Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Silinder tina taneuh liket nu ngamuat ngaran Bélsyasar (Dina ukuran aslina)

Naha Sadérék Terang?

Naha Sadérék Terang?

Naon bukti arkéologi nu némbongkeun yén Bélsyasar ti Babilon téh pernah aya jeung jadi raja?

SALILA mangtaun-taun, para kritikus Alkitab nyebutkeun yén Raja Bélsyasar nu dicatet dina buku Daniel téh teu pernah aya. (Dan. 5:1) Maranéhna boga pandangan kitu sotéh lantaran euweuh bukti arkéologi nu némbongkeun yén Bélsyasar pernah hirup. Tapi, pandangan éta barobah dina taun 1854. Naon sababna?

Harita, konsul Inggris J.G. Taylor mariksa ruruntuhan kota Ur kuno, nu ayeuna aya di beulah kidul Irak. Di hiji munara gedé, manéhna nimu sababaraha silinder nu dijieun tina taneuh liket. Unggal silinder téh panjangna kira-kira 10 cm, jeung aya ukiran aksara pakuna. Salah sahiji tulisan ngamuat doa sangkan raja Babilonia, nyaéta Nabonidus jeung putra cikalna, Bélsyasar, panjang umur. Jadi, para kritikus satuju yén ieu téh bukti Bélsyasar pernah aya.

Tapi Alkitab nyebutkeun yén Bélsyasar téh teu ngan saukur aya, tapi ogé jadi Raja. Para kritikus cangcaya deui. Misalna kira-kira taun 1875, ahli sains ti Inggris, William Talbot, nulis yén ”Bel-sar-ussur [Bélsyasar] téh ngawasa bareng jeung bapana, nyaéta Nabonidus. Tapi euweuh buktina”.

Ahirna, masalah ieu aya bongbolonganana waktu tulisan dina silinder séjén ngungkabkeun yén bapana Bélsyasar, nyaéta Raja Nabonidus, indit jauh ti Babilon pikeun sababaraha taun. Saha nu mingpin nagri éta salila manéhna euweuh? Encyclopaedia Britannica nyebutkeun, ”Waktu Nabonidus keur teu aya di éta nagri, manéhna mercayakeun tahta jeung kalolobaan pasukanana ka Bélsyasar.” Jadi harita, Bélsyasar ngalakukeun tugas nu sarua jeung bapana, nyaéta pangawasa Babilonia. Ku kituna, ahli basa jeung arkéologi, Alan Millard, nyebutkeun mémang cocog lamun ”Buku Daniel nyebut Bélsyasar téh ’raja’”.

Tangtu keur umat Allah mah, nu ngabuktikeun yén buku Daniel bisa dipercaya jeung diilhamkeun téh nyaéta buku ieu téh bagian tina Alkitab. Salian ti éta, Nabi Daniél gé disebutkeun dina buku-buku Alkitab séjénna.​—2 Tim. 3:16.