalma-jalma nu diistrénan di loba nagri waktu Yésus datang pikeun mawa maranéhna ka sawarga. (Mat. 24:31) Alkitab mémang nyebutkeun yén salila ahir jaman, masih aya kénéh sababaraha jalma nu diistrénan di bumi. (Wahyu 12:17, SF) Tapi, Alkitab teu nyebutkeun sabaraha loba jalma nu diistrénan waktu mangsa cilaka dimimitian.

Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma nu dahar jeung nginum lambang Pangéling-ngéling? (Tingali paragrap 14)

14. Saperti nu disebutkeun dina Rum 9:11, 16, urang diajar naon ngeunaan dipilihna jalma nu diistrénan?

14 Yéhuwa nu mutuskeun iraha Mantenna bakal milih jalma nu diistrénan. (Rum 8:28-30) Yéhuwa mimiti milih téh sanggeus Yésus dihirupkeun deui. Sigana mah sakabéh urang Kristen dina abad kahiji diistrénan. Mangabad-abad sanggeusna, kalolobaan jalma nu ngaku Kristen teu bener-bener nuturkeun Kristus. Sanajan kitu, dina taun-taun éta, Yéhuwa ngistrénan sababaraha urang Kristen sajati. Maranéhna téh siga gandum nu disebutkeun ku Yésus nu tumuwuh di antara eurih. (Mat. 13:24-30) Salila ahir jaman, Yéhuwa terus milih jalma-jalma nu bakal jadi bagian ti 144.000. * Jadi, lamun Allah milih sababaraha jalma pas saacan ahir éta datang, urang tangtu moal cangcaya kana putusan Mantenna. (Baca Rum 9:11b, 16.) * Urang kudu ati-ati ngajaga sikep urang ulah siga kuli nu disebutkeun ku Yésus dina salah sahiji misilna. Maranéhna teu satuju kana putusan dununganana ngeunaan kuli nu datang pangpandeurina.​—Mat. 20:8-15.

15. Numutkeun Mateus 24:45-47, naha sakabéh nu diistrénan téh ”gandek satia jeung bijaksana”? Jelaskeun.

15 Teu kabéh nu boga harepan hirup di sawarga téh ”gandek satia jeung bijaksana”. (Baca Mateus 24:45-47.) Saperti dina abad kahiji, Yéhuwa jeung Yésus ngan ngagunakeun sababaraha jalma pikeun méré dahar, atawa ngajar, loba jalma. Ngan sababaraha urang Kristen dina abad kahiji nu digunakeun pikeun nulis Kitab-Kitab Yunani Kristen. Kiwari ogé ngan sababaraha urang Kristen nu diistrénan nu dibéré tanggung jawab pikeun ”ngurus dahar [umat Allah] saban-saban geus waktuna”.

16. Tina artikel ieu, Sadérék diajar naon?

16 Tina artikel ieu, urang diajar naon? Yéhuwa geus mutuskeun pikeun masihan hirup langgeng di bumi keur kalolobaan umat-Na sarta masihan hirup di sawarga keur sababaraha jalma nu bakal maréntah bareng jeung Yésus. Yéhuwa ngaberkahan kabéh hamba-Na, boh ”saurang Yahudi” boh ”sapuluh lalaki”. Mantenna gé miharep maranéhna taat kana hukum nu sarua jeung tetep satia. Kabéhanana kudu tetep rendah haté. Kabéhanana kudu ngawula Mantenna babarengan jeung tetep ngahiji. Kabéhanana gé kudu ngajaga katengtreman sidang. Beuki deukeut kana panungtungan, urang kabéh nu ”disakandangkeun” kudu terus ngawula Yéhuwa jeung nuturkeun Kristus.​—Yoh. 10:16.

^ par. 5 Taun ieu, Pangéling-ngéling pupusna Kristus bakal diayakeun poé Salasa, 7 April. Kumaha sakuduna sikep urang ka jalma nu dahar roti jeung nginum anggur dina acara éta? Jeung kumaha lamun jalma-jalma nu dahar roti jeung nginum anggur terus ngalobaan? Urang bakal ngajawab pananya-pananya éta dina ieu artikel, nu dumasar kana artikel dina Menara Pengawal Januari 2016.

^ par. 2 Numutkeun Jabur 87:5, 6, dina mangsa kahareup, bisa jadi Allah nyingkabkeun ngaran jalma-jalma nu maréntah bareng jeung Yésus di sawarga.​—Rum 8:19.

^ par. 8 Tingali kotak ”Kasih ’Tidak Berlaku Tidak Sopan’” dina Menara Pengawal Januari 2016.

^ par. 14 Sanajan Rasul 2:33 nyebutkeun yén roh suci dibikeunna liwat Yésus, tapi nu milih unggal jalma mah Yéhuwa.

^ par. 14 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 1 Méi 2007.

KAWIH 34 Hirup Satia Satuhu

^ par. 56 KATERANGAN TAMBAHAN: Bayangkeun lamun saurang wakil kantor pusat jeung pamajikanana diriung ku jalma-jalma nu motoan maranéhna dina kongrés. Ieu téh bener-bener teu ngajénan maranéhna!