Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 20

Saha Raja Kalér Ayeuna?

Saha Raja Kalér Ayeuna?

”Ahirna manehna bakal paeh, tur euweuh anu nulungan saurang-urang acan.”​—DAN. 11:45.

KAWIH 95 Jalan Urang Beuki Caang

NU DIBAHAS *

1-2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

URANG geus ningali leuwih loba bukti ti saacanna yén ayeuna urang keur hirup dina panungtungan ahir jaman. Sakeudeung deui, Yéhuwa jeung Yésus Kristus bakal ngancurkeun kabéh pamaréntahan nu nangtang Karajaan Allah. Tapi saacan éta kajadian, raja kalér jeung raja kidul bakal terus silih perangan jeung nyerang umat Allah.

2 Artikel ieu bakal ngabahas nubuat nu dicatet dina Daniel 11:40–12:1. Urang bakal ningali saha raja kalér ayeuna jeung ngabahas ku naon urang bisa tetep tenang teu sual naon tangtangan nu bakal datang.

MUNCULNA RAJA KALÉR NU ANYAR

3-4. Saha nu jadi raja kalér ayeuna? Jelaskeun.

3 Sanggeus Uni Soviet runtuh dina taun 1991, umat Allah nu hirup di nagri-nagri urut Uni Soviet ”meunang pitulung saeutik”, nyaéta kabébasan pikeun sababaraha waktu. (Dan. 11:34) Jadi maranéhna bisa bébas ngawawar, jeung hasilna, jumlah pawarta di nagri-nagri éta langsung ningkat jadi ratusan rébu. Tapi ka dieunakeun, Rusia jeung balad-baladna muncul sabagé raja kalér. Saperti nu dibahas dina artikel saacanna, pamaréntahan nu jadi raja kalér atawa raja kidul kudu nyumponan tilu sarat: (1) tindakan raja-raja éta boga pangaruh gedé ka umat Allah, (2) tindakan maranéhna nunjukkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa jeung umat-Na, sarta (3) dua raja éta téh saingan.

4 Ieu alesanana urang nyebut Rusia jeung balad-baladna téh raja kalér nu ayeuna. (1) Maranéhna nyerang umat Allah ku cara ngalarang kagiatan pangwawaran jeung nganiaya ratusan rébu dulur saiman nu cicing di daérah kakawasaan maranéhna. (2) Tindakan éta némbongkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa jeung umat-Na. (3) Maranéhna hayang nyaingan raja kidul, nyaéta Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Hayu urang tingali naon nu geus dilakukeun ku Rusia jeung balad-baladna, nu ngabuktikeun yén maranéhna téh raja kalér.

RAJA KALÉR JEUNG RAJA KIDUL SILIH TEUNGGAR

5. Naon nu dibahas dina Daniel 11:40-43?

5 Baca Daniel 11:40-43. Bagian tina nubuat Daniél ieu ngaringkeskeun kajadian-kajadian nu bakal lumangsung dina ahir jaman. Ayat-ayat ieu ngajelaskeun kumaha raja kalér jeung raja kidul saingan. Saperti nu dinubuatkeun ku Daniél, dina ahir jaman, raja kalér jeung raja kidul bakal silih ’tempuh [”teunggar”, Terjemahan Dunia Baru (NW)]’.​—Dan. 11:40.

6. Naon buktina yén dua raja ieu silih teunggar?

6 Raja kalér jeung raja kidul terus saingan, masing-masing hayang jadi nu pangkawasana di dunya. Misalna sanggeus Perang Dunya II, Uni Soviet jeung balad-baladna boga pangaruh nu gedé di Eropa. Éta nyababkeun raja kidul ngabentuk pasukan gabungan militér internasional nu disebut NATO. Dua raja éta méakkeun loba pisan duit, masing-masing hayang boga pasukan militér nu pangkuatna. Raja kalér merangan raja kidul ku cara ngadukung musuhna raja kidul dina perang-perang jeung karusuhan-karusuhan di Afrika, Asia, jeung Amerika Latin. Kitu ogé sabalikna. Sababaraha taun katukang, Rusia jeung balad-baladna boga kawasa nu gedé pisan di sakuliah dunya. Raja kalér gé nyerang raja kidul dina perang siber. Duanana silih tuduh, nyebutkeun lawanna maké program komputer pikeun ngaruksak sistim ékonomi jeung pulitik nagara. Terus saperti nu geus dinubuatkeun ku Daniél, raja kalér terus nyerang umat Allah.​—Dan. 11:41.

RAJA KALÉR NARAJANG ”NAGRI NU ÉNDAH”

7. Naon ”Nagri nu Éndah” nu éndah téh?

7 Daniel 11:41 (NW) nyebutkeun yén raja kalér bakal narajang ”Nagri nu Éndah”. Naon nagri nu éndah téh? Baheula, éta ngamaksudkeun nagri Israil nu disebut ”tanah anu subur jeung panghadena”. (Yeh. 20:6) Tapi, nu nyieun éta nagri istiméwa téh lantaran di dinya aya ibadah nu sajati. Ti saprak Péntakosta 33 M, ”Nagri nu Éndah” geus lain ngamaksudkeun hiji nagri sacara harfiah. Éta moal mungkin, sabab umat Yéhuwa geus nyebar ka sakuliah dunya. Kiwari, ”Nagri nu Éndah” téh ngamaksudkeun cara hirup umat Allah. Éta kaasup ibadah maranéhna ka Yéhuwa ku cara masamoan jeung dines.

8. Kumaha raja kalér narajang ”Nagri nu Éndah”?

8 Dina ahir jaman, raja kalér mangkali-kali narajang ”Nagri nu Éndah”. Misalna basa Nazi Jerman jadi raja kalér, hususna dina Perang Dunya II, éta raja narajang ”Nagri nu Éndah” ku cara nganiaya jeung maéhan umat Allah. Sanggeus Perang Dunya II, Uni Soviet nu jadi raja kalér. Éta raja narajang ”Nagri nu Éndah” ku cara nganiaya umat Allah jeung miceun maranéhna ka pangbuangan.

9. Sababaraha taun katukang, ku cara naon Rusia jeung balad-baladna narajang ”Nagri nu Éndah”?

9 Sababaraha taun katukang, Rusia jeung balad-baladna ogé narajang ”Nagri nu Éndah”. Ku cara naon? Dina taun 2017, Rusia ngalarang kagiatan umat Yéhuwa jeung ngagebluskeun sababaraha dulur urang ka panjara. Manéhna ogé ngalarang publikasi urang, kaasup Alkitab Terjemahan Dunia Baru. Terus manéhna nyita kantor cabang, Balé-Balé Karajaan, jeung Balé-Balé Kongrés di Rusia. Sanggeus kajadian éta, dina taun 2018, Badan Pingpinan ngumumkeun yén Rusia jeung balad-baladna téh raja kalér. Tapi umat Yéhuwa mah rék di mana waé gé, embung pipilueun ngalawan atawa ngaléngsérkeun pamaréntah sanajan dikaniaya sacara kejem. Sabalikna, maranéhna nurut kana naséhat Alkitab pikeun ngadoakeun ”kapala-kapala pamarentahan”, hususna waktu para pajabat ieu nyieun putusan nu mangaruhan kabébasan pikeun ibadah.​—1 Tim. 2:1, 2.

NAHA RAJA KALÉR BAKAL NALUKKEUN RAJA KIDUL?

10. Naha raja kalér bakal nalukkeun raja kidul? Jelaskeun.

10 Nubuat nu dicatet dina Daniel 11:40-45 utamana ngabahas naon nu dilakukeun ku raja kalér. Naha ieu hartina manéhna bakal nalukkeun raja kidul? Henteu. Raja kidul masih kénéh ’hirup’ waktu Yéhuwa jeung Yésus ngancurkeun sakabéh pamaréntahan manusa dina perang Armagédon. (Wahyu 19:20) Ti mana urang bisa yakin? Perhatikeun nubuat nu dicatet dina buku Daniel jeung Wahyu.

Dina perang Armagédon, Karajaan Allah nu digambarkeun ku batu bakal ngancurkeun pamaréntahan manusa nu digambarkeun ku arca raksasa (Tingali paragrap 11)

11. Naon nu ditunjukkeun dina Daniel 2:43-45? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

11 Baca Daniel 2:43-45. Nabi Daniél ngagambarkeun sababaraha kawasa dunya nu tindakanana boga pangaruh gedé ka umat Allah. Maranéhna digambarkeun ku rupa-rupa bagian arca raksasa nu dijieun tina logam. Suku arca nu dijieun tina campuran beusi jeung taneuh liket téh ngagambarkeun kawasa dunya nu pangahirna, nyaéta Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Nubuat ieu nunjukkeun yén Kawasa Dunya Anglo-Amerika masih kénéh maréntah waktu Karajaan Allah ngancurkeun sakabéh pamaréntahan manusa.

12. Naon nu digambarkeun ku hulu katujuh tina sato galak, jeung ku naon katerangan ieu penting keur urang?

12 Rasul Yohanes ogé ngagambarkeun kawasa-kawasa dunya nu tindakanana mangaruhan umat Yéhuwa. Yohanes ngagambarkeun pamaréntahan-pamaréntahan ieu sabagé sato galak nu huluna tujuh. Hulu nu katujuh ngagambarkeun Kawasa Dunya Anglo-Amerika. Katerangan ieu penting keur urang lantaran huluna moal nambahan deui. Hulu nu katujuh masih kénéh ngawasa waktu Kristus jeung pasukan sawargana ngancurkeun éta hulu jeung sakabéh bagian tina sato galak éta. *Wahyu 13:1, 2; 17:13, 14.

NAON NU SAKEUDEUNG DEUI BAKAL DILAKUKEUN KU RAJA KALÉR?

13-14. Saha ’Gog di tanah Magog’, jeung naon nu ngalantarankeun manéhna nyerang umat Allah?

13 Yéhéskél nulis nubuat nu méré nyaho ngeunaan naon nu bisa waé kajadian saacan raja kalér jeung raja kidul dibinasakeun. Katingalina, nubuat dina Yeheskel 38:10-23; Daniel 2:43-45; 11:44–12:1; jeung Wahyu 16:13-16, 21 ngajelaskeun waktu jeung kajadian nu sarua. Lamun kitu, bisa waé ieu nu bakal kajadian.

14 Teu lila sanggeus mangsa cilaka dimimitian, ”raja-raja saalam dunya” bakal ngagabung. (Wahyu 16:13, 14; 19:19) Dina Alkitab, gabungan bangsa-bangsa ieu disebut ’Gog di tanah Magog’. (Yeh. 38:2) Maranéhna bakal bébéakan nyerang umat Allah. Naon nu ngalantarankeun maranéhna nyerang? Ngeunaan waktu ieu, Rasul Yohanes nempo hujan és batu nu kacida baradagna ninggangan musuh Allah. Hujan és batu éta bisa jadi ngagambarkeun warta panghakiman nu tegas nu ditepikeun ku umat Yéhuwa. Bisa jadi, Gog ti Magog jadi kapancing pikeun nyerang jeung numpes umat Allah.​—Wahyu 16:21.

15-16. (a) Kajadian naon nu dimaksud dina Daniel 11:44? (b) Naon nu bakal kaalaman ku Gog ti Magog, kaasup raja kalér?

15 Warta panghakiman nu tegas ieu sarta serangan ahir ti musuh Allah katingalina sarua jeung kajadian nu disebutkeun dina Daniel 11:44. (Baca.) Dina ayat éta, Daniél nyebutkeun yén aya ”beja-beja ti wetan jeung ti kaler” nu ngalantarankeun raja kalér jadi ”beuki telenges”. Raja kalér hayang numpes ’jalma-jalma nu kacida lobana’. Katingalina, ’jalma-jalma nu kacida lobana’ téh ngamaksudkeun umat Yéhuwa. * Bisa jadi, serangan nu disebutkeun ku Daniél ieu téh ngamaksudkeun serangan ahir ka umat Allah.

16 Waktu raja kalér jeung sakabéh pamaréntahan di dunya nyerang umat Allah, Allah Nu Mahakawasa bakal ambek, tuluy perang Armagédon dimimitian. (Wahyu 16:14, 16) Harita Gog ti Magog, nyaéta raja kalér jeung sakabéh bangsa di dunya, bakal dibinasakeun jeung ”euweuh anu nulungan saurang-urang acan”.​—Dan. 11:45.

Dina perang Armagédon, Yésus Kristus jeung pasukan sawargana bakal ngancurkeun dunya Sétan nu jahat sarta nyalametkeun umat Allah (Tingali paragrap 17)

17. Saha ”malaikat agung Mikail” nu disebutkeun dina Daniel 12:1, jeung naon nu bakal dilakukeunana?

17 Ayat nu saterusna dina nubuat Daniél méré leuwih loba rincian ngeunaan kumaha raja kalér jeung balad-baladna bakal dibinasakeun jeung kumaha urang bakal disalametkeun. (Baca Daniel 12:1.) Naon maksud ayat ieu? Mikail téh ngaran séjén ti Raja urang, nyaéta Yésus Kristus. Anjeunna geus ”ngaping” umat Allah ti taun 1914, basa Karajaanana ngadeg di sawarga. Sakeudeung deui, anjeunna bakal nyieun tindakan, nyaéta ngabinasakeun musuh-musuhna dina perang Armagédon. Perang éta bakal mungkas naon nu ku Daniél disebut ”jaman suker anu pangpoharana” sapanjang sajarah. Dina buku Wahyu mah, Yohanes nyebut éta ”mangsa cilaka”.​—Wahyu 6:2; 7:14, NW.

NAHA NGARAN SADÉRÉK BAKAL ”DICATET DINA KITAB ALLAH”?

18. Ku naon urang bisa tetep tenang teu sual naon tangtangan nu bakal datang?

18 Urang bisa tetep tenang teu sual naon tangtangan nu bakal datang lantaran Daniél jeung Yohanes nyebutkeun yén Yéhuwa sarta Yésus bakal nyalametkeun hamba-hamba-Na tina mangsa cilaka. Daniél nyebutkeun yén nu bakal disalametkeun téh jalma-jalma nu ”ngaran-ngaranna geus dicatet dina Kitab Allah”. (Dan. 12:1) Urang kudu kumaha sangkan ngaran urang dicatet? Urang kudu ngabuktikeun iman urang ka Yésus, Anak Domba Allah. (Yoh. 1:29) Urang kudu ngabaktikeun diri ka Allah, tuluy dibaptis. (1 Pet. 3:21) Urang gé kudu ngadukung Karajaan Allah ku cara sabisa-bisa ngabantu batur diajar ngeunaan Yéhuwa.

19. Naon nu kudu dilakukeun ku urang ayeuna, jeung naon sababna?

19 Ayeuna waktuna urang kudu leuwih ngandelkeun Yéhuwa jeung organisasi-Na. Ayeuna waktuna urang ngadukung Karajaan Allah. Lamun éta dilakukeun, urang bakal salamet waktu raja kalér jeung raja kidul dibinasakeun ku Karajaan Allah.

KAWIH 149 Kawih Kaunggulan

^ par. 5 Saha raja kalér ayeuna? Kumaha manéhna bakal dibinasakeun? Jawabanana bisa nguatkeun iman urang jeung ngabantu urang sangkan siap nyanghareupan mangsa cilaka.

^ par. 12 Pikeun bahasan sacara rinci ngeunaan Daniel 2:36-45 jeung Wahyu 13:1, 2, tingali Menara Pengawal 15 Juni 2012, kaca 7-19.

^ par. 15 Pikeun katerangan leuwih loba, tingali Menara Pengawal 15 Méi 2015, kaca 29-30.