Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 9

Yéhuwa Bakal Nengtremkeun Sadérék

Yéhuwa Bakal Nengtremkeun Sadérék

”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”​—JAB. 94:19.

KAWIH 44 Doa Basa keur Nalangsa

NU DIBAHAS *

1. Naon nu bisa nyababkeun urang strés atawa hariwang, jeung naon pangaruhna ka urang?

NAHA Sadérék pernah ngarasa strés atawa hariwang pisan? * Meureun Sadérék strés lantaran nyeri haté ku omongan atawa lalampahan batur. Atawa, bisa jadi ku lantaran omongan atawa lalampahan Sadérék sorangan. Misalna, Sadérék nyieun salah. Sadérék sieun teu dihampura ku Yéhuwa. Malah, Sadérék bisa jadi mikir, lantaran hariwang teuing kana hal éta, Sadérék téh geus jadi jalma teu bener nu lemah iman. Tapi, naha mémang siga kitu?

2. Naon waé conto dina Alkitab nu némbongkeun yén strés atawa hariwang téh lain hartina urang lemah iman?

2 Pikirkeun sababaraha conto dina Alkitab. Hana, nu ka dieunakeun jadi indungna Nabi Samuél, téh jalma nu kuat iman. Tapi, manéhna pernah strés pisan lantaran dinyenyeri ku salah sahiji anggota kulawargana. (1 Sam. 1:7) Rasul Paulus boga iman nu kuat, tapi manéhna kacida ’melangna ka jamaah-jamaah’. (2 Kor. 11:28) Iman Raja Daud téh kuat pisan, éta sababna Yéhuwa nyaah pisan ka manéhna. (Ras. 13:22) Tapi, Daud nyieun kasalahan nu nyababkeun manéhna strés pisan. (Jab. 38:5) Sanajan kitu, Yéhuwa ngalilipur jeung nengtremkeun maranéhna. Urang bisa diajar naon ti maranéhna?

URANG BISA DIAJAR NAON TINA IMAN HANA?

3. Ku naon urang bisa strés ku omongan batur?

3 Lamun omongan atawa sikep batur goréng ka urang, urang bisa strés. Komo lamun nu nganyenyeri téh sobat atawa dulur sorangan. Urang sieun lamun hubungan urang jeung manéhna ruksak. Sakapeung, jalma nu nganyenyeri téh sabenerna teu boga maksud kitu, tapi urangna ngarasa siga nu ditojos ku pedang! (Sil. 12:18) Atawa, bisa jadi aya nu mémang ngahaja nganyenyeri urang ku omonganana. Saurang sadérék istri nu ngora kénéh ngalaman hal éta. Ceuk manéhna, ”Sababaraha taun katukang, babaturan deukeut nyebarkeun gosip ngeunaan abdi di média sosial. Abdi nyeri haté jeung strés. Abdi teu ngarti, ku naon manéhna téh mani téga nojos abdi ti tukang siga kitu.” Lamun Sadérék dinyenyeri ku sobat atawa dulur sorangan, Sadérék bisa diajar ti Hana.

4. Masalah beurat naon waé nu disanghareupan ku Hana?

4 Hana nyanghareupan sababaraha masalah nu beurat. Salila mangtaun-taun, manéhna teu bisa boga budak. (1 Sam. 1:2) Dina kabudayaan urang Israil, awéwé nu mandul téh dianggap meunang kutukan. Jadi, manéhna ngarasa teu boga harga diri. (Kaj. 30:1, 2) Aya deui nu ngalantarankeun hirup Hana beuki susah. Salakina kawin deui jeung Pénina, tuluy boga barudak. Pénina nganggap Hana téh saingan, jadi Hana ”dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena”. (1 Sam. 1:6) Mimitina mah, Hana sedih pisan. Saking keuheulna, Hana ”ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan”. Haténa nalangsa pisan. (1 Sam. 1:7, 9, 10) Ti mana Hana meunang panglilipur?

5. Lantaran Hana ngadoa, naon hasilna?

5 Hana ngabudalkeun sakabéh eusi haténa ka Yéhuwa dina doa. Sanggeus ngadoa, manéhna ngajelaskeun kaayaanana ka Imam Agung Éli. Tuluy Imam Éli ngomong ka Hana, ”Sing gede hate atuh, mugia paneda Nyai diijabah ku Allah Israil.” Naon hasilna? Hana ”tuluy kaluar, seug barang dahar. Hatena geus janglar”. (1 Sam. 1:17, 18) Doa ngabantu Hana ngarasa tengtrem.

Siga Hana, kumaha urang bisa tetep tenang jeung terus ngarasa tengtrem? (Tingali paragrap 6-10)

6. Ngeunaan doa, urang bisa diajar naon ti Hana jeung tina Pilipi 4:6, 7?

6 Urang bisa tengtrem lamun terus ngadoa. Hana lila ngadoa ka Bapana di sawarga. (1 Sam. 1:12) Urang gé bisa lila ngadoa ka Yéhuwa pikeun ngungkabkeun kahariwangan, kasieun, jeung kalemahan urang. Doa urang teu kudu dialus-alus atawa kalimahna dihadé-hadé. Malah, bisa jadi urang sok ngungkabkeun kakeuheul urang bari ceurik. Sanajan kitu, Yéhuwa moal pernah bosen ngadangukeun urang. Salian ti ngadoakeun masalah urang, urang gé kudu inget naséhat nu dicatet dina Pilipi 4:6, 7. (Baca.) Paulus nyebutkeun, urang kudu nganuhunkeun atawa ngucap sukur ka Yéhuwa waktu ngadoa. Loba pisan alesan pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa. Misalna, urang bisa ngahaturkeun nuhun kana kurnia kahirupan, ciciptaana-Na, asih satia-Na, jeung harepan éndah nu dipasihkeun ka urang. Urang bisa diajar naon deui ti Hana?

7. Naon nu rutin dilakukeun ku Hana jeung salakina?

7 Sanajan loba masalah, Hana rutin indit jeung salakina pikeun ibadah ka Yéhuwa di Silo. (1 Sam. 1:1-5) Basa keur di tabernakel, Imam Agung Éli nguatkeun Hana ku cara nyebutkeun yén manéhna ngarepkeun Yéhuwa ngajawab doa Hana.​—1 Sam. 1:9, 10, 17.

8. Naon mangpaatna pasamoan? Jelaskeun.

8 Urang bisa tengtrem lamun terus masamoan. Dina doa bubuka di pasamoan, saurang sadérék biasana ngadoa ménta roh suci. Tengtrem haté téh bagian tina buah padamelan roh. (Gal. 5:22) Lamun urang hadir di pasamoan sanajan keur strés, Yéhuwa jeung dulur saiman jadi bisa nguatkeun jeung ngabantu urang sangkan tenang jeung tengtrem deui. Doa jeung pasamoan téh cara Yéhuwa pikeun nengtremkeun haté urang. (Ibr. 10:24, 25) Ayeuna urang tingali, urang bisa diajar naon deui tina pangalaman Hana.

9. Kaayaan naon nu teu barobah dina kahirupan Hana, tapi naon nu ngabantu manéhna?

9 Masalah-masalah Hana teu langsung leungit. Basa balik ti tabernakel ka imahna, Hana masih kénéh cicing babarengan jeung Pénina. Alkitab gé teu nyebutkeun yén sikep Pénina robah. Jadi sigana mah, Hana kudu terus sabar nahan omongan Pénina nu pikanyerieun haté. Tapi ayeuna, Hana tetep tenang jeung terus ngarasa tengtrem. Hana teu pati strés deui lantaran geus masrahkeun masalahna ka Yéhuwa jeung ngandel ka Mantenna. Tungtungna, Hana diberkahan ku Yéhuwa pikeun boga budak!​—1 Sam. 1:19, 20; 2:21.

10. Urang bisa diajar naon tina conto Hana?

10 Urang bisa tengtrem sanajan masih boga masalah. Sanajan geus terus ngadoa jeung rutin masamoan, bisa jadi aya masalah nu teu leungit-leungit. Tina conto Hana, urang diajar yén moal aya nu bisa ngahalangan Yéhuwa pikeun nengtremkeun urang. Yéhuwa moal mopohokeun urang jeung lamun teu nyerah, urang bakal diberkahan ku Mantenna.​—Ibr. 11:6.

URANG BISA DIAJAR NAON TI RASUL PAULUS?

11. Naon waé nu nyababkeun Paulus hariwang?

11 Paulus boga loba alesan pikeun ngarasa hariwang. Misalna, lantaran nyaah ka dulur-dulur saimanna, masalah nu disanghareupan ku maranéhna téh jadi pikiran keur Paulus. (2 Kor. 2:4; 11:28) Dina tugasna sabagé rasul, Paulus nyanghareupan jalma-jalma nu nentang, ngagebugan, jeung ngabuskeun manéhna ka panjara. Manéhna gé tabah nyanghareupan kasusah séjén nu nyababkeun strés, saperti ngalaman ”hirup teu cukup”. (Pil. 4:12) Jeung lantaran geus ngalaman sahenteuna tilu kali kapal tilelep, manéhna pasti hariwang pisan mun iinditan maké kapal. (2 Kor. 11:23-27) Naon nu ngabantu Paulus waktu keur hariwang?

12. Naon nu ngabantu Paulus?

12 Paulus hariwang waktu dulur-dulur saimanna nyanghareupan tangtangan. Tapi, manéhna teu ngarasa kudu ngaréngsékeun kabéh masalahna ku sorangan. Paulus sadar kana kasanggupanana. Manéhna ménta tulung ka batur pikeun ngurus sidang. Misalna, manéhna méré tugas ka priya-priya nu bisa diandelkeun, saperti Timoteus jeung Titus. Ku bantuan dua sadérék éta, Paulus jadi teu hariwang teuing.​—Pil. 2:19, 20; Tit. 1:1, 4, 5.

Siga Paulus, kumaha carana supaya urang teu hariwang teuing? (Tingali paragrap 13-15)

13. Kumaha para kokolot bisa nyonto Paulus?

13 Pénta bantuan. Siga Paulus, kiwari loba kokolot nu nyaahan ngarasa hariwang ka jalma-jalma di sidang nu keur boga masalah. Tapi, ngurus kabéh jalma di sidang moal bisa dilakukeun ku sorangan. Lamun kokolot éta sadar kana kasanggupanana, manéhna bakal ménta bantuan ti priya-priya nu minuhan sarat jeung ngalatih priya-priya nu ngora pikeun ngurus dulur-dulur di sidang.​—2 Tim. 2:2.

14. Paulus teu éra kana hal naon, jeung naon palajaranana?

14 Kudu sadar Sadérék téh butuh dililipur. Paulus rendah haté. Manéhna néangan jeung narima panglilipur ti sobat-sobatna. Jelas, manéhna teu éra ngomong yén manéhna geus dililipur ku sobat-sobatna. Dina suratna ka Pilémon, Paulus nyebutkeun, ”Kanyaah anjeun ka dulur-dulur saagama teh estu matak bingah sareng ngareugreugkeun hate kaula.” (Pilm. 7) Paulus nyebutkeun sababaraha dulur saimanna nu bener-bener nguatkeun waktu manéhna keur strés. (Kol. 4:7-11) Mun urang rendah haté jeung ngaku yén urang téh butuh dililipur, dulur-dulur saiman bakal resep méré dukungan nu dibutuhkeun ku urang.

15. Naon nu dilakukeun ku Paulus waktu manéhna keur kasusahan?

15 Andelkeun Firman Allah. Paulus apal Kitab Suci bakal ngalilipur. (Rum 15:4) Ayat-ayat dina Kitab Suci ogé bakal ngabantu manéhna bijaksana waktu keur aya masalah. (2 Tim. 3:15, 16) Basa keur dipanjara nu kadua kalina di Rum, Paulus nyaho manéhna téréh maot. Dina kaayaan nu sakitu susahna, naon nu dilakukeun ku Paulus? Paulus ménta Timoteus gancang ngadatangan manéhna bari mawa ”kitab-kitab”. (2 Tim. 4:6, 7, 9, 13, Sunda Formal) Naon sababna? Lantaran katingalina kitab-kitab éta téh bagian tina Kitab-Kitab Ibrani nu dipaké keur palajaran pribadina. Lamun urang rutin diajar Firman Allah saperti Paulus, Yéhuwa bakal ngagunakeun ayat-ayat pikeun ngalilipur urang, teu sual naon masalah nu keur disanghareupan.

URANG BISA DIAJAR NAON TI RAJA DAUD?

Siga Raja Daud, naon nu bisa ngabantu urang lamun urang nyieun dosa gedé? (Tingali paragrap 16-19)

16. Naon balukar tina kasalahan gedé nu dijieun ku Daud?

16 Daud nyieun kasalahan gedé nu ngaganggu haté sanubarina. Manéhna jinah jeung Batséba sarta rék nutup-nutupan kasalahanana, tuluy ngatur sangkan salakina Batséba paéh. (2 Sam. 12:9) Mimitina mah, Daud ngabaékeun haté sanubarina. Balukarna, hubunganana jeung Yéhuwa ruksak. Salian ti éta, manéhna gé strés, malah gering. (Jab. 32:3, 4) Naon nu ngabantu Daud nyanghareupan strés nu disababkeun ku manéhna sorangan, jeung naon nu bisa ngabantu urang lamun urang nyieun kasalahan gedé?

17. Tina Jabur 51:1-6, ti mana urang nyaho yén Daud sapinuh haté tobat tina kasalahanana?

17 Ngadoa ménta dihampura. Ahirna, Daud ngadoa ka Yéhuwa. Ku sapinuh haté, manéhna tobat jeung ngaku dosa-dosana ka Yéhuwa. (Baca Jabur 51:1-6.) Manéhna jadi tenang jeung bungah deui! (Jab. 32:1, 2, 4, 5) Lamun Sadérék nyieun dosa gedé, ulah ditutup-tutupan. Tapi, pék ngadoa tuluy ngaku ka Yéhuwa naon nu geus dilakukeun ku Sadérék. Sadérék bakal leuwih tenang jeung teu teterusan rumasa salah. Tapi lamun hayang hubungan Sadérék jeung Yéhuwa alus deui, teu cukup ngan saukur ngadoa.

18. Kumaha réaksi Daud waktu dibéré disiplin?

18 Tarima disiplin. Waktu Yéhuwa ngutus Nabi Natan pikeun ngabolékérkeun dosa Daud, Daud teu ngabéla diri atawa nganggap énténg dosana. Manéhna langsung ngaku geus nyieun dosa, lain ka salakina Batséba wungkul, tapi nu utamana ka Yéhuwa. Daud narima disiplin ti Yéhuwa, tuluy Yéhuwa ngahampura manéhna. (2 Sam. 12:10-14) Yéhuwa geus ngalantik priya-priya pikeun ngurus sidang. Jadi, lamun urang nyieun dosa gedé, urang kudu ngomong ka maranéhna. Urang gé ulah ngabéla diri. Beuki gancang urang narima jeung ngalarapkeun disiplin, teu sual naon disiplinna, beuki gancang urang meunangkeun katengtreman jeung kabungah.

19. Naon nu kudu jadi tékad urang?

19 Sing boga tékad pikeun teu ngalakukeun dosa nu sarua. Raja Daud apal, sangkan teu ngalakukeun dosa nu sarua, manéhna butuh bantuan Yéhuwa. (Jab. 51:9, 12, 14) Sanggeus dihampura ku Yéhuwa, Daud boga tékad pikeun miceun pikiran nu salah. Hasilna, manéhna ngarasa tengtrem haté.

20. Kumaha urang bisa ngahargaan pangampura ti Yéhuwa?

20 Urang ngahargaan pangampura ti Yéhuwa ku cara ngadoa, narima disiplin, jeung satékah polah teu ngalakukeun dosa nu sarua. Lamun éta kabéh dilakukeun, haté urang bakal tengtrem. Éta nu dirasakeun ku James, saurang sadérék nu nyieun dosa gedé. Ceuk manéhna, ”Sanggeus ngungkabkeun dosa ka para kokolot, haté abdi asa ngemplong pisan! Ayeuna abdi ngarasa tengtrem.” Ieu bener-bener ngagedékeun haté lantaran ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan”.​—Jab. 34:19.

21. Kumaha sangkan urang dililipur ku Yéhuwa?

21 Beuki deukeut kana panungtungan ahir jaman, beuki loba hal-hal nu nyababkeun urang strés. Lamun Sadérék strés atawa hariwang, gancang pénta pitulung Yéhuwa. Sing getol diajar Alkitab. Pék diajar tina tuladan Hana, Paulus, jeung Daud. Suhunkeun bantuan ti Bapa di sawarga pikeun mariksa naon nu nyababkeun Sadérék strés atawa hariwang. (Jab. 139:23) Pasrahkeun kasusah ka Yéhuwa, komo lamun masalah Sadérék téh beurat atawa teu bisa diréngsékeun sorangan. Mun éta dilakukeun, Sadérék bakal siga nu nulis jabur nu nyanyi ka Yéhuwa, ”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”​—Jab. 94:19.

KAWIH 4 Yéhuwa Pangangon Abdi

^ par. 5 Sakapeung, urang kabéh hariwang ku masalah-masalah nu disanghareupan. Artikel ieu bakal ngabahas tilu tuladan hamba Allah dina jaman Alkitab nu nyanghareupan loba masalah nu ngahariwangkeun. Tuluy, urang bahas carana Yéhuwa ngalilipur jeung nengtremkeun maranéhna.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: Strés atawa hariwang téh hal nu dirasakeun lantaran sieun aya hal goréng nu bisa kajadian. Ieu bisa disababkeun ku masalah ékonomi, kaséhatan, kulawarga, atawa nu séjénna. Urang gé bisa strés lantaran kasalahan nu geus pernah dilakukeun atawa hariwang ngeunaan tangtangan nu bisa jadi kudu kaalaman dina mangsa kahareup.