Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 11

Sadérék Geus Siap Dibaptis?

Sadérék Geus Siap Dibaptis?

”Baptisan . . . nyalametkeun maranéh.”​—1 PET. 3:21, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 28 Jadi Sobat Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Naon nu kudu dilakukeun ku jalma nu rék ngawangun imah?

BAYANGKEUN aya jalma nu rék ngawangun imah. Manéhna nyaho rék nyieun imah modél kumaha. Naha manéhna bakal rurusuhan indit ka toko bangunan, meuli bahan-bahan, tuluy langsung kuriak? Moal. Saacan digawé, aya hal penting nu kudu dilakukeun, nyaéta ngitung-ngitung heula sabaraha biayana. Naha? Sabab manéhna kudu nyaho duitna cukup teu keur ngaréngsékeun imah éta. Lamun manéhna ngitung bener-bener biaya nu dibutuhkeun, manéhna bakal bisa ngawangun imahna nepi ka bérés.

2. Numutkeun Lukas 14:28-30, naon nu kudu dipikirkeun bener-bener saacan Sadérék dibaptis?

2 Lantaran nyaah jeung ngahargaan Yéhuwa, naha Sadérék jadi hayang dibaptis? Mun kitu, Sadérék sarua jeung jalma nu rék ngawangun imah tadi. Dina hal naon? Yésus nyaruakeun jadi muridna téh jeung ngawangun imah. Ieu dicatet dina Lukas 14:28-30. (Baca.) Pikeun jadi muridna, urang kudu daék mayar ”piwaragadeunana”, atawa biayana, nyaéta tangtangan jeung pangorbananana. (Lukas 9:23-26; 12:51-53) Jadi saacan dibaptis, pikirkeun bener-bener naon waé nu bakal kaalaman lamun jadi murid Kristus. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih siap pikeun satia ngawula Allah salaku urang Kristen nu dibaptis.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Naha mangpaat jadi murid Kristus nu dibaptis téh leuwih gedé ti batan pangorbananana? Tangtu! Lamun dibaptis, berkahna teu kaitung, boh ayeuna boh dina mangsa kahareup. Hayu urang bahas sababaraha pananya penting ngeunaan baptisan. Ku kituna, Sadérék bakal bisa ngajawab pananya, ”Abdi geus siap dibaptis can?”

NU KUDU DIPIKANYAHO NGEUNAAN PANGBAKTIAN JEUNG BAPTISAN

4. (a) Naon pangbaktian téh? (b) Naon hartina Sadérék jadi ”kagungan Pangeran” numutkeun Rum 14:8?

4 Naon pangbaktian téh? Saacan dibaptis, Sadérék kudu ngabaktikeun diri. Éta hartina Sadérék ngadoa husu ka Yéhuwa, ngungkabkeun yén Sadérék hayang ngawula Mantenna salilana. Lamun geus ngabakti ka Allah, Sadérék kudu ninggalkeun kapentingan pribadi. Ayeuna Sadérék geus jadi milik Yéhuwa, éta mangrupa kahormatan nu luar biasa. (Baca Rum 14:8.) Sadérék ngomong ka Mantenna yén ti ayeuna, nu pangpentingna keur Sadérék téh ngawula Mantenna, lainna nyenangkeun diri sorangan. Pangbaktian Sadérék téh mangrupa ikrar nu sérius ka Allah. Yéhuwa teu maksa urang nyieun ikrar éta. Tapi lamun urang geus ikrar, Mantenna hoyong urang nedunanana.​—Jab. 116:12, 14.

5. Naon bédana pangbaktian jeung baptisan?

5 Naon bédana pangbaktian jeung baptisan? Waktu Sadérék ngabaktikeun diri, euweuh nu ningali. Éta antara Sadérék jeung Yéhuwa wungkul. Ari dibaptis mah di hareupeun jalma réa, biasana dina kongrés. Waktu dibaptis, Sadérék némbongkeun ka batur yén Sadérék geus ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. * Jadi, batur nyaho yén Sadérék téh mikanyaah Yéhuwa ku sapinuh haté, jiwa, budi akal, sarta kakuatan, jeung boga tékad pikeun ngawula Yéhuwa salilana.​—Mar. 12:30.

 

6-7. Numutkeun 1 Petrus 3:18-22, ku naon dibaptis téh penting?

6 Naha dibaptis téh penting? Pikirkeun kekecapan dina 1 Petrus 3:18-22. (Baca tina catetan handap.) * Siga bahtera nu jadi bukti nyata tina iman Nuh, baptisan ogé jadi bukti nyata tina pangbaktian Sadérék ka Yéhuwa. Tapi naha baptisan téh penting? Tangtu. Pétrus méré nyaho alesanana. Kahiji, éta ”nyalametkeun maranéh”. Baptisan bisa nyalametkeun lamun urang ngabuktikeun yén urang boga iman ka Yésus sarta yakin yén anjeunna maot keur urang, dihirupkeun deui ka sawarga, jeung ayeuna aya ”di beulah katuhu Allah”.

7 Kadua, ku cara dibaptis, urang bisa boga ”haté sanubari nu bersih”. Waktu ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis, urang jadi akrab pisan jeung Mantenna. Allah daék ngahampura dosa-dosa urang lantaran urang geus tobat jeung boga iman kana tebusan. Urang jadi boga haté sanubari nu bersih di payuneun Allah.

8. Naon nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis?

8 Naon nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis? Lantaran geus bener-bener diajar Alkitab, Sadérék jadi leuwih wanoh ka Yéhuwa, sipat-sipat-Na, jeung tindakana-Na. Naon nu diajarkeun ka Sadérék téh keuna kana haté jeung ngajurung Sadérék malik nyaah ka Mantenna. Hal utama nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis téh lantaran nyaah ka Yéhuwa.

9. Saperti nu disebutkeun dina Mateus 28:19, 20, naon hartina dibaptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung roh suci?

9 Sadérék gé kajurung dibaptis lantaran geus yakin kana bebeneran Alkitab. Perhatikeun naon nu disebutkeun ku Yésus waktu méré tugas ngajadikeun murid. (Baca Mateus 28:19, 20.) Ceuk Yésus, jalma-jalma kudu dibaptis ”kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci”. Naon hartina? Sadérék kudu percaya sapinuhna kana bebeneran Alkitab ngeunaan Yéhuwa, Putra-Na, nyaéta Yésus, jeung roh suci. Bebeneran ieu téh bisa mangaruhan jeung ngageuing haté Sadérék. (Ibr. 4:12) Hayu urang bahas.

10-11. Sadérék geus diajar jeung yakin kana bebeneran naon ngeunaan Rama?

10 Inget deui basa Sadérék diajar bebeneran ngeunaan Rama: ”Namina Yéhuwa”, ”anu Maha Luhur di sakuliah bumi”, jeung ”Allah anu sajati”. (Jab. 83:18, NW; Yer. 10:10) Mantenna nu nyiptakeun jeung nu nyalametkeun urang. (Jab. 3:8, NW; 36:10) Mantenna ngatur sangkan urang dileupaskeun tina dosa jeung maot, sarta méré harepan hirup abadi. (Yoh. 17:3) Pangbaktian jeung baptisan Sadérék bakal jadi tanda yén Sadérék téh Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10-12) Sadérék jadi bagian tina kulawarga di sakuliah dunya nu ibadah ka Mantenna sarta reueus nyandang jeung nguarkeun nami Allah.​—Jab. 86:12.

11 Paham kana pangajaran Alkitab ngeunaan Rama téh mangrupa kahormatan! Lamun Sadérék yakin kana bebeneran nu luar biasa ieu, Sadérék bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa tuluy dibaptis.

12-13. Sadérék geus diajar jeung yakin kana bebeneran naon ngeunaan Putra?

12 Kumaha parasaan Sadérék basa diajar bebeneran ngeunaan Putra-Na? Yésus téh pribadi kadua nu pangpentingna di jagat raya. Anjeunna réla ngorbankeun hirupna pikeun nebus urang. Lamun urang ngabuktikeun yén urang boga iman kana tebusan, dosa-dosa urang bakal dihampura. Urang gé bisa nyobat jeung Allah sarta hirup langgeng. (Yoh. 3:16) Yésus téh Imam Agung urang. Anjeunna hayang ngabantu urang narima mangpaat tebusan sarta nyobat jeung Allah. (Ibr. 4:15; 7:24, 25) Sabagé Raja Karajaan Allah, anjeunna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyucikeun nami-Na, nyingkirkeun kajahatan, jeung mawa berkah nu langgeng di Pirdaus engké. (Mat. 6:9, 10; Wahyu 11:15) Yésus ogé tuladan keur urang. (1 Pet. 2:21) Urang bisa nyonto anjeunna nu geus ngabaktikeun hirupna pikeun ngalakukeun kahoyong Allah.​—Yoh. 4:34.

13 Lamun percaya kana pangajaran Alkitab ngeunaan Yésus, Sadérék bakal mikanyaah Putra Allah ieu. Ku kituna, Sadérék bakal hayang ngalakukeun kahoyong Allah saperti Yésus. Sadérék bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis.

14-15. Sadérék geus diajar jeung yakin kana bebeneran naon ngeunaan roh suci?

14 Kumaha waktu Sadérék diajar bebeneran ngeunaan roh suci? Roh suci téh lain mahluk roh, tapi tanagana Allah. Yéhuwa ngagunakeun roh suci pikeun ngabingbing jalma-jalma nu nulis Alkitab, sarta ngabantu urang paham jeung ngalarapkeun naon nu dibaca dina Alkitab. (Yoh. 14:26; 2 Pet. 1:21) Ku roh suci-Na, Yéhuwa masihan urang kawasa nu luar biasa. (2 Kor. 4:7) Ku kituna, urang bisa ngawawarkeun warta hadé, nolak gogoda, jeung tetep teger waktu urang leutik haté atawa nandangan cocoba. Roh suci ogé ngabantu urang ngamekarkeun sipat-sipat hadé nu kaasup ’buah padamelan roh’. (Gal. 5:22, Sunda Formal [SF]) Allah bakal masihan roh suci-Na ka saha waé nu ménta jeung nu percaya ka Mantenna.​—Luk. 11:13.

15 Hamba-hamba Allah tangtu gedé haté lantaran bisa ngandelkeun bantuan roh suci Yéhuwa dina ngawula Mantenna. Lamun percaya kana bebeneran Alkitab ngeunaan roh suci, Sadérék bakal kajurung pikeun ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis.

16. Naon waé nu geus dibahas ku urang?

16 Ngabaktikeun diri ka Allah jeung dibaptis téh putusan nu sérius. Sakumaha nu geus dibahas, Sadérék kudu daék mayar biayana, nyaéta tangtangan jeung pangorbananana. Tapi, éta teu sabanding jeung berkahna. Baptisan bisa nyalametkeun Sadérék. Sadérék gé bisa boga haté sanubari nu bersih di payuneun Allah. Hal utama nu sakuduna ngajurung Sadérék dibaptis téh kanyaah ka Allah Yéhuwa. Sadérék ogé kudu percaya ku sapinuh haté kana bebeneran ngeunaan Rama, Putra, jeung roh suci. Sanggeus ngabahas hal-hal ieu, naon jawaban Sadérék pikeun pananya, ”Abdi geus siap dibaptis can?”

NU KUDU DILAKUKEUN SAACAN DIBAPTIS

17. Naon waé nu kudu dilakukeun saacan dibaptis?

17 Lamun Sadérék ngarasa geus siap dibaptis, Sadérék tangtu geus ngalakukeun sababaraha hal pikeun nyobat jeung Yéhuwa. * Lantaran rutin diajar Alkitab, Sadérék geus nyaho loba hal ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus. Sadérék gé geus boga iman. (Ibr. 11:6) Sadérék bener-bener percaya kana jangji-jangji Yéhuwa dina Alkitab. Lantaran boga iman kana korban tebusan Yésus, Sadérék gé yakin bisa salamet tina dosa jeung maot. Sadérék geus tobat atawa kaduhung pisan kana dosa jeung kasalahan nu pernah dilakukeun, jeung geus nyuhunkeun pangampura ti Yéhuwa. Sadérék geus barobah, geus eureun tina kabiasaan hirup nu salah tuluy ngajalankeun hirup nu nyenangkeun Allah. (Ras. 3:19) Sadérék gé sumanget nyaritakeun kapercayaan Sadérék ka batur. Sadérék geus nyumponan sarat pikeun jadi pawarta nu can dibaptis sarta milu ngawawar bareng jeung sidang. (Mat. 24:14) Yéhuwa reueus ningali Sadérék ngalakukeun hal-hal ieu. Mantenna téh senang pisan.​—Sil. 27:11.

18. Naon deui nu kudu dilakukeun ku Sadérék saacan dibaptis?

18 Saacan dibaptis, aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun. Saperti nu geus dibahas, Sadérék kudu ngabaktikeun diri ka Allah. Pék deukeutan Mantenna sacara pribadi, doa sing husu, tuluy jangji bakal ngagunakeun kahirupan pikeun ngalakukeun kahoyong-Na. (1 Pet. 4:2) Geus kitu, béré nyaho koordinator badan kokolot yén Sadérék hayang dibaptis. Engké sababaraha kokolot bakal ditugaskeun manggihan Sadérék. Teu kudu sieun, maranéhna téh bageur sarta kenal jeung nyaah ka Sadérék. Maranéhna bakal ngabahas pangajaran dasar Alkitab jeung Sadérék. Maranéhna rék mastikeun Sadérék paham kana pangajaran-pangajaran éta sarta ngarti yén pangbaktian jeung baptisan téh penting pisan. Lamun maranéhna ngarasa Sadérék geus siap, Sadérék bakal dibéré nyaho yén Sadérék bisa dibaptis dina kongrés nu bakal datang.

NU KUDU DILAKUKEUN SANGGEUS DIBAPTIS

19-20. Naon nu kudu dilakukeun sanggeus dibaptis, jeung kumaha carana?

19 Sanggeus dibaptis, naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék? * Inget yén pangbaktian téh mangrupa ikrar, jeung Yéhuwa hoyong urang nedunan éta ikrar. Jadi, Sadérék kudu terus hirup luyu jeung pangbaktian Sadérék. Kumaha carana?

20 Kudu tetep deukeut jeung sidang. Sanggeus dibaptis, Sadérék boga ”batur sakapercayaan” di sakuliah dunya. (1 Pet. 2:17) Dulur-dulur di sidang téh kulawarga rohani Sadérék. Hubungan Sadérék jeung maranéhna bakal beuki akrab lamun Sadérék rutin masamoan. Baca jeung lenyepan Alkitab unggal poé. (Jab. 1:1, 2) Sanggeus maca sabagian Alkitab, sadiakeun waktu pikeun mikirkeunana bener-bener. Ku kituna, éta bakal ngageuing haté Sadérék. Kudu terus ”neneda”. (Mat. 26:41) Ku cara ngadoa sapinuh haté, Sadérék bakal leuwih deukeut jeung Yéhuwa. ”Pentingkeun heula . . . Karajaan Allah.” (Mat. 6:33, SF) Éta bisa dilakukeun ku cara ngutamakeun pangwawaran. Lamun rutin dines, iman Sadérék bakal tetep kuat. Sadérék gé bakal ngabantu batur meunangkeun hirup abadi.​—1 Tim. 4:16.

21. Sadérék bakal meunang naon mun dibaptis?

21 Ngabaktikeun diri jeung dibaptis téh putusan nu pangpentingna nu bakal dijieun ku Sadérék. Mémang kudu aya pangorbanan, tapi éta teu sabanding jeung berkahna! Sagala kasangsaraan nu disanghareupan di dunya ayeuna téh ”henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan”. (2 Kor. 4:17) Tapi, ku cara dibaptis, Sadérék bisa meunangkeun kahirupan nu leuwih sugema ayeuna jeung ”hirup sajati” dina mangsa kahareup. (1 Tim. 6:19) Sok ayeuna mah, pikirkeun jeung doakeun jawaban Sadérék pikeun pananya, ”Abdi geus siap dibaptis can?”

KAWIH 50 Doa Pangbaktian Abdi

^ par. 5 Naha Sadérék hayang dibaptis? Artikel ieu téh husus dijieun keur Sadérék. Urang bakal ngabahas pananya-pananya penting ngeunaan baptisan. Jawabanana bakal ngabantu Sadérék apal naha Sadérék geus siap dibaptis.

^ par. 6 1 Petrus 3:18-22 (NW): ”Kristus, jalma bener, pupus keur jalma-jalma nu teu bener. Anjeunna pupus ngan sakali pikeun nyingkirkeun dosa jeung nungtun maranéh ka Allah. Anjeunna dipaéhan salaku manusa, tapi dihirupkeun deui jadi mahluk roh. Salaku mahluk roh, anjeunna nepikeun warta ka para malaikat nu aya di panjara, nu baheula teu taat ka Allah dina jaman Nuh. Harita, Allah sabar ngantos diwangunna bahtera, nu nyalametkeun sababaraha jalma tina caah, nyaéta dalapan nyawa. Éta ngalambangkeun baptisan, nu ayeuna nyalametkeun maranéh liwat Yésus Kristus nu dihirupkeun deui. Baptisan lain keur nyingkirkeun kokotor tina awak, tapi pikeun nyuhunkeun haté sanubari nu bersih ti Allah. Yésus aya di beulah katuhu Allah lantaran geus ka sawarga. Para malaikat, nu boga wewenang, sarta nu boga kawasa, taraluk ka anjeunna.”

^ par. 17 Tingali buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? pasal 18.

^ par. 19 Lamun can ngaréngsékeun buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? jeung buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah, pék teruskeun diajar dua buku éta jeung guru Sadérék nepi ka bérés.