Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Saha para pangawal atawa pulisi bait téh? Naon tugas maranéhna?

Urang Yahudi ti kaom Léwi nu teu jadi imam boga tugas-tugas séjén, salah sahijina jadi pangawal atawa pulisi bait. Maranéhna diawaskeun ku kapala pangawal bait. Urang Yahudi nu ngaranna Filo nulis ngeunaan tugas para pangawal, ”Sababaraha urang [Léwi] ieu ditempatkeun di deukeut gerbang sabagé tukang jaga lawang, sababaraha deui ditempatkeun [di daérah bait] di hareupeun tempat suci sangkan jalma nu teu layak moal bisa asup, boh dihaja boh henteu. Aya deui nu giliran ronda beurang-beurang atawa peuting-peuting. Maranéhna ngurilingan bait pikeun ngajaga kaamanan.”

Sanhédrin bisa méré paréntah ka para pulisi bait ieu. Ngan para pulisi Yahudi ieu nu diidinan mawa senjata ku pamaréntah Rum.

Ahli Alkitab nu ngaranna Joachim Jeremias ngajelaskeun yén baréto nu nangkep Yésus téh pasti para pulisi bait, lantaran Yésus nanya ku naon anjeunna teu ditangkep waktu ngajar di bait unggal poé. (Mat. 26.55) Manéhna gé nyimpulkeun yén nu saacanna rék nangkep Yésus gé pasti para pulisi bait. (Yoh. 7:32, 45, 46) Ka dieunakeun, para pulisi jeung kapalana dititah mawa murid-murid Yésus pikeun ngadep Sanhédrin. Katingalina para pulisi bait ogé nyéréd Paulus kaluar ti bait.​—Ras. 4:1-3; 5:17-27; 21:27-30.