Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 17

”Maraneh ku Kami Disebut Sobat”

”Maraneh ku Kami Disebut Sobat”

”Maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.”​—YOH. 15:15.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

NU DIBAHAS *

BIASANA lamun urang hayang nyobat jeung batur, urang kudu babarengan heula jeung manéhna. Urang bisa nyobat lantaran sering ngobrolkeun parasaan sarta pikiran urang. Tapi lamun urang hayang nyobat jeung Yésus, aya sababaraha tangtanganana. Naon waé éta téh?

2. Naon tangtangan nu kahiji?

2 Tangtangan kahiji téh urang teu pernah panggih jeung Yésus. Loba urang Kristen dina abad kahiji gé teu pernah panggih jeung Yésus. Sanajan kitu, Rasul Pétrus nyebutkeun, ”Aranjeun nyaraah ka Yesus Kristus, padahal can nenjo-nenjo acan, aranjeun percaya ka Anjeunna sanajan ayeuna Anjeunna geus teu katenjo.” (1 Pet. 1:8) Jadi, sanajan urang teu pernah panggih jeung Yésus, nyobat jeung anjeunna téh lain hal nu mustahil.

3. Naon tangtangan nu kadua?

3 Tangtangan nu kadua nyaéta urang teu bisa ngobrol jeung Yésus. Waktu ngadoa, doa urang téh ditujukeun ka Yéhuwa. Mémang waktu ngadoa urang maké nami Yésus, tapi urang teu ngomong langsung ka anjeunna. Malah, Yésus embung urang ngadoa ka anjeunna. Ku naon? Ngadoa téh kaasup ibadah, jeung ibadah urang ngan ka Yéhuwa. (Mat. 4:10) Sanajan kitu, urang bisa ngungkabkeun kanyaah ka Yésus.

4. Naon tangtangan nu katilu, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Tangtangan nu katilu téh Yésus aya di sawarga, jadi urang teu bisa babarengan jeung anjeunna. Tapi, urang bisa tetep wanoh ka Yésus, sanajan urang jauh ti anjeunna. Urang bakal ngabahas opat hal nu bisa dilakukeun pikeun nguatkeun sosobatan urang jeung Yésus. Tapi saacanna, hayu urang bahas heula ku naon nyobat jeung Kristus téh penting pisan.

KU NAON URANG KUDU JADI SOBAT YÉSUS?

5. Ku naon urang kudu nyobat jeung Yésus? (Tingali ogé kotak ”Lantaran Nyobat jeung Yésus, Urang bisa Nyobat jeung Yéhuwa” sarta ”Pandangan nu Saimbang ngeunaan Yésus”.)

5 Urang kudu nyobat jeung Yésus lamun hayang boga hubungan nu alus jeung Yéhuwa. Ku naon? Pikirkeun dua alesan ieu: Kahiji, Yésus ngomong ka murid-muridna, ’Rama ku manten mikanyaah ka maraneh, lantaran maraneh nyaraah ka Kami.’ (Yoh. 16:27) Yésus gé ngomong, ”Lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” (Yoh. 14:6) Lamun urang hayang jadi sobat Yéhuwa tapi embung nyobat jeung Yésus, éta sarua jeung hayang asup ka gedong tapi teu liwat lawang. Yésus maké ibarat nu sarupa kitu waktu ngajelaskeun yén anjeunna téh ”diupamakeun lawang” keur para domba. (Yoh. 10:7) Alesan nu kadua téh Yésus némbongkeun sipat-sipat Bapana kalawan sampurna. Anjeunna ngomong ka murid-muridna, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.” (Yoh. 14:9) Jadi, lamun hayang wanoh ka Yéhuwa, urang kudu diajar ngeunaan kahirupan Yésus. Beuki loba diajar ngeunaan Yésus, urang beuki nyaah ka anjeunna. Lamun sosobatan urang jeung Yésus beuki kuat, urang gé bakal beuki nyaah ka Bapana.

6. Naon deui alesan urang kudu nyobat jeung Yésus? Jelaskeun.

6 Urang kudu nyobat jeung Yésus supaya doa urang dijawab. Ieu lain hartina urang ngan saukur nyebut ”ku nami Yésus” dina tungtung doa. Urang kudu paham carana Yéhuwa ngagunakeun Yésus dina ngajawab doa urang. Ceuk Yésus ka para rasulna, ”Naon bae anu disuhunkeun ku maraneh make ngaran Kami, tangtu ku Kami dikabul.” (Yoh. 14:13) Sanajan ngan Yéhuwa nu ngadangu jeung ngajawab doa urang, Mantenna geus masihan wewenang ka Yésus pikeun ngalaksanakeun putusana-Na. (Mat. 28:18) Jadi saacan ngajawab doa urang, Allah ningali naha urang geus ngalarapkeun naséhat Yésus. Misalna, Yésus ngomong, ”Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura. Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.” (Mat. 6:14, 15) Jadi penting pisan sangkan urang bageur ka batur, sakumaha Yéhuwa jeung Yésus gé tos bageur ka urang!

7. Saha nu bisa meunang mangpaat tina korban tebusan Yésus?

7 Ngan jalma-jalma nu nyobat jeung Yésus nu bisa meunang mangpaat tina korban tebusan. Ti mana urang apal? Ceuk Yésus, anjeunna bakal ”ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaan [sobat-sobatna]”. (Yoh. 15:13) Hamba-hamba Yéhuwa, nu hirup saacan Yésus datang ka bumi, engkéna kudu diajar jeung mikanyaah anjeunna. Priya wanita saperti Ibrahim, Sarah, Musa, jeung Rahab bakal dihirupkeun deui. Tapi, maranéhna gé kudu nyobat jeung Yésus sangkan bisa hirup langgeng.​—Yoh. 17:3; Ras. 24:15; Ibr. 11:8-12, 24-26, 31.

8-9. Numutkeun Yohanes 15:4, 5, naon nu sanggup dilakukeun ku urang lantaran nyobat jeung Yésus, sarta ku naon nyobat jeung Yésus téh penting?

8 Urang bungah bisa gawé bareng jeung Yésus pikeun ngawawarkeun jeung ngajarkeun warta hadé Karajaan. Basa di bumi, Yésus téh guru. Ti saprak balik ka sawarga, Yésus jadi kapala sidang jeung terus ngaorganisasi kagiatan ngawawar jeung ngajar. Anjeunna merhatikeun jeung ngahargaan upaya Sadérék pikeun ngabantu saloba-lobana jalma kenal ka anjeunna sarta Bapana. Sabenerna, ngan ku bantuan ku Yéhuwa jeung Yésus, urang bisa ngalaksanakeun tugas ieu.​—Baca Yohanes 15:4, 5.

9 Firman Allah jelas ngajarkeun yén urang kudu terus nyaah ka Yésus pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Ayeuna, hayu urang bahas opat cara sangkan urang bisa jadi sobat Yésus.

CARANA URANG BISA NYOBAT JEUNG YÉSUS

Sadérék bisa jadi sobat Yésus ku cara (1) kenal ka Yésus, (2) nyonto cara pikir jeung lalampahan Yésus, (3) ngadukung dulur-dulur Kristus, jeung (4) nuturkeun pangaturan di sidang Kristen (Tingali paragrap 10-14) *

10. Naon cara kahiji sangkan urang bisa nyobat jeung Yésus?

10 (1) Sing kenal ka Yésus. Éta bisa dilakukeun lamun urang maca Injil Mateus, Markus, Lukas, jeung Yohanes. Ku cara ngalenyepan kisah-kisah Alkitab ngeunaan kahirupan Yésus, urang bakal nyaah jeung ngahargaan Yésus lantaran anjeunna bageur ka jalma-jalma. Misalna, sanajan anjeunna téh Dunungan, murid-muridna teu dianggap badéga. Tapi anjeunna ngungkabkeun pikiran jeung parasaanana ka maranéhna. (Yoh. 15:15) Waktu maranéhna sedih, Yésus gé milu sedih, malahan ceurik bareng jeung maranéhna. (Yoh. 11:32-36) Musuh-musuhna gé apaleun yén Yésus nganggap sobat ka jalma-jalma nu narima wartana. (Mat. 11:19) Lamun urang nyonto sikep Yésus ka murid-muridna, hubungan urang jeung batur bakal beuki alus. Urang bakal ngarasa puas jeung bagja, urang gé bakal beuki ngahargaan Kristus.

11. Naon cara kadua sangkan urang bisa nyobat jeung Yésus? Ku naon ieu téh penting?

11 (2) Piconto cara pikir jeung lalampahan Yésus. Urang bakal beuki akrab jeung Yésus lamun beuki paham jeung miconto cara pikir anjeunna. (1 Kor. 2:16) Kumaha urang bisa nyonto Yésus? Perhatikeun hiji contona. Yésus leuwih mikirkeun kapentingan batur ti batan kapentinganana sorangan. (Mat. 20:28; Rum 15:1-3) Ku sabab sikepna éta, anjeunna teu mentingkeun diri jeung hampuraan. Anjeunna teu gampang kasinggung ku omongan jalma. (Yoh. 1:46, 47) Lamun aya nu nyieun salah, anjeunna tara ngunek-ngunek. Anjeunna gé teu goréng sangka ka jalma nu baheulana pernah nyieun salah. (1 Tim. 1:12-14) Urang kudu boga cara pandang siga Yésus sabab anjeunna nyebutkeun, ”Ku jalan silih pikanyaah jeung babaturan, bakal katara ka sarerea yen maraneh teh murid-murid Kami.” (Yoh. 13:35) Alus lamun urang mikirkeun, ”Naha abdi nyonto Yésus ku cara satékah polah ngajaga karukunan jeung dulur-dulur saiman?”

12. Naon cara katilu sangkan urang bisa nyobat jeung Yésus? Kumaha carana?

12 (3) Dukung dulur-dulur Kristus. Yésus nganggap dukungan urang ka dulur-dulurna nu diistrénan téh sarua jeung dukungan ka anjeunna. (Mat. 25:34-40) Cara utama pikeun ngadukung kaom nu diistrénan téh nyaéta sabisa-bisa ngawawar jeung ngajadikeun murid, sakumaha nu geus dituduhkeun ku Yésus ka para muridna. (Mat. 28:19, 20; Ras. 10:42) Dulur-dulur Kristus ngan bisa ngalaksanakeun pangwawaran nu keur dilakukeun di sakuliah dunya lantaran dibantuan ku ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Sabagé domba lian, unggal ngalakukeun tugas ieu, Sadérék ngabuktikeun kanyaah ka kaom nu diistrénan jeung ka Yésus.

13. Kumaha urang bisa ngalarapkeun naséhat Yésus dina Lukas 16:9?

13 Urang ogé bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta Yésus ku cara nyumbangkeun duit pikeun ngadukung kagiatan nu diatur ku Aranjeunna. (Baca Lukas 16:9.) Misalna, urang bisa nyumbang keur kagiatan sakuliah dunya. Duitna bisa dipaké pikeun ngabantu pangwawaran warta hadé ka tempat-tempat nu mencil, ngawangun sarta ngarawat tempat ibadah sarta wangunan séjénna, jeung nyadiakeun bantuan keur nu keuna musibat. Urang ogé bisa nyumbangkeun duit keur sidang sorangan jeung nulungan sadérék-sadérék nu butuh bantuan. (Sil. 19:17) Ku cara-cara ieu, urang bisa ngadukung dulur-dulur Kristus.

14. Numutkeun Epesus 4:15, 16, naon cara kaopat pikeun jadi sobat Yésus?

14 Tuturkeun pangaturan di sidang Kristen. Urang nguatkeun sosobatan jeung Yésus salaku kapala sidang lamun nuturkeun pangaturan ti sadérék-sadérék nu dilantik pikeun ngurus urang. (Baca Epesus 4:15, 16.) Misalna, ayeuna diupayakeun sangkan Balé-Balé Karajaan dimangpaatkeun sahadé-hadéna. Éta sababna, ayeuna sababaraha sidang digabung sarta daérah dinesna ogé disaluyukeun. Tina pangaturan ieu, organisasi bisa ngirit loba duit sumbangan. Tapi lantaran pangaturan ieu, para pawarta kudu nyaluyukeun diri jeung parobahan. Meureun maranéhna geus ngawula di hiji sidang salila mangtaun-taun sarta geus akrab pisan jeung dulur-dulur di sidang éta. Tapi, ayeuna maranéhna dipénta pikeun ngawula di sidang séjén. Yésus tangtu bungah ningali murid-muridna nu satia ieu daék nuturkeun pituduh éta!

NYOBAT JEUNG YÉSUS SALANGGENGNA

15. Kumaha sosobatan urang jeung Yésus bakal beuki kuat dina mangsa kahareup?

15 Jalma-jalma nu diistrénan ku roh suci boga harepan pikeun babarengan jeung Yésus salanggengna lantaran maréntah bareng dina Karajaan Allah. Maranéhna bisa bener-bener babarengan jeung Yésus, bisa ningali sarta ngobrol jeung anjeunna. (Yoh. 14:2, 3) Jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi ogé bakal dipikanyaah jeung diperhatikeun ku Yésus. Sanajan maranéhna teu bisa ningali Yésus, sosobatan maranéhna bakal beuki kuat waktu maranéhna ngarasakeun bagjana kahirupan nu dipasihkeun ku Yéhuwa jeung Yésus.​—Yes. 9:6, 7.

16. Berkah naon waé nu ditarima ku urang lamun nyobat jeung Yésus?

16 Lamun urang daék jadi sobat Yésus, urang narima loba berkah. Misalna, ti ayeuna kénéh gé urang dipikanyaah jeung dibantuan ku anjeunna. Urang boga kasempetan pikeun hirup langgeng. Jeung nu pangpentingna, lantaran nyobat jeung Yésus, urang bisa meunangkeun harta nu pangalusna, nyaéta sosobatan jeung Yéhuwa, Bapana Yésus. Nyobat jeung Yésus téh mangrupa kahormatan nu pohara!

KAWIH 17 ”Kami Daék”

^ par. 5 Para rasul bisa nyobat jeung Yésus lantaran sering ngobrol sarta digawé bareng salila mangtaun-taun. Yésus ogé hayang urang jadi sobatna. Tapi teu siga para rasul, aya sababaraha alesan nu ngalantarankeun urang rada hésé nyobat jeung Yésus. Artikel ieu bakal ngabahas naon waé éta téh sarta saran-saran sangkan urang bisa nyobat jeung Yésus sarta ngajaga sosobatan éta.

^ par. 55 KATERANGAN GAMBAR: (1) Waktu ibadah kulawarga, urang bisa diajar ngeunaan kahirupan jeung palayanan Yésus. (2) Di sidang, urang bisa ngupayakeun karukunan jeung dulur saiman. (3) Ku cara méré nu panghadéna dina palayanan, urang ngadukung dulur-dulur Kristus. (4) Lamun sidang-sidang digabung, urang bisa nuturkeun putusan para kokolot.