Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 6

Yéhuwa, Bapa Urang, Kacida Nyaahna ka Urang

Yéhuwa, Bapa Urang, Kacida Nyaahna ka Urang

”Jadi kieu bae unjukan teh: ’Nun Ama.’”​—MAT. 6:9.

KAWIH 135 Saur Yéhuwa, ”Sing Bijaksana Anaking”

NU DIBAHAS *

1. Naon nu kudu dilakukeun ku saurang jalma lamun rék ngomong ka raja Persia?

BAYANGKEUN Sadérék hirup di Persia jaman baheula. Aya pasualan nu rék ditepikeun ku Sadérék ka raja nagri éta, jadi Sadérék indit ka kota Susan ka patempatan éta raja. Tapi, saacan Sadérék ngomong ka raja, Sadérék kudu meunang idin heula ti manéhna, sabab lamun teu meunang idin, Sadérék bakal dipaéhan!​—Est. 4:11.

2. Yéhuwa hoyong urang ngarasa kumaha ka Mantenna?

2 Sukur pisan lantaran Yéhuwa teu siga raja Persia! Yéhuwa jauh leuwih punjul ti sakabéh pangawasa manusa, tapi urang bébas nyarita ka Mantenna iraha waé. Mantenna hoyong urang teu asa-asa ngadeukeutan Mantenna. Misalna, sanajan Yéhuwa nyandang gelar nu luhur sabagé Nu Nyipta, Nu Mahakawasa, jeung Pangéran nu Maha Agung, Yéhuwa hoyong urang nyebut ”Ama” atawa Bapa ka Mantenna. (Mat. 6:9) Kacida bungahna urang yén Yéhuwa hoyong urang ngarasa deukeut jeung Mantenna!

3. Ku naon urang bisa nyebut Yéhuwa téh Bapa, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Urang bisa nyebut Bapa ka Yéhuwa lantaran Mantenna téh Sumber kahirupan. (Jab. 36:10) Ku sabab Yéhuwa téh Bapa urang, urang kudu taat ka Mantenna. Lamun urang ngalampahkeun kahoyong Mantenna, urang bakal narima loba berkah. (Ibr. 12:9) Berkahna kaasup hirup langgeng di sawarga atawa di bumi. Ti ayeuna gé, urang narima mangpaatna. Artikel ieu bakal ngabahas naon nu ayeuna dilakukeun ku Yéhuwa sabagé Bapa nu nyaahan, jeung ku naon urang yakin yén Mantenna moal ninggalkeun urang dina mangsa kahareup. Tapi mimitina, urang bahas naon buktina Bapa urang nu di sawarga nyaah jeung perhatian ka urang.

YÉHUWA TÉH BAPA NU NYAAHAN JEUNG PERHATIAN

Yéhuwa hoyong deukeut jeung urang, siga bapa nu hayang deukeut jeung budakna (Tingali paragrap 4)

4. Ku naon aya nu ngarasa hésé nganggap Allah salaku Bapa?

4 Naha Sadérék ngarasa hésé nganggap Allah salaku Bapa? Aya nu ngarasa teu layak lantaran Yéhuwa téh kacida mulyana. Maranéhna cangcaya, naha Allah nu Mahakawasa daék merhatikeun maranéhna sacara pribadi. Tapi, Bapa Yéhuwa teu hoyong urang ngarasa kitu. Mantenna masihan kahirupan sarta hoyong nyobat jeung urang. Sanggeus nyebutkeun bebeneran ngeunaan hal éta, Rasul Paulus méré nyaho urang Aténa yén Yéhuwa ”henteu jauh ti diri urang masing-masing”. (Ras. 17:24-29) Allah hoyong urang masing-masing nyarita ka Mantenna siga budak leutik nu resep nyarita ka kolotna nu nyaahan jeung perhatian.

5. Urang bisa diajar naon tina pangalaman saurang sadérék istri?

5 Aya ogé nu hésé nganggap Allah salaku Bapa lantaran bapana sorangan henteu atawa teu pati nyaah ka manéhna. Contona, saurang sadérék istri nyebutkeun kieu, ”Bapa abdi mah ngomongna kasar, jadi basa mimiti diajar Alkitab, hésé ngaraket ka Bapa nu di sawarga téh. Tapi sanggeus wanoh ka Yéhuwa, sagalana barobah.” Naha Sadérék gé ngarasa kitu? Mun enya, ulah leutik haté, engké gé Sadérék pasti bakal ngarasakeun sorangan yén Yéhuwa téh Bapa nu pangbageurna.

6. Numutkeun Mateus 11:27, naon nu dilakukeun ku Yéhuwa sangkan urang leuwih gampang nganggap Mantenna sabagé Bapa?

6 Sangkan urang leuwih gampang nganggap Yéhuwa salaku Bapa, Yéhuwa nyatet ucap lampah Yésus dina Alkitab. (Baca Mateus 11:27.) Yésus sampurna némbongkeun sipat Bapana. Ceuk anjeunna, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.” (Yoh. 14:9) Yésus sering nyebutkeun yén Yéhuwa téh Bapa. Dina opat Injil waé, Yésus nyebut ”Rama” atawa Bapa ka Yéhuwa kira-kira 200 kali. Ku naon Yésus sering pisan nyebut Yéhuwa téh Bapa? Salah sahiji alesanana nyaéta supaya jalma-jalma yakin yén Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan.​—Yoh. 17:25, 26.

7. Urang bisa diajar naon tina sikep Yéhuwa ka Putra-Na?

7 Urang bisa diajar naon tina sikep Yéhuwa ka Yésus, Putra-Na? Doa Yésus pasti didangu ku Yéhuwa. Mantenna teu saukur ngadangu, tapi ogé ngajawab doa Yésus. (Yoh. 11:41, 42) Teu sual cocoba naon nu disanghareupan, Yésus ngarasakeun kanyaah jeung dukungan Bapana.​—Luk. 22:42, 43.

8. Dina hal naon waé Yéhuwa nyumponan pangabutuh Yésus?

8 Yésus paham pisan Bapana nu masihan kahirupan jeung nu nyumponan sagala pangabutuh hirupna. Ceuk Yésus, ”Ku karana Mantenna Kami oge hirup.” (Yoh. 6:57) Yésus percaya pisan ka Bapana, Yéhuwa gé terus nyumponan pangabutuh hirupna. Nu pangpentingna, sacara rohani Yéhuwa ngabantu Yésus pikeun tetep satia.​—Mat. 4:4.

9. Naon buktina Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan jeung perhatian ka Yésus?

9 Salaku Bapa nu nyaahan, Yéhuwa mastikeun yén Yésus ngarasakeun dukungan Bapana. (Mat. 26:53; Yoh. 8:16) Mémang Yéhuwa teu ngalindungan Yésus ti sakabéh cocoba, tapi Mantenna ngabantu anjeunna tabah. Yésus apal, sakabéh kasukeranana ngan saheulaanan. (Ibr. 12:2) Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ku cara ngadangukeun Yésus, nyadiakeun pangabutuhna, ngalatih, jeung ngadukung anjeunna. (Yoh. 5:20; 8:28) Ayeuna, hayu urang perhatikeun kumaha Bapa nu di sawarga ogé merhatikeun urang ku cara nu sarupa kitu.

CARA BAPA URANG NUNJUKKEUN KANYAAHNA

Saurang bapa nu nyaahan (1) ngadangukeun, (2) nyumponan pangabutuh, (3) ngalatih, jeung (4) ngalilipur budakna. Bapa urang di sawarga gé nyaah ka urang ku cara-cara siga kitu (Tingali paragrap 10-15) *

10. Numutkeun Jabur 66:19, 20, naon buktina Yéhuwa nyaah ka urang?

10 Yéhuwa ngadangu doa urang. (Baca Jabur 66:19, 20.) Yéhuwa teu ngawatesan doa urang, malah Mantenna hoyong urang sering ngadoa. (1Tes. 5:17) Ku cara nu sopan, urang bisa ngadoa ka Allah iraha waé, teu sual urang keur aya di mana. Mantenna moal sibuk teuing, tapi salawasna daék ngadangukeun doa urang. Lamun urang yakin yén Yéhuwa ngadangukeun doa urang, urang bakal beuki nyaah ka Mantenna. Nu nulis jabur nyebutkeun, ”Kaula nyaah ka PANGERAN, sabab kersaeun ngadangu ka kaula.”​—Jab. 116:1.

11. Kumaha Yéhuwa ngajawab doa urang?

11 Bapa urang teu ngan saukur ngadangu, tapi ogé ngajawab doa urang. Rasul Yohanes ngayakinkeun urang yén ”Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na”. (1 Yoh. 5:14, 15) Tangtu, Yéhuwa bisa jadi teu ngajawab doa saperti nu dipiharep ku urang. Mantenna apal naon nu panghadéna keur urang, jadi sakapeung jawabanana téh henteu atawa urang kudu ngadagoan heula.​—2 Kor. 12:7-9.

12-13. Ku cara naon waé Bapa urang di sawarga nyumponan pangabutuh urang?

12 Yéhuwa nyumponan pangabutuh urang. Yéhuwa masihan tugas ka para bapa, tapi Mantenna gé ngalakukeun éta. (1 Tim. 5:8) Mantenna nyumponan pangabutuh hirup barudak-Na. Mantenna embung urang ngahariwangkeun dahareun, pakéan, atawa imah. (Mat. 6:32, 33; 7:11) Salaku Bapa nu nyaahan, Yéhuwa bakal muaskeun sagala pangabutuh urang dina mangsa kahareup.

13 Nu pangpentingna, Yéhuwa nyadiakeun pangabutuh rohani. Dina Firman-Na, Mantenna ngungkabkeun bebeneran ngeunaan diri-Na, tujuana-Na, ku naon urang diciptakeun, jeung ngeunaan mangsa kahareup. Mantenna ngagunakeun kolot urang atawa guru séjénna pikeun ngajar urang. Mantenna gé terus ngabantu urang jadi sobat-Na liwat bantuan ti kokolot sidang atawa sadérék-sadérék séjénna nu asak rohani. Salian ti éta, Yéhuwa gé ngajar urang liwat pasamoan. Di pasamoan, urang diajar babarengan jeung dulur-dulur saiman. Ku cara-cara ieu, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna téh Bapa nu perhatian ka urang kabéh.​—Jab. 32:8.

14. Ku naon Yéhuwa ngalatih urang, jeung kumaha carana?

14 Yéhuwa ngalatih urang. Teu siga Yésus, urang mah teu sampurna. Jadi pikeun ngalatih urang, Bapa urang nu nyaahan méré disiplin lamun perlu. Ceuk Firman-Na, ”Anu ku Pangeran dipeperih tanda diasih.” (Ibr. 12:6, 7) Yéhuwa ngadisiplin urang ku loba cara. Misalna, naon nu dibaca dina Firman-Na atawa didangukeun di pasamoan bisa ngajurung urang nyieun parobahan. Atawa meureun, urang gé bisa narima bantuan ti para kokolot. Rék kumaha waé gé, Yéhuwa ngadisiplin urang téh dijurung ku kanyaah.​—Yer. 30:11.

15. Yéhuwa nguatkeun urang ku cara naon waé?

15 Yéhuwa nguatkeun urang waktu nandangan cocoba. Saperti saurang bapa nu ngupahan anakna waktu ngalaman kasusah, Bapa di sawarga nguatkeun urang waktu nandangan cocoba. Mantenna masihan roh suci-Na nu ngalindungan urang tina hal-hal nu bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Mantenna. (Luk. 11:13) Urang gé dikuatkeun waktu keur leutik haté. Misalna, Mantenna masihan harepan nu kacida éndahna. Harepan dina mangsa kahareup ngabantu urang teger. Sing inget: Teu sual kasusah nu disanghareupan ku urang, Bapa urang bakal nyageurkeun sagala kapeurih nu dirasakeun. Cocoba ngan saheulaanan, ari berkah ti Yéhuwa mah abadi.​—2 Kor. 4:16-18.

BAPA URANG MOAL NINGGALKEUN URANG

16. Waktu Adam teu taat ka Bapa nu nyaah ka manéhna, naon balukarna?

16 Urang ningali bukti Yéhuwa nyaah ka urang waktu Adam teu taat ka Yéhuwa. Lantaran teu taat, Adam teu bisa deui jadi anggota kulawarga Yéhuwa, kitu ogé jeung turunanana. (Rum 5:12; 7:14) Tapi, Yéhuwa ngatur sangkan turunan Adam bisa salamet.

17. Sanggeus Adam barontak, naon nu langsung dilakukeun ku Yéhuwa?

17 Adam dihukum ku Yéhuwa, tapi turunan Adam nu can lahir dibéré harepan. Mantenna langsung masihan jangji yén jalma-jalma nu taat bakal jadi kulawarga-Na deui. (Kaj. 3:15; Rum 8:20, 21) Ieu bisa dilaksanakeun lantaran Yéhuwa masihan Putra-Na nu dipikanyaah, nyaéta Yésus, pikeun jadi korban tebusan keur urang. Ieu bukti yén Yéhuwa téh kacida mikanyaahna ka urang.​—Yoh. 3:16.

Lamun urang ngajauh ti Yéhuwa tapi tobat, urang yakin Bapa urang nu nyaahan siap jeung réla narima urang deui (Tingali paragrap 18)

18. Ku naon urang bisa yakin yén Yéhuwa masih ngarepkeun urang jadi budak-Na sanajan urang geus ngajauh ti Mantenna?

18 Sanajan urang teu sampurna, Yéhuwa hayang urang jadi kulawarga-Na jeung teu pernah nganggap urang téh beban. Bisa waé urang nguciwakeun atawa ngajauh ti Yéhuwa, tapi Mantenna terus ngarepkeun urang balik deui. Tina misil anak nu leungit, Yésus némbongkeun sakumaha nyaahna Yéhuwa ka barudak-Na. (Luk. 15:11-32) Bapa dina misil éta teu eureun-eureun ngarepkeun anakna balik. Waktu anakna balik deui, bapana sumanget pisan ngabagéakeun manéhna. Lamun urang ngajauh ti Yéhuwa tapi tobat, urang yakin Bapa urang nu nyaahan siap jeung réla narima urang deui.

19. Kumaha carana Yéhuwa ngoméan sagala karuksakan nu disababkeun ku Adam?

19 Bapa urang bakal ngoméan sagala karuksakan nu disababkeun ku Adam. Sanggeus Adam barontak, Yéhuwa ngatur sangkan 144.000 jalma dipilih pikeun jadi raja jeung imam di sawarga bareng jeung Putra-Na. Maranéhna jeung Yésus bakal ngabantu jalma-jalma nu taat jadi sampurna di dunya anyar. Sanggeus maranéhna lulus tina ujian ahir, Yéhuwa bakal ngaberkahan jalma-jalma nu taat ku kahirupan langgeng. Bapa urang bakal bungah ningali bumi dipinuhan ku putra-putra-Na nu sampurna. Éta bakal jadi mangsa nu kacida éndahna!

20. Naon waé buktina Yéhuwa téh nyaah pisan ka urang, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

20 Yéhuwa geus ngabuktikeun kanyaah-Na ka urang. Mantenna téh Bapa nu panghadéna. Mantenna ngadangukeun doa urang sarta nyadiakeun pangabutuh jasmani jeung rohani urang. Mantenna ngalatih jeung nguatkeun urang. Mantenna ogé masihan berkah nu luar biasa dina mangsa kahareup. Urang bungah lantaran apal yén Bapa urang téh nyaah jeung merhatikeun urang! Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas carana urang salaku budak bisa mulang tarima kanyaah Mantenna.

KAWIH 108 Satia Asih Allah

^ par. 5 Urang sering nganggap Yéhuwa sabagé Nu Nyipta jeung Nu Mahakawasa. Tapi, urang boga alesan pikeun nganggap Mantenna Bapa nu nyaahan jeung perhatian. Artikel ieu bakal ngabahas naon waé alesanana. Urang gé bakal diajar ku naon urang bisa yakin Yéhuwa moal pernah ninggalkeun urang.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Opat gambar ieu nunjukkeun kanyaah bapa ka budakna: (1) Bapa nu bener-bener ngadangukeun budakna. (2) Bapa nu nyumponan pangabutuh budakna. (3) Bapa nu ngalatih budakna. (4) Bapa nu ngalilipur budakna. Gambar panangan Yéhuwa nu aya di tukangeun opat gambar éta ngingetkeun yén Yéhuwa ogé merhatikeun urang ku cara-cara kitu.