Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

”Sumuhun Abdi! Mangga Abdi Utus!”

”Sumuhun Abdi! Mangga Abdi Utus!”

NAHA Sadérék hayang ngalakukeun leuwih loba dina palayanan ku cara pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta, misalna ka nagri séjén? Mun kitu, pangalaman Sadérék Jack jeung pamajikanana aya mangpaatna keur Sadérék.

Jack jeung Marie-Line geus ngawula sapinuh waktu babarengan ti saprak 1988. Maranéhna bisa nyaluyukeun diri dina loba kaayaan jeung narima rupa-rupa tugas di Guadeloupe jeung Guyana Prancis, nu ayeuna diawaskeun ku cabang Prancis. Ayeuna, hayu urang wawancara Jack jeung Marie-Line.

Ku naon Sadérék hayang dines sapinuh waktu?

Marie-Line: Abdi digedékeun di Guadeloupe. Abdi sering ngawawar sapoé jeput jeung Mamah abdi. Mamah téh Saksi nu sumanget. Abdi nyaah ka jalma-jalma, jadi sanggeus lulus sakola taun 1985, abdi naratas.

Jack: Basa keur ngora, abdi sok babarengan jeung para panaratas nu sumanget dines. Mun peré sakola, abdi naratas ékstra. Ahir minggu, abdi jeung sadérék-sadérék di sidang sok dines bareng jeung para panaratas éta. Inditna téh maké beus. Urang ngawawar sapoé jeput, balikna ulin ka laut. Mani resep pisan!

Teu lila sanggeus kawin jeung Marie-Line taun 1988, abdi mikir, ’Urang pan teu boga uruseun, kuduna mah bisa méré leuwih loba dina palayanan.’ Jadi, abdi milu naratas bareng jeung Marie-Line. Sataun ti harita, sanggeus milu Sekolah Dinas Perintis, abdi duaan dilantik jadi panaratas istiméwa. Urang dibéré tugas-tugas nu pikaresepeun di Guadeloupe saacan dipindahkeun ka Guyana Prancis.

Sadérék pan dibéré loba tugas nu béda-béda. Kumaha Sadérék nyaluyukeun diri jeung parobahan? 

Marie-Line: Sadérék-sadérék di Bétel Guyana Prancis apal ayat karesep abdi duaan téh Yesaya 6:8. Jadi basa nelepon, maranéhna sok ngaheureuyan heula, ”Inget kénéh kana ayat karesep téh?” Mun geus kitu abdi nyaho, pasti aya tugas anyar. Jadi abdi duaan sok ngajawab, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!”

Abdi duaan tara ngabandingkeun tugas nu ayeuna jeung nu baheula, sabab éta bisa ngaleungitkeun suka bungah dina palayanan. Urang gé sok hideng kenalan jeung sadérék-sadérék.

Jack: Baheula, aya dulur-dulur saiman nu teu hayang abdi duaan pindah, jadi maranéhna sok ngolo urang sangkan tetep di dinya. Tapi basa urang pindah ti Guadeloupe, saurang sadérék ngingetkeun kekecapan Yésus dina Mateus 13:38, ”Ari lahanna nya eta dunya ieu.” Jadi waktu dibéré tugas anyar, urang sok inget, teu sual urang ngawula di mana, lahanna tetep sarua. Nu penting mah, aya jalma-jalma nu bisa diwawaran!

Pas nepi ka daérah anyar, urang ningali pendudukna gé bisa hirup bungah. Jadi urang hayang nyonto kabiasaan maranéhna. Dahareunana meureun béda, tapi naon nu didahar ku maranéhna, ku urang didahar ogé. Nu diinum ku maranéhna, ku urang diinum ogé. Urang gé nuturkeun cara maranéhna ngajaga kaséhatan. Pokona mah kudu positif dina unggal tugas.

Marie-Line: Urang gé loba diajar ti dulur-dulur saiman di daérah éta. Abdi inget pas anyaran pindah ka Guyana Prancis, harita téh hujan gedé. Jadi urang mikir, geus wé ngadagoan hujanna raat, kakara indit ngawawar. Tapi aya sadérék istri ngomong, ”Rék indit ayeuna?” Abdi bingung, tuluy ngajawab, ”Kumaha carana?” Ceuk manéhna, ”Naék sapédah bari maké payung wéh.” Di dinya abdi diajar carana naék sapédah bari nyekel payung. Mun teu diajarkeun kitu mah, abdi moal pernah bisa ngawawar pas keur hujan!

Sadérék pan geus pundah-pindah kira-kira 15 kali. Aya saran teu keur sadérék-sadérék nu hayang pindah?

Marie-Line: Pipindahan téh teu gampang. Tapi imah nu dicicingan téh kudu digenah-genah, jadi pas balik dines téh garenah.

Jack: Mun pindah, imahna sok dicét deui ku abdi. Mun sadérék-sadérék di kantor cabang nyaho abdi moal lila di hiji tempat, maranéhna sok ngaheureuyan, ”Jack, teu kudu ngecét ayeuna mah!”

Marie-Line téh jago ngepak barang! Manéhna ngasup-ngasupkeun barang kana kardus, terus dicirian ”kamar mandi”, ”kamar”, ”dapur”, jeung nu séjénna. Jadi pas nepi ka imah anyar, leuwih gampang nempat-nempatkeun barangna. Unggal kardus téh ditulis naon waé eusina, jadi mun aya nu dibutuhkeun gampang néanganana.

Marie-Line: Lantaran geus biasa ngatur sagala rupa, urang jadi bisa langsung dines.

Kumaha Sadérék ngatur waktu supaya bisa ’ngalaksanakeun sagemblengna palayanan’?​—2 Tim. 4:5, Terjemahan Dunia Baru.

Marie-Line: Unggal Senén, urang istirahat bari nyiapkeun pasamoan. Dinesna dimimitian ti poé Salasa.

Jack: Sanajan unggal bulanna aya jumlah jam nu dipatok keur dines, tapi lain éta nu dipikirkeun. Nu pangpentingna mah ngawawar. Jadi ti mimiti kaluar imah nepi ka balik, urang ngomong ka saha waé nu dipanggihan.

Marie-Line: Batur sok ngadeukeutan jeung ménta publikasi, padahal urang can méré nyaho urang téh Saksi-Saksi Yéhuwa. Éta sababna urang sok ngajaga papakéan jeung kalakuan lantaran éta nu diperhatikeun ku batur. Mun keur piknik gé, abdi sok mawa risalah.

Jack: Urang gé sok méré kasaksian ku cara jadi tatangga nu hadé. Abdi mulung runtah, ngosongkeun wadah runtah, jeung sasapu di daérah sakuriling imah. Tatangga sok merhatikeun jeung nanya, ”Boga Alkitab teu? Abdi rék ménta.”

Sadérék sering ngawawar di daérah mencil. Aya pangalaman nu terus kainget?

Jack: Di Guyana, aya sababaraha daérah nu hésé ditempuh. Urang sering iinditan sajauh 600 kilométer bari jalanna ruksak. Éta téh butuh waktu samingguan. Abdi moal poho basa nganjangan St. Élie, di leuweung Amazon. Perjalananana butuh waktu sababaraha jam maké kendaraan off-road jeung parahu mesin. Di ditu urang ngabagikeun risalah, tuluy soréna urang nyetél vidéo-vidéo ti organisasi. Loba nu datang pikeun lalajo. Kalolobaan penduduk di ditu téh tukang ngala emas. Lantaran ngahargaan publikasi, aya nu nyumbang maké guruntulan emas!

Marie-Line: Anyar-anyar ieu, Jack dipénta nepikeun hutbah Pangéling-ngéling di désa Camopi. Urang maké parahu motor ngaliwatan Walungan Oyapock, perjalananana butuh waktu opat jam. Éta téh pangalaman nu teu bisa dipopohokeun.

Jack: Di tempat-tempat nu caina déét, arusna bisa ngabahayakeun. Pas parahu ngaliwatan cai nu keur tarik, mani tegang! Tukang parahuna kudu apal selahna. Tapi éta pangalaman nu pikaresepeun. Di ditu ngan aya 6 Saksi, tapi aya kira-kira 50 jalma nu datang ka acara Pangéling-ngéling, kaasup sababaraha urang Amerindian!

Marie-Line: Budak ngora bisa boga pangalaman nu luar biasa siga kieu lamun daék ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa. Anjeun kudu ngandelkeun Yéhuwa dina kaayaan-kaayaan siga kitu. Iman anjeun bakal beuki kuat. Urang sering ningali bantuan Yéhuwa.

Sadérék bisa ngomong sababaraha basa. Naha Sadérék boga bakat diajar basa?

Jack: Teu ogé. Abdi diajar rupa-rupa basa téh lantaran kudu. Abdi kudu mandu Palajaran Warta Hadé dina basa Sranantongo *, padahal abdi can pernah ditugaskeun maca Alkitab! Abdi nanya ka saurang sadérék, kumaha mun batur teu ngarti. Manéhna ngajawab, ”Mémang aya kecap nu teu kaharti, tapi alus pisan da!” Abdi loba dibantuan ku barudak leutik. Mun abdi salah, maranéhna sok ngabéjaan, ari nu geus kolot mah tara. Abdi loba diajar ti budak ngora.

Marie-Line: Di hiji daérah, dina sapoé abdi kudu mandu sababaraha palajaran Alkitab maké basa Prancis, Portugis, jeung Sranantongo. Aya saran ti sadérék istri, mun keur cénghar kénéh mah, mandu maké basa nu hésé heula, nyaéta Portugis. Engké pas geus soré, kakara nu gampang. Mimitina abdi teu ngarti ku naon kudu kitu.

Hiji poé, abdi mandu maké basa Sranantongo. Sanggeusna, abdi mandu deui maké basa Portugis. Pas mandu palajaran Alkitab nu kadua, batur dines ngomong, ”Marie-Line, sigana manéhna teu ngartieun!” Abdi kalah ka maké basa Sranantongo, padahal palajar Alkitabna téh urang Brasil nu maké basa Portugis! Ayeuna abdi ngarti ku naon sadérék istri éta méré saran kitu.

Di mana waé gé, Sadérék téh pan dipikanyaah ku dulur-dulur saiman. Kumaha Sadérék bisa akrab jeung maranéhna?

Jack: Ceuk Siloka 11:25, ”Nu balabah babari meunang rejeki.” Abdi tara asa-asa méré bantuan ka batur. Pas keur bebersih Balé Karajaan, aya nu ngomong, ”Keun wé éta mah ku pawarta.” Tapi abdi ngajawab, ”Pan abdi gé pawarta. Jadi mun aya pagawéan, abdi gé hayang milu gawé.” Sanajan urang kabéh butuh waktu keur sorangan, abdi embung hal éta ngahalangan abdi ngalakukeun hal hadé keur batur.

Marie-Line: Urang sabisa-bisa méré perhatian ka dulur-dulur saiman. Ku cara kitu, urang nyaho iraha maranéhna butuh bantuan pikeun mapagkeun atawa ngajajapkeun barudakna sakola. Jadi urang bisa ngarobah jadwal sangkan bisa mantuan maranéhna. Ku kituna, urang jadi beuki akrab jeung dulur saiman, siap ngabantu maranéhna.

Naon berkahna lantaran ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun?

Jack: Loba pisan berkah nu ditarima lantaran ngawula sapinuh waktu. Abdi sering ningali sakumaha éndahna ciciptaan Yéhuwa. Sanajan aya tangtangan, urang bisa tengtrem haté sabab apal di mana waé gé, urang didukung ku umat Allah.

Basa keur ngora, abdi pernah dipanjara di Guyana Prancis lantaran nolak wajib militér. Teu pernah kabayangkeun, abdi balik deui ka ditu, jadi misionaris, jeung ngawawar ka panjara-panjara. Éta téh berkah ti Yéhuwa nu béréhan!

Marie-Line: Nulungan batur, éta nu matak pikabungaheun pisan téh. Urang bungah bisa ngawula Yéhuwa. Salaku pasangan, urang jadi leuwih akrab. Sababaraha kali, Jack hayang ngondang dahar salaki pamajikan nu keur leutik haté. Abdi sok ngajawab, ”Kakara abdi mikir kitu!” Sering da kitu téh.

Jack: Anyar-anyar ieu, abdi keuna kangker prostat. Marie-Line teu resepeun mun abdi ngomong, ”Néng, Akang téh mémang can kolot-kolot teuing. Tapi mun engké Akang maot, Akang mah geus puas da lantaran geus ngagunakeun kahirupan Akang keur Yéhuwa.”​—Kaj. 25:8.

Marie-Line: Yéhuwa masihan kasempetan ka urang pikeun ngalakukeun loba tugas nu teu kabayangkeun saacanna. Hirup urang duaan bener-bener bagja. Teu sual di mana waé ditugaskeun, urang bakal indit sabab Allah pasti mantuan urang!

^ par. 32 Basa Sranantongo téh campuran tina basa Inggris, Belanda, Portugis, jeung Afrika, nu biasa dipaké ku para badéga.