Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Artikel Palajaran 21

Urang Ngahargaan Hadiah ti Allah Teu?

Urang Ngahargaan Hadiah ti Allah Teu?

”Kalintang seueurna nu ku Gusti dipidamel pikeun abdi-abdi, nun PANGERAN . . . Gusti parantos seueur midamel nu araheng.”​JAB. 40:6.

KAWIH 5 Padamelan Gusti nu Pikahélokeun

NU DIBAHAS *

1-2. Numutkeun Jabur 40:6, urang geus dibéré hadiah naon waé ku Yéhuwa? Ku naon urang ngabahas hadiah-hadiah ieu?

YÉHUWA téh Allah nu béréhan. Pék pikirkeun sababaraha hadiah ti Mantenna: imah nu éndah jeung istiméwa, nyaéta Bumi; otak nu dirancang sakitu hébatna; jeung Firman Allah nu méré loba mangpaat, nyaéta Alkitab. Ku tilu hadiah ieu, Yéhuwa méré urang tempat panyicingan, kamampuh mikir jeung komunikasi, sarta jawaban tina pananya-pananya pangpentingna dina kahirupan.​—Baca Jabur 40:6.

2 Ayeuna, urang bakal ngabahas tilu hadiah ieu sacara singget. Lamun urang bener-bener mikirkeunana, urang bakal leuwih nganuhunkeun ka Yéhuwa. Ku kituna, urang jadi leuwih hayang nyenangkeun Yéhuwa, nu nyiptakeun urang. (Wahyu 4:11) Urang gé bakal leuwih tarampil nyanghareupan jalma-jalma nu percaya kana téori évolusi.

PLANÉT URANG NU ISTIMÉWA

3. Ku naon planét Bumi téh istiméwa?

3 Cara Allah nyiptakeun planét Bumi ngabuktikeun yén Mantenna téh bijaksana. (Rum 1:20; Ibr. 3:4) Bumi téh lain hiji-hijina planét nu ngurilingan panonpoé. Tapi, Bumi téh istiméwa. Ku naon? Sabab kaayaan di Bumi cocog pisan pikeun nunjang kahirupan manusa.

4. Kumaha Yéhuwa kabukti bijaksana tina cara Mantenna nyiptakeun Bumi? Ibaratkeun.

4 Planét Bumi bisa diibaratkeun jiga kapal laut nu aya di tengah samudra. Tapi, aya sababaraha hal penting nu ngabédakeun Bumi jeung kapal jieunan manusa. Pék pikirkeun, lamun jalma-jalma di jero kapal kudu ngahasilkeun sorangan oksigén, kadaharan, jeung cai, bari jeung teu meunang miceun runtah naon waé ka luar kapal, sabaraha lila maranéhna bisa tetep hirup? Tangtu maranéhna bakal gancang maot. Tapi, Bumi mah bisa nunjang miliaran mahluk hirup. Bumi ngahasilkeun oksigén, kadaharan, jeung cai nu dibutuhkeun ku urang. Urang teu pernah kakurangan éta kabéh. Sanajan kabéh runtah masih aya di Bumi, Bumi tetep éndah jeung layak dicicingan. Ku naon bisa kitu? Ku Yéhuwa, Bumi geus dirancang sangkan bisa ngarobah kabéh runtah jadi hal-hal nu bisa digunakeun deui. Urang bakal ningali sakumaha bijaksanana Yéhuwa tina dua siklus, nyaéta siklus oksigén jeung siklus cai.

5. Ku naon oksigén teu béak-béak, jeung éta ngabuktikeun naon?

5 Manusa jeung sato butuh oksigén sangkan tetep hirup. Dina sataun, maranéhna nyeuseup kira-kira saratus miliar ton oksigén jeung ngaluarkeun gas nu disebut karbon dioksida. Sanajan kitu, oksigén teu béak-béak. Karbon dioksida gé teu pernah minuhan Bumi. Ku naon bisa kitu? Sabab Yéhuwa gé nyiptakeun rupa-rupa tutuwuhan, ti nu gedé pisan nepi ka nu leutik pisan. Kabéh tutuwuhan éta nyeuseup karbon dioksida jeung ngahasilkeun oksigén. Siklus oksigén ieu ngabuktikeun benerna kekecapan dina Rasul 17:24, 25 (Sunda Formal), ”Allah . . . anu maparin hirup, maparin napas.”

6. Ku naon cai teu béak-béak, jeung éta ngabuktikeun naon? (Tingali ogé kotak ” Cai téh Hadiah ti Yéhuwa”.)

6 Di Bumi bisa aya cai lantaran jauhna Bumi ka panonpoé téh pas. Mun leuwih deukeut saeutik wé, kabéh cai bakal jadi uap. Bumi bakal garing jeung moal bisa dicicingan. Tapi mun leuwih jauh saeutik wé, kabéh cai bakal jadi és. Bumi bakal jadi bola és raksasa. Yéhuwa geus nempatkeun Bumi di tempat nu pas, ku kituna di Bumi bisa aya siklus cai nu nunjang kahirupan. Panas ti panonpoé ngalantarankeun cai di laut jeung di darat jadi uap jeung ngabentuk awan. Unggal taunna, aya jutaan liter cai nu jadi awan. Awan ieu bakal aya di langit kira-kira sapuluh poé, tuluy turun jadi hujan. Ahirna, éta cihujan téh balik deui ka laut, walungan, jeung sajabana. Bakal kitu jeung kitu terus siklusna téh. Siklus cai ieu ngabuktikeun Yéhuwa bijaksana jeung gedé kawasa.​—Ayub 36:27, 28; Pan. 1:7.

7. Naon waé carana urang nunjukkeun yén urang ngahargaan hadiah nu disebutkeun dina Jabur 115:16?

7 Kumaha sangkan urang bisa leuwih ngahargaan planét urang nu luar biasa jeung sakabéh eusina? (Baca Jabur 115:16.) Salah sahiji carana nyaéta bener-bener mikirkeun naon nu geus diciptakeun ku Yéhuwa. Ku kituna, unggal poé urang bakal nganuhunkeun ka Yéhuwa kana hal-hal hadé nu geus dibikeun ka urang. Cara séjénna nyaéta ngajaga lingkungan tetep bersih.

OTAK URANG NU ISTIMÉWA

8. Sakumaha hébat otak urang dirancang?

8 Otak manusa téh dirancang sakitu hébatna. Basa masih di jero kandungan kénéh, otak urang geus dibentuk nuturkeun rancangan Allah, sarta unggal menitna, aya ratusan rébu sél anyar nu dibentuk! Ceuk para ahli, dina otak jalma déwasa, aya ampir 100 miliar sél nu disebut neuron. Sél-sél ieu ngabentuk jadi otak, nu beuratna kira-kira 1,5 kg. Hayu perhatikeun sababaraha kamampuh otak nu hébat pisan.

9. Naon nu ngayakinkeun Sadérék yén kamampuh pikeun ngomong téh hadiah ti Allah?

9 Kamampuh urang pikeun ngomong téh luar biasa. Pék pikirkeun kumaha prosésna urang ngomong. Unggal rék ngucapkeun hiji kecap waé, otak urang kudu ngatur kira-kira 100 otot dina létah, tikoro, biwir, rahang, jeung dada. Supaya urang bisa ngucapkeun kecap-kecap sacara jelas, gerakan kabéh otot éta téh kudu pas. Hiji risét dina taun 2019 nunjukkeun, orok nu kakara lahir gé geus bisa engeuh jeung méré réaksi lamun ngadéngé kecap-kecap. Risét ieu ngadukung naon nu dipercaya ku para ahli, nyaéta ti barang lahir gé, urang geus dibéré kamampuh pikeun diajar basa. Jelas, kamampuh urang pikeun ngomong téh hadiah ti Allah.​—Bud. 4:11.

10. Kumaha carana nunjukkeun yén urang ngahargaan kamampuh pikeun ngomong ti Allah?

10 Urang téh geus dibéré kamampuh pikeun ngomong. Jadi, urang hayang ngahargaanana ku cara nyarita ngeunaan Allah ka batur. (Jab. 9:2; 1 Pet. 3:15) Misalna, aya jalma nu percaya kana téori évolusi. Maranéhna ngajarkeun, Bumi jeung sagala kahirupan téh ujug-ujug aya, lainna diciptakeun. Urang bisa ngajelaskeun ka jalma nu daék ngadéngékeun, ku naon urang teu percaya kana pangajaran éta. Urang bisa ngagunakeun Alkitab jeung hal-hal nu dibahas dina artikel ieu, ku naon urang téh percaya yén Yéhuwa nu nyiptakeun langit jeung bumi.​—Jab. 102:26; Yes. 40:25, 26.

11. Ku naon otak urang téh luar biasa?

11 Kamampuh urang pikeun nginget téh luar biasa. Baheula, hiji pangarang buku nyebutkeun yén otak urang téh bisa nginget loba pisan informasi, nu lobana sarua jeung 20 juta buku. Tapi ayeuna, para ahli nyebutkeun yén otak urang bisa nginget jauh leuwih loba ti batan éta. Lantaran boga kamampuh ieu, hal luar biasa naon waé nu bisa urang lakukeun?

12. Ngeunaan ahlak, naon bédana urang jeung sato?

12 Di antara kabéh ciptaan, ngan manusa nu bisa diajar ngeunaan ahlak. Kumaha carana? Urang bisa inget kana kajadian-kajadian nu baheula jeung diajar tina hal éta. Urang jadi bisa ngarobah cara pikir jeung cara hirup, sarta jadi jalma nu leuwih hadé. (1 Kor. 6:9-11; Kol. 3:9, 10) Malahan, urang bisa ngalatih haté pikeun ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. (Ibr. 5:14) Urang gé bisa diajar carana mikanyaah jeung mikarunya batur. Salian ti éta, urang bisa nyonto Yéhuwa nu teu beurat sabeulah ka batur.

13. Luyu jeung Jabur 77:12, 13, kumaha sakuduna urang ngagunakeun kamampuh pikeun nginget?

13 Urang geus dibéré kamampuh pikeun nginget, jadi urang hayang ngagunakeunana ku cara nu hadé. Kumaha carana? Ku cara nginget-nginget kabéh nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun nulungan urang. Ku kituna urang bisa yakin yén Yéhuwa gé bakal nulungan urang dina mangsa kahareup. (Baca Jabur 77:12, 13; 78:4, 7) Cara séjénna nyaéta ku cara nginget-nginget kahadéan batur jeung nganuhunkeunana. Para ahli nyebutkeun, jalma nu osok ngucap sukur téh hirupna leuwih bagja. Urang gé bisa nyonto Yéhuwa dina mopohokeun sababaraha hal. Misalna, Yéhuwa téh boga ingetan nu sampurna. Tapi, Mantenna daék ngahampura jeung mopohokeun kasalahan urang lamun urangna daék tobat. (Jab. 25:7; 130:3, 4) Mantenna gé hayang urang mopohokeun kasalahan batur.​—Mat. 6:14; Luk. 17:3, 4.

Urang ngahargaan hadiah mangrupa otak ku cara ngagunakeunana pikeun ngamulyakeun Yéhuwa (Tingali paragrap 14) *

14. Kumaha carana urang ngahargaan hadiah nu luar biasa, nyaéta otak urang?

14 Yéhuwa méré hadiah nu luar biasa ka urang, nyaéta otak. Urang hayang ngahargaanana. Tapi, aya nu ngagunakeun otakna keur kapentingan sorangan. Maranéhna nangtukeun sorangan mana nu bener jeung nu salah. Tapi nu nyiptakeun urang téh Yéhuwa, jadi tangtu patokan hirup ti Mantenna leuwih unggul ti batan patokan hirup urang. (Rum 12:1, 2) Lamun nuturkeun patokan hirup ti Mantenna, hirup urang bakal leuwih tengtrem. (Yes. 48:17, 18) Urang gé jadi boga tujuan hirup nu jelas, nyaéta ngamulyakeun jeung nyenangkeun Bapa Yéhuwa nu nyiptakeun urang.​—Sil. 27:11.

ALKITAB TÉH HADIAH NU ISTIMÉWA

15. Kumaha Alkitab ngabuktikeun yén Allah téh nyaah ka manusa?

15 Alkitab téh hadiah nu ngabuktikeun yén Allah nyaah ka manusa. Bapa di sawarga méré wahyu ka jalma-jalma pikeun nulis Alkitab demi kapentingan urang di bumi. Liwat Alkitab, Yéhuwa méré jawaban tina pananya-pananya nu pangpentingna. Misalna: Kumaha asal-usul manusa? Ku naon urang diciptakeun? Bakal aya naon dina mangsa kahareup? Yéhuwa hayang jalma-jalma nyaho jawabanana. Jadi salila mangabad-abad, Mantenna ngatur sangkan Alkitab ditarjamahkeun ka loba basa. Ayeuna Alkitab, boh sabagian boh lengkep, geus aya dina leuwih ti 3.000 basa! Sapanjang sajarah, Alkitab téh buku nu pangseringna ditarjamahkeun jeung panglobana disebarkeun. Jadi rék di mana waé jalma hirup, maranéhna bisa diajar Alkitab dina basana sorangan.​—Tingali kotak ” Upaya pikeun Nyadiakeun Alkitab dina Basa-Basa Afrika”.

16. Numutkeun Mateus 28:19, 20, kumaha carana urang bisa ngahargaan Alkitab?

16 Urang hayang ngahargaan Alkitab ku cara maca unggal poé, mikirkeun eusina bener-bener, jeung ngalarapkeun pangajaranana dina kahirupan. Urang gé némbongkeun rasa sukur ka Allah ku cara sabisa-bisa ngawartakeun bebeneran Alkitab ka saloba-lobana jalma.​—Jab. 1:1-3; Mat. 24:14; baca Mateus 28:19, 20.

17. Hadiah naon waé nu geus dibahas dina artikel ieu, jeung naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Urang geus ngabahas hadiah-hadiah ti Yéhuwa, nyaéta imah urang, Bumi; otak nu dirancang sakitu hébatna; jeung Firman Allah, Alkitab. Tapi, masih aya kénéh hadiah-hadiah nu teu katémbong ti Yéhuwa. Hadiah-hadiah ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.

KAWIH 12 Yéhuwa Nu Maha Agung

^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabantu urang ngahargaan Yéhuwa jeung tilu hadiah ti Mantenna. Urang gé bakal dibantu pikeun nyanghareupan jalma-jalma nu cangcaya yén Allah téh nu nyiptakeun sagala hal.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri keur diajar basa séjén sangkan bisa ngajarkeun bebeneran Alkitab ka pangungsi.